Anda di halaman 1dari 4

HIJI HIJINA HARTA

Indah Nur Lailah, nami budak hiji hijina ti Ceu Imas jeng almarhum Pak Salamet. Indah anyeuna
calik di bangku kelas dua belas MIPA 2 SMA 1 Garuda. 3 tahun katukang Pak Salamet nganinggalkeun
pamajikan jeung budak anu dipikanyaahna. Tantos anyeuna, Ceu Imas janten tulang tonggong kulawarga
manehannana ku cara ngajual kue kue nu didamel anjeunna teras dijual ka pasar. Nyuswa Ceu imas
anyeuna nincak di 66 tahun, nu mana kaanyaan fisik ceu imas ngalemah. Indah budak nu geulis mirip
jeung bapakna ngan indah ge resep pisan ulin jeung babaturanna nyaeta bagsa si Zahra, Zalfa jeng Dewi.
(indah posisina nu ngaca jeung beberes badee angkat ka sakola, disisi sejen aya ceu imas nuju
ngaatur kue kue an di dapur)
Indah : “Mah abi mangkat heula ya”
Ceu imas : “ kela atu sarapan heula itu aya sangu geus disepan keun rencangna aya kumeli”
Indah : “ Ah rusuh mah, engke we indah meser roti di kantin”
Ceu imas :” moal mekel sangu kitu? Ieu ku mamah brek dibungkus anyeuna”
Indah : “Ih mamah geus atuh da rusuh tingali jam sakieu bisi indah dihukum, mana bekel acis na mah?”
Ceu imas ngapasihan acis bekel ka indah Rp 10.000
Indah “ Harr mah?! Jaman anyeunamah budak kos indah 10rebu ngan menang popmie jeung es hungkul,
acan engke duhur jeng ongkos balik sakola”
Ceu imas : “Indah keun enjing mmah bekelan 20ribu, anyeunamah mamah bade jualan hela kue doakeun
sing hasilnya”
Indah : “Ahhh hayoh we kitu alesannateh”
Indah indit ka sakola bari kesel ka mamahna kupedah dipasihan bekel saalit.
Ibu Hasna : “Perhatosan kanggo indah anyeuna hadir teu dikelas?”
Zalfa : “Aya ibu dipalih ditu”
Ibu Hasna : “ Indah kadieu hela kedap… Indah ieu pang masihkeun ka mamah atanapi bapak indah ya.
Upami tiasa saenggalna di rengsekeun.”
Indah dipasihan surat bayaran anu teu acan lunas ti kelas 10 mula.
Indah :”MAMAHHHH MAMAHHHHH”
Ceu imas : “ayaa naon indahhh kunaon?”
Indah : “kunaon sih mahhh, pas bapak tos pupus kahirupan arurang jadi sangsara kieu!! Tingali mah
bayareun sakola acan beres, indah moal bisa lulus mun aya hutang kieu mah!!” (bari ngaalungkeun surat
bayaran sakola)
Ceu Imas : “Indahhh lain ku kituna arurang bisa sangsara kieu, ieuteh cocobi ti gusti allah. Sing percanten
ka allah sabar indahh, sabar. Keun ieu bayareun ku mamah urusna. Aneyuna jeup indah tos teu kedah
mikiran anu sanesna, doakeun mamah sing sehat yaa.” (ceu imas ceurik bari nangkeup indah)
(Di kamar indah)
Ceu imas : “Indah? Ouhh tos bobo” (Ceu imas nyamperkeun ka kamar indah bari ngabenerkeun selimut
nu indah)
Ceu imas : “Indah, kahirupan memang bakal aya naek turunna. Mun diluhur arurang kudu syukur jeng
tetep usaha. Mun ker dihandap arurangteh ulah nyerah. Eta anu diomongken ku Bapak. Bapak baheula
getol pisan didamel na, Mamah resep baheula indah bebelaan acan bobo kur hayang nungguan bapak uih.
Teras bapak sok nyandak martabak keju coklat karesep indah. Eta nu matak sono Mamah. Pasti Bapak
sono oge ningali budak awewe na tos ageung geulis deuih mirip bapakna. Indah kanyaah hiji hijina deui
Mamah. Hampura Mamah teu bisa jiga Bapak, Mamah sok ngagenggereuhkeun wae indah. Tapi Mamah
syukur masih aya Indah di hirup Mamah.” (Ceu imas ngobrol bari ngaingetan kaluarga baheula di
gigireun indah)
Obolan Ceu imas tadi, kadangu ku Indah nu sabenerna acan sare matak indah cirembay
ngadangukeunna.
Isuk - isuk Ceu Imas karek sadar geus kasarean di kamar Indah. Ceu Imas gura giru hudang, nempo
jendela kamar katembong Indah nuju popoe acuk. Ceu imas, ningali lelembutan hate anakna nu nulungan
indungna. Ceu imas langsung ka dapur rek ngajieunan pesenan kue.
(Didapur)
(Suara telepon)
Teh Ai : “Assalamualaikum Ceu Imass?”
Ceu imas : “ Waalaikumussalam kumaha Teh Ai?”
Teh Ai : “Dupi ari pesenan abi tos beres teu acan?”
Ceu imas : “Oh muhun ieu nuju dibungkusan teh engke keun ku abi di jajapkeun ka bumi Teh Ai ya”
Teh AI :” Ohhh muhun atuh syukur ari kitumah, diantos ya ceu”
Ceu imas : “ Muhun Teh muhun”
Teh Ai : “Muhun hatur nuhunnn ceuu Assalamualikum”
Ceu imas : “Waalaikumussalam”
