Anda di halaman 1dari 164

PANGJAJAP

Puji sinareng syukur simkuring sanggakeun ka


hadirat Allah SWT, ku sabab nikmat sareng rahmatna
sadayana siswa kelas XI-F tiasa ngarengsekeun ieu buku
kumpulan carpon kanggo nyumponan salah sahiji pancen
Mata Pelajaran Basa Sunda ti Bapak Ahmad Rijal
Nasrullah, M. Hum.
Kumpulan carpon ieu hasil karya siswa-siswa ti kelas
XI-F anu digabungkeun dina hiji buku. Tujuana nyaeta
kanggo ningkatkeu kreatifitas, kawanteran, sareng
kapercaya dirian siswa kelas XI-F dina ngadamel carpon.
Tungtung basa ti sadaya murid kelas XI-F
ngucapkeun hatur nuhun ka Bapak Guru anu parantos
ngabimbing dina ngadamel ieu buku kumpulan carpon,
oge mudah-mudahan ieu karya sastra tiasa masihan
manfaat kanggo siswa pikeun diajar ngeunaan carita
pondok.

Cianjur, 15 Februari 2023

i
DAFTAR EUSI

PANGJAJAP .................................................................. i
DAFTAR EUSI.............................................................. ii
Bingungeun .................................................................... 1
Pangalaman di Majalengka ......................................... 7
Berobah ........................................................................ 16
Babaturan Dami .......................................................... 21
Sang Panginget Ngimpi .............................................. 31
Taun Baru .................................................................... 36
Elios .............................................................................. 40
Pandemi ....................................................................... 44
Pambarontakan Ngalawan Dewa .............................. 46
Kaendahan Sosobatan ................................................ 52
Liburan Ka Bandung.................................................. 60
Babaturan .................................................................... 62
Latihan Sepakbola di SBB Yudhistira ...................... 67
Nalika Anjeun Resep Ka Batur tapi Anjeun Teu
Tiasa Ngalawan Insecure ........................................... 71
Carita Luthfi di Taun 2015 ........................................ 76
Antara Kuring, Anjeun, jeung Manehna ................. 80
Teu Meunang Nyandak HP Ka Sakola Keur SMP.. 88

ii
Diklatsar Paskibra Kabupaten Cianjur.................... 93
Panata Calagara Lomba Kamerdekaan ................. 104
Impian Si Lintang ..................................................... 110
Kaduhung Aya Dina Tungtungna ........................... 114
Kenangan Dina Pelantikan ...................................... 121
Ksatria Bulan ............................................................ 125
Liburan Ka Kebon Binatang ................................... 130
Kajuaraan Pencak Silat .......................................... 134
Pangalaman Hidup ................................................... 139
Eli di Naga Bodas ...................................................... 142
Hari - hari Sakola...................................................... 148
Liburan Ka Jogjakarta............................................. 154

iii
Bingungeun
Aisha Azma Syahidah (2022)

Dina hiji poe, aya budak anu keur ameng jeung


babaturanana nami budak eta teh nyaeta lili. Lili teh lahir
ti kaluargi anu cukup, ngan lili teh ngarasa kurang wae
lantaran emak jeung bapak lili teh damel wae. Jadina lili
ngerasa eweuh nu bisa ngertian jeung nemenan lamun lili
di bumi. Lili sok iri ka hirup babaturanna nu emak jeung
bapakna merhatikeun tiap gerak gerik anu dilakukeun ku
anakna, tapi lili teu bisa.
“ lilii, emak jeung bapak rek dameul hela nya” ceuk
emak lili bari ngaluarkeun motor anu rek dipake damel.
Lili ngan cicing bari ngucek mata lantaran karek hudang
tina sare na. emak na lili teh damel jadi tukang salon anu
terkenal di kota na matak eta teh emak lili kadang sok nga
lembur. Bapak na lili damel di perusahaan caket salon
emakna lili.
“lili rek nitip naon, engke bapak pangmeulikeun”
ceuk bapak teh bari rek nutup panto.“lili teu hoyong
nanaon atuh pak, ngan uih emak jeug bapak kudu
gancangnya” ceuk lili. “ teu bisa kumaha lili atuh ai
dameul mah , engke bapak baliknya jeung emak rada
peutingnya “ ceuk bapak. Lili teh ngan cicing sabari diuk
pasrah di hareupen tv. “andai we emak jeung bapak teh

1
ngajakan lili mun rek mangkat ameh lili teu sorangan
wae” gumam lili teh.
“lili, hayu urang maen” ceuk budak anu aya di
hareupen pager imah lili teh. Eta teh babaturanna si lili
namina lala. “ heeh la kedap” ceuk lili ti jero imah teh. Lili
jeung lala teh jalan ka taman lantaran rek maen jeung
babaturan nu laen. Pas keur di taman teh lili ningali emak
na si lala ngadekeutan ka arah taman. “la, ngkin balik
ameng na tong ka imah nya, ka imah nini heula “ ceuk
emak na lala teh. “ kunaon kitu mak “ ceuk si lala teh.
“emak jeung bapak rek ngajakan lala ameng ka luar, lili
milu moal pan di imah teu aya sasaha” ceuk emak na lala.
“heeh li milunya” ajak si lala.
“aduh, urang kudu kumahanya, rek milu tapi era,
ngan mun sorangan dirumah deui oge da embung” gumam
si lili the. Akhirna geus lili mikir teh, lili rek milu ameng
jeung kaluargi na lala. “emang rek ameng kamana la “
ceuk lili. “urang oge teu nyaho li, jigana ka pasar malem”
ceuk lala. “ lainna etamah rada jauhnya la, urang ngke
balik make naon”ceuk lili. “paling oge mak jeung bapak
urang marake mobil keur kaditu na “ceuk lala.
“lili hayu ah urang ka rumah nini nyampeurkeun
mak jeung bapak” ceuk si lala. “hayu ah meh gancang
nyampe na engke kaburu tutup kumaha “ ceuk si lala.
Jalan si lili jeung lala teh ka imah nini na lala. “ mak iyeu
rek mangkat make naon “ ceuk si lala. “ make mobil la,
engke bapak kadieu mawa mobil ti imah” ceuk emakna
lala.

2
“tinn tin” sora klakson mobil anu aya di hareupeun
imah nini na lala, eta teh mobilna bapak si lala. “ lili, tadi
bapak lewat hareupeun imah lili, ngan teu aya sasaha jadi
bapak acan menta ijin ka emak jeung bapakna lili” ceuk
bapakna lala teh. “emak jeung bapak mah karek balik
peuting pak jadi eweuh di imah” ceuk lili. “ oh muhun
atuh engke urang telepon wae mun di titah balik urang
artosan” ceuk emak na lala.
“hayu atuh urang mangkat ya li, la” ceuk emakna
lala. Lili jeung lala teh ngaberebet asup ka mobil lala. “ li,
maneh kunaon cicingeun kitu ai tadi mah siga cacingan
ayeuna kalah cicingeun” ceuk si lala nu heran. “urang
ngan ka ingetan. Geus lila nya urang teu ameng jeung
keluarga urang” ceuk lili teh. “ teu nanaon atuh li jeung
abdi ge, pan mak jeung bapak lili ge damel keur lili oge”
ceuk lala. “ heeh la nuhunnya” ceuk lili. “ masih rada jauh
pasar malem nu caket alun alun mah, lili jeung lala rek
bobo heula ge mangga nya” ceuk emakna lala.
“dimana nya urang naha didieu” ceuk si lili heran
geus aya di pasar malem deui. “li hayu urang balik geus
peuting iyeu teh” ceuk salah sahiji urang anu aya didinya,
eta teh emakna lili. “ mak naha aya didieu, emak na lala
kamana?” ceuk lili teh bingungeun. Mak na lala teh ngan
cicing teu ngajawab ka si lili teh. Bari heran teh si lili
ningalikeun anu aya di sisi sisina bari heraneun. “urang
teh pan tai kadieu jeung kaluargi na si lala, naha emak
make aya didieu” ceuk lili na jero hate.

3
“ lili rek meser jajanan moal, eta aya loba, engkenya
urag meuli gulali heula keur lili” ceuk emakna lili. “ lili
ieu aya minuman keur lili yeuh” ceuk bapak anu tiba tiba
datang nyampeur keun. Lainna girang, lili teh heran naha
emak jeung bapak teh aya didieu jeung perhatian pisan ka
lili. Lili teh hese nyario lantaran heran. Rek nyarios oge
kumaha bilangna ai ayeuna kieu mah.
“li, hayu urang bali, enjing urang ka dieu deui” ceuk
emakna. Akhirna lili teh balik jeung kaluarga na. namun
geus satengah jalan teh lili karek sadar, nu masih keun
jajanan ka lili the emak. Ngan naha tanganna teh lain
tangan emak.
Lili teh cicing di mobil merhatikeun tangan emak.
Pek teh bener eta mah naha emak tapi tanganna robot. “ai
iyeu kunaon sih urang the mimpi atawa naon” ceuk lili na
jero hate. Lili teh nengok ka bapak nu keur nyetir mobil.
“ eh heeh naha tanganna bapak oge robot da lain tangan
bapak etamah, urang cape meureun nya jadi kitu, tidur
wae ah.” Ceuk lili dina jero hatena deui.
Geus nyampe di imah lili teh terus di perlakukeun
jiga ratu ku mak jeung bapak na nu rada beda ieu teh. “ lili
dieu urang nonton babarengan” ajak emak ka lili nu keur
tiduran di kamar teh. “ heeh mak” lili teh nyampeurkeun.
Lili teh kaget naha emak jeung bapak tanganna masih
keneh robot lain normal. Tapi da ku emak jeung bapak nu
ieu teh lili diperlakukeun jiga ratu jeung dianggap, teu jiga
kamari kamari. Jadi lili teh rek terus terang ngan lili
nyaman ku emak jeung bapak nu jiga kieu

4
Nyampe suatu hari lili geus seneng pisa nyampe
poho boga batur nyaeta lala. Lala teh nyamper si lili. “ li,
tulungan urang” ceuk lala ngos ngosan bari asup ka teras
lili. “kunaon ai lala? “ ceuk lili teh. “ engke we carita mah,
urang sieun” ceuk lala. “ hayu atuh asup heula ka imah
urang” ceuk lili. “ eh aya lala, engke nya urang buatkeun
kue jeung lala” ceuk mak na lili nu ningali lili jeung lala
rek asup ka kamar. “ heeh mak” ceuk lili teh.
“li, maneh teu nyadar kitu?” ceuk lala. “ nyadar
naon da urang geus sadar yeuh teu sare” ceuk lili. “ ih lain
eta” ceuk lala teh, “ naon atuh laa” ceuk lili teh. “ eta
indung maneh lengeun na geus diganti ku robot, sarua
jeung mak jeung bapak urang “ ceuk lala. “ terus kunaon?”
Tanya si lili teh. “ engke teh maneh di paksa nga
gantikeun tangan maneh ku robot oge nyaho mun maneh
rek boga emak jeung bapak nu perhatian ka maneh salama
na” ceuk lala. “ ah masa we” ceuk lili. “ maneh mun di
ajak kitu mending urang ngumpet heeh” ceuk lala.
“ li, la, ieu nya kue na, lili ikut emak heula yuk
sakedap” ceuk emak na lili teh. “rek naon mak?” ceuk lili
the. “ milu heula we sakedap” ceuk emak na lili. Lili teh
asup ka kamar emak ngan bedua hungkul. “lili geus nyaho
pan? Tanya emak na lili. “ nyaho naon mak” ceuk lili
ngaderegdeg. “ayeuna, mun lili rek emak jeung bapak aya
wae jeung lili setiap poe, lili kudu nurutan lengeunna jiga
leungen emak” ceuk lili.
“emak nanaonan ah sok becanda wae, eta lengeun
emak bobohongan pan? “ ceuk lili ngarasa panik.

5
“henteu li, abdi oge geus nurutan da...” ceuk lala anu
tiba tiba aya di depan lili jeung emak na lili. “hah lala naha
maneh nurut, lainna tadi mah embung naha ayeuna geus
ka ganti” ceuk lili heran. “iyeu urang kunaon sih, loba
dosa mereunnya jadi kieu” ceuk lili na jero hate.
Teu karasa nanaon tiba tiba pala lili teh nyeuri. Pek
teh digebuk ku si lala. “ lili ai maneh kunaon jiga nu stress,
riweuh sorangan teu aya nanaon ge” ceuk si lala. “ li ai
tadi urang keur naon “ ceuk lili da heran tadi mah jiga
aslian. “ maneh ti tadi sare bari riweuh jadi urang gebuk
pala maneh” ceuk lala. “pantes da nyeuri, eh lengeun
maneh naha biasa keneh” ceuk lili. “maneh kunaon si,
maenya tangan urang berubah, jadi robot kitu?” ceuk lala
teh.
“robot jiga kieu?”

TAMAT…

6
Pangalaman di Majalengka
Alifa Sapta Maulidi (2022)

Dina poe Jumat, Tanggal 09 November 2018 abdi


Turnamen maen bola di Majalengka sareng rerencangan
di SSB Atep seven, Abdi berangkat sareng si bapa di
bumi tabuh 08.00 kumargi abdi butuh suport DARI
keluarga abdi ngajakan bapa abdi supaya abdi ge bisa
jajan wareg, abdi sareng bapa berangkat di bumi ka Jalan
Pramuka nyampe 15 menit, terus abdi sareng bapa
nungguan rerencangan NU lainna.Selang waktu abdi
sareng rerencangan abdi tos ngumpul di jalan Pramuka
Bade siap siap berangkat ka Majalengka.
Bapa: “ Lip rek nungguan dimana”
Alip: “Tungguan di warung itu we pa”
Bapa: “Sok Atu tihela”
Bapa: “Ari barudak NU lain na dimarana keneh”
Alip: “Ciganamah ker kadieken pa”
Te Lila ges ngobrol jeng si bapa Aya babaturan
karek datang ngarana Iqbal jeng kolot na.
Iqbal: “Lip ti iraha ngadagoan Didie”
Alip: “Aya 5 menitan mah bal”
Iqbal: “Tadi kadie make naon lip di anterken Lin”
Alip: “Heeh bal di anterken ku om urang
Abdi sareng rerencangan berangkat ka Majalengka
nganggo mobil pribadi Aya 4 mobil pribadi nu siap

7
menuju tujuan abdi sareng rerencangan maca doa Hela
supaya di perjalanan di beri kalancaran salamet sampe
tujuan.
Coach: “ Fiqri pimpin baca doa supaya lancar di
perjalanan”
Fiqri: “ Siap coach”
Fiqri: “Teman-teman dan pelatih sebelum kita
berangkat alangkah baiknya kita baca doa agar
diperjalanan diberi kelancaran”
Barudak: “Aaminn”
Fiqri: “Baca doa dipersilahkan”
Fiqri: “Selesai”
Fiqri: “ Atep seven”
Barudak: “juara”
Tos beres maca doa abdi sareng rerencangan lebet
ka mobil Bade siap siap berangkat,Lanjut ka perjalanan
abdi sareng rerencangan di Jero mobil ngobrol-ngobrol
jeng hereuy Di tambah Sabari ngemil Supaya hente bosen
pisan ker di perjalanan.
Abdi sareng bapa mobil na misah abdi sareng
rerencangan si bapa sareng orang tua rerencangan abdi
jadi di pisah orang tua-orang tua pamaen-pamaen lanjut
ka perjalanan abdi Atos ngobrol sareng ngemil abdi
sareng rerencangan bobo di mobil,Singkat waktu tabuh
11.35 mobil ereun abdi te apal tempat na hilap dei tapi
sainget abdi di ereun pas di tengah perjalanan kumargi
hari Jumat kudu jumatan khusus lalaki wajib trus abdi
sareng rerencangan di hudangken ku supir nitah turun

8
kumargi rek sholat Jumatan abdi sareng rerencangan
turun di masjid istirahat hela di luar Sabari menghirup
udara seger trus pas didinya abdi ngobrol Hela jeng
rerencangan.
Tos ngobrol-ngobrol abdi sareng rerencangan lanjut
ka tempat air wudhu kumargj lamun sholat kan kudu
wudhu Hela tapi abdi ka WC hela kumargi kahampangan
Atos da di WC abdi lanjut ka tempat wudhu Tos wudhu
abdi sareng rerencangan langsung ka mesjid siap siap
jumatan, Tah pas khutbah tos di mulai abdi ngarasa
tunduh rerencangan abdi Oge ngarasaan kitu tunduh abdi
bobo Hela sakedap Tapi hente sampe ngalenyap Masi
sadar keneh, Tos Kitu teh komat abdi langsung hudang
kumargi Bade dilaksanaken sholat Jumat.
Tos beres sholat Jumat abdi sareng rerencangan
kaluar di masjid trus cicing Hela di luar Sabari istirahat
tuang Hela pas tabuh 13.00 langsung lanjut perjalanan dei
kumargi Masi lumayan lami nepi ka tujuan na, pas Atos
naek ka mobil abdi lanjut dei herey jeng babaturan sampe
Aya hiji babaturan di sumputken hp na nepi nu boga hp
na rek cerik kumargi di sumputken,Trus hp rerencangan
abdi pun di pasihken ka nu boga hp na tos di pasihken nu
boga hp na.
Singkat waktu,Tabuh 05.00 sore abdi sareng
rerencangan pun nyampe tujuan di lapang sepak bola
Majalengka,Trus langsung kaluar di mobil abdi ngarasa
lega hayang gera kaluar di mobil kumargi cangkel diuk
wae abdi jeng rerencangan pun langsung ka tribun

9
lapangan kumargi ninggal kondisi lapangan na bagus atau
hente.Tos nyampe di tribun abdi ninggal lapangan na
nyaeta lumayan sae jeng di lapangan na oge aya NU maen
ker turnamen oge tapi usia 10 tahun,Trus abdi sareng
rerencangan lanjut ningali ker nu maen di lapangan.
Tos ningali teh abdi sareng rerencangan di titah ku
pelatih kudu masuk ka mobil dei kumargi Bade lanjut ka
tempat penginapan te jauh di lapangan na,Te lami
Langsung berangkat ka penginapan ngan butuh waktu
5menitan jang nyampe ka tempat penginapan na.Tos
sampe di tempat penginapan Abdi sareng rerencangan
langsung turun dina mobil langsung ka bagasi mobil Bade
nyandak barang-barang anu di bawa trus langsung ka
tempat penginapan.
Tos nyampe ka tempat penginapan abdi sareng
rerencangan langsung ka kamar Bade beres barang Tah
tos kitu tabuh 06.00 sore teh abdi langsung siap-siap Jang
mandi kumargi WC na Ngan hiji abdi kudu ngantri,
Singkat waktu abdi tos beres mandi abdi langsung ka
kamar bade nganggo baju tos nganggo baju abdi sakedap
nungguan rerencangan anu can beres mandi Sabari
ngadagoan abdi ngorek hp,Tah tos rerencangan abdi beres
sadayana abdi sareng rerencangan lanjut sholat magrib
berjamaah di Deket tempat penginapan.
Tos beres sholat magrib abdi sareng rerencangan
lanjut ka tempat penginapan tah pas ker bade ka tempat
penginapan di tengah jalan abdi sareng rerencangan jajan
Hela trus Sabari ngobrol hela,Tos beres jajan abdi sareng

10
rerencangan lanjut dei jalan ka tempat penginapan tos
nyampe di tempat penginapan abdi sareng rerencangan di
titah ku pelatih ngumpul di salah sahiji kamar kumargi
Bade brifing Hela,Singkat waktu brifing tos beres sekitar
20 menitan abdi sareng rerencangan langsung ka kamar.
Kumargi di titah ku pelatih kudu bobo tihela ameh
isukan na boga tanaga loba ulah gadang bisi pas maen
Leles te boga tanaga,Tos di waktu subuh abdi sareng
rerencangan di hudangken ku kolot babaturan abdi di titah
sholat,Abdi jeng rerencangan pun langsung indit ka
masjid,Tos beres sholat abdi ka tempat penginapan dei
langsung di titah mandi jeng dahar,Singkat waktu tabuh
06.00 abdi jeng rerencangan tos beres dahar jeng mandi
trus ges make pakean bola jeng make sapatu bola.
Tos kitu teh abdi, rerencangan ,kolot-kolot
babaturan jeng bapa abdi bade berangkat ka lapangan
kumargi acara turnamen Bade mulai tah TOS sampe di
lapangan abdi sareng rerencangan langsung ka lapangan
kumargi acara pembukaan bade di mulai, singkat waktu
acara pembukaan pun beres abdi sareng rerencangan
lanjut ka tribun kumargi nungguan jadwal maen na ka
3,Tah pas pertandingan kadua beres abdi sareng
rerencangan di titah pemanasan di sisi lapang ku pelatih
kumargi sakedap dei bade maen.
Tos pemanasan beres abdi sareng rerencangan
lanjut ka lapangan trus pas bade mulai pelatih abdi brifing
hela sakedap bade ngatus strategi maen na,Tos beres
brifing abdi allhamdulilah bisa maen pertama bisa di sebut

11
sebagai pemain inti abdi maen di posisi bek kanan, suara
periwit pun di tiup pertandingan di mulai abdi mimiti
maen lumayan kena mental kumargi abdi can aya
pengalaman maen di luar soalana ie teh mimiti abdi maen
pertama di luar kota
Singkat waktu pertandingan ka hiji pun beres
allhamdulilah abdi sareng rerencangan Menang skor na 2-
0 pas babak ka hiji abdi ngarasa cape kumargi abdi can
kuat dina fisik na lanjut ka babak kadua,Pas babak kadua
rerencangan abdi anu nga goal ken na ngarana adik jeng
fiqri di menit pertengahan jeng menit akhir-akhir.
Singkat waktu pertandingan 5 pun Bade beres abdi
jeng rerencangan siap siap maen dei kumargi
pertandingan ka 6 abdi jeng rerencangan maen,
Pertandingan ka 5 pun beres abdi jeng rerencangan siap-
siap Bade maen jeng samemeh maen abdi sareng
rerencangan brifing hela jang ngatur strategi maen,Bunyi
periwit pun di tiup abdi jeng rerencangan maen, Singkat
waktu pertandingan ka 6 pun beres allhamdulilah alhasil
menang skor 1-0,Pas babak pertama na anu menang skor
na teh nga goal kn na ku rerencangan abd ngarana Soni.
Pas babak kadua na mah abdi sareng tim bertahan
strategi na,Tos beres pertandingan kadua abdi sareng tim
istirahat hela sambil ngantos pertandingan salanjutna
allhamdulilah tim abdi masuk ka 16 besar,Singkat waktu
pertandingan ka 3 pun bade di mulai abdi pun siap siap
bade maen sareng tim,Alhasil pertandingan beres
allhamdulilah abdi sareng tim menang 2-1 abus ka 8 besar

12
abdi jeng tim pun istirahat dei Jang persiapan
pertandingan salanjutna nyaeta pertandingan 8 besar,Tah
pas tabuh 03.00 sore pertandingan 8 besar Bade di mulai
abdi pun siap-siap bade pemanasan.
Tos beres pemanasan pertandingan ka 8 besar di
mulai abdi jeng tim meluncur ka lapang tapi sateacan na
saperti biasa abdi sareng tim brifing hela,Brifing tos beres
abdi sareng tim buru-buru ka lapang Tos di lapang suara
periwit pun di tiup pertandingan 8 besar di mulai Tah pas
pertandingan 8 besar di pertengahan waktu babak ka hiji
abdi ngarasa Tanaga abdi tos rada leles di tambah lawan
na anu bener-bener tong di remehken soalna lawanna jeng
tim akademi Bogor,alhasil babak Kahiji 0-0 abdi jeng tim
istirahat hela, Sabari istirahat abdi sareng tim brifing dei
ngatur strategi dei jadi strategi na bertahan,Babak kadua
pun di mulai abdi sareng tim pun ngatur strategi bertahan.
Singkat waktu pertandingan ka 8 besar beres alhasil
Alhamdulillah tim abdi abus ka 4 besar abdi didinya
merasa setengah bahagia soal na Target abdi masuk ka 4
besar, Allhamdulilah Target abdi pun bisa tercapai,Abdi
sareng tim pun istirahat Sabari ngumpulken tanaga jang 4
besar,Pas tabuh 5 pertandingan ka 4 besar bade di mulai
abdi pun siap siap pemanasan jeng brifing hela ngatur
strategi nu mateng soalnya ie lawan na akademi sami,abdi
sareng tim pun gera-gera ka lapang soalna pertandingan
arek di mulai, periwit pun di tiup pertandingan pun di
mulai abdi jeng tim make strategi nyerang jeng bertahan.

13
Singkat waktu pertandingan babak Kahiji beres,
Abdi sareng tim pun istirahat hela hasil na masing 0-0,Tos
istirahat beres lanjut ka babak kadua babak kadua pun di
mulai abdi jeng tim ngarasa ges cape soalna ges 4 kali
pertandingan abdi jeng tim kawalahan soalna lawan na
oge ie sareng akademi, Pertandingan babak kadua pun
beres hasil 1-0 menang abdi pun ngarasa Aya perasaan
sedih jeng bahagia na,Perasaan sedih abdi sareng tim te
bisa nepi ka final tapi di sisi lain abdi ngarasa bahagia oge
tos juara 3 oge ges bersyukur jeng pelatih, pun ngomong
“te nanaon juara 3 ge ges bersyukur nu penting ges usaha
samaksimal mungkin jeng 1 dei ges ngabanggaken kota
Cianjur soalna turnamen ie tingkat nasional”.
Singkat waktu abdi sareng tim pun ka panggung
bade mawa piala jeng bade nyerahken medali,Tah pas
didinya abdi ngarasa bahagia pisan di tambah bapa abdi
ninggali abdi maen bola nepi ka juara 3 bapa abdi pun
ngarasa bahagia oge.Tos beres di panggung abdi sareng
tim pun foto-foto jeng piala na Tah tos beres jeng tim abdi
foto bersama jeng si bapa.
Tah moment ie NU abdi nu te bisa di
lupaken,Setiap usaha pasti ada hasil nya dan proses tidak
akan mengkhianati hasil.Tos foto foto beres lanjut ka
tempat penginapan abdi,tim, pelatih,jeng Kolot-kolot
babaturan.Tos nyampe di tempat penginapan abdi sareng
rerencangan langsung ka WC bebersih jeng mandi, Tos
bebersih na beres lanjut ka tuang jeng sararea
rerencangan, pelatih,jeng Kolot-kolot babatura Sabari

14
syukuran Oge,Tos tuang na beres langsung abdi jeng
sararea siap-siap Bade mulang ka Cianjur dei berangkat
na teh tabuh 7 tos sholat magrib.Jeng diperjalanan pun
Alhamdulillah lancar sampe ka bumi teh tabuh 11.00
peting .

