PANGJAJAP
Dumasar kana éta hal, nu nyusun modul Riksa Basa Sunda pikeun murid
SMA/MA, SMK/MAK nyaluyukeun jeung Kurikulum Basa Sunda (Kurikulum
2013 Revisi 2017). Jalaran kitu, Pangajaran Basa Jeung Sastra Daérah nu
diperenahkeun janten Muatan Lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng
Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng élémén-élémén parobihan anu
janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku Standar Kompetensi
Kelulusan, Standar Isi, Standar Proses, sareng Standar Penilaian.
Penyusun
Iwan Kurniawan, S.S.
Rahmat Hidayat, S.Pd.
DAPTAR EUSI
PANGJAJAP ________________________________________________ i
DAPTAR EUIS ______________________________________________ iii
PANGAJARAN 5 WAWANCARA
A. MACA TÉKS WAWANCARA ___________________________ 5
B. PEDARAN MATÉRI ___________________________________ 9
C. KAMAHÉRAN BASA __________________________________ 12
D. ÉVALUASI ____________________________________________ 17
PANGAJARAN 8 SAJAK
A. MACA SAJAK _________________________________________ 52
B. PEDARAN MATÉRI ___________________________________ 56
C. KAMAHÉRAN BASA __________________________________ 58
D. ÉVALUASI ____________________________________________ 60
DAPTAR PABUKON
PANGAJARAN 5
WAWANCARA
PETUNJUK BELAJAR
KOMPETENSI DASAR
TUJUAN PEMBELAJARAN
MATERI
WAWANCARA
Pék ku hidep baca heula téks wawancara ieu di handap kalawan daria!
1. Conto Téks Wawancara
Eusi wawancara
Pa Jatnika : Nya mangga waé. Badé naroskeun ngeunaan naon?
Hisyam : Abdi, badé naroskeun ngeunaan kabudayaan Sunda
di jaman ayeuna.
Pa Jatnika : Nya mangga!
Hisyam : Kumaha kamandang Bapa ngeunaan kabudayaan
Sunda ayeuna?
Pa Jatnika : Upami ditaliti, kabudayaan Sunda jaman ayeuna téh
pikasediheun.
Hisyam : Naon sababna?
Pa Jatnika : Nya éta jaman ayeuna mah, teu budak ngora, teu
kolot teh tos jarang nu mikacinta kabudayaanna
sorangan, nya éta budaya Sunda.
Hisyam : Kabudayan nu mangrupa naon anu tos di leungitkeun
ku masyarakat Sunda?
Pa Jatnika : Sapertos dina basa, kabiasaan, sopan santun, sareng
sajabana.
Hisyam : Faktor naon waé anu nyababkeun masarakat Sunda
henteu apal atanapi henteu mikacinta kana budayana
sorangan?
Pa Jatnika : Faktor nu nyababkeunna nya éta, ayana budaya
asing, tara ngalestarikeun budayana, jarang
ditampilkeun dina acara-acara adat, jarang komunikasi,
sareng sajabana.
Hisyam : Kumaha carana supaya masarakat Sunda téh
mikacinta kana kabudayaanna sorangan?
Pa Jatnika : Kudu dimumulé ti ayeuna kénéh éta kabudayaan téh,
supaya éta budaya teu leungit atanapi dicokot ku
nagara batur, dilestarikeun, ditampilkeun dina acara-
acara adat, sareng kudu diajarkeun ka murangkalih
supaya pada mikacinta.
Panutup wawancara
Hisyam : Bapa hatur nuhun kana waleranana. Hapunteun bilih
ngaganggu bapa. Wassalamu’alaikum wr.wb.
Pa Jatnika : Wa’alaikumsalam wr.wb.
Pancén 1
1. Pék hidep nyieun kelompok anu hétérogén! Unggal kelompok jumlahna 4 –
6 urang.
2. Sabada hidep jeung kelompok maca téks wawancara di luhur, pék ku hidep
jeung kelompok cirian kecap-kecap anu teu dipikahartina! Tuluy téangan
hartina dina kamus!
