Anda di halaman 1dari 23

Home

Frasa dan Klausa

SINTAKSIS
Frasa dan Klausa
SLIDESMANIA

Twitter Facebook Instagram SlidesMania

slidesmania.com
Home Recent Tabs Option A

Istilah sintaksis

PENGERTIAN
Istilah sintaksis asalna tina basa walanda syntaxis, anu dina basa Inggris disebut
syntax atawa syntactic. Boh dina basa walanda boh dina basa Inggris, kecap
sintaksis the asalna tina basa Yunani sun = ‘ngatur’ + tatein= ‘babarengan’.
Pihartieunana ‘ngatur babarengan’. Sintaksis nyaeta bagian tina tata basa anu
maluruh jeung medar susunan kalimah katut babagianana. Eta sababna, sintaksis
sok disebut tata kalimah. Sintaksis maluruh jeung medar frasa, klausa, kalimah,
jeung wacana.
SLIDESMANIA
Home Recent Tabs Option B

Frasa nya eta

Frasa
Frasa nya eta wangun katatabasaan anu jadi
pangdeudeul kalimah, henteu predikatif, diwangun
ku sakurang-kurangna dua kecap turta nyingcingan
salahsahiji fungsi J (jejer), C (caritaan), O (objek), P
(panglengkep), atawa K (keterangan) dina klausa.
Henteu predikatip hartina henteu mibanda Jejer
jeung caritaan.
SLIDESMANIA
Contoh

Wangunan adi kuring, rek indit, ka Jakarta, jeung Minggu hareup mangrupa
frasa lantaran masing-masing di wangun ku dua kecap tur nyicingan hiji
fungsi dina klausa.
SLIDESMANIA
Home Recent Tabs Option D

Frasa endosentris

1. Frasa Endosentris, nya eta frasa anu mibanda unsur puseur (UP) sarta dina
distribusina mibanda fungsi nu sarua jeung salasahiji atawa sakabeh unsurna.

a) Frasa atributif (modifikatif) nya eta frasa anu puseurna ngan hiji, atawa dina distribusina
ngan mibanda fungsi nu sarua jeng salah sahiji unsurna. Unsur nu sarua jeung distribusi
frasana disebut unsur puseur (UP), anu unsur sejenna disebut unsur panambah (atribut).
Sasaruaan distribusina bisa dititenan di handap ieu.
● Bapa mah nuju ka Jakarta.
● Bapa – nuju ka Jakarta.
Frasa bapa mah dina kalimah “Bapa mah nuju ka Jakarta” sarua distribusina jeung unsur
SLIDESMANIA

bapa.
Home Recent Tabs Option D

Frasa endosentris

b) Frasa apositif nya eta frasa anu sarua puseur tur bisa siligenti, sarta unsur nu
kadua sakaligus nerangkeun unsur nu kahiji. Contona:
● Dedi, adi kuring, keur ka pasar.
● Dedi - keur ka pasar.
● - Adi kuring keur ka pasar.
Frasa Dedi, adi kuring sarua unsurna tur bisa siligenti, sarta unsur adi kuring
sakaligus nerangkeun unsur Dedi.
c) Frasa koordinatif nya eta frasa anu satata unsurna sarta biasana sok
diseselan kecap panyambung jeung, atawa, jst. Contona:
SLIDESMANIA

● Ema atawa Bapa nu angkat ka kota the?


Home Recent Tabs Option D

Frasa eksosentris

2. Frasa Eksosentris, nya eta frasa anu teu mibanda unsur puseur; ku kituna, dina
distribusina henteu mibanda fungsi nu sarua jeung sakabeh unsurna.

a) Frasa direktif nya eta anu di wangun ku pananda atawa director di tuturkeun ku
tinanda (sumbu, aksis). Pananda teh umumna mangrupa kecap pangantet, ari
aksisna mangrupa kecap atawa frasa barang. Contona: di imah, kalayan asmana pun
lanceuk, keur kuring, jst.
b) Frasa relatif nya eta frasa anu wangun ku kecap gagantipanyambung (a)nu
minangka relater dituturkeun ku kecap atawa frasa lian salaku aksisna. Ieu frasa teh
ari tipena eksosentris, kategorina frasa barang. Contona: nu manehna, nu digawa, nu
SLIDESMANIA

ti Ciantur, jst.
Home Recent Tabs Option D

Warna (Kategori) Frasa


SLIDESMANIA
Home Recent Tabs Option D

Klausa nya eta

Klausa Klausa nya eta wangun katatabasaan anu jadi galeuh


kalimah, sipatna predikatif atawa diwangun ku hiji J
(jejer) jeung hiji C (caritaan), boh sipatna dibarengan
O(objek), P (palengkep), jeung Kat (Katerangan) boh
henteu.
Unsur galeuh klausa the J- -C. Najan kitu, unsur J sok
dileungitkeun, upamana wae dina kalimah ngantet,
kalimah jawaban, jeung kalimah parentah. Contona:
● Sangkan (hayam teh) babari newakna, hayam teh
kudu di awaur heula.
SLIDESMANIA

Unsur hayam teh bisa dileungitkeun.


