Anda di halaman 1dari 6

PANGAULINAN BARUDAK BAHEULA

Di hiji desa anu asri tur endah, aya pamuda pamudi anu kacida geulis jeung kasep, pamuda pamudi di
desa eta masih nga jaga ngamumule kaulinan jaman baheula nepika kiwari, di hiji waktu pamuda desa
dek ngurek ka sawah

Udin (Agi) : dek kamarana euy?

Hendar (Alfareza) : kasawah, dek ngurek din. Milu moal? Lumayan mun meunang keur arurang dahar
ngke beurang

Udin (Agi) : hayu atuh, urang ngilu

Salila barudak lalaki ka sawah ngala belut/tutut. Ditempat sejenna barudak awewe jeung deden keur
maen kaulinan beklen jeung congklak, dll.

*Eceu, Deden jeung Eem maen beklen. Ngan salila maen si Deden tara baleg maenna.*

Eceu (Hanum) : ah si deden mah teu baleg maenna!

Eem (Keisa) : heeh, geus we maen jeung nu laen ai teu bisa maen beklen mah

Deden (Qalby) : yaudah..

*Deden ngadatangan Ika jeung Ike nu keur maen congklak*

Deden (Qalby) : dek ngiluan atuh euy

Ike (Gia) : teu tiasa, da atos pas duaan maen congklak mah

Deden (Qalby) : ai eta tiluan jeung si lilis

Lilis (Susan) : naon da urang mah ngan ningalikeun hungkul

Ika (Anggi) : kaditu we atuh ngala tutut jeung lalaki nu lain, tong ngilu maen jeung awewe wae

Deden (Qalby) : ah sarua keneh bohong ulin jeng lalaki ge teu di baturan urangmah

Lilis (Susan) : nya bonganna we ulin teh jeung awewe wae

*di sawah*

Ucil (Tri Indra) : ah aingma meuni areweh kie ie teh! Nyarumput kitu tututna nya?

Aceng (Hazim) : yey naon jadi nyalahkeun ka tutut, eta mah maneh we nu teu baleg neangannana

Ucil (Tri Indra) : naon urang hungkul nu disalahkeun teh

Jajang (Azis) : nggeus lah, kalakah rarecet. Buru teangan dei, meh bisa darahar
Hendar (Alfareza) : An turun ai mane lakah cicing wae

Aan (Fauzi N) : Ahh urang mah ker kaligata yeuh tinggali watka barerem kieu

Jaka (Razib) : Ngges we cicing maneh mah di sisi ninggaliken we nyaho menang loba

Jajang (Azis) : eta deui maneh bagja lakah cicing nyenyepeng ember lainna turun kadie ngilu ngala tutut

Bagja (Reihan) : ker hoream kokotoran euy

Jajang (Azis) : Ahh olo olo hirup teh

Udin (Agi) : Tah ie yeuh! Urang manggih!

Jaka (Razib) : Alhamdulillah..

All : mana? Mana? *sabari lalumpat ka si Udin*

Udin (Agi) : Yeuh! *ngangkat jari nu ngabentuk lope*

Bagja (Reihan) : Yey garetek kitu *bari ngabirigidig*

*Si Udin(Agi) didorong ku si Adi(M.Fauzi) nepi ka labuh, kotor sa awak awak. Dituluyken jadina perang
lumpur kabehan nana*

Hendar (Alfareza) : nggeus ari saria, bisi kaburu peuting. Leuwih hese neangannana.

*Ngalanjutkeun nyari tutut/belut nepikeun manggih loba*

Sabari nungguan Barudak Lalaki ngala tutut/belut. Barudak Awewe na nyiapkeun keur masak. Geus
beres nyiapkeun, Barudak Lalaki na daratang jeung awak nu geus karotor

Iteung (Anisa) : alah meni karotor kie ih

Bagja (Reihan) : tah tingali! Geus menang tututna loba kie menang ngala urang loloba namah

Adi (M Fauzi) : ah naon maneh mah loba cicingna

Jajang (Azis) : yey naon si deden mah gening aya di die, ngagabung wae jeung awewe

*Deden nundukeun muka*

Neneng (Eca) : gandeng lah, geus buru kadinyakeun tututna dek dipasak

Icih (Sorin) : sok buru kadieken eta tututna dek di bersihan

Mina (Melvy) : meni sok sok tong loba hararese kadieken tututna

Ita (Elsa) : kadieken atuh ujang kasepp meh tereh asak

Esih (Mutia) : Maraneh ayeuna mah bebersih hela we eta meni bobolokot ku letak kitu barau ihh geleh
ninggalina

Marini (Zahra) : heeh ihh sok sok gera bebersih, ke urang tuang babarengan
Teu jauh ti dinya di tengah sawah aya Dwi, Imas, Dedeh, Dahayu, Devi jeng Eros ker ngadaweng di
tengah sawah bari ninggali pamandangan sawah anu endah

Imas (Widi) : Asa ngeunah kie ngahuleng di tengah sawah teh ningan

Dwi (Lena) : ai maneh kamana wae atuh urang mah unggal poe ge ninggali sawah

Devi (Fatiha) : ahh da si imas mah kahirupan nateh di kamar we nyilenglem jigah hayam

Dedeh (Edlyn) : Leheng mun endogan cicing di kamar teh ieu mah lakah sare we jeng sare

Eros (Asri) : heeh teing da si imas mah di samper ku urang teh teu woleh we ker sare

