Anda di halaman 1dari 9

RANGKUMAN BAHASA SUNDA KELAS 3

SEMESTER 2

Nama : _______________________
Kelas/no absen : ________/________

Pangajaran 5

 Ngalarapkeun Kecap Pangantét tina, kana, jeung dina

 Tina ( dari ) nuduhkeun harti ‘asal, bahan’ ( menunjukkan arti ‘asal, bahan’)

Conto  Maman kakara turun tina angkot. ( Maman baru turun dari angkot.)

 Kana ( ke ) nuduhkeun arti ‘tempat, alat’ ( menunjukkan arti ‘tempat, alat‘)

Conto  Ujang ngasupkeun pulpén kana jero tasna. ( Ujang memasukkan pulpen
ke dalam tasnya. )

 Dina ( di ) nuduhkeun arti ‘tempat ayana‘ ( menunjukkan arti ‘tempat adanya’)

Conto  Santi nuju calik dina korsi goyang. ( Santi sedang duduk di kursi goyang.
)

 Istilah Kasehatan
O Apoték = tempat meuli ubar anu make resép ti dokter.
O Gering = katarajang panyakit / jalma anu kakeunaan ku kasakit. (sakit)
O Juru rawat = jalma anu gawéna miara atawa ngurus anu gering. (perawat)
O Mariksa = maluruh kasakit ka jalma anu gering. ( memeriksa )
O Resép = hiji katerangan / daptar ubar anu dikaluarkeun ku dokter, gunana keur meuli ubar
di apoték.

1
 Ngaran panyakit
1. Gondongeun = gondongan
2. Hapur = panu
3. Muriang = meriang
4. Sakalor = epilepsy / ayan
5. Salatri = penyakit pusing, mual karena perut kosong
6. Singsireumeun = kesemutan
7. Kaligata = penyakit gatal memerah di sekujur tubuh
8. Tampek = cacar ( penyakit kulit bentol – bentol merah )
9. Bareuh = bengkak
10. Rieut = sakit kepala

Pangajaran 6

 Nagalarapkeun Rarangkén Barung ka – an

Rarangkén barung ka – an gunana pikeun ngawangun kecap barang, kecap pagawéan, jeung
kecap sipat.

Conto :

ulin + ka – an = kaulinan

Di sakola Talenta aya acara kaulinan barudak.

 Jenis – jenis Kaulinan anu Mangrupa Olahraga


1. Ucing sumput
2. Hahayaman
3. Galah
4. Sondah
5. Éngklé
6. Sorodot gaplok
 Kawih Kaulinan Barudak
 Punten
Punten mangga
Ari ga – gatot kaca
Ari ca – cau ambon

2
Ari bon – bonténg asak
Ari sak – sakit perut
Ari ru – rujak asem
Ari sem – sempal sempil
Ari pil – pilem ramé
Ari mé – méja makan
Ari kan – kantong kosong
Ari song – songsong lampu
Ari pu – puak paok
Ari wok – wok delewok

 Paciwit – ciwit Lutung


Paciwit – ciwit lutung
Si lutung pindah ka luhur
Paciwit – ciwit lutung
Si lutung pindah ka tungtung

 Endog – endogan
Endog – endogan peupeus hiji prek
Endog – endogan peupeus hiji prek
Goléang – goléang mata sapi bolotot

 Ucang – ucang Anggé


Ucang – ucang anggé
Mulung muncang ka paranggé
Diudag ku anjing gedé
Anjing gedé nu Pa Lebé
Ari gog, gog cungungung

 Harti Kecap
 Sakapeung = kadang – kadang
 Karérét = katempo ku juru panon ( melirik )
 Meungpeun = nutupan panon ku leungeun bari peureum ( menutup
mata dengan tangan )
 Papencar = nyebar ka mana – mana ( menyebar ke berbagai arah )

3
 Buni = teu gampang katénjo atawa kapanggih ( tidak mudah
terlihat atau ketemu )
 Ngajleng = luncat ( melompat )
 Cingogo = nagog ( jongkok )
 Cicing = diam, tinggal
 Lumpat = lari
 Leumpang = jalan

 Kawih

CING CANGKELING

Kleung dengdek
Buah kopi raranggeuyan
Keun anu déwék ulah pati di
heureuyan

Cing cangkeling
Manuk cingkleng cindeten
Plos ka kolong
Bapa satar buleneung

Pangajaran 7

 Mikawanoh Patukangan
Patukangan nyaéta ngaran–ngaran tukang dina basa sunda atawa ngaran–ngaran jelema anu
miboga kaahlian dina hiji pagawéan anu ngagunakeun leungeun.
 Anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh
 Candoli = tukang ngajaga pambéasan dinu hajat

