Anda di halaman 1dari 1

NGARIKSA LINGKUNGAN

Foto: @google images


Kiwari urang sok mindeng ngadenge berita boh tina koran boh tina televisi, yen rahayat di
sawatara tempat di Jawa Barat loba anu meunang musibat katarajang banjir atawa taneuh
urug. Unggal cunduk usum hujan, rahayat anu caricing deukeut walungan atawa di tutugan
pasir, teu weleh hariwang, sieun kabanjiran atawa kaurugan taneuh.

Ayana musibat banjir atawa taneuh urug teh balukar tina lingkungan anu ruksak, teu
kapiara. Tatangkalan dituaran di mana-mana, gunung jeung pasir darugul. Cihujan henteu
diserep heula ku tatangkalan, antukna nya ngabalukarkeun banjir tea.

Taneuh oge apan babari urug da teu aya akar tatangkalan anu jadi pamageuh. Atuh dina
cundukna usum halodo, cai teh babari pisan saatna, lantaran henteu diserep ku
tatangkalan tea.

Eta sababna pamarentah kiwari keur ngahangkeutkeun program reboisasi. Anyar-anyar ieu
Pemda Propinsi Jawa Barat geus nyieun kawijakan, yen masarakat boh rahayat biasa boh
pagawe wajib melakkeun tatangkalan. Melakna mah di mana wae, naha di buruan imah
atawa di kebon. Binihna disadiakeun, dibagi-bagikeun ku Dinas Pertanian.

Meh di unggal wewengkon ayeuna mah pamarentah ngahangkeutkeun melak tatangkalan


teh. Di Kabupaten Sumedang upamana, rahayat babarengan jeung pamarentah, melak
tatangkalan di Gunung Geulis. Pangna kitu lantaran eta gunung teh jadi sumber cai keur
rahayat di wewengkon Sumedang.

Di Bogor, program pamarentah dina ngariksa lingkungan teh geus ti beh ditu keneh
dilaksanakeun. Pamarentah Kota Bogor satekah polah hayang nyiptakeun Bogor jadi “Kota
dalam Taman”. Ieu teh ngandung harti yen kota Bogor kudu asri, endah, kaliung ku taman.

Ayana Kebon Raya di tengah-tengah kota tangtuna oge pohara ngarojongna kana eta
program teh. Ayeuna bisa kasaksen ku urang yen Bogor jadi kota anu asri tur seger, matak
betah nu ngadon arulin niiskeun pikir.

Tangtu wae kaasrian kota Bogor teh ku urang dipiara. Lingkungan di sabudeureun urang,
di imah atawa di sakola kudu diriksa ngarah tetep beresih. Miceun runtah ulah sagawayah
di mana wae, tapi kudu dina tempatna. Runtah anu patulayah di jalan teh apan sok
nyocokan solokan, nu ahirna nyababkeun banjir.

Atuh melak tatangkalan, hidep oge tangtu bisa, upamana bae melak tatangkalan di buruan atawa di
pipir imah. Naon bae anu dipelakna mah naha jambu, buah, jeruk, jeung sajabana. Resep barang
pelak teh kudu dibiasakeun, ngarah urang ti bubudak diajar sarta resep miara lingkungan.

Anda mungkin juga menyukai