3. Saha waé anu wawancara dina téks wawancara anu tadi dibaca ku hidep
téh?
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
5. Nurutkeun hidep, naha basa anu dipaké dina wawancara di luhur téh geus
merenah? Lamun encan, kudu kumaha basa nu merenahna?
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
B. PEDARAN MATÉRI
2. Léngkah-léngkah Wawancara
a. Nangtukeun tujuan/udagan wawancara
b. Nangtukeun informasi, katerangan, atawa data anu diperlukeun
luyu jeung tujuan wawancara
c. Milih pihak anu baris dijadikeun narasumber anu kira-kirana bisa
méré informasi nu lengkep tur bener.
d. Nyusun pertanyaan poko nu rék ditanyakeun ka narasumber
e. Manggihan jeung nepikeun pananya ka narasumber, luyu jeung
daftar nu geus disiapkeun saméméhna.
f. Nyatet informasi nu ditepikeun ku narasumber kalayan jelas tur
lengkep
g. Nyieun laporan hasil wawancara
Pancén 2
1. Naon anu dimaksud wawancara téh?
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
C. KAMAHÉRAN BASA
Hormat Hormat
Loma
keur Sorangan keur ka Batur
Dahar neda Tuang
Datang dongkap Sumping
Balik wangsul Mulih
Indit mios Angkat
Ceuk sanggem Saur
Imah rorompok Bumi
Bawa bantun Candak
saré mondok Kulem
ngaran wasta/nami Jenengan
Salian ti éta, aya ogé undak usuk basa Sunda anu patali jeung pancakaki, saperti
ieu di handap.
Hormat Hormat
Loma
keur Sorangan keur ka Batur
adi pun adi tuang rai
aki pun aki tuang éyang
Alo pun alo Kapiputra
Anak pun anak tuang putra
Bapa pun bapa tuang rama
baraya/dulur réréhan/wargi Wargi
Bibi pun bibi tuang ibu
Budak budak Murangkalih
Cikal anak cikal putra pangageungna
deungeun- nu sanés/ nu sanés/
deungeun sanés wargi sanés wargi
Incu pun incu tuang putu
Indung pun biang tuang ibu
Kolot Kolot Sepuh
Lanceuk pun lanceuk tuang raka
Dicutat tina
http://adejuve.wordpress.com/2011/03/10/pagunemandial
og-tatakrama-basa/
Pancén 3
Pék ku hidep benerkeun kecap anu dikurungan dina kalimah-kalimah ieu di
handap luyu jeung undak-usuk basa Sunda!
1. Pun bapa nuju (dahar) sareng pun biang.
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
2. Abdi nembé (balik) ti sakola.
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
Pancén 4
Pék ku hidep jieun kalimah ngagunakeun kecap-kecap ieu di handap kalawan
bener tur merenah luyu jeung undak-usuk basa Sunda!
1. Tuang rai
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
2. Tuang rama
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
3. Pun biang
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
4. Pun anak
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
5. Geureuha
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………
D. ÉVALUASI
7. Kecap “dahar” téh kaasup basa loma. Basa hormat keur soranganna nya éta
….
A. Tuang
B. Nyatu
C. Neda
D. Dahar
E. Ngawadang
8. Kecap “mios” téh kaasup basa hormat keur sorangan. Basa hormat keur
baturna nya éta ….
A. Indit
B. Balik
C. Mulih
D. Wangsul
E. Angkat
9. “Pun bojo” téh kaasup basa hormat keur sorangan. Basa lomana nya éta ….
A. Adi
B. Salaki
C. Mitoha
D. lanceuk
E. Pamajikan
Kecap anu dicitak miring dina paguneman di luhur téh kurang merenah,
kuduna mah ….
