Anda di halaman 1dari 5

TEKS PEDARAN

Kompetensi Dasar :

3.1. Menganalisis isi, struktur dan unsur kebahasaan teks bahasan tradisi Sunda.

4.1. Membuat dan menyajikan bahasan tentang tradisi Sunda dalam bentuk karangan,
infografik atau film dokumenter sederhana dengan memperhatikan kaidah bahasa
Sunda.

HARTI PEDARAN
Hartina pedaran nyaéta wanda karangan wangun prosa anu ngajéntrékeun hiji obyék
atawa pasualan kalawan jéntré, singget, jeung mundel. Gunana sangkan nu maca
saolah-olah milu ninggali, ngadéngé, ngangseu, atawa ngarasakeun sakumaha nu
kaalaman ku nu nulis.

Istilah bahasan sok disebut ogé karangan pedaran (eksposisi), malah sok disebut ogé
karangan éséy. Eusina, biasana ngajéntrékeun tur medar hiji hal kalawan gemet.

Tujuan wacana pedaran nyaéta pikeun nepikaun pamanggih ngeunaan hiji obyék atawa
hiji perkara. Dina ieu karangan téh sok dikuatan ku alesan anu asup akal atawa dirojong
ku bukti jeung conto. Jerona ieu wanda karangan téh bisa nambah wawasan nu macana.

Wacana pedaran téh eusina mangrupa informasi atawa pangaweruh nu méré beja jeung
pamahaman kanu maca. Gaya nulisna singget, akurat, jeung mundel. Sifat tulisannana
ilmiah jeung lain carita rékaan (non-fiksi).

Keur ngajéntrékeun pedaran, tulisan bisa ditambahan ku diagram, grafik, gambar,


dénah, conto, statistik, jeung peta.

Tradisi Adat Sunda

Tradisi Sunda nyaéta kabiasaan nu geus biasa atawa lumrah sarta maneuh nu dilakukeun
ku masarakat anu aya di wewengkon Sunda. Tradisi Sunda oge sarua hartina jeung adat
istiadat Sunda. Kecap adat asalna tina kecap anu aya dina basa Arab nyaéta "adah", anu
hartina kira-kira sarua jeung kabiasaan atawa cara.

Kabiasaan atawa tradisi anu geus lumrah atawa biasa sarta maneuh anu dilakukeun ku
masarakat di hiji wewengkon, saperti wewengkon Sunda, bisa kapangaruhan ogé ku
kabiasaan atawa tradisi ti luar. Saperti tradisi Sunda oge geus kapangaruhan, saperti ku
tradisi Jawa atawa tradisi daérah nagara lianna, saperti Arab.
 Pedaran Budaya Sunda

Pedaran nyaéta wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna,
tujuanana jeung gunana.

Budaya sunda nyaéta hasil tina pola kagiatan urang sunda anu geus mangtaun-taun
sarta geus jadi hiji kabiasaan dina diri urang sunda contona upacara adat meuleum
harupat, ngenyang bakakak, jsb.

Jadi bisa disimpulkeun pedaran budaya sunda nyaéta wacana nu eusina ngajéntrékeun
tur medarkeun pola kagiatan anu geus mangtaun taun sarta jadi hiji kabiasaan dina diri
urang sunda boh dina segi proses na jeung tujuanna. Salah sahiji conto pedaran budaya
sunda nyaéta kadaharan khas sunda.

CONTO ADAT JEUNG TRADISI BUDAYA SUNDA

1. NGALAMAR

Prah di mana-mana, atawa biasa kapanggih. Kaasup di luar nagri. Samèmèh lalaki jeung


awèwè resmi dikawinkeun, sok dimimitian heula ku acara ngalamar. Ngan carana anu
teu sarua atawa bèda-bèda tèh. Cara ngalamar urang Amèrika, pasti bèda jeung urang
Indonèsia. Nya kitu deui antara urang Jawa Tengah atawa jawa Timur jeung urang
Sunda.

            Saiwal ti tempatna Urang Sunda ogè gumantung kana waktu jeung carana. Cara
ngalamar jaman baheula jeung ayeuna, pasti henteu sarua. Nya kitu deui cara ngalamar
urang Cianjur jeung urang Banten, èta ogè moal sarua deuih.

...............................................................................................................................................
...............................................................................................................................................
...............................................................................................................................................
..............................................................................................................................
Struktur atawa bagian pedaran
1. Bubuka
- Eusi bubuka téh midangkeun hal-hal umum perkara eusi pedaran, saperti:
- Alesan milih jejer pedaran
- Pentingna jejer pedaran
- Legana pedaran
- Watesan pedaran
- Masalah-masalah anu dipedar
- Tujuan jeung gunana pedaran
2. Eusi
Eusi téh midangkeun objék nu dipedar, saperti:
- Wujud jeung wangunna objék
- Gunana objék
- Wanda atawa tipena objék
- Cara-cara nyieunna objék
3. Pamungkas atanapi Panutup
Pamungkas atanapi Panutup téh midangkeun dua hal, nyaéta:
- Kacindekan tina eusi pedaran
- Saran-saran

Nulis pedaran
Supaya hidep parigel, ayeuna urang diajar nulis bahasan. Kahadé hidep perlu
merhatikeun katangtuan dina nyusun hiji tulisan.

