Anda di halaman 1dari 6

CARITA BABAD

KELAS X
BABAD
1: PERKARA BABAD

2: STRUKTUR CARITA BABAD


PERKARA BABAD
Istilah babad asalna tina basa Jawa anu hartina "muka lahan anyar" atawa
nuar "tangkal"
Dina kamus Basa Sunda disebutkeun yen babad teh carita kajadian jaman
baheula (Danadibrata, 2009:44); dongeng anu ngandung unsur sajarah
(KUBS, 1993: 30). Dongeng nu sarupa kitu ku Rusyana (1992: 19-20)
kaasup dongeng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung
sajarahna.Upamana wae dongeng paranabi, parawali, pararaja, paraputri, jsb.
Contona dongeng Prabu Siliwangi, Kean Santang, jeung Syekh Abdul
Muhyi.
Naon sababna Babad diasupkeun kana dongeng? Dina babad kapanggih aya
bagean pamohalan, upamana dina jalan caritana, palakuna.
Carita Babad aya nu ditulis dina wangun Wawacan aya oge dina wangun
Prosa. Nuliskeunna bisa make aksara sunda kuno, aksara arab pegon, atawa
aksara laten.
Judul Babad nu kasohor; Babad Cikundul, Babad Sumedang, Babad
Cirebon, Babad Galuh, Babad Banten, Babad Godog, jrrd.
STURKTUR CARITA BABAD
TEMA;
Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang atawa inti pikiran nu aya
dina carita

PALAKU;
Jalma anu ngalalakon dina hiji carita. Palaku dina Babad ngawengku
umumna jalma sakti, pararaja, paranabi, parawali,jrrd
LATAR; tempat lumangsung kajadian atawa lingkungan nu jadi dasar carita.
GALUR; runtuyan kajadian anu lumangsung ti awal nepi ka ahir. Dina carita
Babad ilaharna galur maju (merele).
PUSEUR SAWANGAN; nyawang nu dipake ku pangarang dina
midangkeun palaku; jalma kahiji(kuring), jalma katilu (manehna).
AMANAT; pesen moral nu hayang ditepikeun ku pangarang ngaliwatan
carita.

Anda mungkin juga menyukai