A. Kadangu
B. Kakuping
C. Kaangseu
D. Katingal
E. Katénjo
PANGAJARAN 6
CARITA BABAD
PETUNJUK BELAJAR
KOMPETENSI DASAR
3.6 Menganalisis isi, struktur, dan unsur kebahasaan teks babad/ sejarah Sunda.
3.6.1 Memahami struktur kebahasaan teks babad/sejarah Sunda.
3.6.2 Memahami setiap kejadian sejarah dalam teks babad/ sajarah Sunda
3.6.3 Menemukan keterkaitan antara tokoh dan kejadian sejarah dengan
kenyataan daerah setempat
TUJUAN PEMBELAJARAN
MATERI
CARITA BABAD
Pék ku hidep baca sempalan Carita Babad ieu di handap sing daria!
1. Conto Carita Babad
Babad Limbangan
luar tina awak hiji putri nu keur mandi. Barang ditanya, éta putri ngaku anakna
Sunan Rumenggong, nu ngawasa wewengkon Limbangan.
Patepungna Aki Haruman jeung putri ti Limbangan téh ditepikeun ka
Prabu Siliwangi. Dumasar kana éta kajadian, gunung tempat Aki Haruman
ningali aya putri nu moncorong cahayaan téh dingaranan Gunung Haruman.
Barang ngadéngé dongéng Aki Haruman, dina haté Prabu Siliwangi bet
jorojoy aya niat pikeun mileuleuheungkeun éta putri keur pipamajikaneunana.
Enya gé teu kungsi tepung, tapi Sang Prabu geus bisa nyipta-nyipta kumaha
kageulisan éta putri.
Keur ngalaksanakeun niatna, Prabu Siliwangi ngutus Gajah Manggala
jeung Arya Gajah, duanana gé pangagung ti Pajajaran, pikeun ngalamar putri ti
Limbangan téa. Inditna dibarengan ku Aki Haruman jeung para pangiring anu
samagréng ku pakarang. Prabu Siliwangi ngawawadian yén éta utusan téh teu
meunang balik saméméh hasil ngalamar Nyi Putri.
Teu kacatur di jalanna. Sanepina ka hareupeun Sunan Rumenggong, Gajah
Manggala nepikeun maksudna yén manéhna diutus ku Prabu Siliwangi pikeun
ngalamar putri Limbangan. Ku Sunan Rumenggong éta kahayang Prabu
Siliwangi téh ditepikeun ka putrina.
Barang nguping pamaksudan utusan Prabu Siliwangi, Nyi Putri téh
katingal henteu bérag. Pokna, “Ama, hapunten anu kasuhun, abdi teu tiasa
nampi panglamar ti Prabu Siliwangi.”
Sunan Rumenggong teu kurang-kurang kagétna. Pokna, “Naha?”
“Ama nyalira uninga, apan Sang Prabu téh tos kagungan istri langkung
ti 100 jalmi...”
Sanajan dipapaksa ku ramana, carékna embung dikawin téh keukeuh
embung. Ari utusan tetep pageuh nyekel timbalan Prabu Siliwangi, yén
maranéhna kudu hasil ngalamar Nyi Putri. Tungtungna, ku habén dipapaksa,
Nyi Putri téh ngaleungit, ilang tanpa karana. Bur-ber ditétéangan ogé weléh teu
kapanggih, ngan seungitna baé nu kaangseu ngahiliwir. Tempat Nyi Putri
kaangseu seungitna téh katelah lembur Buniwangi.
Sunan Rumenggong henteu cicing, bur-ber néangan putrina anu ngaleungit
téa. Ber ka hilir ber ka girang, ngalér ngidul ngétan ngulon. Lantaran nempo
kolotna sakitu susahna, Nyi Putri ahirna némbongan deui di hiji imah anu
nyempil. Manéhna teu tégaeun ningali kolot dirungrum ku kabingung jeung
kanalangsa anu pohara. Lembur tempat Nyi Putri némbongan di imah anu
nyempil téh dingaranan Kampung Sempil.
Ku Sunan Rumenggong Nyi Putri dipapatahan sangkan daék dikawin
ku Prabu Siliwangi, sabab lamun henteu tanwandé bakal terus dipapaksa. Bari
ngagelendut putrana, Sunan Rumenggong ogé nepikeun naséhat, “Aya lima
jalma nu ku urang wajib dihormat jeung dijungjung, nyaéta guru, raja, kolot,
mitoha, jeung lanceuk nu cikal.”
