Anda di halaman 1dari 4

Durian Anu Dipaksa

Pemeran Utama :

Kang Rahmat : Fadil Muhammad Rahman

Neneng : Alin Nurpadilah

Ambu na Neneng : Zian Prirahman

Abah na Neneng : Haikal Tri Maulana

Amih na Rahmat : Dea Alma

Apih na Rahmat : Rangga Dama

Enah : Nesa Nuradha

Eneh : Salwa Nur

Enoh : Rafa Kamila

Pemeran Tambahan :

Ajis : Arsil Nurwahid

Epul : Andika Ramdani

Samaludin : Khafi Faishal

Euis Sukaesih : Putri Sakila

Lilis : Vicka Putri Herdian

Elis : Rismayanti

Jin : Cahaya Matahari

Tatang : Sastra Pratama

Cecep : Rival Andiva

Ceu Edoh : Azkia Kumala

Ceu Kokom : Khesya Nouva

BABAK 1 (Pranikah)

SCENE 1 :
Ambu :"Neng... Ieu anu di foto teh Kang Rahmat, calon na Neneng. Kasep pan?"

Neneng :"Kang Rahmat?"

Ambu :"Muhun. Kang Rahmat teh budak lelaki na Ceu Amih, anu pang beunghar na di kampung ieu! Si
Rahmat teh nya, maneh na teh meuni deudeuh pisan ka Neneng teh."

Neneng :"Alim ah... Neneng teu resep ka Kang Rahmat, mbu. Da Kang Rahmat teh jamet pisan."

Ambu :"Arek jamet, arek kitu, arek kieu mbu mah teu paduli. Nu penting maneh na beunghar, loba duit
na urang ge pan engke ngilu beunghar. Da maneh na kawin ka Neneng ge nyaah ieuh, jadi Mbu teu
meulang."

Neneng :"Atuh Bah, Mbu... Neneng teh alim..."

Abah :"Abah mah kumaha Mbu, Neng..."

Neneng :"Meni ka ku tega nya Mbu sareung Abah maksa Neneng kawin jeung Kang Rahmat."

Ambu :"Ieu teh jang kabingahan Neneng sorangan. Mun kawin jeung nu beunghar, hirup Neneng pasti
sajahtera atuh."

Neneng :"Tapi Neneng teu aya rasa ka Kang Rahmat, Mbu..."

Ambu :"ieuh Neneng dengekeun Mbu. Nu kitu mah nuturkeun, da asih jeung nyaah mah aya lantaran
biasa. Duriat mah bisa aya lamun dipaksa."

BABAK 2 (Sesudah Nikah)

SCENE 1 :

(Neneng sasapu, bebenah, Rahmat pagawean na ngagoler we)

Rahmat :"Beurang na lamunan, mun peuting dina impian. Tapi ayeuna Neneng aya di hareupeun Akang,
cihuyyy!"

Rahmat :"Neng, kamu teh seuri atuh saeutik mah, meuni hasem kitu lamun ka Akang teh."

Neneng :"Neneng mah teu hayang seuri, rek naon? Da Neneng teh teu bogoh ka Akang."

Rahmat :"Horrrr! Emang na Akang teh kurang naon Neng? Duit loba tinggal ngodokan. Dina rupa ge alus,
jiga personil betees. Kurang naon deui?"

Neneng :"Teu resep mah nya teu resep we."

Rahmat :"Aneh. Teu jelas kitu. Dasar awewe."

Neneng :"Percuma da Neneng ngomong ge, pagawean Akang mah pan gogoleran hungkul. Jadi moal
paham."
(Tiba-tiba, mitoha na Neneng jeung lanceuk-lanceuk ti salaki na teh daratang ; Enah, Eneh, Enoh)

Amih :"Heh Neneng, ai kamu teh meuni ku lila-lila teuing nyapu teh."

Enah :"Heeh. Gagawe teh ngan saukur bisa nyapu we."

Eneh :"Iraha nyeseuh acukna? Gogosokna? Masakna? Geus beurang kieu meuni loba keneh pagawean
nu can beres teh."

Enoh :"Buru masak jig. Geus lapar yeuh."

Neneng :"Sumuhun, sakedap nya ieu nanggung sasapu na saeutik deui."

Enah :"Ah maneh mah emang kedul, alesan we nyapu dililakeun."

Amih :"Iyeuh, geus jadi minantu jelema beunghar mah kudu rajin gagawe, bebenah, pokok na sagala
rupa kudu digawean. Ameh naon? Ameh makin beunghar."

Eneh :"Bener tah ceuk amih. Apanan rajin teh pan pangkal kaya."

Enoh :"Kudu muji syukur Rahmat bogoh ka maneh, daek ngawinkeun oge. Jadi ayeuna kecipratan
beunghar pan."

((Neneng ngalirik ka salaki na nu ceunah bogoh ka maneh na teh, kalakah sibuk gogoleran sabari main
hape. Rahmat cuek, teu aya niat rek bantu Neneng.))

(Neneng nu pusing akhirna ninggalkeun salaki, mitoha jeung lanceuk-lanceuk iparna ; ka tukang)

SCENE 2 :

((Neneng nu geus cape kaditu kadieu benahan ragala rupa akhirna sebel oge ka salaki na nu kedul.
Didinya ge aya ipar-iparna nu sarua kedul na))

Neneng :"Kang... Bantuan Neneng atuh. Neneng meuni cape geus bebenah itu ieu."

Rahmat :"Pan emang kodratna awewe mah kudu cape di imah, salaki nu usaha."

Neneng :"Teras naha atuh akang teu usaha neang rijki kalakah gogoleran di imah?"

Rahmat :"Pan geus dipangusahakeun. Aya kebon amih jeung apih ieuh. Tina kebon hungkul ge untungna
geus gede, Neng."

Neneng :"Embung gawe, ngan hayang untung gede. Aneh akang mah."

Enah :"Lain aneh, eta teh cerdik!"

Eneh :"Kudu cerdik kos kitu Neng. Hemat waktu jeung tanaga, tapi duit na loba.

Enoh :"Nepi ka batur nyangka urang teh muja."


Enah, Eneh, Enoh :"HAHAHA"

Neneng :'Teu bisa lah. Pagawean sing galoler sabari meuli barang tina onlen ari kedul dipiara. Araneh
maraneh mah."

Anda mungkin juga menyukai