Anda di halaman 1dari 5

LAPORAN KAGIATAN MIELING KALAHIRAN

NABI MUHAMMAD S.A.W

Disusun Ku :

Rangga Tian Permana

SEKOLAH MENENGAH PERTAMA ISLAM TERPADU

ANNUR BARUDUA

2022
CARITA PANGJAJAP

Bismillahirrahmanirrahim

Puji sareng syukur panulis panjatkeun kehadirat Allah SWT anu atos masihan

rahmat sinareng hidayah-Nya sahingga panulis bisa ngarengsekeun tugas laporan

kagiatan pangajaran Basa Sunda anu jejerna “Mieling Kalahiran Nabi Muhammad

SAW (Maulid Nabi)”.

Panulis teu hilap ngucapkeun hatur nuhun ka Bapak Aceng Saepuloh anu atos

masihan bimbingan dugika ieu laporan tiasa rengse. Teu hilap panulis ngucapkeun

hatur nuhun oge ka rekan-rekan anu atos masihan bantuanna sacara moril atawa

materilna.

Laporan ieu laip tina kakurangan sarta kalewihanna. Ku kituna , kritik sareng

saran panulis hareupkeunn kanggo kasampurnaan laporan ieu diwaktos payun.

Mugia laporan ieu bisa mangfaat khususnya panulis sareng umumna anu maca.

Garut, Oktober 2022

Penulis
Laporan Kagiatan Mieling

Kalahiran Nabi Muhammad SAW (Maulid Nabi)

1. Tujuan Kagiatan

Pikeun pangeling-ngeling umat muslim dina enggoning ngaronjatkeun

kaimanan jeung kataqwaan.

2. Tempat Kagiatan

SMT IT Barudua

3. Waktu Kagiatan

Dinten Minggu, 30 Oktober 2022.

Tabuh 08.00 – rengse.

4. Panitia Kagiatan

Ketua : Rangga Tian Permana

Wakil ketua : Yudha Ferdiansyah

Juru tulis : Endah Nuraini

Bendahara : Rena Marlina

Pamilon Kagiatan : Pamuda / pamudi katut warga satempat.


5. Waragad Kagiatan

Ongkos narasumber : Rp 500.000,-

Snack / jamuan tamu : 200 pamilon x Rp 10.000,- = Rp 2.000.000,-

6. Eusi Kagiatan

Disebatna bulan Maulud nyaeta bulan dibabarkeunna panutan urang sadaya

Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Sahingga dina bulan ieu umat Islam saluruh dunya

mieling kana poe dilahirheunnana.

Urang kedah seneng ku dongkapna bulan Mulud ieu, urang salaku umat islam

pantes pisan mun mieling dinten dilahirkeunna jungjunan urang sadaya Nabi

Muhammad SAW. Margi diantarana ku ngarayakeun pangeling-ngeling ieu tandaning

urang sadaya syukuran kana dipaparinkeun ku Allah SWT ka urang sadaya, nyaeta

dikersakeun urang jadi umat Kangjen Nabi Muhammad SAW, eta salah sahiji

kani’matan sarta kauntungan nu kalintang saena, sabab umat Nabi Muhammad SAW

umat anu pangmulya-mulyana.

Dina Maulid Nabi oge urang sadaya tiasa ningkatkeun kaimanan sarta kataqwaan

sangkan jadi umat anu aya dina karidhoan Allah SWT. Sarta tiasa nyonto kana sikap-

sikap Nabi Muhammad anu jadi tauladan urang sadaya.


7. Kasimpulan

Disebat mieling Maulid Nabi Muhammad SAW dina bulan eta kalereusan

kangjen Nabi dilahirkeun. Ku ngarayakeu pangeling-ngeling ieu teh tandaning

bersyukur ka Gusti Allah SWT anu tos ngajadikeun Kangjeng Nabi salaku Nabi urang

sadaya. Kajujuran, kasabaran, sarta kataqwaan Kangjeng Nabi patut ku urang diconto.

Mugi dina mieling Maulid Nabi urang saday langkung sae dina parilaku salaku umat

islam.

Anda mungkin juga menyukai