Anda di halaman 1dari 2

7.

Sistem Agama
Awalna, lob masarakat diluar anu nyebutkeun yen penduduk di kampung naga nganut agama
islam baheula. Cenah penduduk di kampung naga nganut ajaran sesat soalna maranehna
ngalaksanakeun solatna ngan sapoe sakali .Didieu aya hiji tafsiran anu salah nyaeta ngeunaan maksud
anu salah nyaeta ngeunaan solat sapoe sakali. Paktana warga di kampung naga tetep migawe solatna 5
kali dina sapoe sapeting. Jadi, maksud tina solat sapoe sakali the nyaeta, sakali dzuhur, sakali ashar,
sakali magrib, sakali isya, sakali subuh.
Penduduk Kampung Naga ngaku mayoritas agamana nyaeta agama islam , tapi sakumaha
parantos kauninga yen masarakatna ge masih nyekel pageuh adat istiadat jeung kapercayaan
karuhuna.
Nurutkeun kapercayaan masarakat kampung naga, ku ngajalankeun adat istiadat warisan
karuhun oge eta tos nunjukeun panghormatan ka para leluhur. Sagala hgal anu datangna lain ti
karuhun kampung naga, jeung sagala hal anu teu pernah dilakukeun karuhun eta dianggap tabu atawa
pamali. Lamun hal-hal nu di anggap tabu di pigawe ku masarakat kampung naga berarti ngalanggar
ada, teu ngahormat karuhun, hal ieu bakal ngadatangkeun malapetaka.
Masarakat kamoung naga masih percaya kana takhayul nyaeta ayana makhluk anu go’ib anu
ngeusian atawa nyicingan tempat-tempat tertentu anu dianggap sanget.
Kapercayaan masarakat kana makhluk go’ib masih dicekel kuat pisan. Percaya ayana jurig
cai, terus ririwa, kunti anak eta masih dipercaya ku masarakat kampung naga.
Sedengkeun tempat anu dipercaya sanget nyaeta sapertos makam sembah eyang
singaparna,bumi ageung, jeung sajabana
Dina masalah upacara, di kampung naga aya upacara-upacara adat anu sok dilaksanakeun ku
masarakat sanaga anu waktuna sesuai jeung hari besar islam nyaeta :
a) Bulan Muharam keur nyambut datangnaTahun Baru Hijriah
b) Bulan Maulud keur mepeling hari lahirna Nabi Muhammad SAW
c) Bulan Jumadil Akhir keur mepeling pertengahan bulan Hijriah
d) Bulan Nisfu Sya’ban keur nyambut datangna bulan suci Ramadhan
e) Bulan syawal keur nyambut datangna Idul Fitri
f) Bulan Zulhijah keur nyambut datangna Idul Adha
8. Unsur-Unsur Inovatif Kampung Naga
Berdasarkan observasi, kampung Naga ngabogaan sababaraha inovasi diantarana :
Ayana pangaweruh masalah pare. Nyaeta pare lokal anu dipercaya ku masarakat yen pare
lokal the ngabogaan system pertahanan mangrupa benda tajem sahingga aman tina manuk. Jadi,
diantara masarakat kampung naga anu milih melak pare lokal btan nu lainna.
Salajengna inovasi anyar anu jadi cirikhas kampung naga nyaeta kerajinan anyaman Rigen.
Terus nu lainna nyaeta tina segi posisi ruangan di jero imah adat nyaeta posisi dapur anu aya
diharepeun imah. Anu tujuana supaya masarakat lainna bisa nyaho imah anu mana nu teu ngebul
atawa teu masak, sahingga masarakat lain bisa silih bantuan. Hal ieu mangrupa wujud solidaritas
masarakat kampung naga the luhur pisan. Ieu mangrupa hal leutik namung manfaatna pikeun
dipiconto ku masarakat indonesia sangkan urang bisa jadi jalma-jalma anu manfaat pikeun jalma anu
sanesna.
Gotong royong ngajadikeun masarakat kampung naga bisa bertahan nepi ka kiwari.
Masarakat kampung naga ngabogaan prinspat atawa falsafah hirup anu ngajadikeun kahirupan
masarakat senantiasa rukun jeung kabudayaan tetep lestari nyaeta :
 Panyaur gancang temonn
 Parentah gancang lakonan
 Pamunut gancang caosan.

PANUTUP
Tina pembahasan di luhur, Kampung naga mangrupa kampung anu unik dimana masarakatna
tetep kudu ngajaga budaya warisan leluhurna ku prinsip gotong royong. Ngutamakeun kapentingan
umum daripada kapentingan pribadi. Sareng anu paling penting naha masarakat tetep eksis di tengah
Modernisasi jeung Globalisasi dikarnakeun budaya nu senantiasa dijaga jeung di
lestarikeun.primitifitas atawa adat istiadat asli paninggalan nenek moyang eta kedahna bisa jadi
treadceneter jeung mangrupakeun kabanggaan pikeun urang anu jadi ahli warisna sabab jadi daya
tarik pikeun turis lokal atawa ti luar negri keur dijadikeun bahan observasi. Bapak kuncen oge nyarios
kieu “ Ulah era jadi kampungan,sabab upami hoyong jadi ortodoks perlu waktu nerabad-abad,
tapi lamun hayang jadi modern, sajam oge bisa”
Jadi kasimpulana adat jeung istiadat masarakat kampung Naga bisa bertahan nepi ka ayeuna,
sanajan kamajuan jaman sakitu owahna, masarakat kampung naga tetep bertahan kusabab ayana
Budaya anu senantiasa dicekel pageuh ku masarakatna.

Anda mungkin juga menyukai