Anda di halaman 1dari 18

Nama : Salsa Nurul R

Kelas : X TKJ 1
Absensi : 29

MAWAR

Hate sepi nu anjen tinggalkeun di padang jiwa


Anjeun nempatkeun eta dikebon ros liar dileuweung
Kuciwa
Nu ngajadikeun anjeun teu sadar nempelkeun rasa dina cucukna
Ayeuna anjeun tatu kakeunaan ku racuna
Nangkarak lamunan nu taya tungtung dina poekna peuting.

Anjeun teu sadar mawar bodas ngantosan anjeun di karaton ketokan jantung
Anjeun nyiduhkeun seungit rasa dina gagang cucuk pinuh pinuh ku pesona
Ayeuna anjen luled kupanawar nyeri
Sare dina pangkonan mawar anu cucukan
Nepika iraha anjeun nilar suri tina rasa tresna nu sajati
Nama : Salma Meisya
Kelas : X TKJ 1
Absensi :

GUNUNG
Gunung gunung anu narangtung
Pangulinan para lutung
Endah anu teu manggih tungtung
Najan kageureudeuh tangtung
Gunung gunung jalugjug jangkung
Hamo sombong jeung adigung
Jempling
Cicing
Eling
Pinuh Hariri gak
Gunung gunung pageuh ngariung
Bangun nu taya kabingung
Tatangkalana teu kaitung
Kaciri ti jauh jiga bengkung
Nama : Abdurrosyiid
Kelas : X TKJ 1
Absensi : 01

LANGLAYANGAN

Jauh diluhur ngabayagbag


Silih sèbrèd silih buntungan
Nu jaya nganteurkeun surup
Na panon poè
Mega nu beureum getih
Nembongkeun tapakna
Nama : Yulia Lindia Putri
Kelas : X TKJ 1
Absensi :

RUNTAH

Ningali amparan sawah


Aya nu guligah
Rasa nyaah
Nu tadina bumetah dina manah
Ayeuna pinuh amarah
Naha atuh sawah teh bet jadi tempat runtah
Ciherang teh salin jinis jadi limbah
Sok emut jaman Nini Jumeneung
Cenah sawah teh caina ngagancleng herang
Nama : Tilasani Rahmawati
Kelas : X TKJ 1
Absensi :

BATU

Dimana di tinjak tahan mung puluh tahun


Manehna sabar bari ngucap sumuhun
Dimana boga kasusah kajen eureun
Tanpa ngalibatkeun nu aya di sabudereun
Nama : Andini Siva A
Kelas : X TKJ 1
Absensi :

LANGIT MENDUNG

Langit mendung
Hate bingung
Angin gerimis panyakit
Angin gerimis nutupan diri
Mawa carita naraka
Nyaho nyerina caritanaraka
Hiji hiji palang jendela dibuka
Jalana remang remang
Jalma nu masiat
Nucaritana asup naraka
Datarana anu manjang
Saluyu jeung takdir pangeran
Langit mendung
Hate bingung
Maju kaharep
Anu sujud
Nama : Tina Oktaviani
Kelas : X TKJ 1
Absensi :

KEMBANG

Aya hiji awewe geulis


Nu resepna luas luis
Mun di teuteup mni manis
Ddeuh teuing eta nu geulis

Aww nu hade lakuna


Pikaresepeun sararea
Hade kuarna hade jerona
Nu mika endah di kampungna
Nama : Nia
Kelas : X TKJ 1
Absensi :

KANTIN SAKOLA ABDI

Kantin tempat beuteung nyanyi lagu


Ngagogog-gogogkeun létah pikeun burih anu teu teratur
Muka panon kana panon haus
Buka haté anjeun pikeun jalma anu paduli ngeunaan urat anjeun

Kanti mah damang upami kitu


Ngumbah leungeun saméméh ngarasakeun snack
Ngumbah leungeun sanggeus ngadahar kanikmatan karunia Allah

Kantin kuring metot lamun dahareun sehat enticing


Teu maké baju plastik anu hésé dicerna ku bumi
Euweuh Sheen kandel ngawarnaan dreadful
Kantin abdi damang, sakola abdi damang
Nama : Nadin Nurlita
Kelas : X TKJ 1
Absensi :

ANGIN

Ngaharewos Kana cepil simkuring


Pangirim gunung jeng Lamping
Nembongan raga awaking
Parat nyecep kana jantung
Nya nyelesep kana tulang
Nyecep nyembrek dina daging
Sangkan kudu cicing lamun tipeuting
Angin peting mawa Kuring
Peting nyaring berang eling
Nama : Risma
Kelas : X TKJ 1
Absensi :

ANGIN

Angin..
Ditiup seiring jalana waktu
Kadang mawa bagja,
kadang mawa tatu

Soré ieu aya béja bagja dikirim ku angin,


Ngeunaan hiji harepan nu geus diumbara ka langit,
Ngarasa éndah dina ati.
Tapi teu bisa dijelaskeun ku kecap.
Nama : Algojali
Kelas : X TKJ 1
Absensi :

