Anda di halaman 1dari 29

Legitimate

Material
RANGKUMAN
SUMATIF AKHIR
SEMESTER

MATA PELAJARAN: BAHASA SUNDA


KELAS: IX / 9
BAB I: CARPON
CARPON TEH NAON?

Carita pondok (disingget Carpon) nyaeta


karangan rekaan atawa fiksi dina wangun
lancaran/prosa anu wangunna pondok.

Lebah ukuran pondok tea aya anu di ukur ku


jumlah kecapna nyaeta antara 5.000 - 10.000
kecap.

Umumna carpon sunda teh diketik dua spasi


make kertas ukuran polio, 4-8 lambar. Waktu
maca carita pondok teh biasana kurang leuwih
saparapat jam (15 menit).
BEDANA CARITA PONDOK JEUNG
DONGENG

CARITA PONDOK DONGENG

Umumna teu midangkeun Loba bagian nu pamohal (teu


bagean nu pamohalan (eusina masuk akal)
mah kaharti ku akal) Kaasup kana sastra heubeul.
Kaasup kana sastra modern. Teu kanyaohan saha nu
Kanyaohan saha nu ngarangna. ngarangna.
Sumberna teh umumna Sumberna ti masyarakat
ngaliwatan wangun tulisan. umumna sacara lisan.
CIRI-CIRI CARPON

Eusi caritana pondok.

Palakuna saeutik.

Latar tempatna saeutik, latar waktuna


sakeudeung.

Nyaritakeun hiji kajadian carita.


KARYA SASTRA PROSA
FREDEDU

Karya sastra prosa teh nyaeta


karya sastra wangun lancaran
(karangan bisa bebas). Hartina,
teu kauger ku ayana katangtuan
jumlah baris dina tiap bait, guru
wilangan (jumlah suku dina tiap
baris), jeung guru lagu (katangtuan
sora dina engang panuntung
jajaran).
UNSUR CARITA PONDOK

01 TEMA CARITA

02 TOKOH/PALAKU CARITA

03 PLOT/GALUR CARITA NYAETA: GALUR MARELE, MAJU, MUNDUR, BOBOK TENGAH

04 LATAR CARITA: WAKTU, TEMPAT, JEUNG SUASANA KAJADIAN CARITA.

05 AMANAT CARITA
CARITA PONDOK
FREDEDU

Buku kumpulan carita pondok munggaran basa


Sunda judulna Dogdog Pangrewong, karangan G. S.
(nama samaran penulis) dikeluarkeun ku Balai
Pustaka dina taun 1930.

Genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carita


pondok basa Indonesia, nyaeta Teman Duduk,
karangan Muh. Kasim taun 1936.

Mimiti loba carita pondok nu medal sanggeus


Bangsa Indonesia merdeka. Utamana sanggeus loba
majalah-majalah nu medal, kurang leuwih dina taun
1951.
CONTO PANGARANG
CARITA PONDOK
FREDEDU

Rahmatullah Ading Affandi (RAF): Carita


Biasa, Dongeng Enteng ti Pasantren
Rusman Sutiasumarga: Papacangan
Ayatrohaedi: Hujan Munggaran
Sandiasma Wiranta (Caraka): Neangan
Tini Kartini: Jurig, Nyi Karsih
Yus Rusyana: Diluhureun Jukut Reumis,
Jajaten Ninggang Papasten
Ki Umbara: Diawadalkeun ka Siluman
Asikin: Nu Tepung di Imah Dukun
Godi Suwarna: Murang-maring, Serat
Sarwasatwa.
PANGARANG CARPON ANU
KARYANA CAN DIBUKUKEUN

MH. Rustandi Kartakusumah, Wahyu Wibisana,

Adang S, Min Resmana, Holisoh ME, Ningrum

Julaeha, Sukaesih Sastrini, Saini KM, Johar

Efsa, Aan Merdeka Permana, Ami Raksanagara,

A. Kohar, Tatang Sumarsono, Hidayat

Soesanto, Sum Darsono, Cecep Budansyah,

Hadi AKS, Darpan Ariawinangun, Usman

Supendi, Budi Rahayu Tamsyah.


Istilah toneel dibawa ku urang walanda (Belanda) dina
basa Walanda drama teh toneel nu hartina pintonan.
Istilah toneel ditarjemahkeun ku PKG Mangkunegara VII jadi
Sandiwara, asalan tina basa Jawa.