TAMAT …

15
Berobah
An Nazwa Syalqia R.M (2022)

Sinta mangrupakeun budak kelas 2 SMA, manehna


Ngan saukur budak kampung nu hayang sakola di kota,
kolot na teu mampu nyakolakeun jadi manehna ngilu bibi
na anu linggih di kota. Bibi na teh kaasu jalma nu benghar
Sinta bisa digolongkeun kaasup budak nu teu boga
babaturan. Manehna sering dikucilkeun ku babaturan na
sabab manehna jelema teu boga, jeng fisik na nu gendut.
Dihiji poe manehna ningali budak lalaki nu kasep
pisan ngarana Dika, lain saukur kasep Dika oge pinter,
babaturan na loba, teu saetik Oge awewe nu ngadeketan
rek ngajadiken Dika kabogoh.
Sinta kaasup salah sahiji budak awewe nu Bogoh
oge ka Dika ngan Sinta sadar diri, maneh na teu pantes
Mun di sandingkeun jeng Dika.
Dihiji poe di jam istirahat Sinta ker diuk di bangku
kantin bari ngadahar jajanan manehna, nya Sinta sorangan
ku sabab manehna teu boga babaturan tea. Ker ngenah
ngenah dahar Dika datang bari mawa kadaharan nu
manehna, tur Dika nyarios
"Abdi ngiring calik di dieu wios?" Saur Dika
Sinta nu resep ka Dika nya pasti ngahuleng jol jol Dika
datang hayang ngilu calik sa meja jeng Sinta.

16
Buru buru Sinta ngajawab "muhun mangga" baru
sumanget
"Nuhun" jawab Dika.
Dika nu calik dibangku harepen Sinta, ngajien Sinta
salting teu pokus dahar. Sinta hayoh wae Sura seri bakat
ku seneng bisa diuk bareng Dika.
Poe ka poe terus diliwat. Sinta beki Deket jeng
Dika, Dika meni ramah ka Sinta. Loba awewe nu sirik ka
Sinta sabab manehna meni Deket jeng Dika, teu saetik
Oge awewe nu Osok ngomongken Sinta, sabab Ngan
Sinta hungkul anu bisa ngadeketan Dika.
Di jam istirahat, saperti biasa Sinta jeng Dika nuju tuang
di kantin bari ngobrol.
Tur Dika nyarios "Sin, Bade uih sareng abdi?" Saur
Dika
Sinta nu rewas bari atoh nya pasti ngajawab "Uih
sareng Dika Kitu?" Sinta mastikeun Hela bener Atawa
ngimpi ieu teh.
Dika seri ngadangu jawaban Sinta, "nya muhun atuh
sin".
Sinta nu kaliwat atoh na langsung ngajawab "hayu!
hayu!"
Dika Ngan seri hungkul teu ngajawab, beda jeng
Sinta anu ges mikir ke kudu ngajak ka Imah Atawa
kumaha, kudu turun dimana jeng loba dei nu manehna
pikirken.
Teu Lila bel soraan.

17
"Engkin Dika antosan diparkiran nya" saur Dika bari ijin
ka Sinta Bade balik dari ka kelasna, kelas Sinta jeng Dika
emang beda, kelas Sinta Deket lapang lamun Dika Deket
parkiran tukang sakola.
Bel waktuna balik langsung soraan di jam 3 sore.
Sinta buru buru datang ka parkiran bisi Dika nungguan
pikirna.
Ti jam 3 Sinta nungguan Dika tapi Dika teu datang,
ges sa jam Sinta nungguan bari nangtung.
"Ahh pasti Dika mah nuju eskul" pikir Sinta.
Tuluy nepi ka jam 5 Sinta nungguan Dika teu datang
datang Sinta mulai mikir 'apa Dika balik ti heula nya? Ahh
da moal mungkin pan si eta ges janji'
Nepi ka Maghrib Sinta nungguan Dika tapi teu Aya
tanda tanda datang na Dika.
Teu Lila Sinta nya dangu Aya Sora nu seserian,
datang Weh Dika tapi teu sorangan Ngan jeng babaturan
lalakina lobaan pisan, Aya mah 10 urang.
Dika seserian jeng babaturan na nu tadi,
nyengserikeun Sinta nu nungguan manehna nepi ka
Maghrib. Sinta bingung Aya naon, Naha Dika jeng
babaturan na make seserian emang Aya nu lucu Kitu pikir
Sinta.
Dika ngomong Weh "Ari maneh nungguan Saha Sinta?"
Sinta rewas naha Dika ngomong kitu, Sinta ngajawab
"pan abdi nungguan Dika"
Dika jeng babaturanna tur seri dei "hahahaha"

18
Sinta bingung keneh nepi ka Dika ngomong "emang urang
dark nganterken maneh balik? Sien bitu atuh ban motor
utang, hahahha"
Sinta karek sadar salama ieu Dika Ngan saukur
ngahereyan manehna, Dika teu tulus babaturan jeng
manehna, Sinta buru buru balik bari cerik nyeri hate
manehna dikitu keun ku Dika.
Saminggu Sinta teu sakola alesan gering padahal
manehna era datang ka sakola.
Sinta mikir 'kuduna urang sadar Dika teh kasep Kitu moal
mungkin resep ka urang'
Akhirna Sinta boga tekad Yen maneh na kudu bisa
ngabuktikeun bahwa manehna bisa rubah.
Sinta mulai diet jeng make perawatan kulit meh gelis.
Sabulan, dua bulan nepi ka lulus Sinta ngajauh ti Dika
jeng nu lain na. Manehna boga tekad hayang ningalikeun
ka Dika bahwa manehna bakal berubah. Basa kalulusan
ge Sinta te datang ka kalulusan teh, padahal eta acara teh
nu pang ditunggu tunggu ku barusak SMA teh. Sinta
cicing di imah bibi na bari dibantuan olahraga meh Sinta
beki gelis.
Sataun ti kalulusan Sinta di ondang datang ka sakola
rek reunian, Dika datang tihela jeng babaturan na ka acara
eta. Lila Dika nungguan sugan aya Sinta datang pek teh
can aya keneh Sinta teh. Te lila Dika mutuskeun rek balik
da Sinta nu di tutungguan teh eweuh wae keneh. Dika
datang ka sakola make motor jadul jeng baju anu rada

19
lusuh,manehna nganggur keneh, te lila datang sinta make
mobil bereum, dikacamata hideung, make baju dress.
Dika nu te apal eta saha nanya "alumni oge?" Sinta
nu apal eta Dika langsung ngajawab "muhun, ieu Dika
nya?" Tanga Sinta. "Ehh naha apal" sinta ngan saukur seri
ngadangu jawaban Dika teu lila mikir "ehh Sinta nya"
sinta seri hungkul ngadangu "nya ieu abdi".
Rewas ngadangu jawaban Sinta, Dika ngahuleng
"sinta asa pangling ayeuna mahh, asa beki gelis" sinta
ngan saukur seri dei. Ayena Sinta es berobah sanes Sinta
nu bahela sok maneh na bully, sanes Sinta nu gendut dei.
Teu lila Sinta pamit tapi Dika kekeh hayang nganterkeun
Sinta, tapi Sinta nolak, ayena barudak jadi ngadeketan
Sinta dibanding Dika.

TAMAT …

20
Babaturan Dami
Aura Khairunnisa (2022)

Jam 06.50 kadenge sora bel ti sakola. Dami nu


karek turun tina angkot beureum buru-buru lumpat, sien
katingaleun upacara perkenalan siswa anyar di SMA
Kembang. Tadi Dami gugahna kasiangan da peutingna
gadang nyiapkeun kaperluan nu kudu dibawa ku siswa
anyar. Padahal mah geus lila pisan osis mere nyaho naon
wae anu kudu dibawa ku siswa anyar pas upacara
perkenalan sakola. Katingali ti hareup teh satpam sakola,
Pak Ujang keur ngadorong rek nutupkeun pager, buru-
buru Dami lumpat.
“Bapa ulah ditutup pagerna!.” Dami lumpat
langsung nahan pageur nu saeutik deui rek nutup.
“Atos ti mana heula atuh Neng, tabuh sabaraha
ayeuna? enggal geura baris ka lapang.” Ceuk Pak Ujang
bari mukakeun dei pageurna saeutik.
“Hatur nuhun pisan Bapa.” saur Dami bari salim ka
Pak Ujang.
Ningali ka lapangan, kabeh siswa geus bararis
rapih. Lumpat ka tukang tuluy nyimpen tas deukeut
tangkal, buru-buru Dami asup ka barisan tukang nu
kosong deukeut barisan lalaki. Pas keur ngiluan upacara,
katingali di gigireuna aya lalaki make acuk seragam SMP
nu awakna jangkung, rambutna cepak make kacasoca,
tapi gendut bari beungeutna kucel jarawatan, tuluy

21
lantaran kapanasan dina tarangna ngucur kesang loba.
Dami cecerengesan ningali lalaki eta heseun
ngancingkeun seragamna nu coplok da beuteungna nu
buleud kapayun.
Eta lalaki nu ngadenge cerengesan ti gigireunna
langsung malik, socana langsung muka ningali aya awewe
geulis pisan. Awakna jangkung bodas, rambutna hideung
panjang bari gomplok, bulu socana lentik, komo lamun
seuri pipina bakal kempot. Lalaki tadi langsung colohok
ningali awewe geulis eta seserian.
"Nepangkeun Dimas." Teu ujug-ujug eta lalaki
ngasongkeun leungeuna.
Dami nu ningali leungeun eta lalaki nu nepangkeun
ngaranna ngan hare-hare, ngaleos ningali ka petugas
upacar di payun. Geus beres upacara, Siswa arasup ka
kelasna na masing-masing. Barang asup, kelas teh
langsung garandeng ku barudak nu ngobrol jeung
babaturan anyar sakelasna. Aya nu nanya SMP ti mana?
Bumi na dimana? Asup ka SMA make jalur naon? kabeh
di tanyaan. Dami nu keur ngiluan ngobrol jeung
babaturana ningali ka meja pang tukangna, lalaki nu tadi
di lapang geningan sakelas jeung manehanana. Teu siga
barudak nu sanes, eta lalaki diuk sorangan bari culang-
cileung. Pas lalaki eta ngalieuk da nyadareun manehna
keur ditingalikeun, Dami langsung malik deui ka
babaturanana nu keur ngobrol. Teu lila aya guru asup ka
kelas, barudak langsung diuk di korsina masing-masing.

22
Pas geus waktuna istirahat Dami jeung babaturana
langsung ka kantin tuluy diuk di dinya..
"Balik sakola urang ulin yu!." Ceuk Tuni babaturan
Dami nu make kacasoca buleud.
“Ulin ka mana atuh, hayu wae Lani mah asal ulah
jauh teuing we.” Lani nu rambutna dikucir ngajawab bari
ngadahar batagor.
“Mening ulin ka OKEMall yu, ceuk teteh Popi mah
eta Mall anyar dibuka.” Ceuk Popi.
“Hayu atuh kadinya we, Tita ge rek meuli cindung
bodas da di ditu. Ngarilu kabeh pan?.” Tita nanya ka
kabeh babaturana.
“Dami mah moal ngilu ah, rek langsung balik we.”
Ceuk Dami.
“Naha? Hayu ngilu, urang nyobaan baso nu di
dinya ceunah mah ngeunah pisan.” Popi nanya bari maksa
saetik.
“Moal ah, ke deui we Dami mah.” Dami keukeuh
moal ngilu ulin jeung babaturana.
“Ah kitu Dami mah, siganamah di imahna leuwih
rame meureunan matak moal ngilu ge.” Ceuk Tuni ka
Dami.
Dami nu di kitukeun ku Tuni ngan cicing
ngalanjutkeun ngadahar cilokna. Geus kitu lima awewe
eta ngarobrol dei ngabahas nu lain.
Sakola geus bubar, Dami langsung balik ka imahna.
Jarak SMA Kembang lumayan jauh ti imahna, mun
angkat ka sakola Dami kudu dua kali naek angkot bari

23
leumpang deui saeutik ti parapatana ka sakolana. Dami
lain budak nu beunghar teu siga babaturana anu angkat
jeung balik ti sakola make ojek online nu ongkosna bisa
tilu kali lipetna Dami naek angkot. Bapana ngan gawe jadi
karyawan di pabrik sapatu, Mamahna ngan ibu rumah
tangga. Di imah Dami teu sorangan, manehna boga hiji
lanceuk awewe nu keur kuliah di Bandung, aya adi
awewe nu kelas 6 sd jeung adi bungsu lalakina nu tilu taun
keneh. Biaya sakola teh pasti kabagi tilu, acan adi
bungsuna nu leutik keneh. Sukur Dami tiasa sakolah ka
SMA cita-citana di SMA Kembang nu kawentar sakola
favorit, loba pisan nu hoyong lebet ka eta sakola. Dami
oge teu nyangka bisa lebet ka SMA Kembang, manehna
ngandelkeun nilai rapot jeung rangking di SMPna. Dami
jeung indung bapana apal sakola eta mahal bayarana
katambah sakolahna nu jauh. Tapi indung bapana terus
mere sumanget ka Dami sangkan sakola di tempat nu alus.
Pas keur leumpang, Dami ningali Dimas keur
leumpang oge di hareupeunana. Arah leumpangna sarua
jeung arah ka imahna, ditingali teh Dimas belok ka imah
sebrangeun imah manehanana, geningan imah Dimas
deket pisan. Geus Dimas asup ka imahna, buru buru Dami
lumpat balik ka imahna oge.
Ayeuna poe salasa, isuk keneh Dami geus aya
disakola. Pas asup ka kelas sugan Dami teh can aya
sasaha, tapi geningan di bangku nu pang tukangna aya
Dimas nu keur maca buku. Geus diuk di bangku jajaran

24
ka dua, Dami langsung muka buku jang ngacek bisi aya
tugas Matematika nu ka lewat can di kerjakeun.
“Dami tugas tos beres sadayana?” Ujug-ujug
Dimas aya di harepeun mejana.
“Atos, kunaon kitu?” ceuk Dami.
“Wios teu pang tingalikeun jawaban nu Dimas bisi
aya nu salah.” Ceuk Dimas bari ngasongkeun bukuna.
Teu ngajawab, tapi Dami langsung mawa bukuna
tuluy ditingalian hiji-hiji jawaban tugas nu Dimas.
“Geus balener jawabana.” Ceuk Dami bari
merekeun dei bukuna ka Dimas. Teu lila aya Lani lumpat
ka meja Dami.
“Dami tugas matematika geus beres can? Lani
acan... hoyong ningali ihh….” Ceuk Lani bari ngagebreg-
gebreg leungen Dami.
“Ulah niron jawabana Luni atuh, naha lain
ngerjakeun ti kamari. Eta meunang cape-cape Dami nu
ngerjakeun.” Ceuk Dimas ngabela si Dami.
“Cicinglah ulah pipilueun wae, meni balaga abong
tugasna geus beres.” Lani kalakah ambek ka Dimas.
“Luni sok kerjakeun heula sorangan, ke lamun aya
soal nu teu kaharti ku Dami bantuan. Kan meh Lani tiasa
oge.”Ceuk Dami ka Lani.
“Ih meni koret, ngomong we embung mere nyaho
jawabanna.” Lani nu beuki ambek balik ka meja
manehanana.
“Geus moal kunanaon Lani mah mening keneh
ulah dibere. Cape-cape Dami nu ngerjakeun, loba kitu

25
tugasna.” Dimas ningali Dami keur ningalikeun Lani nu
pundung ku manehanana. Dami ngan ngangguk ngadenge
omongan Dimas.
Mapel Matematika geus beres, bari nungguan guru
Basa Sunda datang Tita, Popi, Lani, jeung Tuni ngumpul
di meja pang tukangna. Panasaran, Dami nyamperkeun
babaturana. Eta Meja geus pinuh ku sagala rupa aya alat
make up, skincare, minyak wangi, jeung aya kaca badag.
Dami ngan ningalikeun opat babaturana nu keur riweuh
didarandan.
“Dami pake lipstik yeuh saeutik, meni pias pisan
eta biwir.” Ceuk Tita bari ngasongkeun lipstikna ka Dami.
“Moal ahh teu resep make nu kararitu.“ Ceuk Dami.
“Ehhhh awewe mah wajar geus make nu kieh, moal
kunanaon.” Dami keukeuh teu nurutkeun jawaban Tita.
Poe ayeuna SMA Kembang teh keur ngayakeun
ulangan akhir semester, kabeh siswa ti kelas sapuluh
nepika kelas sabelas ngiluan ulangan. Murid-murid diuk
dina korsi sorangan-sorangan tuluy jajarana nyusun tina
absen, kabeneran Dami diukna di barisan kahiji di meja
pang tukangna, dihareupna aya Lani, tuluy di baris kadua
pang tukangna aya Tuni.
Kabeh siswa parokus ngeurjakeun soal. Tapi pas
keur ngotret soal Matematika, Dami ningali Tuni keur
nungkul bari ningali hape nu di sumputkeun dina kolong
bangkuna. Tuluy ningali ka hareup, Lani keur ngomong
ka Tuni make gerak biwir jeung ramona menta jawaban,
kitu dei Popi jeung Tita. Soca Tuni rutret ka kenca jeung

26
katuhu sien kanyahoan ningali jawaban tina hape jeung
kerjasama jeung babaturana. Tuluy Tuni ningali Dami nu
ningalikeun manehanana niron tina hape, leungeuna
langsung mere isyarat sangkan ulah mere nyaho sasaha.
Isukna Tuni, Lani, Popi, jeung Tita dibawa ka BK.
“Manehnya nu mere nyaho ka guru, kuring
ulangana ningali hape? Teu resep Tuni mah boga
babaturan nu sok beja-beja teh.” Geus ti ruang BK teu
ujug-ujug Lani jeung babaturana nuduh Dami nu geus
bebeja ka guru.
“Lani kunaon? Lain Dami mu ngabejakeun mah.”
Dami nu teu ngarasa geus ngabejakeun Tuni ka guru
bingungeun.
“Alah moal ge ngaku atuh. Kesel da ka Dami teh,
awas ku urang tingalikeun!” Ceuk Tuni ambekeun ka
Tuni. Ti dinya Tuni jeung babaturana jadi ngajauhan
Dami. Malahanmah kabeh awewe sakelasna oge jadi
ngaajauhaan Dami, teuing naon nu dibejakeun ku Tuni ka
babaturan sakelasna jadi kabeh ngajauhan Dami.
Teu karasa, poe ayeuna geus rek dibagi rapot
samester ganjil deui. Rapot geus dibagikeun tuluy
walikelas ngumumkeun saha nu ranking kahiji nepika
sapuluh. Pas diumumkun Dami bungah pisan lantaran
meunang ranking ka hiji, jeung geningan teu di kelas
hungkul meunang ranking teh, Dami oge meunang
ranking ka dua juara umum sa angkatana. Tapi ti dinya,
babaturan opatana kalah beuki ngajauhan pisan ka
manehanana, malahan mah siga anu ambek. Dima jadi

27
tara diajakan deui ulin atawa ngumpul babareungan.
Deuih lain babaturan nu opatana hungkul, awewe
sakelasna kalah beuki ngajauhan. Jadina mun di sakola
Dami sok sorangan wae.
"Dami hayu urang bareng ka kantin." Dimas
ngajakan Dami nu sorangan di kelas. Ti dinya mun di
sakola Dami jadi sok jeung Dimas wae. Ngerjakeun tugas
babarengan, ka kantin babarengan, tuluy balikna oge
babarengan. Dimas jeung Dami teh jadi deukeut pisan.
Tapi geus kitu dikelas, kabeh babaturana teu awewe teu
lalaki kalah nyebutkeun Dami teh kabogohna Dimas.
Ungal katingali Dami babarengan jeung Dimas pasti
disebutan. "Adeuy Dami kabogohna Dimas"," Uyuhan
Dami bogoh ka si Endut Ha..ha..ha.."," Ka mana-mana
meni kudu duaan wae." Loba keneh nu sok nyebutan
Dami kabogoh Dimas. Dami ambekeun disebutan
kabogohna Dimas, pas hayang nyarekan ka babaturana
tapi ceuk Dimas teh cicing we ulah di bales, da lamun
ngabales nu nyebutan mah bakal beuki atoheun. Geus di
bejaan ku Dimas Dami jadi hare-hare ka babaturan nu
ngajauhan jeung ambek ka manehanana.
"Dimas ke kelas sabelas rek mawa jurusan naon?"
Ayeuna Dami jeung Dimas keur cicing di kantin.
"Moal Dimas mah, kelas sabelasna rek pindah ka
Jakarta. Bapa tugasna di alihkeun ka ditu." Ceuk Dimas
ka Dami.
"Naha pindah? Ke Dima jeung saha di dieu." Dima
ngomong bari seuri heureuy tapi nalangsa.

28
"Ulah kitu Dami. Kudu neangan deui atuh,
babaturan mah ulah hiji. Teangan sing loba, teu sadayan
jelema siga kitu." Ceuk Dimas mamatahan.
Bener we. Pas ajaran anyar kelas sabelas Dimas
teu aya, da geus pindah tea ka Jakarta. Asalna Dami teu
boga babaturan, di sakola oge sok sorangan wae. Tapi pas
ajaran anyar aya murid pindahan ti Bandung ngarana Ula.
Ula bageur pisan, manehna nu kahji ngajakan ngobrol ka
Dami. Dami oge resep jadi babaturana Uli, ti dinya Uli
jadi babaturan deukeutna Dami.
Geus lulus SMA, Dami katarima di Institut
Teknologi Bandung. Ningali jam nu aya di leungeuna, 30
menit deui kelas rek dimulai. Aya keneh waktu jang Dami
ka kantin heula. Di kantin Dami meuli roti jeung cai
minum. Pas rek mayar,
"Aduh Neng teu aya artos nu alit? Enjing keneh
janten teu acan aya receh"
Ceuk Ibu nu dagang pas ningali Dami ngasongkeun
acis saratus rebu.
"Sami ibu teu gaduh artos nu alit." Ceuk Dami bari
mukaan dompet neangan acis nu alit.
"Wios Bu ti abdi artosna." Dami ningali aya lengeun
lalaki nu merekeun acis ka si Ibu. Pas ditingali Dami
reuwaseun pisan, ingetana langsung ka lalaki gendut anu
jadi babaturan deukeutna pas SMA tapi pindah ka Jakarta,
Dimas. Ningali ti luhur nepi ka handap, Dimas jadi beda
pisan. Teu aya deui Dimas nu gendut, jarawatan, jeung
kucel.

29
"Nepangkeun Dimas." Dimas ngasongkeun
leungeun ka Dami masih keneh colohok keneh pangling
ningali Si Dimas.

TAMAT…

30
Sang Panginget Ngimpi
Bertiani Simanjuntak (2022)
Di tengah peuting nu hening, kadéngé sora budak
leutik ngajerit jeung ceurik sieun ti panti asuhan. Teu lila
sorana eureun, tétéla éta sora téh ngan ukur ti budak
leutik ngaranna Dodi anu ngalamun bari saré. Dodi téh
yatim piatu anu boga hobi béda jeung budak saumuran,
karesepna nyaeta sare. Waktu ditanya alesanana,
manéhna bakal ngajawab yén nalika urang saré urang
bisa ngimpi loba hal. Tapi éra yén sababaraha impian éta
urang teu tiasa émut nalika urang hudang.

Isukna di sakola, Dodi ngabéjaan ka babaturanana


yén manéhna ngimpi anu kacida pikasieuneunana.
Sanajan kitu, nalika salah sahiji babaturanana nanya
kumaha carita ngimpina, Dodi tetep cicingeun sabab teu
apal ngimpi na jelas. Ningali kitu, babaturanana seuri ka
Dodi. Kajadian ieu ngajadikeun Dodi éra pisan bari kesel
sabab moal teu nu ngarti kana rasa dodi. Dodi sorangan
nganggap anjeunna teu normal.

Sanggeus sakola, Dodi balik ka imah ngaliwatan


pasar. Bari remen, Dodi leumpang muru jalan pasar nu
heureut. Ujug-ujug ngahaja nabrak nini nu keur ngajual
bantal, Dodi menta hampura sabab salah sahiji bantalna
robek alatan kasalahanana. Dodi oge ngarasa dosa tuluy
meuli bantal, si nini ngahampura kalakuanana jeung seuri

31
ka arah dodi, ceuk si nini mah bantal teh lain bantal biasa,
ngadenge ieu si dodi bingung jeung mikiran eta teh ngan
saukur lulucon.

Peutingna, Dodi teu sabar saré. Bari siap-siap,


Dodi inget yen tadi sore manehna meuli bantal anyar ti
nini. “Lewih resep ngangge bantal nu karek dibeuli,
tibatan bantal ieu, geus ampir 5 taun teu diganti,” ceuk
Dodi dina jero haté. manéhna nyokot bantal anu geus
dibeuli pikeun marengan manéhna saré. Peuting ieu dina
impian manéhna papanggih jeung kolotna nu geus lila
maot. Aranjeunna tuang tuangeun sareng tuangeun anu
saé pisan, aranjeunna nyarioskeun seueur hal. Dodi kacida
bungahna nepi ka teu disangka-sangka ngeclak cipanon
bari saré, teu hayang hudang tina impian nu éndah.