Hal-hal penting atawa unsur nu kudu diperhatikeun dina nulis wacana pedaran teh

nyaéta:

(1) Nangtukeun Topik, jeung Judul

Topik atawa téma téh ambahan (ruang lingkup) ngeunaan pasualan atawa bahan nu rék
ditulis, sedengkeun judul mah pedaran awal (pituduh singget) eusi karangan nu rék
ditulis. Téma mangaruhan kana wawasan nu nulis. Leuwih loba maca, nu nulis bakal
leuwih loba bahan nu bisa ngadeudeul kana bahan nu rék ditulis dumasar éta téma.

(2) Nangtukeun Téma

Sawatara hal penting dina mekarkeun téma, di antarana:

a. ulah nyokot téma nu pedaranana lega teuing;

b. pilih téma nu dipikaresep sarta kira-kira ku bisa dimekarkeun;


c. pilih téma nu sumber atawa bahan bacaanana babari dipaluruhna.

Saupama téma geus ditangtukeun, satuluyna dipedar jadi hiji wangun karangan nu
ngaguluyur tur sistematis. Salah sahijina ku cara nangtukeun heula judul karangan. Ari
judul karangan nu hade nyaéta nu ngagambarkeun sakabéh eusi karangan nu rék ditulis.

(3) Nangtukeun Topik - Judul

• Nangtukeun judul karangan

• Nangtukeun naon masalahna, naha, kumaha, di mana, jeung iraha.

• Judul minangka gambaran tina topik.

• Judul leuwih husus (spesifik) jeung ngagambarkeun masalah atawa variable nu bakal
dipedar

• Judul teu kudu sarua jeung topik. Saupama topik sakaligus jadi judul, sipat éta
karangan biasana umum jeung ambahana leuwih lega;

• Judul ditulis sanggeus ngagarap téma, sangkan kajamin éta judul cocog jeung eusina;

• Judul nu hadé bakal ngirut nu maca neuleuman eusina,

• Judul ngan ukur nyebutkeun ciri nu penting wungkul, nepi ka nu maca bisa
ngabayangkeun hal-hal naon nu bakal kabaca dina éta tulisan.

(4) Sarat Judul nu Hadé

• Judul kudu luyu atawa relevan jeung téma atawa topik;

• Judul kudu nimbulkeun kapanasaran jalma hayang maca éta karya;

• Judul kudu singget, ulah dina wangun kalimah atawa prase panjang tapi kudu
ngawangun kecap atawa beungkeutan kecap nu singget;

• Upama kudu nyieun judul nu panjang, ciptakeun judul utama nu singget, tuluy judul
tambahan nu panjang,

• Judul ulah provokatif. Geura ieu contona judul nu hadé: “Basa Sunda ti Jaman ka
Jaman”

(5) Tujuan Nulis

Sangkan teu ka mana-mendi, urang ogé perlu nangtukeun tujuan nulis. Tujuan nulis bisa
dirumuskeun, upamana pikeun ngabéjakeun informasi, pikeun nalungtik hiji hal, pikeun
ningkatkeun kamampuh, pikeun ngadalikeun émosi, pikeun nganalisis hiji masalah,
pikeun nambahan pangaweruh jeung wawasan, jeung sajabana.
(6) Ngumpulkeun Bahan

Sanggeus nangtukeun tujuan, satuluyna nangtukeun bahan. Rupa[1]rupa cara


ngumpulkeun bahan tulisan téh, di antarana maca koran, majalah, atawa nanyakeun ka
narasumber. Cindekna mah unggal panulis ngabogaan cara masing-masing dina
ngumpulkeun bahan nu rék ditulisna.

(7) Milah-Milah Bahan

Sanggeus boga bekel bahan, tuluy éta bahan téh dipilah-pilah, dipasing-pasing. Pilih
mana nu penting, mana nu kudu ditulis leuwih ti heula jeung mana nu dipandeurikeun.
Ngan ulah poho, cokot bahan-bahan anu luyu jeung téma karangan nu geus
ditangtukeun. Cindekna, catet hal-halpenting, maca dijadikeun hiji kabutuhan, loba
diskusi nu positip pikeun nambahan wawasan.

(8) Nyusun Rangkay Karangan

Bahan nu karangan nu meunang milih téh tuluy disusun dina wangun rangkay karangan.
Susun léngkah-léngkahna. Léngkah mana nu rék diheulakeun jeung bahan mana nu rék
diasupkeun. Kitu satuluyna nepi ka ngawujud rangkay karangan. Ku cara kitu urang bakal
bisa nulis kalawan museur (focus) tur ngaguluyur sarta kaukur. Tina rangkay ieu bisa
dikembangkeun jadi paragraf-paragraf.

Anda mungkin juga menyukai