Anda di halaman 1dari 1

Nama : Naufal Cahya Ramadhandi

NIM : 1195020103

Kelas : 3-C BSA

Mata Kuliah : Sastra Sunda

Guguritan Dina Aksara Sunda

Guguritan, Naon nu di maksad tina guguritan? Guguritan nyaeta karangan puisi


mangrupa dangding nu teu kawulang panjang. Nuturkeun wawangunan, Guguritan kalebetkeun
kana wangun ugeran, nyaeta kauger ku patokan pupuh kulantaran dangding na teu panjang,
biasa na mah diwangun ku hiji pupuh sareng deui tara gunta ganti pupuh, sareng eusina teu
ngawujud kana carita.
Dibacana ge dihiringan ku lalaguanvanu tos matak jang pupuh eta atawa ngahaja janten
rumpaka dina pagelalaran seni Cianjuran, pupuh nu sering digunakeun dina guguritan nyeta
Dandanggula, Asmaranda, Kinanti, sareng Sinom.
Sajarah guguritan di tatar Sunda tos aya ti zaman Mataram, Malika Mataram nyerang
tataran Sunda nu perang jeng VOC, dugi ka VOC eleh di taun 1628-1629 sareng perang
dipatiukur, saatos eta tataran Sunda di kawasa ku Mataram.
Dina taun 1641, Raja sareng Bupati janten taklukan mataram, saterasna para pejabat,
raja jeng bupati diajar karya sastra nu lepat, salah sahijina guguritan.

Anda mungkin juga menyukai