Isukna hudang panonna bareuh lantaran geus


sapeuting ceurik. Dodi ngarasa aya nu aneh, impenan teh
asa nyata pisan jeung manehna bisa apal kana impianna
kalawan jelas. Dodi ngarasa yén sagala panyimpangan
asalna tina bantal ieu. Di sakola, Dodi nyaritakeun hal ieu
ka Ranti, sobatna di sakola. Tina beungeutna, Dodi terang
yen Ranti teu percaya kana hal ieu, Dodi ngarasa bingung
rek nyaritakeun ieu ka saha. Saparantos sakola tanpa ganti
saragam sakola, Dodi langsung ngusahakeun sare deui,
sakumaha anu dipiharep Dodi nepungan deui ka kolotna.
Manéhna ngimpi yén waktu ieu Dodi jeung kulawargana
indit ka pantai, Dodi bungah kacida.

32
Basisir téh tempat favorit kulawarga dodi. Ti saprak
kolotna maot, Dodi dititipkeun ka panti asuhan jeung teu
kungsi ka basisir deui. Tapi kali ieu, pikeun kahiji kalina
sanggeus sababaraha taun, Dodi bisa ngarasakeun
sakumaha nyata sanajan éta ngan impian. Dina ngimpi
dodi bisa ngarasakeun kahaneutan. Dimimitian ti, Dodi
bisa ngarasakeun nyeuseup tina leungeun indung nu
kungsi ditolak ku sabab anjeunna fokus teuing kana
diajar. Henteu ngan éta anjeunna ogé tiasa ngaraosan
rangkulan bapa anu pinuh ku otot sareng obrolan anu
manis anu teu acan kantos diucapkeun sateuacana. Tanpa
disadari, dina impenan geus poek, hartina di alam nyata
geus isuk jeung Dodi kudu hirup. Hese pisan dodi kudu
papisah deui sakedapan jeung kulawargana dina impian.

Isukna, Dodi langsung indit ka pasar sabab yakin


kabéh ieu tina bantal ieu. Tapi teu papanggih jeung nini.
Dodi ogé nyoba nanya ka tukang dagang di pasar. Ceuk
Dodi “Punten Pa, abdi hoyong naros, naha anjeun kantos
ningali nini anu ngajual bantal di sabudeureun ieu
wewengkon?”. “Aduh kakang, moal aya nini anu ngajual
ka pasar, biasana anu ngajual ka pasar téh geus déwasa
kénéh,” ceuk bapa, ngajawab pananya Dodi. Sabot
leumpang ka imah, Dodi reugreug ngeunaan kajadian anu
lumangsung sarta mikir naha kajadian kamari téh nyata
atawa ngan saukur lamunan saperti biasana. kumargi nuju
milarian nini sareng teu tiasa mendakan akhirna dodi
nyerah sareng teras nganggo bantal nalika anjeunna saré

33
Dodi terus ngalakukeun ieu pikeun nepungan
kolotna, nepi ka teu hayang indit ka sakola, teu hayang
sosialisasi jeung ngan sare sapopoe di kamar na teu dahar
jeung mandi. Bu Sinta, nu jadi pangurus panti asuhan,
nyaho kalakuan Dodi. Bu Sinta naroskeun naha Dodi
ngalakukeun hal-hal ieu. Dodi anu taya katerangan lian
mimiti nyaritakeun sagalana ka Bu Sinta.

Bu Sinta kalayan lembut mimiti ngajelaskeun ka


Dodi yén sadaya hal ieu ngan ukur imajinasi sareng urang
henteu kedah leyur dina éta, sanaos urang resep pisan
sareng ngarasa bagja nalika aya dina impian. Tapi urang
ulah poho kana kahirupan urang nu sabenerna, urang kudu
terus hirup sanajan karasana kacida susahna. Meureun
kusabab anjeun sono pisan ka kolot anjeun, anjeun
ngalakukeun ieu sadayana pikeun salawasna sareng
aranjeunna, tapi émut yén kolot anjeun tiasa sedih pikeun
naon anu anjeun lakukeun. Aranjeunna pasti hoyong
anjeun janten murangkalih anu suksés sareng
ngajantenkeun aranjeunna reueus. Ngadéngé kitu, Dodi
ceurik balilihan sadar kana naon anu geus dilakonan,
manéhna jangji baris ngarobah kalakuanana sarta baris
gawé teuas sangkan reueus kolotna.

Tétéla tanpa disadari ku Dodi, Bu Sinta ogé


ngalaman hal kawas kieu. Waktu bu Sinta teu lulus
universitas negeri. Sanggeus meunang bantal, dunya dina
impianana leuwih seru sabab dina impian manéhna junun
asup ka kampus nu kungsi dipikahayang. Bu Sinta terus

34
kabawa ku impianna sarta tanpa disadari hirupna geus
ancur. Bu Sinta teu hayang Dodi ngarasa sarua jeung Bu
Sinta geus kaduhung. untung dodi anak nu soleh jeung
daek dijurung, sangkan hirupna teu kudu dirusak. Bu
Sinta bungah kacida lantaran bisa nyalametkeun Dodi tina
bantal.

Sanggeus kajadian éta, hirup Dodi lalaunan robah


jadi hadé, Dodi ogé mulung bantal nu bisa inget kana
impian. Dodi ayeuna sadar yen kahirupan anu dijalani
ayeuna teh nyata, kahirupan anu bakal nangtukeun
kahareupna beda jeung dunya impian. kasenangan
anjeunna dina impianna ngan samentawis sareng bakal
balik deui ka sangsara saatos anjeunna hudang. Ku kituna,
Dodi kudu hirup alus sangkan bisa ngarasa bagja ku hasil
késang jeung kareueus kolotna sanajan geus euweuh.

TAMAT…

35
Taun Baru
Deto Putra Windarto (2022)

Dinten Rizki henteu salawasna hésé. Hiji poé pasti


bakal bagja ogé, ngan ukur keur poé ieu méga geus teu
ngadukung deui. Niat Rizki rék malem taun anyar di pasar
malem sigana mah ngabolaykeun. "Pasar Peuting sanés
tempat anu nyaman pikeun baseuh sareng bécék saatos
hujan." Nyanyi eta.
Tapi béda jeung Ilham energetic di sisi séjén
telepon,
"Hayu, urang ngarencanakeun ieu dua minggu ka
tukang. Regot-rada kotor teu kunanaon-naon."
"Naha urang henteu milih jero rohangan ngan
lajeng?"
"Sayang, percanten ka abdi, yén sadayana bakal saé
muhun."
Rizki saleresna sanes jalmi anu loba ngadu'a, tapi
katinggalna ti imahna sanggeus digusur ku kulawargana
sorangan sawatara poe ka tukang, ngajadikeun Rizki
leungiteun nyawana.Malem taun anyar bakal datang deui,
teu bisa ngantep anu dipikacinta. nu saurang terus
sedih.Sanggeus maksa saeutik, Ilham ahirna nyokot Rizki
maké motorna. Rizki kameja kotak-kotak beureum waktu
harita. Saimbang ku baju biru seger anu dianggo ku Ilham.
Kunaon du’a katémbong harmonis?Perjalanan

36
ngajadikeun langit poék, méga hideung geus teu
katémbong tapi angin beueus masih karasa. Di jok tukang,
Rizki teu loba omong. Sigana Ilham ngarti jeung teu
ngaganggu pisan ka Rizki. Saeutik aya dina pikiran Ilham
pikeun ngeureunkeun motorna sareng naroskeun ka
kabogohna naha anjeunna henteu kunanaon. Tapi
anjeunna sigana geus nyaho jawaban sarta nuluykeun
lalampahan na.
"Naha urang ka WC heula?" tanya Rizki ahirna.
Ilham unggeuk jeung ngahurungkeun setir di SPBU
sababaraha méter payun ti aranjeunna. Sabot Ilham
ngeusian gas, Ilham nungguan kakasihna.
Rizki balik deui kalayan beungeut anu sarua, anu
béda nyaéta ayeuna anjeunna mawa
inuman lemes favorit maranéhanana. "Hampura,
kuring ngan meuli hiji, urang ngan nginum babarengan."
Ilham ngan unggeuk ngadenge kitu.
"Hayu urang neruskeun lalampahan urang." ceuk
Ilham. Rizki jempé. Teu gancang naék kana jok motor.
"Aya naon, Kang?"
"Naha urang tiasa ngobrol sakedik di dieu?"
Ilham ngémutan deui misina wengi ayeuna,
anjeunna henteu hoyong ningali kakasihna sedih, janten
panginten ieu mangrupikeun awal anu saé pikeun Ramdan
ngémutan pikiranana. Ku ramo-ramo manéhna saeutik-
saeutik dibenerkeun.
"Abdi teu tiasa ka Pasar Peuting." ceuk Rizki.

37
"Anu mana? Rék indit ka tempat séjén? Dupi aya
tempat sanés anu badé didatangan?"
Rizki ngegeleng. Rizki terang yén … io jempé.
Sajauh ieu, dina sirah Ilham urang, Pasar Peuting sinonim
jeung festivities, revelry jalma, lampu, jeung kabagjaan.
Anjeunna henteu terang yén dina sirah kakasihna, Pasar
Malam hartosna katiisan, gelap, sepi sareng sedih. Ilham
teu nyadar yén salila perjalanan lover na sieun maot.
“Sayang,” giliran Ilham nu nyarita, panonna coklat
silih teuteup. "Lamun leres kulawarga anjeun aya wengi
ayeuna, tangtos urang angkat upami anjeun hoyong. Tapi
aranjeunna ayeuna di kampung halaman anjeun, di sisi
séjén pulo. Hapunten maksa anjeun. Tapi kuring janji,
sagalana bakal rupa. Upami anjeun hoyong nangis,
bagikeun cipanon anjeun ka kuring, ceurik. Siga kuring
sok bagikeun ka anjeun. Lamun ngajadikeun anjeun hadé.
Kuring bakal salawasna ngadangukeun ceurik anjeun.
Abdi henteu terang naon anu kedah dilakukeun." Rizki
ngareugreugkeun, cai hérang asup
Leungeunna ngageter ku geter leungeunna. Ilham
tuluy nangkeup Rizki nu mimiti rubuh cimata. Waktu
harita Ilham ngarti, lain kasieunan kulawargana anu
ngajadikeun Rizki ceurik, tapi Rizki sieun ngulang deui
kenangan-kenangan anu éndah éta, sakedapan rangkulan,
sora kandaraan bermotor ngahuleng éndah di
tukangeunana. Maranehna teu paduli deui kana
gogorowokan pamaké jalan anu sombong. Aranjeunna

38
terang yén cintana langkung kuat tibatan jeritan jalma-
jalma éta.
"Hayu..." ceuk Rizki tungtungna di tukangeun
sorana rusak.
"Balik ka imah?" tanya Ilham.
Rizki nyéréngéh mésem, ngusap cimata sorangan,
“Ké Pasar peuting wungkul. Henteu masalah. Abdi
hoyong pisan numpak Koréa Kidul. Abdi sono kana kuda
kai, sono kana lampu. Abdi sono kana spins anu ringan,
henteu matak mabok. Atawa urang ngan naek kabayang
Ferris, abdi hoyong janten di luhur tur tingal kumaha
leutik jalma anu. Atawa urang maen tembak-tembak waé
kaléng, kuring yakin bisa ngéléhkeun anjeun...” Rizki.
Sumanget deui. Ilham rada lega. Ilham sabenerna
teu nyaho naon anu kudu dipigawé, tapi hiji ide muncul.
Naha ngulang kenangan heubeul ti jaman baheula, lamun
urang bisa nyieun nu anyar? Ilham ogé imut. Tuluy naék
kana motor, motorna indit ka tempat anu bagja. Dina
hatena Ilham niat bangor, manéhna bakal nyium lalaki
anu nangkeup cangkéngna pageuh dina luhureun Ferris
wheel bari tuluy muru kembang api dina pikiran
maranéhna, bari cingogo.
Manehna ngomong ka kabogohna, "Wilujeng Taun
Anyar.

TAMAT…

39
Elios
Dwi Nur Alfifah Destianti (2022)

Kila nyaéta awéwé anu resep angin peuting jeung


béntang di langit, ti budak leutik kolotna mindeng ngajak
Kila ngumbara sabudeureun kota ngan ngarasakeun angin
peuting jeung ningali béntang. Tapi, kaayaan ieu anu
nyababkeun Kila kaleungitan kolotna. Mobil anu di
anggoan kacilakaan anu nelasan kadua kolotna Kila, ngan
Kila anu salamet. Kila nu keur ngagolér di jalan nempo
kolotna teu obah pisan jeung manéhna sorangan teu bisa
ngagerakkeun awak, lalaunan panonna burem sanggeus
ningali béntang di langit. 1 sasih ti kolotna pupus, Kila
mimiti sosoranganan jeung ngajauhan batur-baturna, Kila
anu baheula bageur pisan robah jadi jalma anu teu boga
sumanget pikeun hirup.Dina malem Minggu Kila kaluar
ti imahna jalan-jalan tanpa tujuan jeung tanpa disadari
manéhna ceurik.
“Kumaha atuh bapa, ema? Abdi ngarasa kasepian
saatos anjeun ninggalkeun abdi nyalira” ceuk Kila bari
ceurik.
Ujug-ujug aya nu nyampeurkeun ka Kila nu keur
ceurik, nya eta lalaki nu umurna sarua jeung Kila.
“Ari maneh keur naon di dieu peuting-peuting, nepi
ka ceurik kitu?” ceuk éta lalaki.
Kila teu ngawaler patanyaan éta lalaki dina tiiseun
sabab pikiranna kacau. Terus si Kila ngajak Kila ka taman

40
deukeut imah Kila tuluy diuk babarengan, Kila kakara
nuturkeun. Anjeunna henteu fokus kana naon anu
anjeunna lakukeun ayeuna.
“Naha kuring siga jalma jahat? Naha anjeun henteu
ngawaler patarosan kuring tadi?” Lalaki nanya ka Kila.
“Ulah kalakuan jiga urang babaturan, sabab urang
teu kenal” jawab Kila pondok.
“Muhun hampura upami sikap abdi teu ngajadikeun
anjeun nyaman, lajeng abdi tiasa janten sobat anjeun?”
Ceuk éta lalaki bari imut.
Kila langsung bangkit tina bangku taman bari
ngusap cipanon nu mapay pipi.
“Kuring teu hayang boga babaturan,” jawab Kila
datar.
kitu Kila indit ka imahna, manehna nyarita kitu
sabab sieun nyiksa batur kawas kolotna. Kila geus
nyalahkeun dirina sorangan pikeun kacilakaan anu
lumangsung ka dirina saméméhna, sanajan éta bener
kajadian teu disangka-sangka.
Isuk-isuk tabuh 06.15 Kila mutuskeun lumpat
ngurilingan komplek imahna isuk-isuk, tapi teu disangka-
sangka Kila nepungan lalaki nu tadi peuting ngajak
ngobrol.
“Kunaon atuh pendak deui, ngaganggu” Kila
ngomong sorangan
“Oh hi urang tepang deui, Dupi anjeun kersa janten
sobat abdi ayeuna?” ceuk éta lalaki

41
“Muhun, meureun upami anjeun ngan ukur
ngawangkong sareng anjeun moal ngaganggu anjeunna”
Kila nyarios sorangan deui.
“Oke hayu urang jadi babaturan” jawab Kila ka
lalaki.
Ti saprak perkenalan éta aranjeunna mimiti leuwih
deukeut, lalaki éta salawasna hadir nalika Kila sono ka
kolotna, nalika Kila ceurik alatan ngarasa kesepian, sarta
nalika Kila nyalahkeun dirina deui dina kacilakaan éta,
lalaki ieu aya pikeun surak Kila up.
Sanggeus sababaraha minggu geus kaliwat, poé
geus kaliwat ku Kila jeung lalaki, Kila balik deui jadi
awéwé bageur deui teu sering ceurik malah manehna boga
babaturan sabab manehna teu hayang sok ragrag jeung
handap. Kajadian, manéhna kudu tetep sumanget pikeun
hirup poé saterusna.
Wanci peuting Kila indit ka taman sarta diuk dina
bangku taman deukeut imahna, ujug-ujug éta lalaki diuk
handap teuing.
“Ngan, abdi henteu terang nami anjeun, padahal
urang parantos silaturahmi langkung ti 2 minggu” Kila
nanya ka éta lalaki.
“Kuring teu boga ngaran,” jawab lalaki.
Cukup yakin salila ieu Kila ngan ukur nyebut lalaki
éta “El”.
“Muhun abdi badé masihan nami anjeun, mimitian
dinten ayeuna nami anjeun Elios, kumaha upami anjeun
resep?” Kuring nanya bari seuri.

42
“Ngaran geulis kuring resep, tapi kuring teu butuh
ngaran” ceuk Elios.
“Naha? Urang bakal salawasna babarengan jadi
Anjeun perlu ngaran pikeun kuring nelepon” ceuk Kila.
“Henteu Kila, padamelan abdi cekap dugi ka dieu”
saur Elios.
“Maksudna tugas naon? Tugas sakola? Keur naon,”
ceuk Kila bari seuri.
“Tugas kuring ngan ukur ngiringan, sanés
ngiringan, kuring ngan ukur babaturan khayalan anjeun
Kila..” saur Elios.
“Maksud maneh El, guyonan maneh teh teu lucu
pisan” ceuk Kila nahan cipanon.
“Kuring ngan ukur imajinasi anu didamel ku
nyalira” jawab Elios.
“Haha lucu pisan hayu urang ka imah” ceuk Kila.
Sanggeus nyarita, Kila ngalieuk néangan Elios teu
kapanggih, Kila jempé sakedapan nginget-nginget
kajadian 2 minggu ka tukang. Tétéla Kila geus psikosis,
Kila teu bisa ngabedakeun mana nu nyata jeung nu
khayalan. Kila ceurik terus-terusan sabab hiji-hijina
sobatna anu sering aya di gigireunana ngan ukur imajinasi
anu diciptakeun ku dirina sorangan. Sanggeus minggu
kaliwat. Kila mimiti ngajalanan pangobatan sareng
psikoterapi cukup lila pikeun nyageurkeun dirina. Kila
masih mikiran Elios sanajan Elios ngan ukur babaturan
imajinerna, Kila tetep nganggap anjeunna sobat sajati.
TAMAT…

43
Pandemi
Euis Raya Aisyah (2022)

Jam nunjukeun jam 7 isuk - isuk. Panonpoé


mimiti naék. Tapi teu kadangu kasibukan-kasibukan di
tempat ieu. Gerbang utama kur kabuka saetik. Jalma
asup jeung kaluar bisa diitung ku ramo. Sora gumbira
ogé teu kadéngé sanajan ukur samar.
Ukur gegerungan mesin kandaraan nu ngaliwat.
Eta gambaran suasana isuk- isuk di sakola sawaktos
pandemi. Sakola anu berlantai l antai teh tiisen tina
hiruk pikuk prosés diajar ngajar. Hente Aya siswa
sareng siswi di dinya. Ngan ukur sabarbaraha guru
anu katinngal Aya.
Kaayaan ieu parantos lumangsung saprak Maret
2020, langkung ti babaraha tahun, alesan na ku sabab
pandemi covid 19. Teu Aya deui guru anu ngajelaskeun
pembelajaran di kelas. Teu Aya deui seserian murid-
murid anu keur bobodoran di sisi lapangan sakola.
Sagala na katinggal sepi. Bari lempang sabudeureun,
kelas unggal lantai ditutup pageuh .
Katempo bangku jeung meja disimpen rapih di sisi.
Saprak Desember 2019, dunya kaget ku kapangih na virus
anyar. Virus ieu katelah na virus corona. Virus ieu
gancang ngainfeksi seer jalan sareng nyebabken

44
Seer nu maot. Seer anu ka tepaan teras pulih. Tapi
virus ieu sapertos pindah ti hiji tempat ka tempat nu sanes,
nyebarken ti hiji negara ka negara lain. Nepika akhirna
wabah ieu ka Indonesia Dina awal Maret 2020.
Sanajan lambat, ieu ngabalukarken kahariwang di
seluruh Indonesia. Pengalaman anu ditimbulkan Tina
nuturken warta parantos Nyiptakeun kakurangan masker
sareng hansanitizer.
Kitu deui sakola kuring dimimitian Maret
nglaksanakeun kagiatan di bumi. Minggu mimiti diajar di
imah eta senang. Jadwal pelajaran online dipasihkeun
sapertos pelajaran di sakola. Urang oge dipenta pikeun
ngirimkeun tugas sareng hadir online. Sajaba ti eta, kuring
bisa di ajar jeung ulin di imah. Anu paling kuring resep
nyaeta tiasa belajar bari tuang jajanan anu di sayogikeun
ku mamah abdi.
Minggu katilu abdi di ajar diimah, mimiti males
ngumpulkeun tugas, sabab Ampir ungal pelajaran dibere
tugas. Karasa bosen na, teu bisa papangih jeung guyonan
jeung babaturan, nga jadikeun belajar di imah boring.
Abdi ngarep Pisan masalah covid-19 ieu tiasa
mendalam titik tungtung pas. Sedih abdi ningali warta
Dina televisi yen seeur jalan anu katepaan, bahkan maot.

TAMAT…

45
Pambarontakan Ngalawan Dewa
FX Ivan Jonathan Munthe (2022)

Sahiji poé lahir budak satengah dewa namina


“Kratos” boga dulur namina “Deimos” Kratos jeung
Deimos teh lahir di Sparta dilatih jadi prajurit nu kuat.
Duaan osok latihan setiap poé si Deimos mah culun osok
eleh wae lawan si Kratos teh.
Tiba tiba pas latihan téh aya dewa tiba tiba dating
nyokot si Deimos ceuk dewa na teh “ieu budak nu diramal
bakal ngancurkeun karajaan Olympus” Kratos téh kaget
terus ngalawan balik tapi ditakol langsung KO ku dewana.
Si Kratos téh nyaho sabaraha lemahna dirina téh. Si
Kratos janji bakal nyalamtkeun dulurna mun geus jadi
prajurit kuat.
15 Tahun ges lewat, si Kratos ges mimpin
pasukan-pasukan Sparta. Perang Ayeuna teh kratos
bakalan lawan pasukan Barbarian musuh terbesarna
kratos, pasukan barbarian teh boga 15.000 Pasukan
,Kratos ngan 5.000 pasukan tapi Kratos teu nyerah.
Pasukan Barbarian tèh kuat pisan nepika Kratos hampir
paèh. Pas si Kratos geus ndek dibunuh si Kratos teh
nyieun kontrak jeung dewa perang “Ares”

“Hancurkeun pasukan barbarian dan hirup urang


jadi milih maneh” saketika Ares turun dari Karajaan

46
Olympus ngajieun si Kratos budak si Ares jeung mere
kekuatan jeung pedang anu kuat.
“Hirup urang ayeuna ditangan maneh” ucap si Kratos.
Ares langsung gunakeun kakuatan dewana ka pasukan
Barbarian jeung ngalenyapkeun kabeh musuh si Kratos.

Kratos nyaho bayaran jang kekuatan na the terlalu


gede jang Kratos sorangan, si Kratos teh dititah waè ku
Ares jang ngahancurkeun desa desa nu teu nyembah Ares.
Sampe suatu poè Ares teh ngajebak Kratos jang ngabunuh
keluargana di salah satu desa nu ndek diserang ku Kratos,
Kratos nu teu piker Panjang lansung ngabunuhan jalma-
jalma anu di desa eta nepika teu sangaja ngabunuh anak
jeung istrina. Kratos Dikutuk ku salah sahiji nini di desa
èta, Abu istri jeung anak na tèh nempel ka Kratos moal
bisa lepas lepas.
Kratos teh nyesel ngabunuh anak jeung istrina.
Jleb! Weh Ares tèh datang ngomong ka Kratos èta tèh
rencana Ares jang ngabuat si Kratos Prajurit sasungguhna.
Kratos nu marah besar ndek ngabunuh Ares tapi Kratos
tèh teu boga kekuatan jang ngabunuh Dewa Ares èta.
Kratos geus capek dititah titah waè ku dewa jiga maenan.

Kratos tèh neangan “Kotak Ndora” nu nyimpen


kekuatan dewa, pan kratos tèh setengah dewa jadina
kuduna Kratos tèh bisa nguasakeun kekuatanna. Kratos
dibantu ku hiji dewa namana “Athena” Jang ngabunuh
Ares jeung ngabere Nyaho dimana kotakna tèh. Langsung

47
weh Kratos tèh mangkat nyari kotakna “apa bener ieu
kotak boga kekuatan jang ngabunuh Dewa?” ceuk Kratos.
“heeh ieu Kekuatan nu disimpen ku Zeus pas perang besar
lawan titan”.

Langsung weh pas nyampe ka tempat kotakna si


Ares tèh nyaho si Kratos aya didinya eh si Ares ge nyari
kotak eta jang sombong ka si zeus. Si Ares sieun mun si
Kratos dapat kakuatan dewa eta. Langsung dilempar
tombak ti jarak jauh ngenakeun si Kratos. Si Kratos nu ges
paèh dibawa ka neraka tempatna Hades.
Si Kratos the nyari jalan keluar ti neraka eta dibantu
ku si Athena dan berhasil kaluar terus neangan si Ares
deui. Sambari mulihkeun lukana si Zeus tèh bere sacuil
kakuatanna ka Kratos jang ngabunuh Ares. Langsung si
Kratos teu lila lila ngabunuh tantara tantara si Ares jeung
nemukeun lokasi si Ares. Nyampe weh si Kratos tèh di
tempat na si Ares tèh keur ngomong ka si Zeus “Woy
Zeus!! Urang boga kakuatan Kotak Ndora jang
ngahancurkeun Olympus” pas si Ares ngabacot ka si Zeus
si Kratos tèh ngalempar petir ka tangan na si Ares.

Jatoh we Kotak Ndora tèh ti tangan si Ares langsung


si Kratos ngabuka kotak eta tèh.
Pas dibuka si Kratos tèh Jadi Dewa full jeung jadi Gede
sarua jeung si Ares. Si Kratos nantang si Ares duel “urang
akan balas dendam ka maneh karna geus ngabuat urang
ngabunuh kaluarga sorangan” ceuk si Kratos. “ciga nu

48
bisa ngabunuh urang wae, tong sombong karna maneh
ayeuna boga kakuatan dewa.” Lalu Duel si Kratos jeung
si Ares seungit pisan nepika dunia tèh geter ti duel èta.