Sandi hartina simbol atawa rusiah, wara/warah miboga


harti pangajaran. Jadi sacara etimologis sandiwara teh
pangajaran tina simbol-simbol nu sipatna rahasia.
Aya deui istilah sejenna nu padeukeut jeung drama nyaeta
teater. Teater asalna tina kecap theatron nu hartina
tempat pintonan/panggung. Istilah teater oge digunakeun
pikeun nyebut drama modern.
Prosa Puisi Drama
Basa nu Basa nu Basa nu
digunakeun digunakeun digunakeunna
umumna basa umumna basa umumna kalimah
lancaran. langsung dina
ugeran.
wangun paguneman.
Pertelaan Palaku: Ngaberedelkeun ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku.

Babak jeung Adegan: Ngabagi-bagi karangan Drama. Dina hiji babak dilakonkeun
kajadian-kajadian di hiji tempat dina saruntuyan waktu, dibagi-bagi jadi babaraha
adegan.

Paguneman: Obrolan kalimah langsung antara palaku hiji jeung palaku lainna dina hiji
adegan kajadian.

Candraan: Dina mimitan/awal babak pikeun nerangkeun kaayaan latar tempat,


suasana, palaku, kajadian jeung nu lainna.

Prolog: Ditulis dina awal drama jadai manggala sastra drama ditulis sa kapamanggih
penulis dieusikeun katerangan ngeunaan lalakon nu baris dipidangkeun.
Epilog: Ditulis diakhir carita, biasana eusina nyaeta kacindeukan/kasimpulan lalakon nu
dipidangkeun sareng nasehat atawa amanat ti nu nulis.

Solilokui: Bagian carita eusina paguneman nu dikedalkeun ku palaku ka dirina sorangan.

Tema: Puseur cerita nu ngajiwaan sakabeh eusi carita.

Galur: Runtuyan kajadian dina drama.

Latar/Setting: Eusina tempat, waktu, jeung suasana.

Amanat: Hal-hal nu rek ditepikeun ku pangarang mangrupa ajen-ajen moral.


Nyusun tim
Nangtukeun saha wae palakuna,
sutradara jeung jadwal latihanna.
Tiap palaku kudu latihan vocal, sabab
ari palaku dina pagelaran teater mah
kudu jelas tur eces sorana.
Unggal palaku kudu bisa ngolah
paroman (ekspresi)
Kudu kompak dina hari-H.
Gending Karesman: Drama anu dipentaskeun
dialogna dilagukeun.
Sendratari: Drama anu dipentaskeun make tari.
Musikalisasi Puisi: Drama anu dipentaskeun make
puisi.
Pantonim: Drama anu dipentaskeun make isyarat
jeung gerak.
Longser: Drama nu eusina komedi atawa bodor.
TEKS
PEDARAN/PROSEDUR
Teks pedaran teh mangrupakeun wacana atawa Rupa-rupa teknik anu dipake dina nyusun eksposisi
karangan anu eusina nganjentrekeun/ngajelaskeun nyaeta:
hiji objek, kumaha prosesna, tujuanna jeung Identifikasi: Cari tau keunggulan/alasan
gunana. Dina basa Indonesia disebut Eksposisi Ilustrasi: Babandingan mere gambaran
atawa teks wacana prosedural lantaran eusina Klasifikasi: Papasingan/uraian tahap-tahap
ngagambarkeun cara ngalaksanakeun hiji Definisi: Saran agar bisa ngikutkeun Penulis
pagawean.
Dina teks pedaran ge miboga ragangan atawa struktur
Sipat teksna subjektif, dimana tulisan/karanganna nyaeta dibagi tilu ngawengku: Bubuka, Eusi, jeung
bedasarkeun tina intuisi/pemikiran sendiri tanpa Pamungkas/Panutup.
mengedepankeun ilmiah.
Rujak nya éta kadaharan lada nu dijieun tina rupa-rupa
bungbuahan ngora atawa beubeutian. Bungbuahan jeung
beubeutian nu dijieun rujak biasana tina buah ngora,
kayaning balingbing, bangkuang, jsb.

CONTO Nyieunna rujak kawilang babari. Rupa-rupa bahan nu


disebut di luhur dikeureutan. Bungbuna kayaning asem,

TEKS cengek, cabe, jeung gula beureum diréndos dina coét. Rujak
kawas kieu disebut rujak uleg.