Lian ti éta, Sunan Rumenggong ogé nepikeun harepanana, sugan baé jaga
anak-anak Nyi Putri téh jadi turunan raja.
Ahirna, Nyi Putri daék dikawin ku Prabu Siliwangi.
Sapuluh taun ti harita, Nyi Putri dipaparinan dua putra pameget, nyaéta
Basudéwa jeung Liman Sanjaya. Éta dua putrana ti Prabu Siliwangi téh dibawa
ka Limbangan ku Sunan Rumenggong sarta tuluy dijenengkeun prabu di dua
tempat anu béda, luyu jeung amanat Prabu Siliwangi. Prabu Basudéwa
ngawasa wewengkon Limbangan, sarta Prabu Liman Sanjaya ngawasa
wewengkon Dayeuh Luhur di kiduleunana.
Pancén 1
1. Pék hidep nyieun kelompok anu hétérogén! Unggal kelompok jumlahna 4 –
6 urang.
2. Sabada hidep jeung kelompok maca Carita Babad di luhur, pék ku hidep
jeung kelompok cirian kecap-kecap anu teu dipikahartina! Tuluy téangan
hartina dina kamus!
4. Pék ku hidep jieun 5 pertanyaan pilihan Ganda tina carita babad di luhur,
tuluy eusian!
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
5. Pék ku hidep jieun 5 pertanyaan uraian tina carita babad di luhur, tuluy
eusian!
....................................................................................………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
b. Ngawanohkeun Kajadian
Ngawanohkeun kajadian munggaran nu ngabalukarkeun rupa-rupa
pasualan.
d. Puncak Konflik
e. Panutup
Mangrupa pamungkas carita anu eusina mangrupa bébéran nasib nu
dialaman ku paratokoh satutasna ngalaman puncak konflik.
Pancén 2
Pikeun ngaronjatkeun pangaweruh hidep kana matéri carita Babad anu
dipedar saméméhna, pék ku hidep pigawé pancén ieu di handap!
Pancén 3
Pék ku hidep jieun ringkesan carita tina carita Babad Limbangan anu tadi
dibaca ku hidep kalayan ngagunakeun basa Sunda anu bener tur merenah!
Tuluy bacakeun di hareupeun kelas kalayan daria!
…………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………………
D. KAMAHÉRAN BASA
E.
Kecap Rajékan
Kecap rajékan téh nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali
atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh binarung
jeung robahna sora atawa rarangkén boh henteu. Aya rupa-rupa kecap rajékan
saperti ieu di handap.
Pancén 4
Pék ku hidep robah kecap nu dikurungan dina kalimah-kalimah ieu di handap
jadi kecap rajékan!
1. (Buku) di perpustakaan téh kudu didata deui.
………….……………………………………………………………………………
………….……………………………………………………………………………
2. Jang Acim gawéna ngan (balik) waé siga aya nu ditéangan.
……….………………………………………………………………………………
………….……………………………………………………………………………
3. Hayam téh keur (koréh) waé di buruan imah.
…….…………………………………………………………………………………
………….……………………………………………………………………………
4. (Sabaraha) poé nu kaliwat kuring amprok jeung manéhna.
…….…………………………………………………………………………………
………….……………………………………………………………………………
5. Tentara keur latihan némbak, sorana mani (dor).
………………………………………………………………………………………
………….……………………………………………………………………………
………….……………………………………………………………………………
D. ÉVALUASI
5. Dumasar kana carita babad Limbangan, saha ngaran putra Prabu Siliwangi
anu ngawasa wewengkon Limbangan?
A. Prabu Basudéwa
B. Prabu Arya Gajah
C. Prabu Pamanah Rasa
D. Prabu Liman Sanjaya
E. Prabu Gajah Manggala
PANGAJARAN 7
AKSARA SUNDA
PETUNJUK BELAJAR
KOMPETENSI DASAR
3.7 Menganalisis bentuk dan tipe aksara Sunda sesuai dengan kaidah-
kaidahnya.
