Anda di halaman 1dari 4

TUGAS BASA SUNDA

WAWANCARA

Disusun ku :
Siti Ramadhani
IX.2

TAHUN AJARAN 2014-2015


SMP NEGERI 1 LURAGUNG

Waktu wawancara

: 24 November 2014

Tempat wawancara

: Di bumi ibu Ikah

Nami nu ngawawancara

: Siti Ramadhani

Nami nu di wawancara

: Ibu Ikah Atikah S.Pd.SD

Jejer wawancara

: Wawancara pangalaman guru

Siti

: Assalamualikum bu ?

Ibu Ikah

: Waalaikumsalam

Siti

: Punten bu ngaganggu waktos ibu, abdi bade tumaros perkawis


pangalaman ibu janten guru, tiasa henteu ?

Ibu Ikah

: Tiasa mangga

Siti

: Nami ibu saha ?

Ibu Ikah

: Ikah Atikah S.Pd.SD

Siti

: Mulai iraha ibu janten guru ?

Ibu Ikah

: Mulai honor taun 1998, di angkat janten pagawe negeri taun 2007

Siti

: Ibu ngajar di sakola mana ?

Ibu Ikah

: Di SDN 3 Mekarwangi

Siti

: Ibu ngajar kelas sabaraha ?

Ibu Ikah

: Kelas 1

Siti

: Disakola ibu janten guru naon ?

Ibu Ikah

: Janten guru kelas 1

Siti

: Naon bae pangalaman ibu jadi guru ?

Ibu Ikah

: Pernah honor di SD Bendungan, terus pindah ka SD 3 Mekarwangi, basa


diangkat teh di SD 3 Mekarwangi dugi ka ayeuna

Siti

: Kumaha bae suka duka na ibu janten guru ?

Ibu Ikah

: Sukana, resep janten guru teh unggal dinten mayunan barudak jadi asa
bungah bae, komo di kelas 1 mah sering nembang. Dukana, kudu tanggung
jawab kana akhlak budak sareng elmu na.

Siti

: Kumaha cara ngajar atawa ngadidik ka murid ibu ?

Ibu Ikah

: Guru kelas 1 mah kedah sabar sagala pelajaran sok di kaitkeun jeung
tembang-tembang nu nyangkut kana pelajaran

Siti

: Naon bae tugas-tugas anu kedah dilakukeun janten guru teh ?

Ibu Ikah

: Sateuacan ngajar, kedah ngadamel RPP areung alat peraga anu akur kana
pelajaran eta ditambah administrasi kelas, komo ayeuna kurikulum 2013
guru teh kudu aktif sareng kreatif.

Siti

: Dimana bae ibu meunangkeun bangku pendidikan ?

Ibu Ikah

: SD Lebakwangi ! 77-83, SMPN 1 Luragung 83-86, SPG Kuningan 86-89,


perguruan tinggina UT Bandung

Siti

: Kunaon ibu milih dameul janten guru ?

Ibu Ikah

: Tos jadi cita-cita abdi ti aalit, palay janten guru. Alhamdulilah


kalaksanakeunbade nyerdaskeun anak-anak bangsa sareng ngabrantas buta
huruf.

Siti

: Kumaha carana ibu ngatasi murid-murid anu nakal ?

Ibu Ikah

: Di hareupan ku kasabaran sareng dipasihan arahan.

Siti

: Saha jalmi anu ngamotivasi ibu janten guru ?

Ibu Ikah

: Sepuh abdi kapungkur

Siti

: Tahapan-tahapan naon bae anu tos ka ibu dilalui ?

Ibu Ikah

: Palay janten guru teh peurih ngiring testing ge tos sababaraha kali teu ka
angkat ari teu acan janten milik mah, upah honor ge tikawit Rp. 15.000
sasasih.

Siti

: Kumaha kaayaan kelas sareng siswa tempat ibu ngajar ?

Ibu Ikah

: Kaayaan kelasna resep, betah, ruanganna lega, tumaninah, sarana na


lengkap.

Siti

: Naon bae kendala-kendala ibu keur ngajar ?

Ibu Ikah

: Mun keur ngajar sok aya budak nu bulak-balik bae ka WC, sok aya budak
nu kudu di antosan bae ku mamahna, di pangnyeratkeun ku mamah na.

Siti

: Kumaha rata-rata kemampuan siswa dalam nampa materi ?

Ibu Ikah

: Beda-beda, aya anu tereh nangkep materi, aya anu lambat bahkan aya nu
autis.

Siti

: Oh, hatur nuhun kana waktos na anu tos masihan katerangan ngenaan
pangalaman ibu janten guru anu jelas. Wassalamualikum bu

Ibu Ikah

: Muhun sawangsulna, waalaikumsalam

Anda mungkin juga menyukai