Kratos ngadominasi si Ares nepika Sakarat, Kratos


ndek berè serangan terakhir si Ares ngomong “urang
hayang maneh jadi prajurit sampurna” ceuk si Ares. “dan
maneh berhasil” ceuk si Kratos sambil nusuk si Ares.
Kematian si Ares the ngajieun ledakan nu Gede.
Kratos nu berhasil ngabunuh dewa perang eta diajakan ku
si Athena jang jadi Dewa Perang nu Anyar, Kratos narima
ajakan si Athena tèh asup ka Olympus jadi dewa Perang
nu anyar

5 tahun geus berlalu, Kratos nu ayeuna ngenah


hirup na geus jadi dewa tèh poho dulurna nu masih keneh
di panjara ku dewa pas mimiti. Kratos langsung neangan
info tentang dulurna si Deimos tèh dimana mana eweuh
dan akhirna nanya ka si Athena “dulur urang nu dicokot
cenah karna bakal ngancurkeun Olympus tèh dimana?”
ngapas pas tiheula the si Athena tèh milu nyokot si
Deimos Jadi Si Athena Nyaho dimana si Deimos Ayeuna.
Si Athena Ngajawab “Si Deimos mah dipenjara di
alam kematian beda ti naraka”. Si Kratos nanya cara ka
alam Kematian ka si Athena. “maneh kudu nyari kunci
jang ngabuka pintu na hela, tapi karna maneh geus jadi
dewa maneh bisa langsung buka pintu portal ka alam
kematian tèh”.

49
Lansung si Kratos pergi nyalamtkeun dulurna tèh,
pas ka alam bawah sadar tèh panggih jeung dulurna
langsung, tapi dulurna tèh ngambek karna si Kratos
ngalupakeun dulurna èta.
“lainna kitu” ceuk si Kratos tèh sambil ngalepaskeun si
Deimos. Pas geus lepas si Deimos tèh nonjok si Kratos
nepika ngapung ka pinggir jurang. Si Kratos nu merasa
bersalah cicing teu ngalakukeun nanaon.

Terus wèh aya Dewa Kematian “Thanatos” nu


ndek nga eksekusi si Deimos. Si Kratos langsung
nyalamatkeun si Deimos jeung berè Nyaho untuk
kerjasama ngabunuh Si Thanatos èta, Si Deimos satuju
jeung Rancana si Kratos tèh. Si Kratos kawalahan
ngalawan si Thanatos Sorangan
dibantu ku dulurna.

Pas Si Kratos lalai tèh si Thanatos ningali si


Deimos nu kabuka pisan jang di serang, langsung weh
kena serangan fatal si Deimos tèh langsung sakarat, Si
Kratos nu kaget langsung lari ka si Deimos “maneh teu
kunanaon?” “urangmah cigana moal bisa irup lebih lila
ieu urang kena serangan fatal ti dewa. Nu pentingmah
urang bisa perang sabelahan nu pertama jeung tarakhir
kalina.” Si Kratos nu ngambek karna Dulurna karek ge
bebas geus dibunuh deui langsung teu kakontrol
kakuatanna.

50
Si Kratos nu ngambek tèh bisa ngajieun dewa
Kematian sieun ka kamatian eta sorangan
Bayangkeun nu ngontrol Kamatian sieun ka
Kamatian pan teu logis nya. Si Kratos the langsung
ngabunuh jeung ngancurkeun tempatna si Thanatos èta
tèh. Si Kratos nu geus ngalampaukeun kamatian eta
sorangan tèh balik ka Olympus.

Setelah Kajadian èta si Kratos tèh Ngajieun


Prajurit na sorangan nu dinamakeun “Spartan” deui nu
ngabdi ka Dewa Perang “Kratos” nu ayeuna jadi Jendral
Jeung Dewa Perang nu teu terkalahkan.

TAMAT…

51
Kaendahan Sosobatan
Ilma Navia Putri (2022)

Di sakola SMP aya barudak anu sok rerendengan


genepan. Barudak eta teh sakolana di SMPN 2 Cihejo.
Barudak eta genep eta ngaranna Bintang, Nisa, Ratih,
Asila, Maya hiji deui teh Ayla. Pas jam istirahat biasan
barudak teh sok ka kantin, terus karumpul di teras kelasna.
Eta teh sok ngarobrolkeun tentang barita-aerita paling
enggal nu aya disakolana.
Silahturahmi maranehna teh meni rakeut pisan.
Lamun salahsahijina aya masalah sok dibarantuan, atawa
lamun sedih sok di hibur, komo di antara barudak eta teh
sok aya nu ngabodor. Maranehna teh sok ngarumpul di
salahsahiji imah. Lamun aya waktu teh sok karumpul ,
kadang di imah Asila, Ratih , Bintang, atawa nu lainna.
Lamun keur ngarumpul teh biasana sok silih tuker carita,
ngaliwet, atawa nonton. Tapi sakeudeung deui mah bakal
hese sabab tereh lulus SMP, jadi bisi hese marian waktu
senggang lamun SMA na beda-beda. 3 bulan deui ge
ujian sakola jeung ujian praktek.
Dina poe jumat teh di jam istirahat Ratih ngakan ka
babaturana.
“ Bade maleser buku novel atawa buku Latihan
jang ujian moal ? “.
“ Hayu, poe Sabtu ? “ jawab Nisa.

52
“ hayuuuu…” jawab barudak nu Tarik.
Pas peutingna dina grup wa Bintang nanya
“ Isukan teh berangkat jam salapan? “ ajakan
Bintang.
“Nya jam salapan.” jawab Ratih ka Bintang
Dina hari Sabtu isuk, di grup wa aya nu nanya deui.
“Jadi kan ?, kumpulna di alun-alun nya.” Tanya
Ratih
. “Jadi, nya ke Bintang berangkat jam 8.45 an da.”
Jawab Bintang.
Pas jam 9 pas, akhirna kararumpul sadayana.
“Ayeuna tos karumpul hayu urang asup tokona”
ajak Nisa.
Pas asup maranehna marilihan buku, aya nu ka
belah ditu, aya nu nepi ngurilingan tokona. Ratih mawa
buku ujian, Asila mawa novel, Nisa mawa novel komedi,
Bintang mawa komik, Ayla mawa buku ujian, jeung Maya
mawa novel cinta. Sanggeus malayar, maya ngajak ulin.
“hei urang ulin yu, kumaha setuju teu” Ajak Maya
“ Hayuuu.” Jawab kabehan.
“ kumaha lamun ulinna karokean atau ka cafe?”
Nisa nyarankeun.
“Karokean we yu, lamun aya waktu ka cafe.” Jawab
Bintang, Ayla, jeung Asila
“Hayu wae.” Jawab Maya, Nisa, jeung Ratih
Ahirna saenggeus beres meuli buku, maranehna
teh lanjut karokean. Karokean eta teh jang ngahibur
maranehna. Aya nu nyetel lagu galau, Bintang midiokeun,

53
aya oge nu nyetel lagu pop. Saeunggeus 2 jam karokean
teh tuluy ka cafe, biasa budak jaman ayeuna mah.
Maranehna teh silih mesen kadaharan. Sabari nungguan
kadaharan, maraen kartu uno anu di sadiakeun ku cafena.
“ Ih poe ieu meuni bungah pisan, bisa ngarumpul
lengkap kieu” Ayla bungah.
“Sing teh ke lamun beda sakola bisa kieu kenehnya”
tembal Maya.
“Aamiin...” Jawab Kabehan dilanjut seuri.
Kareuseupan poe eta teh, dilanjut balik kaimah
sewang-sewang. Eh tapi saacan balik popotoan jang
kenang-kenangan.
3 bulan kahareup , kagenep barudak teh rek
ngadepkeun ujian praktek senen na. Dina grup wa teh
rame ngabahas jang engke ujian praktek. Alhamdulillah
lancar sadayana salami tilu poe. Teu nepi dinya hungkul
2 minggu deui teh aya keneh ujian nasional, Bintang
saminggu saacan UN ngajak babaturana diajar
babarengan, tuluy daraekeun. Dina waktu balik barudak
genep teh leumpang ti kelas ka gerbang babarengan bari
garandengan jeung saleuseurian, soalna aya nu sok
ngabodor diantara genepan eta teh.
2 minggu saacan UN mingguna teh Asila tepang
tahun ka 15. Ti dinya teh babaturan na siap-siap jang mere
kejutan jang asila. Pas poe Minggu, ka 5 babaturanna
cicing-cicing datang ka imah Asila. Pas nepi, langsung
izin ka mamahna Asila, sanggeus dibere izin langsung
laleumpang ka panto kamar Asila, tuluy di ketrokan tilu

54
kali, tapi can di buak wae pas ka opat kalina Asila
ngajawab
“saha?.” Tanya Asila kanu ngetrok
Tapi teu aya nu ngajawab. Pas muka langsung
ngarucapkeun tararik.
“ wilujeung tepang taun Asilaaa.....” Ucap kalima
babaturanna,
“ aaaaaa nuhun...” ucap Asila bari reuwas, sedih,
jeung bahagia.
Dina poe ulang tahuna Asila, ceuk manehna teh
bakal jadi kenangan. Saatos silih ngucapkeun, pepelukan
tuluy dilanjutkeun popotoan jeung marakan tumpeng
jeung kue. Eta kamar Asila teh meuni rame ku sora nu
nyarita jeung aya nu marakan tumpeng.
Poe ka poe, genep barudak teh garetol diajar. Dua
poe saacan UN maranehna teh rek jadi belajar bareng di
imah Nisa. Dina hari sabtuna daratang ka imah Nisa jam
salapanan isuk. Di mulai diajarna jam satengah sapuluh,
ti dinya teh silih nanya jeung jawab. Pas asup waktos
lohor, maranehna teh lareureuh aya nu sholat, aya oge nu
nyiapkeun mie . Dilanjutkeun deui diajarna mulai jam hiji.
Geus beres maranhena teh reureuh heula bari heureuy
saleuserian. Baralikna teh jam satengah opat sore.
Minggu ka minggu, ahirna kagenep barudak teh
lulus ti SMPN 2 Ciahejo. Di tuluykeun daftar ka SMA,
Alhamdulillahna lulus ka sakola nu di impikeuna. Tah
biasana aya libur, pasti barudak karumpul deui, tapi Asila
teh teu bisa datang sabab aya urusan.

55
“Poe ieu karosong teu, bade karumpul moal ?”. ajak
Bintang
“Haayu wae, kosong ieuh ?”. Tembal Nisa
“Nya sok diantos di bumi abdi”. Tembal Bintang
“Hampuranya teu bisa ngumpul soalna aya urusan”.
Asila ngajawab
“Nya teukunanaon Sila” tembal Bintang
Papanggihna ayeuna mah di imah Ratih. Saentos
karumpul silih nyarita tentang masuk ka SMA, silih
ngabodor siga biasanan.
Tiap karumpul Asila teh sok jarang hadir. Nisa teh
aneh bisi aya nu nyeurikeun hate na Asila diantara limaan
teh. Pas Nisa nanya-nanya kanu lain, ngarasa asa
hareunteu kunanaon. Tuluy bari deg-degana Maya
ngungkapkeun nu sabenerna mah, Asila ngajauh teh
kapaksa lain gara-gara aya nu nyakitkeun hatena. Pas
Maya ngomong kitu no opatan teh bingung, emang
kapaksa gara-gara naon. Tapi Maya can wani nyaritakeun
nu aslina. Geus kitu isukna Maya papanggih jeung Asila
di lapang pas olahraga.
“Asila mending jujur we ka kabehan” saran Maya
“T-tapi sieun keneh lamun tanggapan nu lain jelek
ka Sila”. Tembal Asila bari sedih
“Moal kukumaha, kamari barudak nanya keun”
Maya nyaritakeun
“Asila maaf wehnya, Maya teh karunya ninggali
barudak sieun Asila the nyeri hate ku barudak. Jadi Maya

56
nyarios lamun ngajauh teh sanes gara-gara maranehna
tapi kapaksa” di tuluykeun ngajelaskeun.
“Mending jujur we nya May ?, daripada salah
paham”. Tembal Asila bari gugup.
“Nya jujur we, ke sore Maya ngajak papanggih di
rumah Maya.” Saran ti Maya
“Nya ke kabaran, nuhunya tos ngabantuan” tembal
Asila.
“Sami-sami” tembal Maya.
Ahirna Maya ngajak papanggih jam dua beurang
di imahna. Untungna kabeh barisa datang. Pas narepi di
imah Maya, rareuwaseun soalna aya Asila nu geus aya
didinya. Geus kitu Asila nyarita nu saenyana.
“hampuranya jarang aya, jujur Sila teh isin lamun
Sila teh sakit leukemia.” Asila nyarios jujur.
“Aaaaa Sila, naha make isin, ku arurang ge moal
dijauhan” Tembal Nisa, sabari reuwas jeung sedih
“Nya bener, ku arurang ge bakal di semangatan.”
Dilanjutkeun ku Bintang
“Nuhunya, Asila teh mikir tanggapana moal kieu”.
Asila lega ninngali tanggapanna
“Sila arurang teh nganggep sadayana dulur, jadi
kudu saling ngadukung”. Dilanjut ku Ratih
“Aaaa nuhunnya, Sila teh jarang aya sieun kambuh
teu ujug-ujug”. Tembal Asila
Saenggeus silih jujur, ahirna teu aya deui nu di
tutup-tutup. Tuluy arulin di kamar Maya, Asila jeung
Bintang ngobrol, sesana aya nu gogoleran aya nu ngagitar

57
jeung nyaranyi. Teu karasa geus maghrib, di tuluy sholat
jeung baralik.
Isukna Nisa nanya ka Maya, sabab duan teh sa
SMA jeung sakelas.
“ May, May” nisa ngegeuroan May.
“Aya naon Nis ?” tembal Maya
“Dieu heula coba” Nisa ngajak diuk
“Ieu nu lain rek nanya tapi lewat Nisa, naha Maya
bet bisa apal Asila sakit ?’ tanya Nisa sabari panasaran.
“Kieu Nis, jadi pas Asila tepang taun kan kaimahna
terus asup kan ka kamarna. Pas di titah bawa casan dina
laci ku Asila. Nya di pangbawakeun ku Maya the. Teu
kahaja ninggali surat ti rumah sakit ti dokter Hematologi
onkologi “ jawab Maya sabari ngajelaskeun
“ Tuluy pas parulang kan tinggal Maya nu can
pulang. Maya teh nanya weh ka Asila, tidinya teh Asila
nyarita ka Maya” dilanjutkeun deui
“Oh jadi kituuu. Oke nuhunnya. Untung Maya
nyarios ka arurang jadi Asila teu isin deui lamun ameng
teh.” Tembal Nisa, sabari ngucapkeun nuhun
“Nya sami-sami” tembal Maya
Akhirna tina masalah Maya bisa apal Asila sakit
kapendak. Asila teh ayeuna mah aya wae tiap pertemuan.
Sataun tidinya, saatos Asila ngalakukeun kemoterapi
babaraha kali dinyatakeun sehat tina panyakit leukimia.
Asila bisa semangat sehat lantara dukungan keluarga
jeung babaturan-babaturana. Asila langsung ngabaran ka
babaturana

58
“Alhamdulillah poe ieu urang dinyatakeun sehat
tina leukimia” awalan ngobrol di grup, bari ngabarkeun
bahagia.
“ Alhamdulilah Silaa ahirna nu di tutunggu” jawab
Nisa
“ Alhamdulillah nyaaa Sila” tembal nu laina
“ isukan daratngnya ka imah Sila, bade ngayakeun
syukuran ti keluarga sareng rerencangan cakeut, sakalian
urang papanggih” ajak Sila ka kabehan
“ Insyaallah Sila Nisa jeung nu laina datang” jawab
Nisa sabari ngawakilan nu lain.
Ahirna daratang ka imah Asila, langsung syukuran
jeung kangen-kangenan.

TAMAT…

59
Liburan Ka Bandung
M. Ali Yahya (2022)

Liburan taun kamari abdi sakulawargi angkat ka


Bandung dina rangka liburan. Abdi sadayana angkat
sapoe sanggeus nampi rapot. Dugi di Bandung, abdi
sakulawargi ngadatangan tempat raramean jiga Dusun
Bambu jeung Kebon Binatang.
Sanggeus bosen jeung dirasa puas, abdi jeung
kulawargi mondok di hotel daerah alun-alun Salajengna,
kaping 31 Desember abdi sakulawargi angkat ka bumina
pun ua di Buah Batu, ngempel ngarayakeun wengi
pergentosan taun.
Abdi jeung kulawarga angkat ti hotel alun-alun
kinten-kinten tabuh lima sore margi sieun macet di
jalanna. Dugi ka bumi pun ua pas azan Isya.
Kinten-kinten tabuh 9 wengi acara dikawitan
meuleum sate jeung beuleum ketan dicocol ku sambel
oncom.

60
Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame
tingbaranyay di langit, endah pisan katingalna. Kaleresan
bumi pun ua di tengah kota jadi katingali jelas. Puncakna,
tabuh dua belas pas kembang api ti ditu ti dieu harurung
nyaangan langit Kota Bandung.

TAMAT…

61
Babaturan
Manda Deva Maulana (2022)

Seika téh murid kelas 10 anu kakara ditarima di


salah sahiji SMA favorit di Semarang. Dina isuk-isuk anu
cerah Seika hudang sarta langsung siap-siap indit ka
sakola ambéh teu kaleuleuwihi, di jalan Seika mikiran hiji
hal anu tetep nempel dina pikiran nya, nyaéta "Naha
kuring boga babaturan engké". didinya geus loba jelema,
Seika diuk di jok tukang sabot Seika keur melong panonna
ujug-ujug murag kana hiji lalaki di hareupeun manehna,
entah kenapa manehna kabetot terus mikir "katingalina
lalaki eta teh alus jeung seru lamun diajak ngobrol."
Teu lila bel bel tanda kelas bakal dimimitian, teu lila
guru lebet ka kelas ngawilujengkeun ka urang sadaya
parantos lulus lebet ka sakola ieu, teras guru ngajak urang
ngenalkeun diri. Teras we ngenalkeun diri hiji-hiji,
ayeuna giliran lalaki di payuneun Seika, anjeunna
nangtung sareng langsung ngenalkeun diri "kenalkeun
nami abdi Yuji", Ceuk Seika dina jero hatena "aduh..
ternyata namina Yuji", basa sarerea ngenalkeun diri guru
nerangkeun aturan di sakola ieu jeung ngobrolkeun loba
hal.

Bel istirahat disada, dua awewe ngadeukeutan ka


manehna,

62
Rika Anie : “hey Seika!, hayu urang ka kantin
bareng”.
Seika :”hayu hayuu”.
Anjog ka kantin langsung meuli jajan, sanggeus
meuli jajan, Seika, Rika jeung Anie balik ka kelas. Nalika
aranjeunna dugi ka kelas, Seika ningali Yuji diuk sareng
Ken. Seika neuteup Yuji lila-lila nepi ka Yuji jeung Ken
ngalieuk ka Seika, Seika reuwas jeung langsung ngalieuk
ka jero hate ngomong "Aduh aduh, mampus". Papanggih
jeung Yuji manehna teu bisa ngahuleng langsung,
Kusabab Yuji ngarasa aya anu ningali manehna langsung
melong ka Seika, na enya Seika reuwas jeung manehna
ngahindar panon na tuluy ngomong sorangan.
Teu karasa geus 1 bulan sakola, Jeung saperti biasa
Seika sok merhatikeun Yuji, Seika mutuskeun ngomong
ka babaturan deukeutna, Rika jeung Anie,
Seika : "Rik, Nie, jigana kuring resep ka Yuji"
Rika jeung Anie : "HAHHH??? KEUR NAON SEI
TEU DIPIKIRKEUN!!!!"
Seika geus terang pasti réaksi maranéhanana bakal
rarewaseun,
Seika : “hehh tong garandeng teing bisi batur bakal
ngadenge, Rik, Nie, punten jaga rahasia ieu, ulah ngantep
Yuji terang yén kuring resep ka anjeunna, soalna ceuk
batur lamun urang resep ka jalma,terus jalma eta terang
lamun urang teh resep ka anjeunna, aranjeunna biasana
bakal ngajauhan."
Rika jeung Anie : "SIAP BOSS!!!".

63
Waktos istirahat waktos Seika, Rika sareng Anie
henteu ka kantin, Seika ningali Ken, Daichi, Hiroki sareng
Fumio nuju maén UNO, Seika ngadeukeutan aranjeunna
sareng diuk dina korsi ningali aranjeunna maén. Yuji nu
karék datang ti kantin, langsung ka babaturanna, diuk
gigireun Seika.
Pas ningali adegan eta, Rika jeung Anie langsung
bungah jeung langsung ngaluarkeun HP tuluy Rika pura-
pura motret padahal Rika jeung Anie motret Seika jeung
Yuji anu aya di gigireun.

Sabot Rika jeung Anie balik ti sakola, Seika ngahalangan


Seika balik heula.
Rika jeung Anie : "kelaa kelaaa sei urang rek mere
nyaho sesuatu yeuhh”
"Rek naon ieu teh buruu urang rek balik”
Rika jeung Anie oge nembongkeun poto eta Seika
robah jadi reog alias bungah
Seika : “WAH ANJIRRR ??? NAHA BISAAA
IRAHA IEU MOTOKEUN NAAAA"
Rika jeung Anie : “kumaha bungah ayeuna?”
Seika : “NYAETA BUNGAH PISAN HATUR
NUHUN, eh tapi Yuji teu terang upami anjeun nyandak
gambar urang kan?" "Kuring teu tenang."
Isukna salila kelas basa Indonesia Rombongan
Seika ngarep-ngarep bisa sarombongan jeung Rika jeung
Anie tapi waktu guru ngabagikeun rombongan ternyata
Seika sarombongan jeung Yuji, Seika reuwas jeung

64
langsung melong ka Rika jeung Anie duanana reuwaseun,
ningali aya nu aya. Sigana mah mangrupa kasempetan
pikeun Seika jeung Yuji pikeun leuwih deukeut jeung
Rika geus biasa ngobrolkeun idena ka Anie pikeun mere
nyaho ka Yuji yen di kelas ieu aya jalma anu resep ka
Yuji, sabab Rika jeung Anie karunya ka Seika alatan Yuji
jeung Seika. jarang ngobrol. Wanci reses, Rika
nyampeurkeun Yuji langsung nyarita
Rika : "Yuji aya nu bogoh ka maneh"
Yuji : "Eweuh nu daekeun jeng urang mah",
ngadenge omongan Yuji Seika melong ka Anie bari
ngomong "eweuh nu daekeun cenah nie☺”
Kusabab panasaran Yuji terus nanya ka Rika, Rika
oge mere sababaraha ciri. Ngaran Seika langsung terlintas
di pikiran Yuji sarta manehna langsung nanya deui ka
Rika, "Saha sih si seika lin?"
Rika teu ngawaler terus ngajauhan terus nyampeurkeun
Seika jeung Anie, Seika jeung Anie muka tegang siga nu
mere tanda ka Rika rek nyaritakeun sagalana, Rika
nyaritakeun sagalana jeung Seika kaget sabab Yuji
langsung bisa ngomong yen eta teh manehna. Seika
mimiti ngarasa bédana, nu baheula mah resep ngobrol
jeung Yuji, sanajan geus jarang, ayeuna meureun ngan
lamun aya kabutuhan penting, malah Yuji teu ngobrol
jeung Seika atawa ngobrol ngeunaan eta langsung ka
Seika. Seika ogé nyarita ka Rika jeung Anie "Kuring
jeung Yuji mah leuwih hadé jadi babaturan, tapi kuring

65
miharep Yuji jeung kuring teu asing kawas ieu. Rika ogé
ngobrolkeun éta ka Yuji
Rika : "Yuji naha anjeun ngajauhan Seika kusabab
anjeunna resep ka anjeun?" .
Yuji : "Heueuh Rik, aing mah teu jauh, meureun
Seika bakal kagok sabab geus nyaho manehna resep ka
kuring jeung sieun ngaganggu atawa ngarasa keuheul" .
Rika : "urang aya pesen ti Seika"
Yuji : "Naon éta Rik?"
"Kuring sareng Yuji panginten langkung saé janten
babaturan, tapi kuring ngarepkeun Yuji sareng kuring
henteu asing sapertos kieu."
Rika : ceuk kitu Ji.
Yuji : "Abdi yakin abdi sareng Seika moal asing
deui, upami Seika masih kagok, abdi bakal nurunkeun
gengsi abdi," cek Yuji.
Rika: Tah kitu atuh
Seika sareng Yuji janten caket sareng sering
ngobrol, sareng aranjeunna janten babaturan anu saé dugi
ka ayeuna.

TAMAT…

66
Latihan Sepakbola di SBB Yudhistira
Muhamad Diaz Nurilham (2022)

DI POE MINGGU TANGGAL 5 JUNI 2022,SIGA


JADWAL BIASANA SSB YUDHISTIRA LATIHAN SEPAKBOLA
JAM DALAPAN DI STADION BADAK PUTIH CIANJUR .
MIMITI ABDI GUGAH JAM SATENGAH 5 SHUBUH ,TOS
ADZAN SHUBUH ABDI GERA -GERA KA MASJID SHOLAT
BERJAMAAH SHUBUH ,SAENGGEUS BALIK TI MASJID ABDI
MACA QUR AN .TOS ETA ABDI OLAHRAGA HAMPANG DI
PAYUNEUN IMAH MAENKEUN SKIPPING (LUNCAT
TALI).SAENGGEUS ETA ABDI REUREUH SABARI MAEN
HAPE,NGIRIM PESEN KA BABATURAN ABDI NU NGARANA
GALANG.PESEN NA NYAETA “ LANG JEMPUT KA IMAH
URANG HELA . GALANG NGAJAWAB PESEN ” OK SIAP
URANG OTW SATENGAH 8.LAMUN JAM NGES NEMPOKEUN
KANA JAM 6 ABDI SASARAP ,BIASANA ISUK KENEH MAH
DENGEUN NA SOK JEUNG ENDOG . GES BERES SASARAP
REUREUH SAKEDEUNG SABARI NGADAGOAN DAHAREUN
NU DI DAHAR TADI TURUN .