3.7.1 Mengidentifikasi ciri-ciri dan bentuk aksara Sunda.
3.7.2 Mengidentifikasi teknik-teknik menulis aksara Sunda
4.7 Mendemonstrasikan aksara Sunda sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
4.71 Menulis teks pendek yang menggunakan aksara Sunda sesuai dengan
kaidah-kaidahnya.
4.7.2 Mengkomunikasikan pengalaman penyusunan teks aksara Sunda di
antaranya berupa kesan-kesan, komentar, permasalahan.
TUJUAN PEMBELAJARAN
MATERI
AKSARA SUNDA
Aksara Sunda kiwari sok disebut Kaganga, nyaéta aksara tradisional hasil
modifikasi tina tata-tulis karuhun Sunda baheula sakumaha anu kapanggih
dina naskah kuno atawa prasasti. Ieu aksara téh sok dianggap ceré/asli Sunda.
Saméméhna urang Sunda téh biasa ngagunakeun aksara cacarakan atawa
popular disebut hanacaraka. Ngan éta téh dicokot tina aksara Jawa, jadi
dianggap lain asli Sunda sanajan cacarakan ogé saenyana geus dimodifikasi
diluyukeun jeung fungtuasi urang Sunda.
Taun 1990-an, para ahli filologi mimiti ngoréksi cacarakan nu dianggap
henteu asli téa. Para ahli sapuk mun aksara Kaganga leuwih nyunda tur mimiti
diwanohkeun ka balaréa. Kungsi ogé diayakeun seminar keur nyusun
standarisasi tata-tulis éta aksara, bari diwewegan ku rupa-rupa aturan
hukumna.
IV. ANGKA
A. LATIHAN
I. PANGAWERUH (KOGNITIF)
…i
a) Panghulu, fungsina ngarobah sora /a/ jadi /i/.
Contona : k = ka jadi ki = ki
Pancén 1
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké Aksara Sunda!
1. Bibi = 6. Nini =
2. Basi = 7. Tadi =
3. Babari = 8. Mimiti =
4. Kamari = 9. Harita =
…e
b) Pamepet, fungsina ngarobah sora /a/ jadi /e/.
Contona : k = ka jadi ki = ke
Pancén 2
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké Aksara Sunda!
1. Sepi = 6. Teri =
2. Meri = 7. Peti =
3. Tepi = 8. Demi =
4. Neda = 9. Pepeta =
…]
c) Paneuleung, fungsina ngarobah sora /a/ jadi /eu/.
2. Beuti = 7. Beusi =
3. Deupa = 8. Geura =
4. Seuneu = 9. Deuleu =
…Q
d) Panglayar, fungsina nambah konsonan /+r/dina tungtung
Aksara Ngalagena.
2. Karma = 7. Lapar =
3. Sarta = 8. Jajar =
4. Parna = 9. Lebar =
…N
e) Panyecek, fungsina nambah konsonan /+ng/dina tungtung
Aksara Ngalagena.
2. Carang = 7. Tarang =
3. Damang = 8. Garang =
4. Dalang = 9. Gedang =
…u
a) Panyuku, fungsina ngarobah sora /a/jadi /u/.
Contona : k = ka jadi ku = ku
Pancén 6
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké Aksara Sunda!
1. Bulu = 6. Batur =
2. Hulu = 7. Catur =
3. Kuku = 8. Sakur =
4. Ruku = 9. Cukur =
…R
b) Panyakra, fungsina nambah konsonan /+ra/ dina tungtung
Aksara Ngalagena.
2. Karma =
3. Citra =
4. Prabu =
5. Drama =
…L
c) Panyiku, fungsina nambah konsonan /+la/ dina tungtung
Aksara Ngalagena.
2. Klasifikasi =
3. Klarifikasi =
4. Ngajleng =
5. Racleng =
[…
a) Panéléng, fungsina ngarobah sora /a/ jadi /é/.