Home Recent Tabs Option I

Unsur klausa

Unsur-Unsur Klausa
1. J jeung C
J (jejer) nya eta bagian klausa anu nuduhkeun naon-naon, poko nu nerangkeun, umumna
anu mangrupa kecap atawa frasa barang. Contona:
Anjen mah ngan ngahesekeun bae.
J C
2. O jeung Panglengkap
a. Objek nya eta klausa anu langsung nuturkeun Caritaan nu mangrupa kecap pagawean
transitif, umumnya ngawujud kecap atawa frasa barang.
SLIDESMANIA

b. Palengkap nya eta unsur klausa anu ngalengkapan caritaan nu mangrupa kecap
pagawean semitransitif jeung dwitransitif.
Home Recent Tabs Option I

Unsur klausa

Ciri-Ciri Objek: Ciri-Ciri Palengkap:


● Umumna kagolong kana kecap atawa frasa ● Bisa kagolong kana kecap atawa frasa barang, pagawean,
barang; sipat, bilangan, jeung frasa pangantet. Contona : Mang
● Objek klausa pagawean aktif bisa jadi Jejer Jumadi dagang beas, Imahna nambahan hiji, Budak teh
upama eta klausa dipasifkeun; keur diajar leumpang, jst.
Suhudi meuli buku kamari ● Aya tukangeun kecap pagawean semitransitif nya eta
Buku dibeuli ku Suhudi kamari. kecap pagawean nu teu bisa dipasifkeun. Palengkap teu
● Aya tukangeun pagawean transitif kalawan bisa dirobah jadi Jejer. Contona: Mang Jumadi dagang
langsung; beas teu bira dirobah jadi Beas didagang ku Mang Jumadi.
● Objek dina klausa pagawean dwitransitif ● Aya tukangeun kecap pagawean dwitransitif kalawan
biasa diheulaan keur (lamun aktif) atawa ku langsung. Contona:
SLIDESMANIA

(lamun pasif). Bapa mangmeulikeun sapatu keur kuring upama klausana


Bapa mangmeulikeun buku keur kuring dirobah jadi pasif, Panglengkep tetep tukangeun Caritaan
Kuring dipangmeulikeun buku ku bapa. Kuring dipangmeulikeun sapatu ku bapa.
Home Recent Tabs Option I

Unsur klausa

3. Katerangan
Kat (katerangan) nya eta unsur klausa anu lain J atawa C, sipatna mobilitas atawa posisina
robah-robah, iwal antara C jeung O/Pang. Katerangan dipake pikeun nerangkeun, J, C, O,
atawa Pang. Contona:
● Adi kuring disunatan kamari.
● Kamari adi kuring disunatan.
● Adi kuring kamari disunatan.
SLIDESMANIA
Home Recent Tabs Option I

Peran Unsur Klausa

Peran (Harti) Unsur Klausa


1. Peran Jejer:
Peran Jejer sok nuduhkeun harti:
● Pelaku : Ade keur maca buku.
● Alat : Delmanna dipake narikin beas.
● Pangrandap: Sukana kakadek bedog.
● Hail : Panyungsi Sastra disusun ku Prof. Dr. Yus Rusyana.
● Tempat : Basisir Pangandaran padangajugjug
● Panampa : Kuring dibere buku ku manehna.
● Piwanoh : Pa Abud teh dosen Kebahasaan di IKIP.
● Jumlahan : Bukuna teh dalapan siki.
SLIDESMANIA

● Jentrean : Buukna galling


Home Recent Tabs Option I

Peran Unsur Klausa

2. Peran Caritaan:
Peran Caritaan sok nuduhkeun harti:
● Kalakuan(aktif, pasif, repleksif, resiproaktif, jst): Ade keur maca buku buku dibaca ku ade.
● Kaayaan : Buukna galling muntang.
● Pangjumlah : Bukuna teh dalapan siki.
● Pangwanoh : Maman teh adi kuring.
● Perenahna : Pun biang mah ka pasar
SLIDESMANIA
Home Recent Tabs Option I

Peran Unsur Klausa

3. Peran Objek:
Peran Objek sok nuduhkeun harti:
● Pangrandap: Didi neunggeul Ahmad ku buku.
● Panampa : Bapa mangmeulikeun buku keur kuring.
● Tempat : Kuring the rek meresihan buruan.
● Hasil : Budi keur ngarang carita pondok.
● Alat : Oray the diteunggeul ku batu.
4. Peran Panglengkap:
Peran Panglengkap sok nuduhkeun harti:
● Pangrandap: kuring langka ngirim surat ka lembur.
● Alat : Buku kuring mah dibungkus pelastik.
● Kelakuan : budi keur diajar ngarang.
● Pangjumlah : Imahna nambahan hiji.
SLIDESMANIA

● Kaayaan : Neng Heni teh katarajang nyeri beuteung.