GES ETA MANDI KINTEN -KINTEN JAM SATENGAH


TUJUH MANDI THE ,TAH BERES MANDI THE JAM GENEP
OPAT PULUH LANGSUNG KA KAMAR DI BAJU .NGES BERES
ETA ABDI NGASUPKEUN PARALATAN SEPAKBOLA AYA
SAPATU BOLA ,BAJU LATIHAN BOLA SSB YUDHISTIRA
JEUNG CALANA ,HANDUK,JEUNG BAJU GANTI . NGES
BERES ETA ABDI MUKA HAPE SABARI NGADAGOAN SI
GALANG NGAJEMPUT .PAS WAKTU NGES NUNJUKEUN JAM

67
SATENGAH 8 SI GALANG NELEPON ABDI , TERAS KU ABDI
DI ANGKAT,’ YASS BURU URANG NGES NEPI IE DEKEUT
IMAH MANEH CEK SI GALANG ,’OH HEEH HEG KELA
DAGOAN CEK ABDI .TERAS ABDI SALIM KA MAMAH
SAREUNG BAPA NYUNGKEUN DU A NA ,DIPASIHAN ACIS
DUA PULUH LIMA REBU ,ANU LIMA BELAS KER MAYAR
LATIHAN , NU SAPULUH KEUR JAJAN .ABDI KALUAR IMAH
NYAMPERKEUN SI GALANG NU NGEUS NGADAGOAN DI
DEUKEUT IMAH ,TERAS ABDI MANGKAT KA STADION
BADAK PUTIH TEMPAT LATIHAN SEPAK BOLA ,KIRA KIRA
DUGI TABUH TUJUH OPAT LIMA .

NGES NEPI DI BADAK PUTIH LANGSUNG SALIM


KA PELATIH JEUNG KA BABATURAN ,NGARAN PELATIHNA
AYA PA RAHMAT ,PA DUDUNG, JEUNG PA DEDE . MUN
BABATURAN MAH AYA
INDIRA,SAUQI,KAMIL,YOGI,DSNI,DIKA JEUNG
NULAINA . TERAS ABDI GANTI PAKEAN KU PAKEAN JANG
MAEN BOLA , NGES ETA ABDI TURUN KA LAPANG BIASANA
SABARI NGADAGOAN PELATIH TURUN MAENKEUN BALL /
MAEN UCING UCING NGAN . MUN PELATIH NGES TURUN
BIASANA LANGSUNG AYA PIRIWIT ETATEH DI TITAH
KUMPUL,KUMPUL THE JANG NGA INFORMASIKEUN BISI
AYA INFORMASI TERAS NGES ETA NGA DUA . MUN NGES
NGADUA BIASANA DI TITAH LUMPAT KU PELATIH LIMA
KURILING BABARENGAN .SABARI URANG LUMPAT
PELATIH BIASANA NYIAPKEUN MATERI
LATIHAN. PELATIH DI TIM USIA ABDI NYAETA PA RAHMAT
.SAEENGEUS LIMA KURILING EREUN TERAS KUMPUL
SABARI PA RAHMAT NGA INFORMASIKEUN JEUNG

68
MERAGAKEUN MATERI AYENA .NYAETA MATERI
MIMITINA KANA PEMANASAN NYAETA AYA
ZIGZAG,SAMBA , AMEH HENTE KRAM .

TOS ETA KANA MATERI SALANJUTNA NYAETA


KETAHANAN TUBUH / FISIK NYAETA AYA SPRINT
PENDEK,SPRINT JARAK JAUH ,NTOS ETA ISTIRAHAT HELA
5 MENIT.NGES ISTIRAHAT KANA MATERI SALANJUTNA
NYAETA KANA BALL MATERINA AYA ,PASING ,LONG
PASS,JEUNG POSSEION GAME . MUN NGES KABEH MATERI
LANGSUNG PENDINGINAN AMEH OTOT OTOT NU TADINA
PANAS JADI BIASA DEI ,BERES LATIHAN TH JAM
SABELAS ,BIASANA BARI REUREUH NGOBROL JEUNG
BARUDAK JEUNG PELATIH OGE . MUN NGES REUREUH
BIASANA LANGSUNG UWIH MUN HENTE ULIN
HELA,NYAETA KABENEREAN POE ETA REK ULIN MAEN PS
DI IMAH SI GALANG. NYEWA PS NA DI REXEL NU DI JOGLO
,NYEWA NA NEPI SORE ,MUN NGES NYEWA PS NA DIBAWA
KA IMAH SI GALANG NU DI GG HAJI DAPET . NEPI IMAH
SIGALANG THE JAM 12,SAAACAN MAEN PS SHOLAT HELA .
MUN NGES BERES SHOLAT LANGSUNG MAEN PS GAME
MAEN BALL ,NU NGILU MAEN PS NYAETA AYA
ABDI,GALANG,DIKA,DIRA.

BARI MAEN PS BARI NARANG DAHAR JEUNG DI


SUGUHAN OGE MIE AYAM KU SI GALANG .TAH BERES
MAEN PS JAM SETENGAH OPAT PAS JENG WAKTU SHOLAT
ASHAR BARUDAK SAROLAT HELAA . PAS NGES BERES
SHOLAT REK BALIK TH KABURU HUJAN ,JADI
NGADAGOAN HELA HUJAN NA RAAT . SABARI
NGADAGOAN RAAT NGAROBROL BARI HEUREUY

69
NYARITA . HUJAN RAAT TH JAM LIMA KIRANG ,LANGSUNG
SIAP SIAP REK BARALIK . LANTARAN NU MAWA MOTOR
NA SI GALANG HUNGKUL JADI SIGALANG NGANTERKEUN
HIJI HIJI, MIMITI SI GALANG NGANTERKEUN SI DIRAA NU
IMAH NA PANG DEUKEUT NA JEUNG IMAH SI GALANG
NYAETA IMAHNA DI GANG BARBA PALING OPAAT MENIT
GE NEPI. GESSS NGANTERKEUN SI DIRA TULUYY GALANG
NGANTERKEUN SI DIKA NU IMAH NA DI KOPEM ,JADI SI
ABDI DI ANTERKEUN PANDEURI KU SI GALANG . BARI
NGADAGOAN SI GALANG ABDI NGABERESEN PS
LANTARAN PS NA MEUNANG NYEWA NYAETA NYEWA NA
TI REXELL TEA . GALANG DUGI TH JAM SATENGAH GENEP
,JADI ABDI TH JAM SAKITU .
ABDI SIAP SIAP BALIK ,TURUN KA HANDAP SALIM
KA MAMAH JEUNG BAPANA GALANG , TERUS ABDI
BERANGKAT JEUNG SI GALANG KA IMAH ABDI NU DI
KOMPLEK SMP 2. PAS DI JALAN ABDI SABARI NGOBROL
JEUNG SI GALANG, SAACAN KA IMAH ABDI ,ABDI JEUNG
SI GALANG MEREKEUN PS NU DI INJEM TI REXE ,
LANGSUNG BERANGKAT KA IMAH ABDI , LANTARAN
MACET JADI NEPI KA IMAH ABDI JAM GENEP PAS MAGRIB .
PAS NEPI ABDI NGA NUHUNKEUN KA SI GALANG
LANTARAN GES DI ANTERKEUN , LANGSUNG SI GALANG
BALIK KA IMAHNA BURU BURU LANTARAN SIGA REK
HUJAN DEI. ABDI NEPI LANGSUNG SALIM KA MAMAH
JENG BAPANA , TERAS BEBERSIH JEUNG DAHAR .

TAMAT…

70
Nalika Anjeun Resep Ka Batur tapi
Anjeun Teu Tiasa Ngalawan Insecure
Muhamad Raehan Wikarsa (2022)

Halo.. Nepangkeun ieu abdi dareen, abdi di kelas


jelemna insecure an jeng saetik saetik kapikiran, ieu
sakedik carita kanggo anjeun, mugia tiasa ngeusian
waktos luang anjeun, anjeun terang arti atanapi makna
kecap. Indecure, ieu kecap indecure bisa dihartikeun
salaku rasa percaya diri anjeun isin, sieun jeung saterusna.
Ieu sabenerna wajar loh, sakapeung urang ngarasa kitu.
Aya hiji carita dimana jalma éta ngalawan insecure na.

Saprak mimiti asup sakola sanggeus lila diajar di


imah atawa online, Dareen resep ka salah saurang budak
awéwé di kelasna, éta kahiji kalina Dareen ngarasa cocog
jeung éta budak awéwé.

waktu..... dina isuk-isuk anu kacida cerahna Dareen


asup pelajaran kahiji,mereka dibagi jadi hiji kelompok ku
kabeneran,eta salah sahiji grup anu nyieun Dareen
bungah.Ti dinya Dareen mimiti resep ka manehna.

Dareen nyumponan rasa ka éta wanoja salila ampir


2 bulan. Dareen isin pisan jang ngajak ngobrol jeung
manehna, malah keur ngachat dina wa jeung manehna,

71
Dareen ngarasa isin terlebih nepi ka nyataken parasaan ka
manehna.

Nalika hiji poe Dareen mimiti katempo keur


ngobrol jeung ngobrol ngeunaan hal-hal anu nyieun
awéwé éta senang jeung seuri, di dieu Dareen mimiti
kabawa ku perasaan jeung uyah, oh enya Dareen bisa
ngobrol jeung guyonan jeung manehna sabab manehna
kabawa. ku sobatna anu sering guyon jeung manéhna.

Nalika hiji mangsa, Dareen anu sok mikiran naon


anu teu penting, sok dipikiran, dina hiji mangsa Dareen
mikiran jeung nanya.

siga "manehna sampurna bari kuring???".

Sareng nalika anjeunna dugi ka bumi, pas di


payuneun carmin Dareen deui heran naha anjeunna
pondok, kurang percaya diri sareng sajabana, ku kituna
parasaan Dareen mimiti kumalayang nyalira nalika
mikirkeun kecap-kecap éta. Dareen ogé resep ngadadak
jempé jeung mikir. Sabenerna, urang duaan resep atawa
kuring anu berlebihan teuing di hate Dareen, nepi ka
sababaraha poé sanggeus éta awéwé boga kabogoh anu di
luar ekspektasi Dareen sarta Dareen mimiti bangkit deui
ngalawan insecure sahingga Dareen nekad pikeun
meunangkeun eta awewe.

72
Eh, pekteh si awewe eta teh kalakah makin di koar
koar bobogohan sareung eta lalaki nu diluar ekspetasi
dareen the didinya dareen makin galau jeng nanya ka
babaturan.

”kumaha ie lanjut bae atau nyari nu baru?” pekteh


babaturan na ngajawab.
“Tos we reen ulah di pikiran awewe nu kitu mah
mending neangan nu anyar da loba atuh awewe te eta eta
wae” cek babaturan na
“nya sih bener oge cek maneh urang move one we
ai namah” cek si dareen the
“nah kitu atuh ulah galau wae maneh teh ngewa
maenya lalaki galau” cek babaturan na
“siap atuh kasep” saur si dareen teh
Dareen teh sangaja cicing heula di tempat eta
kusabab biasana eta awewe teh turun tangga tidinya eh
peket jol datang duaan eta teh nyaeta si awewe jeung
kabogohna lelempang ka tempat nu si dareen jeung
babaturan na ie ngobrol, atuh si dareen jadi makin galau
teras dina jero hate si dareen the ngomong kie “ternyata
move one ti jelema nu ku kuring teu acan dimiliki the hese
nya” padahal si dareen can miliki tapi hese move one cek
babaturan na the sabari seuri, pekteh babaturan na buru
buru ngajak ka tempat nu lain bari nempoan awewe nu
gareulis tempat na nyaeta di lapang.
“reen tingali euyy eta awewe meni geulis” cek si
babaturan na.

73
“nu mana ie teh” nyaut dareen
“ah tong sok pura pura teu ningali lah kan biasana
maneh nu sok pertama nga geroan urang ningali awewe
geulis bari muter” cek si babaturan na bari seserian
“ah apal wae si akang eta mah” saut dareen bari
seserian
Pekteh dina suatu mangsa si dareen mulai ngarasa
sigana si awewe jeung kabogohna mulai agak renggang
yeh hubungan na, akal jahat si dareen muncul yeh.
Nalika hiji mangsa Dareen deui-deui gagal tumbuh
rasa percaya diri jadi Dareen ngaluarkeun kecap sejen
kawas kieu dina haténa "rék confes sieun, dipendem
nyeuri." sareng ngakupingkeun motivasi "Cinta
salawasna terang dimana tungtungna, jalma anu
ditakdirkeun pikeun hideup moal pernah ninggalkeun
hideup, sareng jalma anu henteu ditakdirkeun pikeun
hideup moal pernah janten milik hideup".

Janten naon padamelan urang? Tong riweuh


milarian anu pangsaéna, janten sibuk jadi anu pangsaéna.
Teras dareen teh ngucapkeun kecap ie “kuring teu
gagal mentaimu ngan kuring gagal bersaing jeung idaman
hideup”
Tungtungna kuring atawa si dareen ie percaya kana
kecap-kecap anu nyebutkeun "Cinta henteu salawasna
éndah dek".

74
Dina waktos éta Dareen mimiti percaya diri sareng
fokus kana masa depanna kusabab Dareen hoyong janten
anu pangsaéna pikeun masa depanna.

Cukup dugi ka dieu, Dareen nyarioskeun carita,


sabenerna Dareen seueur anu nyarios, tapi henteu aya
telinga anu daék ngadangukeun.

Pendak deui engke,


Hatur nuhun…..

TAMAT…

75
Carita Luthfi di Taun 2015
Muhammad Luthfi Pratama (2022)

Di tahun 2015 abdi luthfi sareng rerencangan


lembur ameng ka komplek tapi abdi ijin ka orang tua teu
di ijinan tapi abdi ngahajakeun ameng ka komplek seuran
rame di jalan sabari hereuy nepi ka aya kajadian nu teu
kaduga duga nimpa luthfi nyaeta luthfi katabrak motor
luthfi ngacleng aya 3 meter nepi ka teu sadarkan diri
saentos sadar abdi tos di candak na motor dengan kaayaan
sampean abdi anu palih katuhu potong daerah tulang
kering pas abdi na motor abdi di candak ka
warungkondang tapi teu sampe ka tempat da jalan na gang
alit jadi sesah abdi sareng bapa abdi,tatanggi uih deui
kabumi.

Pas nepi ka bumi abdi ninggal nu nabrak abdi nuju


di riung ku warga abdi teu kahaja papendak pa rt bade
angkat damel tapi ninggal abdi janten ijin teu damel soal
na nyandak abi ka wargi na anu ahli tulang nyaeta di
daerah Sukabumi sukaraja abdi di jalan tos teu kiat nyeri
sampean pas di jalan abdi teu sadar dina sampean teh aya
luka dei anu lumayan parah soalna masi baal.

76
1jam perjalanan abdi nepi ka sukabumi daerah
sukaraja diditu abdi langsung di taekeun kana korsi roda
trus pangpayunkeun [as di urut abdi sieun nepi ka
nyungkeun nungguan bobo eula meh teu karasa tapi pas
abdi nyungkeun hyong bobo si bapa anu ngurut nyarios
atos alhamdulilllah rengse abdi ge heran naha teu karsa
nyeri saeutik eutik acan saentos eta luka abdi di buntel
ngange kain khusus terus luka luar di obatan ngangge
samacem salep.

Saentos eta abdi uih ka cianjur pas di bumi anu


nabrak abdi tanggeng waler nepi ka ka abdi nyarios sok
ade hoyong naon ku abdi di pang peserkeun nu ade
hoyong tapi abdi nolak abdi hoyong na pidoana meh
enggal damang. masalah ge di bereskeun secara
kakeluargaan abdi dina kajadian eta abdi ijin sakit sakola
selama 6 bulan abdi selama 6 bulan bobo calik bobo calik
nepi ka wargi abdi anu di garut nyempetkeun dongkap
ngalongok ka cianjur.

Dina bulan ka 3 abdi terapi sampean soal na abdi teu


tiasa nekuk keun kaki kumargi jadi kaku nyaeta ku di
panjangkeun wae selama 3 atau 4 bulan abdi di terami
nepi ka tiasa na papah normal selama 6 bulan rerencangan
abdi anu ninnggal abdi katabrak sok ameng maen ps di
bumi abdi sok mondok ngabaturan abdi supados teu bosen
kan abdi selama 6 bulan teu kaluar bumi.

77
Pas di bulan ka 5 abdi tos mulai tiasa kaluar bumi
tapi masih ngangge korsi roda abdi kat bagja tos tiasa
ninggali alam dunia anu indah tapi abdi di suatu sisi abdi
sedih pedah ningali batur tiasa lulumpatan maen bola
maen lalayangan tapi abdi ngantiasa ninglikeun tapi abdi
rada bagja ninggali rerencangan bahagia pas abdi
papendak sareng aki nini ngahuleng saha ieu janten teu
kenal soal na abdi tina awak leutik pisan janten ageung
(gendut) ngarobah 100% soal na abdi salama 5 bulan abdi
tuang langsung bobo deui soal na teu acan tiasa papah
janten teu olah raga teu ngaluarkeun kesang.

Pas di bulan ka 6 abdi tos mulai ngagge tongkat anu


kaki 4 abdi tos rada tiasa ngagrakeun awak meh rada
kaluar kesang abdi ngangge tongkat 4 kaki selama sabulan
saentos eta ngangge tongkat anu 2 janten kiri kana abdi
bulan ka 7 masuk sakola di kelas 3 SD di SDN IBU DEWI
6 CIANJUR abdi kasakola ngangge tongkat tapi abdi di
sakola ngantiasa calik dikelas.

Selama abdi di kelas abdi hoyong jajan ge nitip ka


sepupu abdi ngangetongkat selama 2 bulan nepi ka tiasa
papah normal saentos papah normal sampean abdi janten
karasa gampil carangkeul pas abdi tos tiasa papah normal
100% abdi nuju kaluar sareng pun bapa di tengah jalan teu
kahaja papendak sareng anu nabrak abdi anjeun na sami
kamusibahan sampen anu katuhu na potong sami jiga abdi

78
tapi anu nabrak abdi leuwih parah ti abdi nyaeta si sampen
na the teu leres janten jadi teu lurus.

Abdi ayeuna tos normal deui pesan ti abdi ulah sok


ngabantah cariosan pun bapa sareng pun mamah bisi
kajadian jiga abdi.

TAMAT…

79
Antara Kuring, Anjeun, jeung
Manehna
Nadia (2022)
Kina nyaeta budak SMA kelas 11 nu resep ka budak
kelas 12 ngaran nateh Toni, si Toni teh terkenal ku
pinterna,bageur,jeung kasep pisan. Dina hiji waktu si Kina
papasan dina lorong kelas si Kina hayang menta nomor
telepon na lamun ker penting atau nanyakeun tentang
ekskul, ku sabab s Kina jeng si Toni teh sa ekskul nyaeta
basket. Si Toni boga sifat anu tiis tapi lamun ges kenal
deket pisan sok nga humor, tapi loba nu ngomong lamun
si Toni teh ker resep ka budak kelas 10 ngaranna Andini
anu karek asup SMA. Si Toni jeunujg s Andini balik
bareng naek motor,babaturan si Kina aya nu ninggalieun
si Toni jeung si Andini ngalewat harepeun na langsung
ngomong ka s Kina babaturan na, ngaran nateh si Rani.
Rani:”Kina tadi urang ninggali si Toni jeung s
Andini naek motor duaan ti palebah parkiran sakola”
Kina:”wah naha urang teu ninggali euy tadi keur
beberes kelas jadi teu apal untung maneh ninggali jadi
langsung bebeja ka urang”
Rani:”si Andini na centil pisan di bonceng si Toni,
urang jadi te resep oge”
Andini:”komo urang ni te resep pisan ka jelema eta
jiga nu panggeulisna di sakola karek kelas 10 oge ges kitu”

80
Rani:”heeh din maneh kudu pepet si Toni terus
nepika si Andini ngajauh ti si Toni”
Kaisukaan poe na si Andini jeung si Kina berangkat
sakola bareng, nempo si Andini lempang duaan jeung si
Toni, si Kina makin cemburu kunaon si Toni tebisa resep
ka urang, leuwih resep na ka si Andini anu karek asup
SMA. Si Kina langsung lumpat ka sakola asup ka kelas
diuk cicing mikir bari ceurik gara-gara ninggali si Andini
jeung si Toni sok duaan wae ti kamari.
Istirahat jam ka 1 si Kina ka kantin rek jajan
maneh na sorangan, ka tinggali si Toni ker diuk sorangan,
si Kina hayang nyampeurkeun tapi manehna sadar diri
lain sasaha na si Toni kabogoh lain, deket oge hente, jeung
can pernah patanya saliwat ge. Si Toni anu sifat na cuek
pisan ka si Kina ngajieun si Kina mikir kamana-mana, ku
sabab si Toni keur resep ka si AndiniKaisukaan poe na si
Andini jeung si Kina berangkat sakola bareng, nempo si
Andini lempang duaan jeung si Toni, si Kina makin
cemburu kunaon si Toni tebisa resep ka urang, leuwih
resep na ka si Andini anu karek asup SMA. Si Kina
langsung lumpat ka sakola asup ka kelas diuk cicing mikir
bari ceurik gara-gara ninggali si Andini jeung si Toni sok
duaan wae ti kamari.
Si Toni anu sifat na cuek pisan ka si Kina ngajieun
si Kina mikir kamana-mana, ku sabab si Toni keur resep
ka si Andini, trus ker katinggali deket pisan duaan eta teh,
si Kina teu makin teresepeun ka si Andini pisan, mun

81
papanggih atawa papaliwat di sakola si Kina sok
ninggalikeun.
Aya dina hiji waktos Kina jeung Toni patanya, nu
awalan nanya nyaeta Toni nanyakeun naha Kina sok
ninggalikeun wae Andini.
Toni: "Kina kunaon sok ninggalikeun wae Andini
jiga nu teu resep"
Kina: "Henteu Toni Kina tara ninggalikeun si
Andini"
Toni: "oh suganteh teu resep ka Andini, lamun aya
masalah Kina bisa carita ka Toni bisi aya pendapat ti Toni
nu manfaat jang Kina"
Kina: "Siap aa basket hehehe”
Toni: "Ayena mah nganggap na babaturan biasa we
nya Kin"
Kina didinya tarik ulur bingung antara bungah
jeung biasa wae ku sabab Toni nganggap na ngan saukur
babaturan jang tempat curhat dina sisi lain na Kina ges
resep pisan ka Toni ti kelas 10
Dina jero hate Kina hayang ceurik tapi ditahan ku
sabab bisi kanyahoan ku si Toni lamun si Kina resep pisan
ka Toni, Kina oge mikir eta kelas 12 moal aya harapan
deui ngan bisa resep teu bisa ngungkapkeun jadi di
pendem we dina hate Kina. Walaupun Kina sok cerik mun

82
di imah na tapi teu bisa kukumaha ari Toni na resep ka
batur mah.
Kina mikir bener lamun resep terus di pendem
leuwih nyeri tapi Kina optimis pisan lamun jodoh moal
kamana jeung moal aya nu apal, Kina ayena mikir 2 kali
moal ngarebut Toni ti Andini ku sabab te aya untung na,
mending di pendem dina hate nu paling jero ngan Allah
jeung Kina anu apal. Toni jadi babaturan curhat Kina
lamun Kina ker aya masalah, Toni henteu apaleun mun
sikap Kina ka Toni teh sok beda ku sabab resep tea Kina
ka Toni, Kina ayena apal lamun Toni emang jelema na
bisa berbaur jeung saha wae te pulah-pilih ka sasaha, jadi
ayena Kina sadar lamun kamari-kamari teh Kina egois
pisan hayang mentingkeun diri na sorangan wae tara
mikirkeun perasaan batur.
Kina ujug-ujug curhat soal lalaki ka si Toni padahal
lalaki anu di caritakeun ku si Kina nyaeta Toni.
Kina:"Toni, Kina bade nyarita soal lalaki ka Toni"
Toni: " Sok Kin santai we jeung Toni mah"
Kina: "Misalna lamun aya awewe anu resep ka Toni
terus ngomong lamun si eta teh resep ka Toni, kumaha? "
Toni:" Nya teu nanaon, Toni ngahargaan ku sabab
si eta meren jelema na teu bisa nyimpen rasa lila-lila
saking ku resep na"

83
Kina: " Oh kitu nya tapi Ton karunya awewe eta ges
ngomong perasaan na tapi teu aya respon balik anu
ngajieun si eta bungah"
Toni:" Etama balik deui ka Awewe na hayang na
kumaha, ari Toni mah jelema rada cuek lamun can kenal
mah tapi mun geus deket jeung sasaha bisa seserian wae,
jeung santai jiga ka Kina we kumaha"
Kina:" Oh kitu nya atos atuh nya nyarita na Toni
sakitu hungkul te panjang lebar pisan sareng Kina mah"
Toni:" Hahaha, padahal mah teu nanaon Kin santai
we”
Kina didinya bungah pisan bisa chatan jeung
lalaki anu di resep na Toni, teu bisa ngomong nanaon deui
Kina lamun geus chatan jeung Toni ku sabab degdeg an
teu paruguh, di sisi lain Kina langsung inget lamun Toni
ges aya awewe anu di resep na.
Saminggu satuluyna...
Aya gosip lamun Andini jeung Toni geus jadian,
tapi Kina acan apal nanaon soal ieu, tapi Rani babaturan
na ngadenge ti kelas batur langsung ngabejakeun ka si
Kina.
Rani:"Kina terang teu lamun Toni jeung Andini pas
minggu kamari jadian aya nu ngaromongkeun"

84
Kina: "Wah sae atuh ari kitu mah Kina ngiring
bungah"
Rani: "Kin teu nanaon kitu?"
Kina: "Henteu Ran bungah pisan puguh Kina mah
apal aya info ieu teh"
Rani: "Sabar nya Kin, Kina pasti engke
menangkeun aku leuwih ti Toni"
Kina: "Aamiin, nuhun nya Ran atos jadi babaturan
anu aya wae ker Kina sedih jeung susah"
Kina mulangkeun ka bumi, terus dugi bumi
langsung ka kamar bari hate teu bisa di bohongan masih
aya rasa keneh nu te bisa di ungkapkeun ngan bisa di
pendem. Kina ceurik tuluy teu aya nu apaleun lamun Kina
ceurik wae lamun ka inget deui.
Dina kaisukan na Rani babaturan Kina rencana bade
ngomong ka Toni lamun Kina tos resepeun ka Toni ti
kelas 10, tapi Rani bimbang sieun Kina jadi ngambek ka
Rani jadi serba salah. Tapi Rani percaya lamun Kina
masih inget ku kata-kata na sorangan nyaeta optimis.
Rani:" a Toni, Rani bade nyarios ka a Toni"
Toni:" Oh nya kunaon Ran aya naon sok carita"
Rani:" Jadi, Kina sebenerna tos resep pisan ka a
Toni ti kelas 10 keneh, tapi Kina jelema na teu bisa
ngungkapkeun di pendem we ku Kina teh, nepi ka a Toni,
85
nembak Andini tapi aneh na Kina didinya teu cerik malah
bungah pisan ceunah"
Toni:" Wah enya nyah, Kina teu nyarios ti awal ka
Toni ayena jadi Toni nu ngarasa bersalah ka Kina"
Rani:" Ayena mah terserah a Toni bade kumaha
nyarios ka Kina na tos terlanjur sadayana"
Di poe eta oge Toni langsung nyamperkeun Kina
ka bumi na menta hampura ku sabab ngarasa salah pisan
tos nyerikeun hate na Kina ti kelas 10 keneh.
Toni:"Kina, Toni menta hampura pisan teu apal
lamun Kina resep ka Toni ti tos lami pisan"
Kina:"Hahaha teu nanaon Ton Kina oge tos ikhlas
emang sanen jalan na"
Toni:" Sakali deui Toni menta hampura pisan ka
Kina ngarasa salah pisan"
Kina:" Toni teu salah, teu aya nu salah oge sanes
takdirna Kina jeung Toni"
Akhirna, Toni jeung Kina jadi babaturan biasa, Kina
oge masalah na teu hoyong panjang, terus Kina menta
hampura oge ka Andini ku sabab pernah teu reseupeun,
Toni sadar jadi jelema teh kudu pekaan ulah cuek tapi
ngajieun perasaan batur nyeri, lamun Kina kudu bisa
narima kaadaan jeung kudu loba bersyukur lamun jadi
jelema ulah egois tanpa mikirkeun perasaan batur

86
kumaha, sareng jadi jelema teh kudu sabar, tawakal,
sareng ikhtiar

TAMAT…

87
Teu Meunang Nyandak HP Ka Sakola
Keur SMP
Nayla Shifa Aurelia (2022)

Basa SMP, abdi teu meunang nyandak hp ka sakola


ku guru. Hiji poe aya hiji rerencangan abdi ngarana nurul,
bisa dipanggil ijah anu sok biasa nyanyandak hp ka
sakolaan, padahal mah tos terang sadayana ge lamun di
sakola abdi mah aya peraturan yen sakabeh siswana teu
menang nyandak hp ka sakolaan. Tapi si nurul mah malah
nyandak hp bae ka sakolaan.