Contona : k = ka jadi [k = ké
42 SEMESTER GENAP TAHUN PELAJARAN 2020/2021
MODUL BASA SUNDA B
Pancén 9
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké Aksara Sunda!
1. Saré =
2. Méré =
3. Hésé =
4. Réhé =
5. Kéré =
…o
b) Panolong, fungsina ngarobah sora /a/ jadi /o/.
Contona : k = ka jadi ko = ko
Pancén 10
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké Aksara Sunda!
1. Lolong =
2. Bolong =
3. Omomg =
4. Ompong =
5. Pamong =
…H
c) Pangwisad, fungsina nambah konsonan /+h/dina tungtung
Aksara Ngalagena.
Pancén 11
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké Aksara Sunda!
1. Bungah =
2. Cenah =
3. Baseuh =
4. Pageuh =
5. Rongkah =
…Y
d) Pamingkal, fungsina nambah sora /+ya/dina Aksara
Ngalagena.
2. Gebyar =
3. Setya =
4. Widya =
5. Sanghyang =
…;
e) Pamaéh, fungsina ngaleungitkeun sora dina Aksara
Ngalagena.
Contona : k = ka jadi k; = k
Pancén 13
Tuliskeun ieu kecap-kecap di handap maké Aksara Sunda!
1. Samak =
2. Lamak =
3. Rungkad =
4. Neleg =
5. Berkat =
Pancén 14
Tuliskeun angka ieu di handap maké Aksara Sunda!
1. 25 =
2. 270 =
3. 1.400 =
4. 10.800 =
5. 116.050 =
1. Salin kana aksara Sunda kalawan ngagunakeun kaédah anu bener tur merenah!
BASA SUNDA
Basa Sunda basa Sunda
Basa indung urang Sunda
Sapopoé kadé lali
Sasauran basa Sunda
Ka indung jeung ka bapa
Ka lanceuk jeung ka adi
Sing tarapti bari hadé budi
Basa Sunda basa Sunda
Basa indung urang Sunda
Di sakola kitu deui
Sasauran basa Sunda
Ka ibu bapa guru
Ka sobat babaturan
Sing iatna hormat diajarna
Diajar basa Sunda diajar basa Sunda
Titénan dina kamusna
2. Baca tur salin kana Aksara Latén kalawan bener tur merenah!
js guru
Ab;di tias mc
jsn bp Ibu guru
Ab;di tias nulis;
jsn bp Ibu guru
Ab;di tias [GtN
jsn bp Ibu guru
ab;di tias tem;bN
jsn bp Ibu guru
Ibu guru bu
Bbp guru p
nu t] we[lH Gpi N Gg]IN
bp guru Ibu guru, ag] N jsn
pHlwn; ab;di sdy
TEMPAT MIGAWÉ PANCÉN
PANGAJARAN 8
SAJAK
PETUNJUK BELAJAR
KOMPETENSI DASAR
TUJUAN PEMBELAJARAN
MATERI
SAJAK
Ieu di handap aya conto rumpaka sajak, pék ku hidep baca sing daria!
1. Conto Rumpaka Sajak ka-1
Cadas Pangéran
(Yus Rusyana)
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu kurang
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu hayang
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning loba kahariwang
Lemah kuring
Cai kuring
Kadeudeuh direbut batur
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus lain nu kuring
Pancén 1
1. Pék hidep nyieun kelompok anu hétérogén! Unggal kelompok jumlahna 4 –
6 urang.
2. Sabada hidep jeung kelompok maca rumpaka sajak di luhur, pék ku hidep
jeung kelompok cirian kecap-kecap anu teu dipikahartina! Tuluy téangan
hartina dina kamus!
3. Sabada hidep maca rumpaka sajak di luhur, nyaritakeun naon eusi sajak ka-
1!
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
4. Sabada hidep maca rumpaka sajak di luhur, nyaritakeun naon eusi sajak ka-
2!
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
B. PEDARAN MATERI
1. Wangenan Sajak
Sajak téh salah sahiji hasil karya sastra wangun ugeran (puisi).