Home Recent Tabs Option I

Peran Unsur Klausa

5. Peran Keterangan:
Peran keterangan sok nuduhkeun harti:
● Waktu : Kuring rek ka Jakarta minggu hareup.
● Tempat : Dede mah keur maca di kamar.
● Alat : kuring ngajul gedang ku gantar.
● Tujuan : Urang perlu olahraga ngarah sehat.
● Pamareng : Diukna ngarendeng jeung kuring.
● Sabab : Urang bisa kieu lantaran manehna.
● Pangwates : Kabeh ge geus malayar kajaba anjeun.
● Modalitas : Sakuduna mah manehna teh sadar.
● Aspek : Dadaksakala nu gering teh cageur deui.
● Babandingan : Dudi teh pinter siga bapana.
SLIDESMANIA
Warna Unsur Klausa
Warna unsur klausa museur kana warna kecap atawa frasa anu ngeusian eta unsur. Warna
kecap/frasa anu ngeusian unsur klausa teh kayaning: Barang, Pagawean, Sipat, Bilangan,
Frasa Pangantet.

Fungsi Kategori Pangeusi

Jejer B

Caritaan B, P, S, Bil, FPt.

Objek B

Panglengkap B, P, S, Bil, FPt.


SLIDESMANIA

Katerangan B, FPt, Adv.


Conto ngarucat unsur-unsur klausa

Kamari Kuring mangmeulikeung bako keur bapa ti pasar

Kuring Kat J C Panglengkap O Kat

Kategori B B P B O Kat

peran Waktu Pelaku Kelakuan benefaktif Pangrandap Panampa Tempat


SLIDESMANIA
Home Recent Tabs Option I

Wangun klausa

Wangun Klausa
1. Klausa lengkap: nya eta klausa anu diwangun ku hiji Jejer jeung hiji Caritaan, boh
dibarengan Objek, Panglengkap, jeung Katerangan boh henteu. Contona:
● Kuring nempo manehna keur diuk dina korsi.
2. Klausa teu lengkap: nya eta klausa anu teu ngandung Jejer, biasana diwangun ku
Caritaan boh dibarengan Objek, Panglengkap, jeung Katerangan boh henteu. Ieu klausa
teh sok muncul dina kalimah ngantet, kalimah jawaban, jeung kalimah parentah.
● Waktu datang, manehna, imut bari muka lawang.
SLIDESMANIA
Home Recent Tabs Option I

Tipe klausa

Tipe Klausa
1. Klausa bebas: nya eta klausa lengkep anu bisa madeg mandiri jadi kalimah
sampurna; ku kituna, sok jadi inti dina kalimah ngantet. Contona:
● Barang geus datang, kakara manehna ingeteun.
2. Klausa kauger: nya eta klausa boh lengkap boh teu lengkap anu teu madeg
mandiri jadi kalimah sampurna.
SLIDESMANIA
Home Recent Tabs Option I

Tipe klausa

Ciri-ciri klausa kauger:


● Aya dina kalimah ngantet seler sumeler.
● Salawasna dipiheulaan kecap panyambung teu satata kayaning basa, sabab, yen, sanajan,
jst. Upama kecap panyambungna dilaan, klausa kauger sok robah jadi klausa bebas.
Contona: Basa kuring keur ngalamun, manehna datang.
● Klausa kauger sok nyicingan salah sahiji fungsi (J, C, O, Pang, atawa Kat)dina klausa inti.
Contona: Sabot kuringmaca, adi kuring nulis.
Kat
● Klausa kauger umumna nyandang wawaran nu ngeceskeun klausa intina, ku kituna, bisa
SLIDESMANIA

disuluran ku kecap atawa frasa nu tangtu asal luyu jeung harti klausa kaugerna. Contona:
Sabot kuring maca buku, adi kuring nulis surat.
Home Recent Tabs Option I

Warna klausa

Warna Klausa
1. Klausa barang: klausa anu Caritaanana diwangun ku kecap atawa frasa pagawean.
Contona: Sapatuna kulit.
2. Klausa pagawean: klausa anu Caritaanana diwangun ku kecap atawa frasa pagawean.
Contona: Kuring rek meuli buku tata basa Sunda.
3. Klausa sipat: klausa anu Caritaanana diwangun ku kecap atawa frasa sipat. Contona:
Mimin mah bageur pisan.
4. Klausa bilangan: klausa anu Caritaanana diwangun ku kecap atawa frasa bilangan.
Contona: Daharna tilu kali sapoe.
SLIDESMANIA

5. Klausa pangantet (preposisional): klausa Caritaanana diwangun ku frasa pangantet.


Contona: Bapa mah ka kebon.
Home Recent Tabs Option I

Unsur positif

Unsur Positif (Afirmatif)


1. Klausa positif (afirmatif): klausa anu ngandung unsur panolak dina caritaanana.
Contona:
● Teteh mah parantos angkat tadi.
● Lanceukna the Camat Soreang.
2. Klausa negative: klausa anu ngandung unsur panolak dina caritaannana. Unsur panolak
teh seperti (hen)teu, lain, (en)can, moal, jst. Contona:
● Teteh mah teu acan angkat.
SLIDESMANIA

● Bapa mah lain Camat Soreang.

Anda mungkin juga menyukai