Dina hiji waktu abdi jeung rerencangan sakelas the


keur nuju olah raga jeung pa guru. Ari abdi jeung
babaturan nu lain mah olah raga, tapi ari si nurul mah
kalah ka jero kelas sabari anteng maen game di hp. Abdi
tos mere nyaho sabenerna lamun ulah nyandak hp komo
deui maen game pas asup kana pelajaran sakola, lamun
kanyahoan bisi ke di cokot ku guru. Tapi si nurul mah
kalah sensi ka abdi.

Abdi: ”Jah, hayu urang olah raga ka lapangan, jeung


ulah maen game wae bisi di sita hpna”. Nurul: “Gera ti
heula lah” (si nurul ngajawab bari maen hp). Ges tidinya
abdi balik deui ka lapangan jeung babaturan anu laina,
soalna lamun cicing di kelas sieun si nurul kanyahoan ku

88
guru terus abdi the kabawa bawa. Tapi poe eta si nurul
salamet, soalna manehna teu ka nyahoan lamun mawa hp
ka sakola.

Isuk poena si nurul tetep mamawa hp deui ka sakola,


kos siga teu boga ka sieun padahal mah eta peraturan
sakola the kudu ku urang ta’atan salaku jadi siswa/siswi
disakola eta. Dina wanci palajaran matematika di kelas,
ari kabehan mah maraca buku pelajaran, tapi si eta mah
kalah anteng nyo-nyo’o hp bae. Abdi jeung sabenerna
rada kesel ka manehna sabab mun dibejaan the kalah
ngalawan kalah galakan manehna, ari padahal mah kan
jeung kabaikan manehna oge.

Ti mulai poe harita, abdi jeung babaturan abdi moal


bakal ngabejaan ka manehna deui, lamun hp manehna
mun di cokot ku guru geh sabodo amat. Deui ge si nurul
mah lamun dibejaan ge ngabantah jeung sabodo bae. Pas
isukana poe senen, si nurul the mawa hp deui, kabeneran
jam pelajaran sakola poe eta the keur kosong, pa guru nuju
aya rapat jeung pupuhu sakola.

Katingali si eta atoh pisan, kalah kaluar kelas sareng


ngaluarkeun hp dina tasna, ari gomongna mah sih arek ka
kamar mandi tapi aya kana setengah jaman mah, telila pa
guru asup ka kelas terus ngabsen murid-muridna, pas
ngaran nurul di absen si nurul the teu acan aya bae, pa

89
guru nanyakeun kamana eta si nurul? Abdi ngajawab “tadi
sih ngomongna arek ka kamar mandi pa”.

Pelajaran sakola tuluy dimulai dugi ka rek rengsena


tapi si nurul mah tacan aya dikelas bae. Pas pelajaran rek
angges si nurul karek asup ka kelas, terus pa guru nanya
ka si nurul: “Nurul tos timana bae maneh, kunaon karek
asup ka kelas!” Si nurul kalah cicing heunteu ngajawab
patarosan ti pa guru, pa guru nyarekanan si nurul beak-
beakan si rudi ukur bisa cicing bari bengetna beureum.

Abdi jeung babaturan anu lain neuleukeun si nurul


anu keur di carekan ku pa guru, rada karunya sih, tapi
emang salah jeung kudu dicarekan ku pak guru. Isukna si
nurul ka sakola mawa hp deui. Mimitina mah abdi teu
nyaho amun si nurul mawa hp, abdi nyahona pas pelajaran
geus dimulai pas bu ipah guru pelajaran ipa asup ka kelas
rek ngajar pelajaran.

Basa bu tya keur nerangkeun pelajaran, keur kitu hp


si nurul the nyuara, atuh meren si rudi oge reuwasun, bu
tya terus nanya saha anu mamawa hp. Ari pertamana mah
si nurul the teu ngaku, Bu tya ngarasa keuheul sabab
euweuh murid anu ngaku saha anu ngahurungkeun hp di
kelas.

Pas kitu kabeh tas kantong baju diperiksa ku bu tya,


keur kitu si nurul kanyahoan ku bu tya. Hp si nurul na di

90
sita ku bu tya, si nurul kokosehan menta ka bu tya hpna
ulah di sita, namun ceuk bu tya eta hp kudu di sita, jeung
di titah di cokot ku kolotna, lamun kolotna teu datang bae
ka sakola, hp si rudi moal bakal di balikeun tepi lulus
sakola.

Nurul oge ngomong ka bu tya lamun manehna sieun


dicarekanan ku ema jeung bapana lamun bebeja. Tapi bu
tya tetep keukeuh kudu kolotna wae nu nyokot ka
sakolaan. Balik sakola, si nurul bebeja ka ema jeung
bapana yen hpna di sita di sakolaan, si nurul kalah
dicarekan ku ema jeung bapana, cek emana si nurul the:
“Maneh nyieun isin kolot bae, kan di bejaan ulah mamawa
hp ari sakola the!”

Si rudi terus maksa bae ka emana jeung bakal jangji


ka emana moal bakal mamawa hp deui ka sakolaan. Terus
ceuk emana mun si nurul teu nepati jangjina, misalkan hp
si nurul dicokot deui ku guru, emana moal bakal deui daek
nyokot hp ka sakola.

Pas kitu emana si nurul daek nyokot hp ka sakola,


tapi awas amun si nurul ngalanggar kana janjina, cek
emana. Pas ka sakolaan emana si nurul ngahadap ka bu
tya. Terus emana si nurul diomongan ku bu tya, ari si
nurul the sering mamawa hp bae ka sakola, kanyahoan
lain saukur hiji dua kali hungkul.

91
Sageus di jelaskeun Hp si nurul diberekeun ka
emana, cek bu tya lamun sakali deui kanyahoan mawa hp
ka sakola, eta hp moal bakal diberekeun ka nepi ka lulus
sakolana. Emana si nurul satuju kana kabijakeun ti guruna
eta, teras the nurul ges kajadian eta the ges henteu
nyandak hp deui ka sakola da geus kapok jeung sieun
lamun katauan deui nepi ka lulus sakola.

TAMAT…

92
Diklatsar Paskibra Kabupaten Cianjur
Nindia Hera Meilani (2022)

Hiji isuk-isuk anu cerah, budak nu ngaranna


Nindi keur tatahar pikeun nyiapkeun kagiatan atikan
jeung palatihan ping 2-4 Juni 2022 di SMK 1 Karang
Tengah. Nindi téh budak sakola di SMAN 2 Cianjur jeung
ekstrakurikuler paskibra, Nindi boga bapa jeung indungna
sarta boga hiji adi jeung hiji lanceuk. Nindi cicing di
JL.OTTO ISKANDARDINATA. Nindi lahir tanggal 22
Mei 2006 pas dinten Minggu. Nindi boga babaturan
ngaranna Naya, Gaida, Mona, Siti, Zulfan, Akbar,
Anugrah, Daffa, jeung Bagus anu duanana miluan
kagiatan ekstrakurikuler paskibra.
Nindi jeung batur-baturna keur nyiapkeun barang-
barang anu kudu dibawa salila latihan jeung atikan
Nindi jeung batur-baturna aya dina Google Meet
"Rék tepang dimana?" Tanya Zulfan ka saréréa
"Imah abdi wae" walon Nindi
"Kuring jeung Nindi rek ka imah Gaida heula" ceuk
Mona ka sarerea
"Aya naon maneh" Naya nanya ka Mona jeung
Nindi

93
"Meuli PDH sarua jeung meuli gelas melamin
bodas" walon Nindi ka Mona
“Nitip Nin Gei Mon” ceuk Siti ka Nindi, Gaida,
jeung Mona
"Tah" Nyarios sadayana
"Kabeki nitip wae" ceuk Zulfan naha Siti
"Hehehehe" Siti seuri
“Malah seuri” ceuk Gaida ka Siti
"Nindi nitip oruuu" ceuk Siti ka Nindi
"Iya-iya" jawab Nindi
"Saha anu nyéwa céri?" Gaida nanya ka sadayana
"Kecuali Akbar sareng
Naya ngalalakon," walon Nindi
“Pokok siap-siap heula ayeuna
mah,” ceuk Naya ka saréréa
"Siap" Jawab sadayana
Google Meet rengse
Sanggeus Google Meet réngsé, Nindi siap-siap
rék ka imah Gaida.
Nindi nuju telepon sareng Gaida
"Gei abdi otw" ceuk Nindi
"Oke" jawab Gaida

94
Telepon réngsé
Nindi telepon jeung Mona
"Mon, abdi otw imah gegey," ceuk Nindi
"Muhun, abdi oge Nin" walon Mona
Telepon réngsé
Nindi dan Mona berangkat ke rumah gaida
Sanggeus nepi ka imah Gaida Nindi, langsung
nyalin ka Indung Ghaida
Nindi Salim ka Ibu Gaida
“Gei, rék meuli gelas dimana?” Nindi nanya ka
Gaida
"Teu terang ema, abdi naros
heula" walon Gaida ka Nindi
Gaida nanya ka Ibu
“Bun meuli gelasna dimana?” Tanya Gaida ka
Ema
"Dina tiara" Indung ngajawab ka Gaida
“Tungguan saha ayeuna?” Tanya Indung ka Gaida
jeung Nindi
"Mona" jawab Gaida
“Itu sora motor
Mona, Gei?” Nindi nanya
ka Gaida "Iya Nin" jawab
Gaida
"Bu, hayu, Mona aya di dieu," saur Gaida ka Ema

95
"Yu-yu" Indung ngajawab ka Gaida
Bade ka tiara mésér gelas
Sanggeus nepi ka Nindi, Ema, Gaida jeung
Mona langsung asup ka Toko Tiara rék néangan gelas
mélamin.
“Aya teu?” Mona nanya ka Nindi jeung Gaida
"Aya tapi motifna béda jeung anu kaca beureum"
jawab Gaida
"Teu kunanaon, anu ieu ogé saé," saur Gaida
“Enya, teu aya deui,” walon Nindi
"Hehehehe, ngan ieu," walon Mona
“Sabaraha gelas?” Gaida nanya ka Nindi jeung
Mona
"Kuring, Gegey, Mona, Siti, opat gelas Gei" walon
Nindi
Nindi, Gaida, Mona jeung Ema indit ka kasir mayar
gelas
Bérés meuli gelas, Nindi, Gaida, Mona jeung
Ema langsung ngajak Indung ka imah. Sanggeus nepi ka
imah Gaida, Nindi jeung Mona langsung ka imah Nindi
pikeun nyiapkeun kaperluan séjénna jeung babaturanana.
Sanggeus nepi ka imah Nindi, Nindi langsung nyiapkeun
inuman pikeun Gaida jeung Mona.

96
“Ari batur mana?” Mona nanya ka Nindi jeung
Gaida
“Teu terang” walon Nindi
"Hayu atuh nelepon heula" jawab Gaida
Gaida dina telepon jeung Zulfan
“Mana gancang imah Nindi, sieun teu buru-buru
meuli deui,” ceuk Gaida ka Zulfan
"Enya ieu otw" walon Zulfan
Telepon réngsé
“Kumaha Gei?” Tanya Nindi ka Gaida
"Otw cenah" jawab Gaida
“Siti jeung Naya dimana kénéh?” Nindi nanya ka
Gaida jeung Mona
"Di jalan, ceuk ma," walon Mona
Sarerea geus ngumpul di imah Nindi

Saparantos ngumpul, urang sadayana langsung


ka Alfamart kanggo ngagaleuh roti bantal, susu, tisu
garing 50pcs, tisu basah 50pcs, sareng meser jajanan.
Saatos éta, urang sadayana langsung ka Tropis pikeun
nyéwa céri anu warnana biru. Sanggeus nyéwa cheril,

97
urang kabéh langsung indit ka sakola nepungan bu Nita
pikeun ménta jeung fotokopi idin jeung dokumén lianna.

Saparantos rengse, urang sadayana langsung ka


imah masing-masing kanggo ngarangkep barang-barang
sareng alat-alat sanesna kanggo kagiatan Pendidikan dan
Pelatihan.

“Abdi bade mudik heula, hoyong ngarangkep,”


ceuk Nindi ka sarerea
"Dahh" ceuk Nindi ka sarerea
"Enya, sing ati-ati" ceuk sarerea
"Kuring ogé rék balik pikeun bungkusan," ceuk
Naya, Gaida, Siti, jeung Mona
“Ih, sing ati-ati,” ceuk Zulfan, Anugrah, Akbar,
jeung Bagus
Sarerea balik ka imahna masing-masing

Sanggeus nepi ka imah, Nindi langsung mandi.


Saparantos mandi, Nindi langsung ngepak, ngawitan
ngatur barang-barang sareng alat-alat naon anu kedah
dibawa isukan salami latihan. Réngsé disusun jeung
kabéhanana réngsé, Nindi langsung ngasupkeun barang-
barang jeung pakakasna kana kantong ceril anu geus
diséwakeun tadi jeung babaturanana. Sanggeus
ngasupkeun barang jeung parabot, Nindi mariksa deui

98
sagalana pikeun nyingkahan hal-hal anu teu
dipikahayang.
Kaping 2 Juni 2022, samemeh solat subuh Nindi
geus siap-siap pikeun kagiatan, sanggeus sholat subuh
Nindi langsung indit ka sakola lantaran indit ka SMK 1
Karang Tengah make beus sakola. Saparantos dugi ka
sakola sareng sadayana aya, Nindi sareng rerencanganna
langsung angkat. Nalika di perjalanan, Nindi sareng
réréncangan samemeh diajar, sapertos karaoke, nyanyi.
Saparantos dugi ka SMK 1 Karang Tengah Nindi sareng
rerencangan langsung turun sareng langsung ngaluarkeun
file sapertos surat izin orang tua, surat rekomendasi ti
sakola sareng anu sanésna.
"Siapkeun berkas" ceuk Zulfan ka saréréa
"Siap" Jawab sadayana
"Langsung ngabaris," ceuk Zulfan
"Iya" Ucap sadayana
Saparantos dijejeran sajajar, Nindi jeung
babaturanana maju hiji-hiji pikeun mariksa berkas.
Sanggeus dipariksa, Nindi jeung babaturanana dibaturan
ku pelatih ka lapang.
Di lapang
"Garis nurutkeun jangkungna"Ceuk palatih

99
"Simpen kantong anjeun di payuneun kelas teras
balik deui sapertos sateuacanna," saur pelatih
Palatih nunjuk ka katuhu Nindi jeung babaturan
"Kahartos" saur pelatih
"Siap ngartos" Jawab sadayana
"Tanpa hormat ka bek katuhu buruan," saur palatih
Sarerea mengkol ka katuhu tuluy nyimpen tas di
tempat anu dititah ku pelatih, sanggeus nyalametkeun tas
Nindi jeung babaturanana, langsung ngajajar deui siga
nu mimiti.

Saparantos antrian sapertos awal, Nindi sareng


rerencangan ngantosan anggota anu sanés sumping sareng
ngiringan jalur sapertos urang. Sanggeus kabéh anggota ti
sagala rupa sakola geus hadir tur ngabaris, urang sadayana
dititah nyandak deui kantong jeung baris baris kawas
urang dimimitian deui.
"Sanggeus kuring belok ka katuhu, bawa kantong
anjeun sareng barisan sapertos mimiti," saur palatih
"Belok ka katuhu" ceuk pelatih
Sarerea mengkol ka katuhu, langsung mawa tas
masing-masing langsung ngajajar siga nu mimiti

100
Saparantos alur-alurna sapertos awal, Nindi sareng
sadaya anggota dititah ngiring palatih ka lapang batin di
SMK 1 Karang Tengah. Sanggeus nuturkeun palatih,
urang dititah baris baris nurutkeun jangkungna. Nindi
sareng Gaida aya dina hiji bab sareng caket, sedengkeun
Naya, Siti sareng Mona aya di jajaran panghareup beulah
katuhu.
"Simpen kantong anjeun di katuhu anjeun,
laksanakeun," saur palatih
"Siap ngalaksanakeun"Jawab sarerea
Sarerea ngajaga kantong di katuhu
"Mangga linggih" ceuk pelatih
"Hatur nuhun pelatih" Jawab aranjeunna sadayana
Saréréa diuk
"Cabut kaos PDO," saur pelatih
"Angkatkeun kaosna" ceuk palatih
"Cabut kaos PDL," saur pelatih
Sanggeus kabéh barang dikaluarkeun, palatih
nitah nempatkeun deui kana kantong.
"Lebetkeun sadaya barang anjeun kana kantong,
lakukeun" palatih auacsp
"Siap ngalaksanakeun"Jawab sarerea

101
"Cepat, tos lami" saur pelatih
"Anu dilakukeun nyaéta ngabantosan batur-
baturna," saur palatih
"Nindi teu tiasa lebet," saur Gaida
"Di dieu dimana" walon Nindi
"Ieu teh, mana lebet deui, kantun lebetkeun heula,
engke dibersihkeun sadayana di barak," ceuk Nindi. "Iya"
jawab Gaida
"Kuring teu bisa asup, ieu scoop," ceuk Gaida
"Kamana heula atuh kadieu" walon Nindia
“Gei teu acan?” tanya Nindi
"Iya, hatur nuhun" jawab Gaida
"Oke" jawab Nindi
Kabéh anggota geus nempatkeun barang
maranéhanana deui kana kantong maranéhanana.
Sanggeus sarerea nempatkeun barang-barangna
deui kana kantongna masing-masing. Palatih nitah
saréréa nangtung.
"Mangga nangtung" ceuk palatih
"Hatur nuhun pelatih"
Sarerea nangtung

102
Sanggeus saréréa nangtung, palatih nitah asup ka
rombongan anu geus ditangtukeun salila Pra Latihan
jeung Latihan. Sanggeus saréréa asup kana kelompok,
unggal palatih maréntahkeun ka unggal kelompok nyieun
barisan nurutkeun jangkungna jeung pamingpin di
hareupeun barisan. Nindi sarua jeung Mona, sarua jeung
Naya. Sanggeus kabéh kelompok ngajajar, unggal
kelompok diiringkeun ka barak masing-masing.
Saparantos dugi ka barak, masing-masing
kelompok langsung ngabersihkeun barak sareng
ngabersihkeun sadaya anu diparentahkeun ku para senior.
“Lamun geus sasapu, beberesih barak, simpen
koran dina jandela,” ceuk palatih.
"Siap, Pelatih," ceuk anggota barak 4
Sagalana geus rengse
Saparantos rengse, Nindi sareng rerencangan
barak 4 langsung kaluar ti barak kanggo ngiring ngariung
dina acara pembukaan Diklatsar. Saparantos apel réngsé,
Nindi sareng réréncangan ngiringan sadaya kagiatan
salami 3 dinten 2 wengi.
Dina poé ahir kagiatan Diklatsar, Nindi jeung
babaturanana ngaluuhan upacara panutup atawa
pelantikan. Dina pelantikan ieu, Nindi jeung babaturanana
dijodokeun jeung LA ku Bu Nita salaku palatih
ekstrakurikuler paskibra di SMAN 2 Cianjur.

103
Panata Calagara Lomba Kamerdekaan
Nisya Dinaha Khafi (2022)

Bandera merah putih ngageleber di unggal


buruan. Poe ieu, dina 17 agustus minangka poe
kamerdekaan republik indonesia. Waktu geus nincak jam
7.00, kuring geus siap rek ngiluan upaca kamerdekaan di
komplek. "Mumuluk heula Rina, geus eta karak mangkat"
ceuk si mamah. Buru buru weh kuring nyokot piring,
nyiuk sangu, jeung pingping hayam. Gep eta pingping
hayam ku kuring teh di dahar bari jeung buru buru da
sieun kasiangan.
Sabot ngalamotan tulang hayam, samar-samar
kadangu aya nu nyampeur. "Rina.. Rina.. geuwat atuh rin,
bisi kabeurangan, pan rek upacara.” Pok si Nadia
nyampeur bari jojorowokan di buruan imah. "Kela kela.."
tembal kuring. Kuring jeung si Nadia buru-buru lumpat
ka lapang komplek da sieun kabeurangan upacara.

**
"Bendera Siap!”
"Kepada bendera merah putih hormat… grak!”
Upacara lumangsung hidmat, bandera oyag-oyagan
katiup angin, bari dipirig ku lagu Indonesia Raya.

104
"Hiduplah Indonesia Raya ..."
Kabeh pamilon ngahaleuangkeun lagu Indonesia
Raya kalayan rempeg.

***
Beres upacara barudak ngariung di lapang
komplek.
"Lomba nu kahiji nyaeta balap karung, siap-siap
anu ngaranna di sebut geura tempatan tempat anu
disadiakeun." Pok kuring ngomong make speker nu sok
dipake tukang tahu bulat.
"Ahmad, Andi, Jajang, Rustan, nu disebut bieu sok
geura tempatan karung sewang sewangan.”
“Siap? hiji.. dua.. tilu.. mulai!”
Barudak lumpat make karung nepi ka garis akhir.
Aya nu labuh, tur hudang deui lumpat ngarebutkeun
posisi kahiji. Jajang ngamenangkeun pertandingan balap
karung tim hiji.
“Tim dua siap-siap.” Pok kuring make speaker.

****

105
Lomba teh lumangsung lancar, barudak
gogonjakan barungah, teu karasa sababaraha lomba geus
kalaksanakeun aya balap ngadahar kurupuk, balap mawa
kaleci ku sendok, balap ngasupkeun paku kana botol,
balap ngasupkeun belut, jeung rea-rea deui. Nicak kana
lomba anu pamungkas nya eta panjat pinang anu di iluan
ku bapa-bapa jeung aa-aa.
"Mangga ka bapa-bapa anu disebut namina
dihaturanan ngumpul di caket tangkal rambutan." pok si
Nadia.
"Tim ka 1 nyaeta pa Agus, pa Asep, pa Aang, pa
Unang, mangga dihaturanan waktuna ngan 15 menit nya
pa, ke gentosan sareng tim nu sanesna" Pok Nadia deui.
Bapa-bapa mulai teterekelan pikeun
ngarebutkeun barang barang anu ngagarantung. Nu naek
silih genti jeung patumpuk-tumpuk pa punggu-punggu
jeung bapa-bapa sejenna. Aya nu geus luhur ari pek
nyorosod deui.
"Sumanget .. naek terus.." ceuk nu nongton.
Waktos tim 1 parantos réngsé. Tim 1 gagal nepi
ka puncak pikeun meunangkeun barang. "Tim 2
salajengna, anu namina disebut, langsung ngadeukeutan."
ceuk koordinator panjat pinang. Tim 2 mulai nanjak.
Suasana leuwih heboh tibatan tim 1 sabab Tim 2 rada
deukeut ka puncak. Pa Dede salaku anggota tim 2 berhasil

106
naek kana tangkal pinang. Pa Dede Ngibarkeun bandéra
Merah Putih nu disimpen di luhur.
“Prok... prok... prok...” keprok nu nongton.
Barang-barang anu digantungkeun dicabut teras
dialungkeun ka anggota tim di handap. "Pa ieu Pa,
tangkap!" ceuk Pa Dede ti luhur. Saatos éta, barang éta
disebarkeun ka anggota tim.

*****
Lomba séjénna geus réngsé sarta lancar. Waktu
nunjukeun geus jam 4 soré. Sateacan balik, aya evaluasi ti
panitia. Saengges evaluasi, kuring balik ka imah.
Di imah, kuring mandi terus dahar jeung sayur.
Beres eta, kuring istirahat sabari maen hp.