Imas (Widi) : bae atuh sare teh nikmat asa poho sakabeh pikiran teh

Ker maranehna ngobrol jol datang Tuti, Mira, Denok, Tika jeng Ela lempang ka arah sawahkeun,
maranehna dek lempang ka sawah neangan angin kusabab maranehna bosen ulin wae di imah

Tuti (Najla) : kela kela naha itu teh asa si imas jeng barudakna

Mira (Floristi) : heehnyaa ker naraon di darieu

Tika (Salsa) : tumben tumbenan nya ulin di sawah cicing

Denok (Nabila) : heeh biasa nage si imas sare we jeng sare di imahna tara kaluar

Ela (Nofa) : bae atuh kumaha maranehanna nana we dek kitu dek kie ge

*Teu kungsi lila ges ngobrol kitu maranehna indit deui lelempangan*

Sorena barudak lalaki ker di lapang maen kaleci

Trisna (Trias) : Hayu ahh urang maen kaleci

Aceng (Hazim) : sok lah pasangan 10 ewang

Jaka (Razib) : wani lah sok derkeun barudakk

Barudak (Kabeh) : hayuu lah sok

*Barudak Lalaki maen kaleci nepika si Jaka eleh da depot wae*

Jaka (Razib) : Ahh lier aingmah asa eleh wae

Adi (M Fauzi) : manemah daa depot wae matak elehh

Jajang (Azis) : Matakan cing bener gera maen teh tong herey wae manehmah

Hendar (Alfareza) : Selebrasi we tuluy da maneh mah menang hente eleh heeh
Udin (Agi) : rungkad ahh manehmah

Bagja (Reihan) : Hayu ahh balik ges sore kie bisi di culik ku kalongwewe

Aan (Fauzi N) : Heeh ahh hayu balik ie urang ges gimpa kie

Ucil (Tri Indra) : Ahh da maneh mah bongan saha puguh ker gering kaligata kalah ngilu ulin jadi kitu

*Barudak balik ka imahna masing masing kusabab ges datang waktu maghrib*

HARI BERIKUTNYA

Isukan berangna, Barudak Lalaki keur ngarumpul bari maraen langlayangan di imah si Adi

Hendar (Alfareza) : ah meni lila kie gantian pamaenna

Aan (M Fauzi) : geus we atuh tong maen langlayangan lah

Jajang (Azis) : heeh nu bisa di maenkeun ku lobaan we

Aceng (Hazim) : maen bal we atuh

Bagja (Reihan) : alah hoream keur ngaheab kie, tungguan rada sore we

Adi (M Fauzi) : terus sabari nungguanna rek naon?

Yayat (Azka) : cicing di masjid heula we atuh, da bentar deui ge adzan dzuhur

Barudak (All) : siap pak haji..

Saberesna ti masjid, barudak lalaki teh tuluy ka lapangan keur maraen bal

Jajang (Azis) : hayu ah ayeuna arurang bagi jadi dua kelompok heula, nu eleh di bere hukuman kudu
ngakod nepika walungan, sok buru gambreng hela

Barudak (Semua) : Heeh hayu

*Tuluy Barudak lalaki maen bal nepika grup si Yayat eleh jadi grup si Yayat kudu ngakod grup si Jajang
nepika walungan*

Aceng (Hazim) : ehh eta si Jaka rek kamana? Ie walunganna ge didie

Aan (Fauzi N) : oh heeh, apan si Jaka teh karek kadie ai saria mah teu dibejaan

Adi (M Fauzi) : pan eta si ucil di angkot ku si jaka, kuduna mah dibejaan ku si eta

*Si Ucil ningali katukang bari ngaluarkeun jari tulunjuk, marentah ka barudak meh caricing we*

Udin (Agi) : alah watir kitu eta si Jaka

Hendar (Alfareza) : ah enggeus bae lah, arurang mah tiheula weh geus hareudang kie teu kuat
*Jaka jeung Ucil POV*

Jaka (Razib) : cil, ai ie teh dimana walunganna? Masih jauh teu?

Ucil (Tri Indra) : walungan? Eta geus kalewat walungan mah

*si Jaka cicing*

Jaka (Razib) : euh naha atuh teu ngabejaan titadi? Ie jadi jauh dei kadinyana

Ucil (Tri Indra) : apan nganter urang meuli nginum heula jak

Jaka (Razib) : geus we ah turun didie maneh mah, geus nyaho beurat

*sabari si jaka ninggalkeun si ucil*

Ucil (Tri Indra) : yey naon pundungan maneh mah *nyusul si jaka*

*diwalungan*

Aceng (Hazim) : tah daratang *ningali si jaka disusul jeung si ucil datang ka walungan*

Hendar (Alfareza) : ahh meni lalila

Ucil (Tri Indra) : tah pundung si jaka na ge, teu rame

Adi (Fauzi M) : naha atuh meni reuseup ngajailan wae batur the

Udin (Agi) : nggeus sok sok, geus ditungguan tatadi teh

Hendar (Alfareza) : enya hayu atuh buru

*barudak langsung ngaloncat abus kanu walungan, maraen teu inget waktu nepi ka deket maghrib.
Didatangan ku si eceu jeung barudak awewe nu lain*

Eceu (Hanum) : ehh buru kadarie, geus deukeut maghrib moal darahar? *sabari mawa rantang isi
dahareun*

Bagja (Reihan) : tah kie ngeunah ges beres maen diwalungan teh langsung dahar

Eceu (Hanum) : enya sok babasuh heula, karek darahar

Barudak : siapp

*geus beres babasuh sagala, barudak lalakina langsung nyaramperkeun ka si eceu jeung babaturan keur
dahar ramean*

NASEHAT. END.

Anda mungkin juga menyukai