Anda di halaman 1dari 4

Tugas Bahasa Sunda Teks Wawancara

Kelas : X MIPA 1
Anggota Kelompok :
1.Adhin F
2.Akmal Alpariji R
3.Mukhlis Akmal Taher N
4.Nura W
5.Taani C
Pembimbing : Rani Septiani S.Pd
Kadisiplinan
Kadisiplinan mangrupa salah sahiji hal nu penting pisan jang kahirupan urang sadayana,Ceuk
Siswanto 2001 kadisiplinan nyaeta daweung ngajenan,ngajenan,tumut,sarta taat ka
aturan-aturan anu lumangsung,sae anu ditulis atawa henteu ditulis sarta sanggem
ngajalankeunana sarta henteu nyingcet kanggo nampi hukuman-hukuman na lamun
manehna ngarempak pancen sarta wewenang anu dibikeun pikeun manehna.
Tah ku kituna arurang sadayana salaku murid SMAN 2 Tasikmalaya kedah ngagungan
pribados anu disiplin.Kumargi tina disiplin eta bakal ngajadikeun murid murid di SMAN 2
Tasikmalaya gaduh prestasi anu sae.Salain ti eta jang jadi pibekeleun arurang
sadayana kanggo tingkat pendidikan anu leuwih luhur.
Tah Arurang ti kelas X MIPA 1 ngayakeun wawancara ka Satpam sekolah anu janten
narasumber na Wasta na teh pak Chaerul pak Chaeul tos janten satpam di sakola ieu 6
bulan jadi tos terang kana kabiasaan wargi SMAN 2 Tasikmalaya,Ieu patarosan sareng
jawaban anu arurang kenging ti Pak Chaerul.
Tabuh sabaraha gerbang SMAN 2 Tasikmalaya ditutup?
Mung gerbang payun ditutup na teh tabuh 06.45,mung upami aya nu bade nyebrang dipasihan
toleransi 1 menit.Upami gerbang pengker, kanggo siswa anu nyandak motor gerbang ditutup na
jam 06.30 atawa 06.35,mung upami siswa anu teu nyandak motor mah angger jam 06.45.

Rata rata aya sabaraha urang siswa anu sok kasiangan?


Henteu kantenan anu kasiangan mah,kadang kadang aya 5 urang , upami paling seeur kana 15
atawa 20 urang.

Upami Aya nu telat biasana alesan manehna naon?


Seeur alesan n amah tapi biasana mah mun teu sakit,telat mandina,nganteur keun rai na
,sareng ayeuna mah sok aya alesan anyar nyaeta GOJEK na telat saurna teh .

Upami aya nu kasiangan sok dipasihan hukuman naon?


Dipasihan toleransi 3 kali kasiangan,mung lamun atos 5 kali wayahna we berurusan jeung
K7,biasana anu tos telat 5 kali diuihkeun deui ka bumi na.

Salian ti telat pelanggaran naon wae salian ti kasiangan?


Salian ti kasiangan seeur pelanggaran anu sok dilakukeun ku siswa di SMAN 2 Tasikmalaya,
Nyaeta Dina segi Bahasa segi Bahasa di dieu kirang keneh seeur anu kirang sopan,kadua aspek
pakean pakean anu dipake ku siswa aya nu sok nyaliwang tina peraturan anu aya di SMAN 2
Tasikmalaya. Nu katilu aspek kasopanan aspek ieu anu paling seeur dilanggar contona ngaliwat
ka guru.

Aya teu cara jang siswa meh siswa teu ngalanggar deui?
Lamun anu kasiangan usahakeun mah berangkat ti imah teh jam 06.00 kan teu acan perjalanan,
jab ask macet dipayunen SMAN 2 Tasikmalaya mah,mung naek motor sorangan mah kana jam
06.20 an.

Kasimpulan
Siswa SMAN 2 Tasikmalaya teu aca sadayana disiplin kana atura anu aya di sakola ieu,Kedahna
Siswa n aka payun tiasa leuwih sae da disiplin mah seeur pisan kauntungannana ngan nya eta
da hoyong disiplin mah henteu babari kedah aya usaha anu keras,tapi da di SMAN 2
Tasikmalaya mah rata rata murid na atos disiplin ngan teu acan sadayana jadi kedah
ditingkatkeun deui kanggo kasaean sadayana.

Hatur Nuhun
Hatur nuhun pisan ka narasumber nyaeta pak Chaerul anu atos nyadiakeun
waktos sareng kasempetan kanggo di wawancara ku arurang sadayana.Hapunten
pisan bilih seeur kalepatan.
Dokumentasi

Anda mungkin juga menyukai