Puji syukur kehadirat Tuhan Yang Maha Esa atas segala Rahmat dan
Karunia-Nya sehingga penulis dapat menyelesaikan makalah ini dengan sebaik-
baiknya.
Penulis
i
DAFTAR EUSI
Kata Pengantar..................................................................................................i
Daftar Eusi..........................................................................................................ii
BAB I BUBUKA.................................................................................................1
1.1 Panalungtikan.....................................................................................1
BAB II EUSI.......................................................................................................2
3.1 Kesimpulan........................................................................................6
Daftar Pustaka...................................................................................................7
ii
BAB I
BUBUKA
1.1 Panalungtikan
Mantra kaasup wangun puisi (wangu ugeran) bebas. Eusi mantra anu
dianggap ngandung kakuatan gaib teh dipapatkeun kanu boga maksud hayang
meruhkeun nu sejen atawa nanjerkeun kakuatan jeung komara pribadi. Hal – hal
anu kudu dipigawe sangkan mantra ieu teu cambal disebutna pameuli, saperti
puasa, matigeni, sasapa, Tirakat, ngisat diri, jsb.
Dina KUBS mah, mantra teh hartina jampe. Numutkeun sawatara ahli,
mantra teh gumelarna dina mangsa Animisme/Dinamisme, raket patalina jeung
kapercayaan urang sunda alam harita. Dina kamekarannana, kapangaruhan ku
ageman urang sunda sapanderieunnana. Hal eta kapanggih dina sawatara mantra
anu ngagunakeun kecapan tina basa Arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan
urang sunda geus ngageum agama islam, tapi henteu ngalepaskeun sagemblengna
kapercayaan warisan karuhun.
1.3 Tujuan
Tujuan tina nyusun makalah ieu nyaeta ngalengkepan tugas basa sunda
anu dibere ku Ibu Neneng
1
BAB II
EUSI
2.1 Harti Mantra
Mantra nyaeta karya sastra karuhun dianggap boga kakuasaan gaib tur
henteu bisa dipake sagawayah anu eusina ngahubungkeun manusa jeung dunya
misteri. Mantra asalna tina kecap Sanskerta "mantra" atanapi "manir" Mantra
mangrupikeun kumpulan kecap anu dipercaya ngagaduhan kakuatan mistis
atanapi gaib. Mantra ogé kaasup kana puisi kolot, anu di masarakat Melayu
henteu dianggap salaku karya sastra, tapi langkung patalina sareng adat sareng
kapercayaan.
Mantra biasana diucapkeun dina hiji waktos sareng tempat anu
ngagaduhan tujuan pikeun mere kabisa pikeun jalma anu ngagunakeun mantra.
Mantra umumna digali sareng dikawasa ku jalma-jalma sanés, sapertos dukun
sareng pawang.
2
Jangjawokan dipapatkeun upama rék milampah hiji pagawéan, anu
dipalar téh sangkan kahontal pamaksudan kalayan hasilna nyugemakeun
tur anu ngalampahkeunana aya dina karahayuan. Upamana rék turun,
leumpang, diuk, nangtung, midang, nganjang, masamoan, keupat, seuri,
neuleu, nyiuk béas, ngisikan, dahar, nginum, nyeupah, jeung sajabana.
Singlar dipapatkeun keur nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu
dipikahayang, saperti kasakit, siluman, jurig, kuntilanak, lelembut, jeung
mahluk lianna anu sakirana sok ngagangu ka manusa.
Ajian dipapatkeun keur ngadatangkeun kakuatan, kabedasan, meunang
karahayuan jiwa, raga jeung pakaya, gedé kawani, ludeungan, henteu
keuna ku rupa-rupa balai, jeung wisaya, bedas, awét ngora.
Asihan atawa pélét dipapatkeun keur ngawasa sukma nu lian sangkan
bogoheun jeung anu mapatkeun éta asihan téh punjul kakasépan atawa
kageulisanana nepi ka saréréa padaasih, padanyaah, padaresep, upamana
awéwé ku lalaki atawa lalaki ku awéwé, ku atasan, atawa ku dunungan.
Jampé biasana dipapatkeun keur ngubaran atawa ngaleungitkeun kasakit,
kanyeri, kacilakaan. Upamana baé kabeureuyan, dicoco, katerap kasakit
puru rawit, jéngkoleun, jsb.
Rajah biasana dipapatkeun keur kasalametan, henteu kakeunaan ku hal-
hal anu teu dipikahayang. Baheula mah rajah sok dipaké paranti ngambah
tempat nu sanget, rék muka pihumaeun, nyieun babakan, rék nyicingan
hiji tempat, rék migawé kai pibahaneun, nalukkeun siluman, nulak gawé
anu jail, paranti ngaruat, paranti caah atawa hujan, paranti pamunah
impian goréng, dijauhkeun tina gangguan rupa-
rupa dedemit jeung siluman.
3
2.5 Conto Mantra
JANGJAWOKAN PARANTI DIPUPUR
Pupur aing pupur panyambur
panyambur panyangkir rupa
nyalin rupa ti Dewata
nyalin sari widadari
nya tarang lancah mentrangan
nya halis katumbirian
nya irung kuwung-kuwungan
dideuleu ti hareup sieup
disawang ti tukang lenjang
ditilik ti gigir lengik
mangka welang mangka asih
ka nu dipupur ditenjo ku saider kabeh
4
RAJAH CITRA KASUNYIAN
Hong citra kasunyian
hong citra kasundulan
jleg bumi
jleg manusa
jleg setan
manusa wisesa
setan sampurna sampurna kersaning
Alloh ashadu alla ilaha illalloh
waashadu anna Muhammadar Rasululloh
AJIAN KABEDASAN
Dampal suku ngabatu datar
bitis ngabatu wilis
nyurup ka badana
nyurup ka sungsumna
getih sabadan
bedas ngala ka aki
SINGLAR KA MUSUH
Curulung cai ti manggung
barabat ti awang-awang
cai tiis tanpa bisi
mun deuk nyatru ka si itu
mun deuk hala ka si eta
anaking palias teuing.
5
BAB III
PANUTUP
3.1 Kesimpulan
Mantra nyaeta wangun puisi bebas nu eusina dianggap ngandung kakuatan
gaib. Mantra biasana dibacakeun ku urang nu sanes sapertos pawing, dukun, jeung
sajabana. Mantra oge diasupkeun ka na Basa Indonesia salaku karya sastra kusbab
cara bacana nu khusus jeung maenkeun irama. Ku sabab kitu mantra bisa dibaca
indah.
Mantra oge miboga jenis-jenisna diantarana:
Jangjawokan
Singlar
Ajian
Asihan
Jampe
Rajah
6
DAFTAR PUSTAKA
https://su.wikipedia.org/wiki/Mantra_Sunda
https://www.wikipedia.web.id/2018/08/jenis-jenis-mantra-dalam-bahasa-
sunda.html
http://irpanmulawarman17845.blogspot.com/2016/11/contoh-makalah-mantra-
sunda.html