Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum, Wr. Wb.

Sampurasun.
Girang pangajen anu ku sim kuring dipihormat oge pamiarsa anu ku sim kuring dipihormat.
Alhamdulillah urang sadaya tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina acara ngamumule
budaya urang nyaeta budaya sunda. Sim kuring bade ngadongeng anu nyandak judul
Sasakala Gunung Tampomas

Sasakala Gunung Tampomas

Kacaritakeun gunung gede anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora anu pikasieuneun.
Sorana ngaguruh, ti puncrutna kaluar haseup campur lebu anu mahabu sarta jigana gunung
ieu baris bitu. Rahayat Sumedang pohara reuwasna sarta sieun nempo kajadian eta jeung
kapikir kumaha jadina lamun gunung gede eta bener-bener bitu.
Hente dipikanyaho saha Bupati anu nyekel kalungguhan waktu harita, tapi anu pasti
Bupati eta pohara nyaah sarta welas asih ka rahayatna sarta wijaksana. Cacak tacan aya
rahayat anu ngalaporkeun, sabenerna anjeuna geus nyaho kumaha kaayaan rahayatna anu
dirundung kasusah waktu harita, sarta anjeuna henteu cicing tapi mikir terus sangkan bisa
nyalametkeun rahayatna.
Kadorong ku rasa nyaah ka rahayatna eta, anjeuna tuluy semedi di hiji kamar miharep
pituduh tinu maha kawasa, sahaweruh kalawan kitu anjeuna bisa miharep kanu tunggal,
dibere pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.
Ku bener-benerna ngado`a Alhamdulillah maksad Kangjeng Bupati kahontal. Dina
hiji wengi, kangjeng Bupati ngimpen kasumpingan aki-aki. Aki-aki eta make pakean sarwa
bodas sarta nyarita kalayan pohara eces incu kuring anu kasep sarta gagah eyang geus weruh
kumaha kabingung jeung kasusah anjeun, eyang hayang mantuan ambeh rahayat incu eyang
bisa leupas tina kasieun jeung kasalempangan. Gunung Gede kudu ditumbal ku keris pusaka
bobogaan incu kuring anu dijieun tina emas sarta eyang mihape incu ulah ngarasa nyaah sarta
hanjakal geus numbalkeun keris emas, tah sakitu wae tie yang.
Sanggeus ngomong kitu aki-aki eta langsung ngiles tina ngimpi kangjeng Bupati.
Sangges ditarimana ilapat atawa wejangan eta, kangjeng Bupati buru-buru kaluar ti kamar
sarta mawa keris pusaka bobogaanana, anjeuna buru-buru indit muru ka puncrut Gunung
Gede alatan Gunung Gede sieun kaburu bitu. Sanajan rahayatna waktu eta keur nandangan
kabingung, tapi nyaksian Bupatina indit ka puncrut gunung gede mah, maranehna henteu
caricing, henteu tega Bupati indit nyorangan sarta pamustungana mah maranehana oge indit
marengan Bupati ka puncrut Gunung Gede.
Sanepina di puncrut Gunung Gede, Kangjeng Bupati henteu lila ngadagoan, keris
emas anu dicekelna langsung dialungkeun ka kawah Gunung Gede. Rahayat anu tadi
nuturkeun anjeuna ukur bisa molohok sarta henteu percaya, alatan weruhna keris kasayangan
Kangjeng Bupati. Teu sakara-kara keris eta geus aya di kawah Gunung Gede, sabot eta oge
sora anu tadina ting baleledag angker pikasieuneun langsung leungit harita keneh, bumi anu
oyag kawas gempa langsung leungit teu karasa deui oyagna. Harita keneh rahayat langsung
surak suka bungah sarta langsung sujud ka Kangjeng Bupati, minangka tanda panuhun sarta
kabeh ikrar baris satia pikeun anjeuna. Ikrar eta ditarima ku Kangjeng Bupati ku
nkabungahan, hatena atoh lantaran bisa nyalametkeun rahayatna tina musibah. Tisaprak harita
Gunung Gede kasebut Gunung Tanpa Emas kunu nyicingan saterusna dirobah jadi Gunung
Tampomas.
Kitu pisan dongengna nsenaan asal muasal ngaran Gunung Tampomas, memang carita
ngenaan Gunung Tampomas anu berkembang di masyarakat Sumedang bejana aya sababara
persi, aya oge carita anu titik caritana di wewengkon Cipanas Buahdua tapi alur caritana
kurang leuwih sarua jeung nu didongengkeun nyaeta nyaritakeun Gunung Gede anu baris
bitu. Cag aahh
Rupina sakitu wae dongeng anu kapihatur, hapunten tina sagala kalepatanana, ditutup
ku Wabilahitaupik Walhidayah Wassalamualaikum Wr.Wb..

Anda mungkin juga menyukai