PEDARAN Ilaharna di dahar pabeubeurang babarengan. Aya ogé rujak


nu ngahaja dijieun dina acara husus anu disebutna babarit,
rujakna disebut rujak kanistren. Aya ogé rujak anu bungbu,
bungbuahan, jeung beubeutian dibeubeuk babarengan,
disebutna rujak beubeuk.
TEKS
DADARAN/DESKRIPSI
Teks dadaran/deskripsi/bahasa nyaeta tulisan atawa
karangan anu eusina ngadadarkeun atawa
ngebrehkeun kagiatan indra (panempo, panguping, Bedana teks pedaran jeung teks dadaran
pangrasa, panyabak, pangambeu) minangka hasil nyaeta, ari pedaran mah ngajelaskeun hiji
pangalamanana. Karangan deskripsi ngagambarkeun paparan secara runtut sedengkeun ari teks
objek sajentre-jentrena. Eusina ngabahas/medar hiji dadaran mah maparkeun hiji hal sacara
masalah naon wae biasana dumasar kana fakta-fakta rinci tu detail.
boh tina hasil panalungkitan, boh tina hasil
pangalaman sorangan. Nu penting mah aya
pangaweruh nu anyar manpaatna pikeun nu maca.
Sakola abdi ngabogaan lingkungan anu bersih sarta endah, salian eta hawana
sejuk lantaran sakola abdi ayana ditempat anu jauh tina polusi sapertos jalan
raya sarta pabrik.

Sakola abdi ngabogaan halaman parkir sarta lapangan bola basket anu lumayan
ageung dipayunen sakolaan. Disisina sakola abdi dipelakan ku sagala rupa

CONTO
macem tatangkalan anu tiasa nenangkeun hate pikeun saha wae anu ningalina.

Sakola abdi kaasup salah sahiji sakola favorit di kota bogor, sakola abdi tos
menang gelar akreditasi A. Sakola abdi ngabogaan 46 rohang kelas, ubin sareng

TEKS sadaya rohangan dina sakola abdi sadayana atos nganggoan keramik, jadi
hawana tiis komo deui lamun ti enjing mah.

DADARAN
Salian eta, sakola abdi ngabogaan hiji musholah ageung anu tiasa dianggoan solat
ku guru sareng para siswana. Lain saukur dianggo kagiatan sholat hungkul,
nanging musholah di sakolaan abdi oge kadang dianggo kagiatan sanlat lamun
bulan ramadhan, sareng dijadikeun rohang praktek pikeun pelajaran agama,
sapertos praktek sholat, maca alqur’an sareng liana.

Warna saragam olahraga beureum jeung hideung mangrupakeun ciri khas ti


acuk sakolaan abdi. Sajaba ti eta, waktos lebet sareng istirahat anu kalangkung
tereh mangrupakeun salah sahiji ka unikan ti sakolaan abdi.
RUPA-RUPA BANGUNAN
Babancong: Wangunan leutik rada luhur di sisi alun- Bale kota: Kantor na walikota
alun, minangka panggung paragi gegeden (baheula)
Balewatangan: Kantor pangadilan
Balandongan: Adegan saheulaanan pikeun narima
semah atawa tempat kamonesan dina kariaan/hajatan. Bedeng: Imah leutik nu dipetak-petak pikeun
pagawe leutik
Bale: Adegan/wangunan
Gedong: Imah gede, imah alus jalma kaya raya
Bale Bandung: Bale/adegan nu ngarendeng pikeun
ngabandungan parentah raja Gedong Songko: Imah dinas Bupati baheula

Bale Desa: Kantor pamong desa jeung tempat Karaton: Imah cicingna raja jeung ratu
kumpulna rakyat desa
Karapyak: Kandang paragi munding/sapi
Bale Kembang: Imah nu diadegkeun diluhureun cai
empang/kolam Tajug: Tempat ibadah
WANGUN SUHUNAN & ADEGAN
• Badak Heuay: nyéta potongan wangunan henteu make
wuwung, pasambungna hateup tukang jeung hateup hareup
saperti badak keur heuay
• Julang ngapak: nyaéta potongan wangunan ima anu bagian
tukang jeung hareupna make sorondoy. Jadi lamun ditilik ti gigir
téh jiga manuk julang keu ngapak.
• Jolopong: nyaéta potongan imah anu suhunanna ngajolopong
lempeng ti kénca ka katuhu.
• Tagog anjing: nyaéta potongan wangunan ima saung nu
hamper mirip badak heuay. Nan bédana mun badak heuay mah
calangap, tapi nu tagog anjing mah panutupna rapet teu ngeluk.
• Parahu kumereb: nyaéta potongan wangunan imah anu
suhunanna jiga parahu nangkuv. Lamun ditempo ti hareup mah
wangunanna siga wangunan jolopong, nan pédah kénca jeung
katuhuna suhunananna ditutup.
• Capit Gunting: nyaéta potongan suhunan imah anu tungtung
suhunananna makéawi atawa kai dicagakkeun, ngacung ka luhur
siga gunting nyapit.
Hatur
Nuhun

Anda mungkin juga menyukai