4
 Dalang = tukang ngalakonkeun carita wayang
 Kusir = tukang ngajalankeun délman atawa sado
 Masinis = tukang ngajalankeun karéta api
 Nahkoda = tukang ngajalankeun kapal cai
 Pamayang = tukang ngala lauk di laut ( nelayan )
 Panday = tukang nyieun parabot tina beusi ( pandai beusi )
 Patani = tukang tani ( petani )
 Pilot = tukang ngajalankeun kapal terbang
 Supir = tukang ngajalankeun mobil
 Kemasan = tukang nyieun perhiasan tina emas
 Kuncen = tukang ngurus kuburan atawa tempat keramat

Conto dina kalimah :


 Mang Jana mah pagawéana tukang anjun, unggal poé sok nyieunan gentong.
 Jadi nahkoda mah kudu siap ngangkleng di laut mangbulan – bulan
 Harti kecap
 Gampang = mudah
 Ngobrol = bercakap – cakap
 Béja = kabar
 Nandakeun = menandakan
 Gétol = rajin
 Nyiptakeun = menciptakan
 Ngapung = terbang
 Balaréa = orang banyak
 Beuki lila = semakin lama
 Kahontal = tercapai
 Parabot Dapur

panci péso
kastrol Katél

5
coét jeung mutu
talenan blénder
Parud

 Istilah Pakakas

Kampak
palu ragaji

tang

Bedog pacul

Pangajaran 8

 Ngalarapkeun Basa Lemes

Basa Lemes Basa Lemes Artina (bahasa


Basa Loma
(keur ka sorangan) (keur ka batur) Indonesia)
balik wangsul mulih pulang
datang dongkap sumping datang
dahar neda tuang makan
meuli mésér ngagaleuh beli

6
imah rorompok bumi rumah
diuk calik linggih duduk
kadéngé kakuping kadangu terdengar
mawa ngabantun nyandak bawa
saré mondok kulem tidur
indit mios angkat pergi

Conto kalimah :
Basa loma  indit
 Keur ka sorangan
Abdi badé mios ka sakola tabuh tujuh.
 Keur ka batur
Bapa badé angkat ka kantor tabuh tujuh.

 Kecap Sabalikna
- mahal >< murah -
- poék >< caang
- hurung >< pareum
- alus >< butut
- beunta>< peureum
- begang >< lintuh
- luhur >< handap
- hareup>< tukang
- bau >< seungit
- garing >< baseuh
- atah >< asak
- getol >< kedul
- heureut >< lega
- kandel>< ipis
- inget >< poho

Conto kalimah
mahal >< murah
 Tong hayang nu mahal meuli sapatu téh. Geus waé nu murah asal pantes dipakéna.
atah >< asak
 Teu kabeuneuran meuli kadu téh atah kénéh, ari sugan geus asak, da warna kulitna geus
konéng.

 Harti Kecap
 Énergi = kakuatan, daya, tanaga

7
 Awak urang ogé mikabutuh énergi pikeun gerak.
 Sumber = tempat asalna ( cai, minyak, tanaga, jeung sajabana )
 Di gunung wayang aya sumber panas bumi anu kawilang loba.
 Gas = sarupaning zat anu sifatnya saperti hawa
 Di pilembureun ogé geus loba anu masak maké kompor gas.
 Pikahareupeun = nu bakal datang, nu bakal kasorang
 Urang téh kudu inget pikahareupeun, ulah mentingkeun jang ayeuna baé.
 Nyumponan = nedunan, nyukupan
 Kolot mah teu weléh hayang nyumponan kahayang anakna.
 Dilingkung = diriung
 Sakola Sifa téh ayeuna mah geus dilingkung ku imah.
 Ngontrol = mariksa kaayaan anu jadi tanggung jawab urang
 Mang Didi rék ngontrol sawahna anu di Soreang
 Garempak = ngalanggar ( aturan )
 Murid – murid teu meunang ngarempak aturan sakola.
 Mupakat = panuju, akur / badami
 Mida geus mupakat jeung babaturanana, isukan rék ulin ka Situ Patenggang.

 Nunggal = ngan hiji – hijina


 Ridwan mah teu boga adi, teu boga lanceuk, lantaran anak nunggal.
 Ngalongok = néang, nempo ( nu gering, nu kamusibatan)
 Pasosoré Wulan ngalongok Kasih anu keur dirawat di Rumah Sakit Santosa.

 Kawih

TOKÉCANG
Tokécang – tokécang
Bala gendir tosblong
Angeun kacang – angeun kacang
Sapariuk kosong

Aya listrik di masigit


meuni caang katingalna
8
Aya istri jangkung alit
9

Anda mungkin juga menyukai