Sakumaha wangun karya sastra séjénna, sajak ogé kaasup wangun sastra
anu imajinatif. Basa nu dipaké dina sajak umumna padet jeung singget tur
sifatna konotatif, sabab ngandung harti injeuman (ma’na kiasan). Eusi sajak
ngagambarkeun ébréhan (ekspresi) tina rupa-rupa kajadian anu kaalaman,
karasa, katempo, atawa kabandungan ku pangarang.
2. Papasingan Sajak
a. Sajak Lirik
Sajak lirik nya éta sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna atawa
ngébréhkeun pikiran jeung rasa pribadi panyajakna tur sipatna leuwih
subjéktip. Dina sajak lirik panyajak henteu ngadongeng atawa
nyaritakeun, tapi ngebrehkeun sakur anu kapikir jeung karasa waktu
harita. Sajak lirik ogé eusina mudalkeun rasaning ati, bingbang rasa
jeung pikiran.
b. Sajak Épik
Sajak epik nya éta sajak anu sipatna ngadadarkeun hiji carita atawa
kajadian, sarta biasana eusina téh ngawangun carita kapahlawanan, boh
pahlawan anu aya patalina jeung legenda, kapercayaan, boh anu aya
patalina jeung sajarah.
Lima léngkah di luhur téh kaasup ogé kana unsur pangaweruh sajak,
nya éta téma, rasa atawa suasana, imaji, simbul atawa perlambang,
wirahma jeung purwakanti, sarta gaya basa.
B. Vokal
Vokal téh patali jeung sora. Sorana kudu béntés, tur “buleud”, dina
harti tétéla kadéngéna bari henteu kudu gogorowokan.
D. Wirahma
Wirahma téh nya éta anca-gancangna dina maca sajak. Kaasup
randegan jeung lentong. Urang kudu apal di mana randegan anu
sakedapan, di mana randegan anu rada lila. Kitu deui jeung lentong,
urang kudu apal kumaha lentong anu sedih, anu ngagedurkeun
sumanget, jsb.
E. Éksprési
Éksprési téh nya éta ébréhan jiwa anu di antarana waé katémbong
sacara fisik dina paroman/pasemon (mimik) jeung pasang peta/réngkak
(géstur).
Pancén 2
Pikeun ngaronjatkeun pangaweruh hidep kana matéri sajak anu dipedar
saméméhna, pék ku hidep pigawé pancén ieu di handap!
1. Nurutkeun hidep, naon anu dimaksud sajak téh?
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
5. Pék ku hidep tuliskeun hal-hal anu kudu diperhatikeun dina maca sajak!
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………………
C. KAMAHÉRAN BASA
Pancén 3
Pék ku hidep jieun masing-masing 3 conto séjén tina gaya basa rarahulan
jeung mijalma!
1. Gaya Basa Rarahulan
……………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………
…………………………………………………………………………………….……
……………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………………………………………
D. ÉVALUASI
3. Sajak “Lemah Cai Kuring” karangan Apip Mustopa téh kagolong kana sajak
….
A. Lirik
B. Épik
C. Dramatik
D. Lancaran
E. Ugeran
4. Sajak anu sipatna ngadadarkeun hiji carita atawa kajadian, sarta biasana
eusina téh ngawangun carita kapahlawanan, boh pahlawan anu aya
patalina jeung legenda, kapercayaan, boh anu aya patalina jeung sajarah,
disebut sajak ….
A. Lirik
B. Épik
C. Dramatik
D. Lancaran
E. Ugeran
5. Sajak “Cadas Pangéran” karangan Yus Rusyana téh kagolong kana sajak ….
A. Lirik
B. Épik
C. Dramatik
D. Lancaran
E. Ugeran
6. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur sajak, nya éta …..
A. Téma
B. Imaji
C. Galur
D. Gaya basa
E. Purwakanti
D. Mijalma
E. Lalandian
2. Lentong Merenah 1 – 25
3. Pasemon Merenah 1 – 25
4. Réngkak Merenah 1 – 25
Nu Meunteun,
…………………...