Anda di halaman 1dari 2

Bismillahirrohmanirrohim

Assalamu’ alaikum wr wb

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun, rehna Parabapa, Ibu, sareng Saderek kersa
sumping ka rorompok, nohonan pangulem sim kuring sakulawargi. Pangna hoyong ngariung teh,
taya sanes seja amitan ka sadayana, rehna insya Alloh sim kuring sareng pun bojo jarah ka Tanah
Suci, enggoning nohonan rukun Islam anu kalima.

Hadirin hormateun sim kuring.

Tangtos sadayana oge parantos uninga, munggah haji teh salasawios kawajiban enggoning
ngalaksanakeun sareat agama Islam. Tangtos deui, sateuacan dugi kana prakna ngalaksanakeun eta
kawajiban teh, aya sawatara sarat anu kedah dicumponan. Tah, kaleresan wae, numutkeun sareatna
mah, sim kuring parantos tiasa nyumponan kana eta sarat-saratna. Kumargi kitu, dumasar kana niat
anu wungkul karena Alloh, sim kuring sareng pun bojo seja mios nohonan panggupay Anjeunna.
Taya deui anu janten udagan sim kuring kadua pun bojo, anging hoyong aya dina rido Alloh SWT, boh
dina salebeting mios sareng aya di Tanah Suci boh sawangsulna ti ditu.

Dupi pangna ayeuna sim kuring ngulem Parabapa, Ibu sareng Saderek, maksadna mah hoyong
ngariung, neda amit sareng bade meredih ku pangjurung dunga ti sadayana. Sim kuring sareng pun
bojo seja amitan, sareng bade neda hapunten tina sagala rupi dosa sareng kalepatan. Mungguh ari
kasebatna jalmi, sok aya wae kalepatannana. Kitu deui sim kuring sareng pun bojo. Nya dina waktos
ieu pisan, sim kuring sareng pun bojo –sakali deui- nyuhunkeun dihapunten supados miosna ka ditu
teh tos teu gaduh beungbeurat.

Anu kadua, sajabi ti nyuhunkeun dihapunten tina sagala kalepatan teh, sim kuring sareng pun bojo
bade nitipkeun pun anak, tiluanana. Nya kasaha deui tuda sim kuring minang-saraya, ari sanes ka
tatanggi. Punten wae sim kuring bade ngarerepot ka sadayana. Leres eta oge, ti sababaraha dinten
kapengker, tiluannana tos diwawadian. Sanggem teh, “Peupeujeuh hidep sing bisa nitipkeun diri,
ulah careukeun batur. Jeung dulur ulah rek pakia-kia, jeung ulah hayang meunang sorangan. Nu
gede sing bisa mere conto hade, atuh anu leutik ulah rek wangkeleng ka lanceuk.” Sareng saterasna.
Meh saban waktos digelendut sareng dipapatahan. Tapi nya kitu, maklum pun anak teu acan aya anu
sawawa, teu acan tiasa mikir panjang, ari kamelang mah sim kuring sareng pun bojo teh angger wae
aya. Bilih kitu tea, bilih kieu tea. Ku margi kitu, sakali deui sim kuring seja nitipkeun ka sadayana.
Pami katinggali atanapi kadangu rada carekeun; boh balangor tea, boh ulinna rada pikamelangeun,
pamugi wae kersa ngegeuing sareng ngagetrik. Teu kedah asa-asa; mangga wae nyanggakeun ka
Parabapa, Ibu sareng Saderek.

Sajabi ti ngaamanatkeun pun anak, sim kuring sareng pun bojo bade nitipkeun rorompok katut
sapangeusian deuih. Leres ari kaayannana mah mung ukur saung butut tur eusina betrak-betruk
wungkul, tapi da ari kanggo sim kuring sakulawargi mah ageung pisan hartosna. Pamugi wae
Parabapa, Ibu sareng Saderek kersa ngiring mangriksakeun, salebeting sim kuring sareng pun bojo
nuju teu aya.

Hadirin hormateun sim kuring.


Nembe oge parantos disanggeumkeun, miosna sim kuring sareng pun bojo ka Tanah Suci teh hoyong
hampang-himping, teu dibeungbeuratan ku masih ayana dosa di antara papada urang. Ku margi kitu,
teu hoyong mios ka ditu teh bari ngababantun rasa ngunek-ngunek sareng ati nyungkelit. Da bade
kumaha jongjonna ngalakonan ibadah, komo deui ieu mah ibadah anu wajibna teh mung sakali
saumur hirup, pami hate masih keneh geuneuk meuleukmeuk. Jalaran kitu, pami aya kelepatan
Parabapa, Ibu sareng Saderek, kalawan hate nu iklas, ku sim kuring sareng pun bojo bade
dilubarkeun.

Pamungkas pisanggem, sim kuring bade nyuhunkeun pangdunga ti sadayana; pamugi wae dina
ngalakonan ibadah haji teh sim kuring sareng pun bojo aya dina kaayaan sehat badan sareng rohani,
ti ngawitan mios dugi ka wangsulna deui masing aya dina kalancaran, pun anak anu dikantunkeun
masing sarehat sareng balageur, sareng ari anu pangutamina pisan mah ibadah sim kuring sareng
pun bojo masing dicatet ku Alloh tur kalebet kana aji anu mabrur.amin ya robbal alamin.

Hatur nuhun.

Wassalamu’alaikum wr wb.

Anda mungkin juga menyukai