Anda di halaman 1dari 11

HASAN BASRI

Karya Sadur Eka Laya Diangkat Dari Kitab Al Fula Lailah Wa Lailah Di Populerkan Oleh Ki Balap

SCANE 1 EXT.HUTAN PEDESAAN

ADEGAN 1

hasan melihat orang-orang sedang berangkat ngaji

ADEGAN 2

hasan pergi ke hutan untuk mencari biji-bijian

ADEGAN 3

EXT.PERKEBUNAN

Hasan

Mang punteun ieu ngawageul waktosna

Santri 1

Aya naon ujang ?

Hasan

Ari amang teh bade angkat ka kapasantren, atanapi mulih tipasantren ?

Santri

bade angkat jang

Hasan

Kumaha ari dipasantren te mang ?

Santri

Atu diajar ngaji jang

Hasan

Supaya naon urang ngaji mang ?

Santri
E eh ari maneh, yeuh jang dengekeun ari masantren mah sajaba tidiajar ilmu agama, urang oge
diditu diajar keur hirup mandiri, tanggung jawab jeung urang bakal dijieun jalma anu kuat, kuat
sangkan ngajaga nilai-nilai kaislaman kitu jang kurang lewih namah

Hasan

Ooh kitu mang nya ?

Santri

Heuh, ereuk masantren ?

Hasan

Hayang mang naming kula kudu bebeja heula ka pun biang mudah-mudahan pun biang ngijinan
doakeun we ku mamang

Santri

Tah kitu alus heeuh jug bebeja ke lamun ibu maneh geus ngijinan geura-geura mabet ka pasantren
nya

Hasan

Heuuh mang

Santri

Nya nggeus mamang angkat heula assalamualaikum

Hasan

Wilujeung mang waalaikumsalam

SCANE 2 EXT.DAPUR RUMAH TRADITIONAL

ADEGAN 1

Ibu ngumbah wadah hasan mau ngobrol rapi tidak jadi

Hasan ngahelas

ADEGAN 2
Ibu gegeroh di walungan hasan mau ngobrol rapi tidak jadi

Hasan ngahelas

ADEGAN 3

Ibu gegeroh di goah hasan mau ngobrol rapi tidak jadi

Hasan ngahelas

ADEGAN 4

Maju ka peting hasan inget ka omongan santri

Timeslive

SCANE 3 EXT.HUTAN “IBU NGALA SULUH”

ADEGAN 1

Ibu ngahelas ninggali barudak ngalabring ka pasantren

ADEGAN 2

Hasan nyieunan gelang dina golodog

ADEGAN 3

Ibu mulang langsung indit ka goah ibu ngagoroan hasan dijero goah

Ibu

Hasan saan kadieu kasep

Hasan

Kulan bu aya pikeursaeun naon ?

Ibu

Kieu jang kasep, supaya anjeun jadi manusa anu berguna anu bisa ngabela agama oge nagara anu
bisa ngageroh ka masyarakat, teu aya deui jalan kanggo anjeun iwal ti kudu leumpang ka
pasantren, ibu senang ibu dedeuh nyaah ka nu jadi putra, upami anjeun kersa ka pasantren
insyaallah cek nu bohong mah hulu di jieun buntut , buntut di jieun hulu mung ku ibu di belaaan
kasep sagalana.
Hasan

alhamdulilah bungah abi bungah anu amarwata suta bu. Manga bu abdi kersa lempang ka
pasantren, abi bungah ibu nyarios kitu, abdi oge gaduh cita-cita kaharepna memang kahoyong
milarian elmu, guna ngabelaan agama sareng Negara pikeun ngajak masyarakat kana jalan
kasalametan dunia akhirat.

ADEGAN 4

ibu nuju nyiapkeun perbekalan hasan kanggo di pasantren, saatos beres nyiapkeun perbekelan ibu
langsung nyamperkeun hasan anu nuju duduk di korsi

Ibu

ujang… ieu bekel kanggo hidep sadayana atos ku ibu siapkeun, ayeuna anjeun tinggal angkat ka
pasantren.

hasan

alhamdulilah hatur nuhun bu, bu ujang bade angkat ayeuna.

Ibu

kasep ku ibu di doakeun moga-moga hidep teh boga elmu nu ku allah di manfaatkeunn, anjeun teh
bisa ngageroh ka masyarakat supaya manusa-manusa bisa ibadah ka allah

hasan

sujud ka ibuna

asslamualaikum

Ibu

waalaikumsalam

SCANE 4 EXT.LEMBUR JEUNG LEWENG “HASAN LELEMPANGAN”

ADEGAN 1

Hasan lelempangan di leweung nepi ka kasarean di masigit

ADEGAN 2

Hasan
Mang punteun dupi pasantren …… dimana ?

Amang

Oh tuh jang diditu jauh kene wayahna maneh kudu lempang mapai-mapai walungan anu loba
bahayn

Hasan

Bahayana naon mang ?

Amang

Loba jalma jahat anu sok mawaan bekeul anu geus nyaba, sapertina beas kadaharan jeung
sajabana sok di rampog dijalan

Hasan

Oh kitu mang, keun wae mang ah kuring mah rek kekeuh wa indit masantren

Amang

Wah bener jang maneh alus yeuh kawni teh, tepi ka kitu eta patekadan hade. Luarbiasa pinak
kaimanan maneh jang, kuhayang masantren najan loba rintanganana, heeuh jug jang ari itu mah
ku mmang didoakeun sing kahade we dijalanan nya

Hasan

Muhun mang assalamualaikum

Waalaikumsalam

SCANE 5 EXT.BANTARAN SUNGAN”HASAN DIRAMPOG”

ADEGAN 1

Rampog 1

Pokona ulah jang dijaman kiwari mah ulah ninggali saagama atawa sanagar, da gening kumaha
urang hirup susah mah agama jeung nagara hare-hare teu nulungan

Rampog 2
Siaps boz pokona ulah higaning baraya. dulur sapejit oge ari ngaliwat kadie barang bawa mah
urang jarah ku ngaing

Rampog 3

Tapi nepi ka iraha arurang te rek terus jiga kieu

Rampog 4

Nepi ka aing benghar

Rampog 3

Moal aya anu benghar tina ngarampog

Rampog 1

Aya siah

Rampog 3

Saha ?