******
Anu minangka acara puncakna, dina tanggal 20
Agustus peuting diayakeun pagelaran seni ti para warga
pikeun para warga sarta pagumuman anu jadi juara lomba.
Sajaba ti eta, aya sababaraha warga nampilkeun nyanyi
jeung nari. Dimimitian ti bapa-bapa, ibu- ibu nepi ka
murangkalih ngiring nampilkeun. Dina acara puncak oge
dieusi ku biantara ti panitia mieling poe kamerdekaan
sarta biantara ti ketua RW 14.
107
“Mangga kanggo Bapa Dodi nyampaikeun
sababaraha kecap pikeun miéling poé kamerdékaan taun
ieu.” Pok pembawa acara.
Pak Dodi naek ka panggung pikeun nyampaikeun
biantara.
“Assalamuaikum wr.wb. Sampurasun! Kumaha
damang?”
“Waalaikumussalam wr. wb. Rampes!” jawab
panongton.
“Sakuduna urang bersyukur kana ni’mat kabébasan
anu geus dipaparinkeun ku Allah berkat perjuangan para
pahlawan ngalawan penjajah di nagara urang baheula.
Tanggal 17 Agustus 1945 Ir. Soekarno, maca pidato
proklamasi kamerdikaan, sakaligus nyatakeun yén
Indonésia geus merdéka tina kolonialisme. Ayeuna, urang
tiasa ngaraosan kabungahan kamerdékaan sareng
ngagungkeun kamerdékaan ieu pikeun ngahormatan jasa
para pahlawan sateuacana. Sakumna warga nagara
Indonésia ti rupa-rupa generasi wajib ngajaga jeung
mekarkeun Indonésia. Utamana, salaku generasi pamuda
penerus, urang boga peran badag dina neraskeun cita-cita
bangsa ieu. Mung sakitu nu tiasa abdi sampaikeun, hatur
nuhun kana perhatosannana. Waalamualaikum wr. wb.”
eusi biantara Pa Dodi.
Salajengna acara pembagian hadiah juara lomba.

108
“Juara 1 lomba balap karung nyaeta… Jajang!”
“Mangga kanggo Jajang naek ka panggung pikeun
narima hadiah.”

*******
Waktu ka waktu pembagian hadiah rengse. Ayeuna
lanjut ka acara penampilan ti warga.
“Cinta kita melukiskan sejarah..”
“Menggelarkan cerita penuh sukacita”
“Sehingga siapa pun insan Tuhan pasti.. tahu..”
“Cinta kita sejati….” Penampilan ti Bu Reni.
“Mantappp… suarana sae pisan buuu!” Pok
pembawa acara. “Penampilan terakhir sakaligus panutup
acara malam puncak ieu nyaeta penampilan tari mojang
priangan. Mangga dihaturan.”
Alhamdulilah acara anu urang laksanakeun dina
sasih Agustus kanggo miéling kamerdékaan RI
lumangsung kalawan lancar. Panitia di ahir ngayakeun
makan babarengan ku menu sangu liwet

TAMAT…

109
Impian Si Lintang
Qisti Pajriah (2022)

Di kaayaan wengi Aya budak ngahuleng di harep


bumi bari ninggali kaendahan langit NU di pinuhan ku
bintang, si budak eta ngaranna si Lintang. Si Lintang
merong ninggali langit nepika te ngicep-ngiceop Jol
datang lanceuk na si dara nyamperken.
“Darr siah lintang kernaon”, Sora si dara na te
ngalem ngarerewas.
“ wadidaw baso bahe(replek nyebut DA rewas)
isshh eta si teteh te di erem, cicing Hela atuh teh tong
ngaganggu Hela, KER menikmati kaendahan Lintang
teh” Sora si Lintang bari dibarengan muka camberut.
“Kunaon atu geulis bager si cayang nya teteh” Sora
dara bari muka manjah.
“eyyy, Kie nya teh, Lintang teh hayang nyarita, ku
teteh danguken nya” ceuk Lintang.
“Nya atu sok kumaha eh Kela Teteh ngadanguna
bari ngagoler meh bisa ninggali Béntang oghe, nahh sok
lajeungken” ceuk si dara.
“ kie nya teh lintang mah Mun ninggali Béntang di
langit teh sok hoyong jadi karakter tingkerBell da, soalna
meh bisa ngapung pan Ari bisa ngapung mah bebas rek
kamana wae ge rek KA Jepang sugan engke nyimpang
KA si naruto meh bisa di ajarken rasen sureken. Engke
teh Lintang bisa gerak bebas lah di udara, nahh iye Tah

110
bagian NU kudu di regepken teh lintang gaduh impian
ageung nyaeta hayang nyabak béntang NU endah di langit
asa panasaran Kitu bentuk na kumaha, Aya naonan Jerona
nepi KA Mun di tinggali teh hate Lintang asa tenang jiga
aweh beban pikiraneun Hade lahhh” cek si lintang nyarita
te Eren Eren.
Si lintang ngaliek KA Si teh dara ker sare nikmat
bari angin letik suasana wengi di tambah ngadanguken
lintang nyarita, ngenah sarasa sare di pepende.
“ishh eta si teteh malah sare, yeuh teteh ih lainna
ngadanguken lintang nyarita malah sare. Ntos akh ayena
namah urang Bobo di bumi tiris di luar mah” Sora Lintang
bari ngagugahken teteh na.
Saentos di gugahken duaan eta asup KA bumi terus
berbenah di kamarna sorangan – sorangan. Si lintang
Sabari bebenah kamar manehna masang alarm meh
isukan te kaberangan. Saentos bebenah si lintang
langsung ngadungsek Kana kasur bari di buntelan ku
simbut, sa10 menit na waktu si lintang TOS sare terus si
lintang ngimpi.
Si lintang ngimpi maneh na jadi tingkerbell enyaan
NU KER cicing di sawah terus manehna ngapung KA
luhur jalan jalan nuturken kahayanh hatena. Pas ker
ngapung si lintang papanggih jelema badag jiga raksasa
NU di kartun AOT(attack on Titan).

111
maneh na di udag udag sapapang jalan. Maneh na
rewas karek ninggali jelema aneh Kitu tapi untung si
lintang bisa kabur TI raksasa eta.
Dina mimpina hari geus peting si lintang ninggali
dei bentang Sabari ngapung di luhur Kenteng. Si lintang
ngahuleng dei ninggali bentang anu indah, kainget impian
tea NU d caritaken KA lancek na si lintang langsung
ngapung KA luhur hoyong nyabak bentang tea tapi te KA
tepi-tepi. Manehna cape, bingung kudu kumaha DA
hoyong nyabak bentang eta NU endah. Karna te nepi kna
bintang si lintang akhirnya nyerah terus balik dei KA
handap tapi pas rek turun manehna jug jug “brukkkk.......”
si lintang labuh ti kasur.
“Aduhh nyerii.....”sora si lintang nahan kanyeri.
Te Lila teteh na si dara datang kamar si lintang
“kunaon lintang maneh make di handap?”sora si
dara muka rewas.
“Geubis teteh ih Tina kasur nyeri tonggong”sora
lintang muka sedih.
“matakan atu Ari sare teh tong motah, buruken gera
beberes ges berang” Sora si dara.
Si lintang langsung ngorejat jeng ngaberesken kasur
na. Te Lila ngaberesken si lintang langsung kaluar diuk di
teras Imah, si lintang ngahuleng jeng kainget eta ngimpi
wengi ngagapai bentang te nepi nepi. Terus Jol datang
teteh na
“lintang maneh teh kunaon wayah kie geus
ngahuleng?”sora dara

112
“kie teh tadi wengi lintang ngimpi rek ngagapai
bentang tapi te nepi nepi”sora si lintang bari muka sedih
“eta soal bentang keneh TI peting mula, pastes we
ngaran maneh te lintang da kabeki nage Kana bentang.
Yeuh nya moal Aya NU bisa jelema ngagapai bentang
geus we jadi penikmat kakuasaan Allah tekudu hayang
nyabak Sagala rupa” Sora si Teh dara ngabejaan.
Si lintang ngarasa sadar anu di omongken ku lancek
na bener. Saentos nyariosan soal bentang si lintang jeng
teteh na ngajalanken kahirupan seperti biasanya.

TAMAT…

113
Kaduhung Aya Dina Tungtungna
Ranny Yulianti (2022)

Isuk-isuk aya ema-ema keur sasapu di pakarangan,


tuluy kaluar anakna Endah anu rek ka sakola. "Ema!!
mana duit saku kuring?" ceuk Endah ka indungna.
"Ari kamari ema mere duit saku, ayeuna geus
euweuh?" ceuk saurang ibu rumah tangga nu keur sasapu
di buruanana. Enya, saha deui indungna Endah.
"Ah, ema, ari dijaman kieu mah, Rp. 30.000 keur
duit saku emang cukup keur 2 poé?, 1 poé cukup pisan
euweuh deui," humandeuar Éndah Seraya muru ka
gapurana rék pamit ka indungna. "Ema nuju teu nyeukeul
acis bageur, kin mun ema tos aya artos ku ema di pasihan"
saur ema na Endah. "Enya atuh ka sakola heula
assalamualaikum!!" Endah pamitan ka indungna kalayan
raray murungkut rasa keuheul dina hatena lantaran
indungna teu masihan duit saku "Waalaikumsalam, sing
ati-ati di jalan" ceuk indungna Endah.
Sesampainya di sakola, babaturan Endah geus
ngadagoan di hareupeun kelas. "Dah urang jadikan dinten
ieu tuang di kafé?" Tanya Sari, sahabatna Endah.
“Hampura Sar, jigana abdi teu tiasa janten dinten
ieu, ema abdi teu masihan artos saku dinten ieu,” jawab
Endah bari muka kesel. "Teu asik atuh, enggeus atuh abdi
sareng rerencangan balik sakola bade ka cafe, Endah

114
anjeun mah teu kedah ngiringan, teu kedah sumping, uih
we kabumi anjeun" Sari sareng rerencangan ngantunkeun
Endah. "Hah, maenya urang teu diajakn sih, ieu mah gara
gara si Emaa!! Jadi urang teu diajakan ku babaturan
urang. HUH!" Pikiran Endah. Bel sakola disada, kabéh
murid diijinan ninggalkeun sakola sabab kelas geus
réngsé poé ieu. "Sar, tong dahar ayeuna ih, énjing we nya,
muhun, abdi janji, énjing abdi badé mawa artos. Engké,
abdi badé ngajajanan araranjeun?" Ceuk Endah ngarayu
Sari. "Muhun, tapi janji isukan anjeun bakal mawa duit.
Terus ngajajanan kuring jeung babaturan kuring." Jawab
Sari sanggeus mikir sakedapan. "Enya, nuhun Sar," ceuk
Endah bari muka lega tur bagja. "Ahirna énjing abdi tiasa
tuang ogé di cafe." pikir Endah dina jero haté.
Setepina di imah, Endah langsung asup ka imahna,
pepenak jeung indungna keur ngagosokan baju
palangganna. "Endah entos uih ning?" tanya indungna
bari teu neuteup ka Endah Meureun ku sabab sibuk
ngagosokan baju palangganna "Enya" jawab Endah
pondok bari muru ka kamarna. Di kamar na, Endah mikir
hese neangan jalan sangkan manehna meunang duit ti
indungna jang dahar isukan di cafe jeung babaturanana
"Kumaha carana meunang duit ti ema keur dahar dicafe
jeung barudak isukanya?" Endah mikir sababaraha menit
ti harita muncul ide dina sirahna Endah "Nyaho!! Kuring
mah arek pura-pura menta duit keur biaya sakola.
Bohong sakali oge moal nanaon mereun nya euy"
pikir Endah. Isukna sanggeus sarapan Endah indit ka

115
dapur nepungan indungna nu keur tuang, pikeun
ngalaksanakeun rencanana tadi peuting.
“Ema!! Endah menta artos Rp. 100.000 keur SPP!”
ceuk Endah ka indungna. "HAH! Bayaran naon dah?,
Ema teu gaduh artos dinten ieu mah," ceuk indungna bari
reuwas. " Ah ema mah bohong! kamari, kuring ninggal
ema ngagosok baju nu palanggan ema, nu lumayan loba
maenya ema teu boga artos!" Omong Endah bari muka
kesel. "Teu acan tiasa dicandak
bageur, janten teu acan mayar artosna, kumaha
upami engke artosna?".
"Teu tiasa maa, sadayana di kelas abdi tos mayar,
mung abdi. Tapi tadi abdi ninggal acis diluhur lomari baju
ema 100.000 eta bisa kanggo abdi kan?"
"Tapi ema peryogi artos eta, bageur". "Ema teu
nyaah ka abdi!!" ceuk Endah sabari ngambek. "Sanes kitu
eta acis kanggo ema meser obat" "Halah ema, obat mah
engkin deui we atu pentingan mana, obat apa spp
Endah?".Ceuk endah "Enya enya sok mangga canak we".
"Tah kitu atu ma, emaaaa meunii bageur teh, endah
mangkat heula nya ma, Assalamualaikum!" Saur Endah
bari ninggalkeun indungna gura-giru nyokot duit tuluy
indit ka sakola ngarasa bungah kacida lantaran meunang
duit ti indungna keur dahar jeung baturna. Sabot nepi ka
sakola, "Sar, abdi tos nyandak artos, tiasa dianggo dahar
kan dinten ayeuna?" ceuk endah karek asup ka kelasna
langsung nepungan sari "sabaraha duitna?" ceuk sari ka
endah "Rp100.000 sar". "Naha mawa duit loba?" tanya

116
sari reuwas "enya, sabab kuring ngabohong ka indung
kuring, ceuk kuring ieu duit keur biaya sakola" ceuk
Endah "eta maneh meni gagabah, teu kunanaon lah, nu
penting maneh bisa ngajajanan kuring jeung babaturan
kuring". “Endah, maneh ngabohong ka indung kitu,
Astaghfirullah tega maneh dah!” ceuk Ira ujug-ujug
ngaganggu obrolan Endah jeung babaturanana.
"Eh, budak pinter, maneh ngadangukeun obrolan
arurangnya?" tanya Sari "Abong-abong budak pinter
anjeun so' tau jeung asal mere nasehat!" Ceuk Endah ka
Ira. "Terserah anjeun, kuring ngan ukur nyarioskeun ka
anjeun," saur Ira teras ninggalkeun sari sareng Endah.
"Kumaha kuring we da ema-ema kuring" Ceuk
Endah ka Ira. Tuluy Endah, Sari jeung babaturanana
ngobrol, keur ngarencanakeun, Endah jeung babaturanana
rék ka kafe mana nurek didatangan. Teras aranjeunna
bingung pisan sareng naroskeun ieu ka Ira tapi Ira henteu
merhatikeun sareng henteu hoyong ngajawab patarosan
aranjeunna kusabab ira ambek kasadayana. "Ira kamari
kan anjeun tuang di kafe sareng ema bapak anjeun, kuring
ninggali di status Whatssapp anjeun,eta dimana tempatna"
ceuk endah ka ira. Kusabab Ira teu ngajawab patarosan
endah, endah parasea sareng ira "tuluy, tuluy jenggut dah
buuk na si ira" ceuk sari. Tuluy aya ketua kelasna
misahkeun endah jeung sari, terus endah jeung sari
dicandak karuang guru.
"Astaghfirullah endah, ira aya naonn aranjeun teh"
naros ibu guru ka endah sareng ira. "Ira bu, meuni adigung

117
kuring naros teu di jawab atu kuring teh kesel" ceuk endah
bari nunjuk ira. "Sanes kitu ibu, kuring kesel ninggal
kalakuan endah anu samena mena ka ema na terus ku
kuring diwartosan, dinasehatan tapi endah teu
narima" ceuk ira. "Haduh, lieur ibu mah atos lah
ayeunamah maaf-maafan we, kapayuna ibu mah alim aya
parasea paraseaan kieu deui, janjinnya bageur, endah, ira"
Ceuk ibu guru ka endah sareng sari. Tuluy endah sareng
sari saling maaf-maafan "Hampura kuring ira" ceuk endah
bari salaman ka ira "enya" jawab ira.
Tuluy ira jeung endah abus kakelas na. Endah
nuluykeun obrolan jeung Sari, ngabahas perihal kafe tea
"kumaha beres masalah na?" Ceuk sari ka endah "atos
beres, tapi kesel keneh kuring ka si ira" ceuk endah bari
ninggalikeun raray na ira. "Eh kumaha sar, arurang bade
tuang di kafe mana" ceuk endah ka sari "duka kuring
masih bingung" jawab sari.
Jeung tetela salah saurang babaturanana geus
ngasongkeun ide,cafe mana nu rek didatangan, nyaeta
Erna. "Kumaha upami urang tuang di kafé peuntaseun
jalan pemudi?". Ceuk Erna. Tuluy Endah jeung
babaturanana saretuju ceuk ide Erna.
Tuluy bel sakola disada. Réngsé sakola, Sari jeung
babaturanana indit ka cafe peuntaseun jalan anu
diasongkeun ku Erna tea. Saterusna maranéhanana ahirna
dahar jeung ngarobrol. Kusabab sibuk teuing tuang sareng
ngobrol, aranjeunna paroho kana waktos.

118
"Geus soré, hayu urang balik, sieun ema néangan
kuring" ceuk Endah. Tuluy endah ka tempat kasir rek
bayar . Tuluy endah jeung nulaina ahirna ninggalkeun
tempat dahar jeung balik ka imahna masing-masing.
Satepina di imah "Emaa abdi uih" ceuk Endah padahal
jempé teu aya nu ngajawab diimah nateh.
"Ema emaa?" Endah ngagorowok bari néangan
indungna di sakabéh kamar di imahna tapi tetep teu aya
nu ngajawab, nu biasa na si ema teh aya ker ngagosokan
acuk tapi ayeuna teu aya, asa geulisah teu genah, panik
jeung hariwang ngadadak nyertakeun dirina. Heuleut
sawatara, aya nu ngetrokan panto imah, endah nu masih
dipinuhan ku panik jeung kahariwang nyobaan leumpang
nuju panto hareup jeung ningali saha nu datang. "Indung
maneh tadi isuk-isuk geus dibawa karumah sakit manehna
pingsan." ceuk batur nyeta tatangga na endah. "Rumah
sakit mana??kamar naon???" Tanya Endah beuki panik,
sieun kaleungitan indung anu dipikanyaahna asup kana
pikiran jeung hate Endah "Rumah sakit Hermanah,kamar
tulip." Sanggeus ngadenge beja ti tatanggana,
Endah langsung indit nepungan indungna di rumah sakit.
Pas nepi ka kamar indungna keur dirawat, nempo
indungna ngagolér dina ranjangna “EMAAAA” Endah
ngagorowok ningali indungna rada lega kusabab geus
ninggali indungna. "Endah iraha mulih? Naha make
terang ibu aya di dieu bageurr?" tanya indungna ku sora
lemah pisan. "Kuring kakara nepi ka imah ceuk tatangga
kuring, Ema pingsan diburuan." Saur endah "Endah ema

119
mah teu kunanaon teu kedah hariwang isukan oge ema
tiasa uih ka bumi" ceuk ema bari nganenangkeun endah..
"Hapunten maa saleresna artosna sanes kanggo
biaya sakola abdi tapi kanggo tuangeun abdi sareung
rerencangan abdi di cafe hapunten abdi ngabohong ka
emaa" "Hapunten pisan" ceuk Endah ceurik alatan
kaduhung kana kalakuanana "teu kunanaon engke deui
mah endah ulah kitu deui nya bageur, urang kudu tetep
bisa hirup hemat tur jujur, makekeun duit keur nu
mangpaat, milarian acis teh hese bager." Ahirna, Endah
sadar kana kasalahanana, manéhna boga tekad pikeun
henteu ngabohong
deui, waktu ieu manéhna rek diajar serius pikeun
jadi kawas Ira sarta suksés sangkan bisa ngabagéakeun
sarta ngajadikeun indung anu mikanyaah manéhna reueus
pisan. Saterasna endah sareung indungna balik ka imahna.
Lajeng Endah mulai bakti ka indungna sarta mikanyaah
indungna…

TAMAT…

120
Kenangan Dina Pelantikan
Reva Laelatul Zahra (2022)

Tilu taun ka tukang kuring ngiring pelantikan


bantara pramuka di sakola. Kuring nyiapkeun salira sarta
parabot anu bade kuring candak nuju lokasi pelantikan.
Kuring gumbira pisan sarta henteu pisan sabar. Seminggu
sateuacan pelantikan urang parantos dibere nyaho naon
wae anu kedah urang candak menuju lokasi.
Kuring sarta rerencangan rerencangan pramuka
kuring silih ngabantuan nyiapkeun parabot anu kedah
dibawa.
Parabot anu kedah dibawa rata rata anu nyambung
kalawan perkemahan margi urang oge bade berkemah.
Urang oge dititah ngabantun kangkalung jengkol
minangka tawis yen urang nyaeta peserta pelantikan.
Sapoe sateuacan pelantikan kuring parantos nyiapkeun
barang bawaan pribadi.
Dina waktos dinten pelantikan urang ngariung di
tempat anu parantos dicindekkeun. Urang dikumpulkeun
henteu ditempat pelantikan kalah kedah mapah 10 km
leuwih tiheula. Kuring sarta tunjang kuring mapah
sasarengan. Sanaos palay sarta matak cape urang sadaya
tiasa ngalakonanana kalawan sae.

121
Kelompok kuring barobah kaayaan anu nu mawi
enggal dugi,sanggeus sampain di lokasi urang enggal
enggal manggihan raka pramuka.
''Kak saatos ieu naon anu kedah dipidamel."Pariksa
urang.
"Langsung wae ngawangun tenda saterusna
rapihkan barang". Waler raka.
Sanggeus parantos ngawangun tenda sarta
ngarapihkeun barang urang dikumpulkeun haturan
upacara bubuka. Sanggeus upacara bubuka urang siap
siap nampi materi sarta siap siap bade tuang.
Sanggeus lungse mapah sarta nampi materi urang
tuang sareng bekel anu parantos urang candak. Sadaya
barobah kaayaan hiji sarta sadaya membaur.
Sanggeus tuang urang neruskeun na kalawan
materi. Waktos sonten dinten anjeun bersiap siap haturan
masak tuang wengi. Urang nyiapkeun bahan leeutan anu
parantos urang candak. Kelompok kuring masak sarden
sarta mie instan sarta sangu.
Kelompok kuring ngagabung kalawan kelompok
anu sanes haturan masak. Margi kelompok urang nyandak
pasakeun saayana janten masakan anu urang masak oge
saayana pisan.
Sanggeus leeutan anu urang masak parantos urang
tuang sareng sami. Saterusna urang nuju masjid haturan
122
nungguan magrib sarta haturan wagel ngeunaan kagiatan
wengi. Di ditu urang dikedahkeun membaur kalawan
balarea kira-kira. Aya anu mengobrol,aya anu
beristirahat, sarta aya oge anu siram.
Sanggeus nguping sora adzan kuring sareng
rerencangan nu anu sejen langsung netepan. Sanggeus
netepan urang di bere nyaho ku raka pramuka.
"Saenggeus netepan tulung siapkeun materi haturan
debat ngeunaan pramuka ". Peritah raka.
"Sae, bade urang persiapkan ". Waler ketua
kelompok.
Urang sadaya dibagi haturan antawis tim pro sarta
tim kontra urang dikedahkeun nyiapkeun bahan debat.
Urang oge direndengan raka pramuka haturan
ngagampangkeun dina pembuatan materi.
Sanggeus bahan debat didamel, dina waktos
parantos netepan eusi urang dikumpulkeun haturan
nepikeun naon anu parantos urang siapkeun.
Saban jalmi wajib ngedalkeun pamadegan na.
Sanaos debat nanging urang sadaya malih gumujeng
margi aya rerencangan urang anu henteu serius dina
ngedalkeun pamadegan. Nanging ieu teh perkawis anu
nyenangkeun.
Debat oge parantos sekitar tabuh 21.00 wengi.
Sanggeus eta urang dititah haturan kulem di tenda.
123
Kelompok kuring waktos eta henteu ngabogaan terpal
haturan alas tenda sarta waktos sonten dinten aya hujan.
Janten waktos wengi urang pilari terpal leuwih tiheula
nanging henteu tiasa.
Ahirna urang ngagunakeun jas hujan minangka alas
haturan kulem.
Kira-kira tabuh 23.00 urang di gugahkeun, urang di
gugahkeun margi kagiatan wengi bade dimulai. Urang
ngalakukeun apel leuwih tiheula, hawa wengi disana tiis
pisan. Urang dititah haturan pilari pos pos anu aya di
sekitar wewengkon di dinya. Kagiatan wengi oge
mangrupa tempat di mana mental urang dibina sarta
ditempa.
Kagiatan wengi parantos kira-kira tabuh 04.00 isuk.
Urang nungguan adzan subuh sembari beristirahat margi
palay. Sanggeus netepan subuh urang bersiap haturan
senam isuk. Rerencangan-rerencangan kuring lucu pisan
sarta konyol.
Sanggeus parantos senam urang lanjutkan kalawan
mumuluk isuk.

Sanggeus mumuluk urang ngarapihkan barang sarta


bersiap haturan apel panutupan.
TAMAT…

124
Ksatria Bulan
Reza Bagas Saputra (2022)

Dina zaman dynasty aya hiji karajaan nyaeta


karajaan samolo anu kuat bala tentarana gagah tur satia
ngabdi ka raja salain ku tentarana anu kuat, Istana eta
karajaan megah luar biasa saking megahna lampu di
istana eta dijieun tina berlian di lapis kupermata janteun
endah na moal aya.
Alkisah aya hiji pemuda anu kisaran umur nyaeta 18
tahun pemuda etateh namina Reza Dirgantara pemuda ieu
hente turunan ti raja atawa jalma anu pangawasa lain na
tapi eta budak teh turunan ti rakyat biasa anu bapana
hungkul tukang pedang sareng ibuna jualan roti dipasar,
dina hiji mangsa pemuda etateh rek latihan tarung pedang
jeung babaturanna singhoreng persiapan na gancang anu
ngarewaskeun bapana.
ceuk bapana
"Aa, bade kamana eta ngarasupkeun barang meni
kuat paburicat anu jiga di udag ku maung"
Tembal sibudak eta
"Bapa abdi teh kaleresan bade latihan tarung pedang
saur kawan kawan bakal aya hiji lomba lamun saha jalma
menang lomba eta teh bakal di ondang ku raja supaya
latihan na di istana".