LANGIT

Langit endah balai ca’ang


Meujeuhna endah mun ngahaja disawang pareng
Angin ge pating burisat jadi kilir nu misti
Marengan ati nu nuju hilir mieling anjeun nu teu weuleh minuhan mikir........
Langlayangan bodas ngalangkangan kasono nu bedas
Lapat lapat gambar anjeun ngajorelat
Dina eunteung langit bulao anteng silih teuteup
Renghapna duriat mapakan rasa Menteng nganteng ngajomantara
Silih tepukan silih anjangan
Ngahijikeun kahemanan dina jauhna lamunan
Duh........pati ngaherang
Nama : Rizki Nugraha
Kelas : X TKJ 1
Absensi :

NGAHILIWIR

Henteu tiasa ditingali


Henteu tiasa dicepeng
Henteu tiasa didangu
Ngan tiasa dirasakeun
Manehna datang lalaunan ngeukeupan awak
Raosna tiis kawas diragragkeun ti awang-awang
Nepi ieu raga leeh ku usapan lembutna
Nepi ieu hate dugdeg teu puguh
Hanjakal manehna lain sasaha
Ngan angin nu leumpang ngaliwatan kuring
Teu malire teu tataros
Sanajan kitu kuring tos bungah
Ngan ukur babaraha detik
Tos leungit, indit duka ka mana
Tapi engke bakal datang deui
Ngabawa rasa nu dipikasono
Nama: Mozza Aprilya
Kelas : Tkj 1
Absen: 16
Cai
Cai sumber Kahuripan urang
Sumber nu loba mangpaat na
Eta cai ngarana.
Cai loba guna ka urang
Cai bisa di pake naon wae ku urang
Eta cai ngarana
Nama: Alya Febrianti
Kelas : Tkj 1
Absen:
Langit
Langit bulao dipapaesan ku mega bodas
Nampilkeun kageulisan anu teu kenging
Ningali isuk anu cerah
Jeung panon poe
Eta brings sumanget pikeun manusa
Pikeun digawe

Wanci geus berang


Mega jadi endah
Nalika sore ngadeuketan
Langit jeung panonpoe ngahiji
Senja beureum
Sadayana ngenaan kaendahan langit

Anjeunna oge bisa transformasi kana hal


Pisan pikasieuneun
Iraha anjeun tiasa ningali kilat kilat
Di antara aranjeunna
Atawa lamun hujan badag

Langit karya agung sang pencipta


Nu nembongkeun ka agunganana
Jeng ngingetkeun urang yen urang
Ngan satitik debu dijagat raya
Nu taya lian samemeh langit jadi kawasan utamana dina ayana nu maha kawasa
Nama : Lia septianti
Kelas : Tkj 1
absensi : 13
LAYUNG
Layung sore dilangit ngagebur hurung
Kamari kungsi datang
Marengan nyungsi laratan nu tos lami di kantun
langit umayang koneng dangdaunan plas koneas di wawaas kumangsa katukang nu kungsi di
lakonan

Layung nu kamaari
Layung geus ilang diganti peting urang kudu tumarima kana papasten diri najan napsu
ngagulung saluhureun ambahan hirup ukur darma wungkul manusa hente kawasa te daya te
upaya anging kersa anjeuna
Nama : Sifa Nursilah
Kelas : X TKJ 1
Absensi : 30
LANGLAYANGAN
Langlayangan kumalayang
Ngalayang di mega malang
Paheula-heula jeung heulang
Sukan-sukan sukahayang.

Mipir langit nyorang mega


Nyawang anggang di buana
Amparan handapeunana
Tanah endah alam sunda
Nama: Raden Muhammad
Kelas : Tkj 1
Absen:

“Sakola Anu Éndah”

Kuring nyukuran..
Alloh ngijinan kuring keur diajar
Di sakola anu éndah permai
Dina suasana tatangkalan anu ngajéjér rapih dipayun sakolaan

Wilujeung hatur nuhun gusti..


Ka kolot anu mikadeudeuh kuring
Nepi ka kuring bisa nyiar élmu
Di sakola tempat élmu pengaweruh ngabentang

Di sakolaan ieu..
Damai tur répéhrapih kuring rasakeun
Tengtrem ngahanyutkeun rasa
Dina kadamaian anu ngarasuk kana jiwa
nama:karla mariasari
klas:x tkj1
mapel:b.sunda

-tatangkalan nu katiup kuangin-


unggal poe aya angin ngageleber nempokeun tatangkalan anu oyag-oyagan katiup kuangin
abi mah nganuhunkeu kagusti allah nu entos masihan kaendahan Dina tatangkalan nu hejo
warna daunna nu nyieun tiis dina gugupayna lantaran nu katingali saena sareng endahna

Anda mungkin juga menyukai