Aya Indah nu beres popoe teras calik di meja dapur bade emam. Teras Ceu imas ngasongkeun sangu
sareng rencang na, ngan aya kaanehan di Ceu imas. Ceu imas hayoh bulak balikan wae ngananyakeun ka
indah sanajan nu ditanyakeunnateh sarua bae.
Indah : “Mahh? Mamah kunaon? Emang na mamah hilap tadi anu atos diwaler ku indah?”
Ceu imas ngahuleung kabingung kana manehanna sorangan anu poho.
Ceu imas : “Ahh biasa indah hapuntennya mamah tos sepuh” (Bari seserian)
Ceu imas ; “Indah engke kade nitip nya bumi, Mamah bade ka bumi Th Ai heula nganterkeun kue.
Karuya tos ngantosan tadi tos ditelponan.”
Ceu imas mangkat ka Th Ai ninggalken indah sorangan di bumi.
Pas panyuneun di jalan gede, Ceu imas culang cileung nempokeun jalanan asa jiga anu beda. Ceu imas
ujug ujug poho ka Gapura Imah Th Ai. Ceu imas nyobaan ka Gapura hiji nananya bumi Th Ai, teu aya
anu wauh. Anu kuduna nganteurkeun kue the ngan saukur sababaraha menit. Teu sadar geus sore, Ceu
imas masih keneh leumpang bingung neangan imah na Th Ai.
(Dibumi aya suara telepon)
Th Ai : “Hallo Assalamualaikumm”
Indah : “Waalaikumussalam kumaha th”
Th Ai : “ Eh neng Indah, Neng ari Mamah atos mangkat acan? Ieu kue na acan aya keneh wae.”
Indah :” Hapunten th, ieu hp mamah na oge teu kacandak ku mamah.Ngan da Mamah tos titatadi
mangkatna oge. Ari Indah nyangkana Mamah lami ge ka pasar heula.”
Th Ai : “euleuh gusti kumaha atu neng, mun kue na dibolaykeun wios nya? Tth rusuh ieu aya tahlilan
kanggo ba’da maghrib bade meser we kanu sanes da bisi teu kabujeung ya neng ya.”
Indah : “Muhun atuh th wios, Hapunten sateuacanna th”
Th Ai : “Muhun dihapunten pisan neng, tipanyun nya assalamualaikum”
Indah : “ Waalaikumussalam th”
Indah melang ka mamah na anu can uih wae ti tatadi siang. Nya keur mah HP Mamah na
katinggaleun di bumi, kumaha cara na Indah kudu neanngan Mamah na diluar. Ngan Indah tetep rek
nungguan heula Mamah dugi ka Maghrib. Indah masih nyangkana sugan we Mamah nyimpang heula ka
tatanggi.
Hujan guludug gede adzan maghrib tos kalewat. Ceu imas acan keneh uih ka bumi. Nu matak
melangeun indah nyalira. Indah teu ngeunah hate, geus nelponan ka rerencangan mamah na anu diwauh
ku indah mung teu aya anu mendakan. Indah geus ngarasa putus asa laleles ku aklengitan mamah
dibumina.
Indah geus nalangsa ceurik bebeakan di kamar na teu kabayang mun hirupna teu bareng jeung
mamahna. Indah ngarasa kacewa geus ngaamukan mamah, padahal mamah na ge keur usaha ngabiayaan
Indah meh bisa sakola keneh. Indah bari nangkeup baju na mamah sabar sasarean dikamar bles we
kasarean.
Kaisukan poe na Indah teu asup sakola, Indah nganiat rek nenagan mamah na ka jalanan jeung
pasar. Sugan indah bisa neangan patunjuk jeung papanggih mamahna. Di saparapat jalan, Indah curiga ka
emak emak nu keur gogoleran di jalan, dina acuk nu dianggona sarua jeung Mamahna Pas ku Indah
samperkeun terus dihudangkeun. Pek bener Ceu Imas. Acuk Ceu imas geus ledeh,baseuh kahujanan, jeng
kresek eusi kue na geus beak didaharan ku Ceu Imas.
Indah : “Mamahhh Mamah!” (bari nangkeup Mamah)
Ceu imas mung ngahuleung keneh jiga anu teu inget teun ka Indah.
Ceu Imas : “Saha saha ieu saha?”
Indah : “ Ieu abi mah, Indah. Indah mah Indah Nur Lailah”
Ceu Imas : “Indah mana?”
Indah : “Indah mahh budak mamah. Tingali Mah” (bari nembongkeun poto kaluarga 3an aya Ceu Imas,
Pak Salamet, jeung Indah)
Ceu Imas anyeuna ceurik cirembay kusabab tos pependak deui jeung Indah. Budak anu dipikanyaah hiji
hijina nganulungan mamah na teu bisa kalengitan budakna. Anyeuna Ceu Imas dicandak uih ka bumi.
Dina kajadian eta, Indah ngabantosan Ceu Imas ngaadonan kue, Ngaanterkeun kue, jeung rajin deui di
sakola. Indah kedah tiasa ngajaga hiji hiji na harta kanyaah nu embung kalengitan. Sabab kalengitan
sosok nu dipikanyaah nyaeta hal anu pangnyerina di hirup. Komo sosok Mamah jeung Bapak. Kaluwarga
mangrupikeun tempat munggaran dimana urang tiasa terang artina kabersamaa jeung cinta.
Ngajantenkeun kulawarga bahagia mangrupikeun salah sahiji momen nu paling bahagia dina kahirupan
~TAMAT~

Anda mungkin juga menyukai