Rampog 1

Eta gening buktina pejabat anu korupsi, rek sakumaha di sengitan di dngdanan anggeur rampog
mah rampog we

Rampog 4

Ngarampog duit rahayat

Rampog 1

Heuuh bedana itu mah ngarampog duit anu jumplahna loba, ari aing mah ngarampog duit anu
jumlahna saetik

Rampog 4

Lain duit hungkul boz, sakapeung mah ngarampognateh ngagalaks kana sagalana, ngarampog
jabatan, kakawasaan bahkan hokum oge di rogahala di acak-acak ku maranehna anu bener bisa
jadi salah anu salah bisa jadi bener

ADEGAN 2

Hasan lempang bari manahna ras rasan sieun aya jalma anu jahat ka dirina
Hasan ngesian botol minum ka walungan

ADEGAN 3

Hasan di ringkus ti tukang di asupkeun kana karung

ADEGAN 4

Rampog 1

Heh jang saha ngaran maneh ?

Hasan

Hasan bapak

Rampog 1

Hasan mh alus ngarana mah hasan euy, rek kamana maneh jang ?

Hasan

Rek masantren bapak ka …..

Rampog 1

Heuh alus jang tah kitu ari jadi jalma mah kudu daek masantren, kudu daek neangan elmu,
ngarah jaga elmu maneh bisa manfaat ker nagara jeung bangsa

Hasan

Muhun bapak

Rampog 1

Kieu jang, jug wae ari maneh rek masantren mah, ngan ieu barang bawaan tinggalkeun didieu nya

Hasan

Alah bapak ulah atuh kumaha atuh engke abi salin

Rampog 1

Teu kudu salin jang hey yeuh dengekeun ari perkara salin mah da loba batur maneh ngke diditu
santri-santri, tah engke maneh nginjeum ka batur maneh nya

Hasan
Alim bapak ah da isin ari kedah kitu mah

Rampog 1

Ku noyod ieu budak dibejaan te, kieu we jang ari maneh kekeuh hayang wae mah. Ku bapak di
bere pilihan daek ?

Hasan

Pilihan naon pak ?

Rampog 1

Mending maneh indit tidieu lengoh teu mawa nanaon, atawa maneh teu tulus masantren da
kubapak didieu reuk di lesotkeun nyawa maneh. Ayeuna kene ku bapa dipaehn maneh daek

Hasan ceurik

Hasan

Ampin bapak ulah ari dipaehan mah, top bae nyanggakeun bekeul mah pak, aduh lapur atuh aing
ari kieu caranamah. Ah keun bae dari pada teu tulus masantren mah mending bikeun we eta
bekeul mah da kuring mah kekeuh hayang masantren

Rampog 1

Nye engges jig gera indit jang keun wae ieu bekeul mah didieu kubapak jariahkeun nya

Hasan

Muhun pak manga, tapi sateuacan angkat abi gaduh parmintaan ka bapak ?

Rampog 1

E eh parmentaan naon sia teh

Hasan

Pek wae ari gembolan jeung sajabanamah pak, ngan eta we kuring mah menta timbeul anu di pang
dameulkeun ku ibu, amanah pak eta mah ti ibu kedah di seepkeun ku hasan. Sok sieun ari angu
tiibu teu kadahar ku hasan teh sok sieun amanah teu laksana

Rampog 1
Eeeuh timbeul pek bae jang ah tah timbeul mah bawa teu butuh bapak mah da loba sok gera indit
san, ku bapak di doakeun maneh sing jadi jalma anu berguna nya sing jadi kyai anu gede

Hasan

Amiin pak assalamualaikum

Rampog 1

Assalamualaikum

Rampog 2

Waalaikumsalam lain dijawab deui ku assalamualaikum

Rampog 1

Eh heeuh waalaikumsalam san

SCANE 6 EXT.DEPAN PESANTREN

ADEGAN 1

Para santri melihat Hasan jalan gontay dari kejauhan

Santri 1

Karunya nya budak, meni lugay kitu

Santri 2

Na make kaunya ?

Santri 1

Heuh da katembongnamah jiga nu cape kitu

Santri 2

Heuh lugay kitu jiga anu cape nya ki

Santi 1

E eh na nyampeurkeun
Santri 2

Heuh nya saha tateh ?

Santri 1

Bara maen mereun

ADEGAN 2

Hasan mendekat lalu uluk salam

Hasan

Assalamualaikum

Santri

Waalaikumsalam aya naon jang ?

Hasan

Punteun mang dupi ieu lereus pasantren …. Anu nami kakasih ajeungana ajeungan …..

Santri 1

Mhun jang ari kitu ?

Hasan

Kula dek masantren mang ?

Santri 1

E eh rek masantren nya ? naha atuh meni lengoh kitu

Hasan

Panjang mang caritana

Santri 1

Oh jauh mereun nya perjalanan teh, haus teu jang ?

Hasan

Komo we mang
Santri 1

Heuh nya enggeus hayu kajero cuang beberesih heula

ADEGAN 3

Hasan nyuprih elmu dipasantren maca kitab jeung sajabana

ADEGAN 4

Hasan diajar silat

ADEGAN 5

Transisi hasan tinu letik jadi dewasa

Anda mungkin juga menyukai