125
Bapana eta teh hungkul nanya terus indit ka gudang
senjata jieunan manehna sabari ngobrol
"Kela nya aa antosan ieu aya barang mugi bisa
diangge kanggo latihan tarung pedang"
Si budak anu teaapal nanaon teh nyamperkeun
bapana bari ngomong
"Mangga Pa!
Teu lila tidinya bapana teh mawa pedang tur hiji
benda anu dianggap peninggalan keluargana
"Aa tah ieu pedang tempaan bapa anu bisa
dipikahrep ku aa terus sareng ieu cincin nyaeta cincin ieu
tiasa ngabantosan aa misalna bisi aya masalah mugi tiasa
aya jalan kaluarna"
Saentos ditarima barang bawaan etateh langsung
indit latihan sareng babaturanna ka tempat biasa anu
dipake latihan
Sanyampe di tempat latihan langsung di bagi
babaraha kelompok meh tiasa latihan duaan duaan
Terus si Reza eta ngalawan anak panglima di
karajaan samolo
babaturan eta loba nu ngadarukung anak panglima
tapi aya hiji pemuda anu ngadukung si Reza pemuda eta
ngarana Bagas Arsanata

126
Latihan Duaan etateh sengit pisan nepika di tingali
ku warga anu ngalewat di daerah eta.
Nepika akhir si Reza nempelkeun cincin kana
pedang na tuluy jiga aya kekuatan anu kaluar, Si Reza
langsung ngahunuskeun pedang na anu nepika
pabelentrang jeung anak panglima eta nepika pedang anak
panglima eta ngacleng tina genggaman na.
Kabeh anu ningali eta syok teu percaya anu di
bayangkeun bahwa anak panglima teh jagona pedang di
sapantaran maneh na eleh ku budak tukang pedang eta anu
latihanna jeung babaturan ungal poe, Anak panglima eta
hente ngaku kaelehan na langsung ngagorowok
"HEY REZAAAA!!!! Ku urang ditungguan di
tournament di kerajaan eta ulah nepika eleh ke urang
jeung maneh kudu ngalawan nepika final"
Si Reza hungkul ngomong
"Didieumah Moal Hariwang da geus di doping ku
josu mamprang".
Tournament eta terus mulai, Si Reza jeung anak
panglima eta terus berjuang nepika duaan etateh nepika
final
Terus si Reza ngomong ka anak panglima
"Urang geus nepatkeun janji hayu we urg mah
bereskeun"

127
Duaan eta sengit na moal aya nepika mun ngicep
oge pasti katinggaleun informasi, rahayat desa kecil
ngagorowok ngadukung si Reza terus golongan
konglomerat ngadukung si anak Panglima.
Tah engges tidinnya cincin eta hurung terus nyabet
keun pedang teras pedang anu nyepeng eta mental, rewas
na kabina eta anak panglima terus ngobrol
"urang ngaku eleh ku mnh"
wasit eta pertarungan langsung ngangkatlengen eta
si Reza teh, warga desa anu ningarikeun ngilu barungah
sabab putra asli daerah menang ngalawan anak panglima
raja anu disangka kuat jeung sangarna bisa ditaklukeun ku
si Reza teh. Geus kitu manehna langsung nyamperkeun
pun bapa sareng ibu na baru nangkep inung jeung bapana
kaliwat bungahna eta si Reza bari ngomong
"bapa ibu ieu eza tos menagkeun kajuaraan di istana
mugi mugi eza tiasa janteun jalmi anu bisa ngabahagieun
bapa sareung ibu"
bapa na ngajawab
"alhamdulillah atuh aa eza bapa si ibu mah pasti
nyumangetan sareng ngaduakeun eza sing sukses
ibu"muhun aa bener ceuk si bapa, pesen ti ibu mah
aa kudu rajin latihan ulah adigung ulah sombong ulah
bedegong pokonamah well buakarr.

128
Kadenge berita nepika raja bahwa putra daerah geus
ngelegkeun anak panglima anu disangka sangka kuat dina
sapantaran umurna, pek mah aya nuleuwih kuat dei ti anak
panglima the. Raja tuluy ngundang putra daerah eta meh
nyaho nu mana rupa aslina raja ngabewarakeun ka kabeh
bala tentara pang ngondakeun Reza Dirgantara anu tos
ngelehkeun anak panglima perang
raja
"heiii bala tentara anu satia cik pang ngondangkeun
budak ti hiji desa anu kuat nyaeta ngarana Reza
Dirgantara anu tos ngelehkeun anak panglima coba bawa
ngahadep kadie ku kami urang angkat jadi ksatria sareng
urang nikahkeun jeung putri kami hiji hijina nyaeta Vira
Angkumangun TirtayasaII.
tuluy si Reza eta dititah ngahadep ka raja tuluywe
cek si reza eta ngobrol bari ngabungkuk hormat
"aya naon baginda raja ngundang kami kadie"
raja" kami rek ngankat didinya jadi ksatria karena
hiji hijina pemuda anu bisa ngelehkeun budakna
panglima"
terus si Reza eta diangkat jadi ksatria karena pas
diangkat jadi ksatriana pas waktu bulan purnama maka si
Reza eta diangkat jadi ksatria bulan terus kawin jeung
putri na raja.
TAMAT…
129
Liburan Ka Kebon Binatang
Ripan Rizky Fahrezy (2022)

Keur poe minggu abdi jeung dulur,,, dulur,,,, abdi


ka kebon binatang naik mobil bus Pas tos nyampe di
kebon abdi kajero ninggal sasatoan anu loba macem
macem rupa, aya gaah, Monyet oray, macan burung,
landak, Di ditu abdi ngulilingan kebon binatang, entos
ningali sasatoan abdi jeng dulur abdi, aremam Ngampar
bari ningali sasatoan Pas tos emam abdi uih, di perjalanan
teh abdi jeung dulur-dulur kasasar teu nyaho jalan, Balik
kamobil di ditu kabeh careurik terus urang Tanya-tanya
kana urang anu didinya Alhamdulillah apalen ninga jalana
tah abdi jeng dulur-dulur nerusken dei perjalanan rek
balikeun ka kampung halaman sorangan Tah di perjalanan
Aya kejadian nyaeta ban mobilnya kempes Tah didinya
abdi Jeung dulur-dulur bingung teu aya tempat tambal
ban.
Tah tidinya abdi neangan kampung bade neangan
bantuan Alhamdulillah panggil Jeung warga anu keur
mancing, Tah abdi teh nyungken pertolongan kanu
mancing Alhamdulillah Ning tiasa ngabantuan teh abdi
tidinya meni bungah abdi teh di bonceng kunu mancing
eta neangan tambal ban tah di jalanteh Aya masalah
nyaeta Aya longsor abdi teh bingung terus nanyakeun ka
urang anu keur ngabersihan taneuh anu longsor tea cek

130
abdi teh mang lami keneh teh ngabersihana saur si amang
teh lumayan lami Jang saur abdi teh ohh muhun kang Tah
abdi teh ngabantuan ngameh teres beres samemeh
ngabantuan abdi teh ngahubungi keluar ga abdi saur abdi
teh antosannya ieu Aya longsor abdi bade ngabantuan
ngabersihkeun longsor saur dulur-dulur abdi ohh enya
Kade kudu jaga kasalametan saur abdi teh ohh lamun itu
mah pasti abdi teh ngabantuan Weh.
Alhamdulillah teu lami kur 4 jam ngabersihan eta
Tah abdi teh beberesih hela Jeung si amang anu Manding
eta ngabersihkeun taneh anu nararempel,Tah saeungges
ngabersihan abdi ngalanjutkeun perjalanan abdi teh
ngebut Jeung si akang anu mancing eta teu jauh kapendak
Weh tambal ban terus abdi teh nyaritakeun kajadian eta,si
amang teh daekeun ngabantuan abdi teh nganterkeun si
amang eta ka mobil dulur-dulur abdi Tah si amang teh
mulai ngerjakeun ban anu mobil eta kur 1 jam ngomean
ban anu kempes ete. Saengges ngomoean ban eta abdi
Jeung dulur dulur ngalanjutkeun perjalanan niat namah
Bade uih ka kampung halaman Ngan di jalan kalakah
mampir Hela ka pantai saur nateh bade ningali
sunset,saentos ningali sunset abdi saur sakeluarga
nerasken bakar-bakar ikan di sisi laut.

saentos aremam abdi sareng sakeluarga


Ngalanjutkeun ka pemandian air panas abdi teh
ngarendem di kolam pemandian eta sakeluarga
ngareem,saentos ngarendem abdi Jeung sakeluarga bade

131
nginep di vila anu caket Jeung pemandian eta ngameh teu
jauh teing,kapanggih Jeung vila untungnateh murah saur
si ibu anu gaduh vila eta kendae ka ieu mah menang
diskon kur setengah harga Alhamdulillah saur
sakeluargateh ,teras Weh abdi sareng sakeluargateh
barobo.

Saengges berang abdi Jeung keluargateh beres beres


bade ngalanjutkeun perjalanan uih ka kampung halaman
kira kira jarak 50km dei ka kampung halaman,Saentos
beberes eta abdi sareng keluarga ngalanjutkeun perjalanan
dei,di tengah perjalanan lalapar nyimpang Weh ka
restoran bade aremam,saentos aremam abdi teh
ngalanjutkeun dei perjalanan KA kampung halaman,di
perjalanan Aya pemandangan anu indah pisan keluargateh
nyungken ereunkeun mobil cenah bade di foto saur nateh
Jang kenang kenangan Tah di dinyanateh di pararoto Weh
nepi ka beres,saentos diparoto cenah jarangar hoyong
baso terus Weh neangan tukang bakso te kungsi Lila
mendak Weh tukang baso,Tah di daratinyateh mararesen
baso eta ibu ibu ngaladaan Nana meni teu kira kira meni
barereum Jeung eta Cuma iih meni kaambe nyerengna
Tah ti dinyateh Aya anu ngobrol Aya anu seserian Aya
anu pokus kaya basok eta,saentos ngaaremam baso eta
abdi sareng keluarga neraskeun dei perjalanan KA
kampung halaman, Alhamdulillah sareng kampung
halaman teh entos caket abdi sareng kuargateh beberes
Dina mobil bade turun, Alhamdulillah entos dugi di

132
kampung halaman Tah abdi teh turun Tina mobil eta
sareng barang barang,Tah entos dugi abdi sareng keluarga
uih ka bumi masing masing.

TAMAT…

133
Kajuaraan Pencak Silat
Suci Rahma Lestari (2022)

Lalangit katinggal mendung poè èta, ngariksa tiis


angin gede ngaheumbus kana awak. Awak nu tariis
dibalut jeung kesang khawatir ditali ku doa nu kuat sarta
usaha nu pasti moal ngacèwakeun. Dina poè anu geus
ditangtukeun jang pertandingan pencak silat, kabeh
jelema sarentak siap nalika kararuat nyiapkeun mental
jeung fisik nu kudu disiapkeun asak - asak.

Saacan pertandingan dimulai, 4 bulan katukang abdi


sareng babaturan latihan bebeakan nepi paribahasa namah
"moal aya kata ereun, saacan jadi jelema mah." Abdi
jeung babaturan Nirpa, Elna sok latihan jeung paguron
pencak silat abdi. Mun latihan didinya teh ku aslina
dipoles nepi ka alus, ngan emang kuduna ai hayang alus
mah "luar dalam teh kudu ngilu kuat" ari ceuk si Elna mah.
Dina sa 4 bulan eta mental jeung fisik bener - bener diasah
nepi ka "setajam pisau, jeung sakuat batu." Nah ari ieu
mah ceuk si Nirpa, bahasa nateh aralus nya.

Dilanjut kana waktos pemberangkatan, kabeh ngumpul


dina hiji titik jang naek bes nu sarua. Nungguan bes teh
meni lila tina nyampe kadatangan arurang ka titik èta tèh,
nungguan ti jam 06.45 nepi 08.50 teu lila ti èta nungguan
bes datang kabeh ngarabring asup kana jero bus pinuh ku

134
jelama nu arek ngadu tinju ka daerah lain. Perjalanan anu
kabilang cukup panjang, nalika bisi aya nanaon di jalan
"hayu urang babacaan doa keur kalancaran sadaya di jalan
jeung jang panepian arurang bisa dilancarkeun nepi balik
deui na." Cek palatih. Allhamdulillah na geus nepi
katujuan arurang digiring ka tempat anu arek dipake
tanding (gor).

Gor eta kabilang gede soalna boga 2 gor anu kapisah


di hijikeun lapangan jeung masjid anu badag teu
katinggaleun luas. Abdi jeung babaturan siap - siap keun
barang dina tenda anu di jadikeun istirahat 5 poe kaharep.
Saberna kuduna mah lain 5 poe didinya tèh, ngan kondisi
anu ngomong kitu jadi kaundur tina 3 poe jadi ka 5 keun
tèh. Tah salanjut geus nyiapkeun beberes, urang,
babaturan jeung kabeh paguron ngumpul kajeun
nungguan pambukaan kajuaraan pencak silat eta. Di
datang ku salasa hiji pajabat gede jang pembukaan èta
nyateu salah pasti di tempat eta tèh loba penjagaan nu di
dampingi ku aparat polisi ninggali oge aya tentara. Rame
ti pembukaan urang jeung paguron anu ngawakilan
Cianjur tèh dititah dipoto hela jang kenang - kenangan
jeung pajabat èta dilanjut ku mulai na acara pertandingan
seni pencak silat dina poè awal harita.

Poe kahiji, kadua karasa lancar pek poe ka tilu isuk - isuk
marulai deui pemanasan, lari jeung ngalakukeun kagiatan
anu saperti biasana. Maju kaberang urang jeung babaturan

135
siap - siap turun tina tribun jang ngawalan langkah jadi
pesilat. Pa jempè - jempè urang jeung babaturan bakat ku
sieun jeung deg - degan, ngan daripada kitu waè kalut
kana kasieunan masing - masing urang cairkeun ku hiji
omongan "usaha enggeus, doa enggeus pek urang
ridokeun ka gusti Allah jang kalancaran ueang sadaya."
Dilanjut ku kata "Aamiin" si Nirpa Jeung Elna mulai teu
sieun teuing ngahadep kana rintangan anu rek ditarima.
Sanajan kitu nungguan gilaran asup ka jarinf pertandingan
urang heula nu mimiti tanding, ti dinya ngaran urang di
panggil jang siap - siap hela. Urang siap - siap pemanasan
deui meh teu tiis di arèna.

Lawan, tanding, tajong, nahan geus kaliwat dina


sawaktu bersih eta. Allhamdulillah urang menang,
dilanjut ku babaturan urang mararaèn ngan di sayang elèh.
"Teu teukunanaon, nggeus tong jadi pamikiran teuing, da
nyaho situasi didinya nage te sagampang pamikiran urang.
Bae kalah mah aya waktu deui jang ngarubah kasalahan
urang eta, tong kalut kana hiji kakalahan. Getol keun deui
latihan na meh kabeh kaasah mulai ti ayeuna deui" Ucap
pelatih. Ka magribnakeun urang jeung si Elna siap - siap
ka mesjid jang ngalaksanakeun solat, didinya si Nirpa teu
ngilu keur berem tea "ayalah awewe biasa". Ti beres solat
urang rek asup kana gor nu hiji jang ninggali si Nirpa nu
aya didinya jeung kumpulan paguron urang. Teu disangka
- sangka tina akibat kacapean jeung loba pikiran, si Nirpa
kaasupan nepi teu sadar bahwa èta lain maneh na deui.

136
Rame, riuh, resah urang jeung si Elna sarta kabeh awewe
ulah asup ka gor eta.

Jempe ti dinya urang ngabring kabehan anu


ngawakilkeun Cianjur asup ka gor pertandingan, dariuk
make baju ping ngejreng hurung ti kabeh baju anu aya di
gor eta. Urang diuk gigireun Elna ngomong "Kade maneh
tong pipiluen kasebat paur, ke urang eweuh batur." Lanjut
urang " heeh pasti siap, loba keun doa, maneh ge nya
awas." Ti lila tidinya si Nirpa datang dengan wajah anu
berem nggeus di jempean, pikir kabehan si Nirpa diuk
gigireun urang. Teu lila ti eta si Nirpa mulai ngapak
kaasupan deui lewih parah na arek ngajol tina luhur tribun
nu untungna katahan ku senior anu cicing deket pager
pambatas tribun eta. Sieun ku suasana nu mencekam
didinya, lengen tiis ka asup sieun kababawa malah si Elna
ngilu ngaririuh kaasupan jeung hiji babaturan paguron
ngilu pingsan dina hiji waktu eta kabeh riuh nulungan
mawa ka ruang darutan nu aya didinya. Urang ngilu
ngabaturan si Nirpa jeung si Elna tapi tekuat di jero
ruangan eta, urang kaluar. Ditatah istirahat ka tenda urang
teu kawasa deg-degan mikiran kumaha kabarna 2
babaturan urang.

Ka isukeun na babaturan urang balik ka saung


dengan kondisi caricing benget berem, di poe ka 4 tèh aya
jadwal final urang di waktu sore na. Tina seni final eta
urang ngarasa beurat pisan gagara kajadian sapeting nu

137
nimpa babaturan, eungap jeung cape campur aduk di tahan
ku sumanget hayang menang ditambah dorongan pelatih
"Ayo ci ayo, bisa buru kuat pasti bisa ayo." Sakuat tanaga
di keurahkeun anu allhamdulillah na urang ngabuahkeun
hasil menang dina Juara 1 lomba pencak silat tingkat Jawa
Barat anu di laksanakeun di Garut tahun 2020.

Dilanjut poè berikut na nyaeta poè terakhir didinya


panutupan sarta pemberian mendali di laksanakeun dina
waktu tengah poè. Di lajeung panutupan nyaèta nya uwih,
uwih tèh nungguan deui èta bes meni lila ti berang ka sore,
ti sore ka peting karek berangkat. Kabeh sarare da cape
nggeus loba kagiatan tea ti eta tempat. Harudang ngan
meuli oleh - oleh jang jalma anu aya di bumi tercinta. Nepi
Cianjur urang di jemput ku bapa jeung mamah anu nggeus
nungguan di hiji titik pangereunan bes teh. Kasarekeun na
bakat ku cape nyarita jeung kolot tèh kaisukeunana.

Poè senèn diumumkeun tah kajuaraan di lapang


harep sakola, nya allamdulillah urang, Nirpa, Elna boga
kabungah tersendiri tina eta pertandingan tèh, loba
pangajaran anu di benang ku urang kabeh "Walaupun teu
jiga harepan urang, tong risau gundah ari aya kagagalan
teh. Jalani da jalan mah moal kamana Allah ge nyaho pasti
aya nu leuwih leuwih keur nungguan arurang

TAMAT…

138
Pangalaman Hidup
Syadad Dzufauzan (2022)

Ieu carpon nyaritakeun tentang pangalaman hidup


Syadad Dzufauzan Anshori, Kelas XI-F.
Jadi Syadad teh ti TK nepi ka SMA Kelas 10 teh sok
cicingeun wae, hese lamun diajak ngobrol teh da eraan
tea. Bari tara aya nu ngajakan da culun siga wibu, baheula
mah hese pisan erek gaul jeung barudak nu lain teh soalna
era, tapi aya wae nu daek ngabaturan mah. Pas SD
babaturan nu deket teh anu sakomplek hungkul, anu di
sakola mah teu pati dekeut. Maen jeung barudak komplek
mah maenna teh langlayangan, galasin, atawa bola. Awal
awal kenal pas di komplek teh jeung si iki, etamah duaan
we hayoh unggal poe ulin. Awal ulinna maen sasapedahan
bareng ngurilingan komplek, trus ulin kaimah na, tah si
iki ieu teh bogaeun PS2, sok maen downhill, bully, spy
spy. Lamun urg mah boga PS3, kadang urang ker hayang
maen PS2 di si iki, si iki na hayangeun maen PS3 di imah
urang. Sairing jalanna waktu makin karenal ka barudak
komplek nu lain, bari dibagi 2 kelompok aya nu blok
luhur aya nu blok handap. Urang mah baheula blok luhur,
kadang ngadu bola jeung nu barudak blok handap,
Kadang ribut wae beresna teh. Lila kalilaan jadi akrab,
ngagabung jeung nu handap teh, sok ulin bareng, ka
masjid bareng. Kelas 6 ngarobrol teh baringung SMP rek

139
kamana, aya nu arek ka SMP Al Azhar, aya nu pindah
imah.
“Eh, ki mnh SMP rek kamana” ceuk urang.
“Urang mah sigana ngalanjut di al azhar sigana teh”
ceuk si iki teh.
“Urang ge asa hayang euy ka al azhar teh” bales
urang.
“Hayu atuh ka al azhar smp na meh bareng” bales si
iki.
“hayu, ngan urang bebeja heula” ceuk urang.
“Heeh atuh sok geura bebeja” bales si iki.

Urang teh bebeja weh ka ibu smp na hayang ka al


azhar. Ari ibu ngajawabna mending ka pesantren, euh eta
didinya langsung sieun. Terus diajak ka pesantren na weh
ku bapa bari ningalian kumaha kondisi pesantrenna. Pas
diperjalanan teh sare we Ari urang mikir teh pesantrenna
bakal di cianjur deui, eh pas dijalan naha asa teh naha asa
lila. Apal apal teh geus nyampe di Tasikmalaya weh, Tah
didinya makin sieun, didinya teh ngan mikirkeun ngke
kumaha ngalongokna, meren jauh ti Cianjur ka
Tasikmalaya teh. Awalna mah nolak pas di pesantren teh,
bapa didinya ngajak ngobrol.
“Kumaha ka, bade moal pesantren teh?” Saur bapa
teh.
“….” Urang teu ngajawab.
“Kumaha?” saur bapa
“Nya bade” jawab urang.

140
Geus didaftarkeun teh mulang heula. Di imah teh
siap siap baju, selimut, bantal, baju koko, sarung jeung nu
lainna. Geus pas tanggal abus na langsung deg degan, di
perjalanan teh ngahuleng. Pas nepi beres beres heula di
kobongna, trus cicing weh di gazebo. Di gazebo teh
muasken ngobrol jeung ibu bapa da ngke bakal
ditinggalkeun. Beres Ashar ibu bapa teh parulang, urang
ka kobong weh, cicing di harepeun lemari bari era.
Maghrib ka masjid, Trus beres isya teh ngarumpul di
kobong, jang perkenalan. Didinya teh ngomongna patah
patah da era tea. Awalna mah hayang balik wae, ngan
ditatahan. Makin lila jadi makin nyaman diditu teh, trus
pas kelas 2 smp dibehel, bari pindah da lamun control gigi
na kudu ka cianjur jadi jauh deui. Pindah teh ka SMP 4
Cianjur, era deui didinya teh kenalan jeung babaturan nu
anyar. Sabaraha bulan geus sakola teh mulai we korona
muncul, diajar jadi daring. Apal apal geus lulus we, tah
ayeuna mikiran SMA rek dimana. Pas PPDB teh masukna
lewat jalur zonasi, pilihan ka 1 smansa pilihan 2 smanda.
Ka Smansa teh ditolak, ka Smanda lulus. Di kelas teh
cicingeun keneh da era, komo pas kelas 10 mah geus
mulai jerawatan jadi insecure tea. Pas kelas 11 nyieun
janji hayang berubah, moal eraan deui, moal insecure
deui, ningkatkeun skill. Pesan ti urang mah 1, Tong
insecure, mending bersyukur.

TAMAT…

141
Eli di Naga Bodas
Wida Gantika Chandra (2022)

Jaman bahela hirup hiji gadis nu ngaranma Eli. Eli


teh hirup di keluarga bangsawan. Sasapoe Eli ngurusken
bisnis keluarga nu karasepna. Dihiji waktu Eli kadatangan
tamu nyaeta anak pebisnis babaturan bapakna. Maksud
kadatangan anak pebisnis eta jeng kaluargana rek
ngalamar Eli. Eli te satuju sabab Eli ngarasa can waktuna
kahayang Eli ngan saukur hayang jadi pebisnis nu sukses.
Tapi keluarga Eli maksa eli nikah meh hirupna jelas
arahna. Lantaran mbung Eli akhirna kabur di imahna.
Saeengges jauh tiimahna Eli istirahat di hiji gubug nu
eweh penghunina.
Terus eli ningali lobang kalinci di handap tangkkal
nu ukuranna sagede awakna. Eli tertarik jang ningali
lobang eta akhirna Eli noong ka lobang eta terus tisoledat
ka jero lobang lantaran te ati ati. Eli asup ka lobang eta
terus ngadarat di hiji tempat aneh nu katingalina ges di
rusak ku batur. Di tempat eta sato jeng tatangkalan bisa
ngomong aya oge tatangkalan nu bisa lempang loba oge
binatang nu rupana aneh jiga kuda satengah aya sayapan,
ucing satengah kancil jeng salajengna "hey hey eta si eli
jelema nu rek nyalematken arurang di naga hideng" cek
sato jeng tatangkkalan.

142
Eli ngarasa bingung kana kaadaan ieu eli ngarasa
eta ngan mimpi eli namparam pipi jeng nyiwit nyiwit
lengenna berusaha meh hudang tapi eta lain mimpi
akhirna eli narima kaadaan eta Eli nanya ka panghuni
tempat eta "hey para penghuni ieu teh tempat naon terus
naha urang aya di tempat ieu". tanya eli
"Ieu tempat ngarana naga bodas, maneh aya didieu
lantaran dina lembar ajaib di tulisken bahwa bakal aya
jelema nu bisa ngelehken naga hideng nyaeta maneh"
jawab sato jeng tatangkalan.
Jaman bahela aya tempat indah nu di huni ku
babaraha mahluk hirup, salasah hijina naga hideng jeng
naga bodas. Kadua naga eta teh adik kakak nu hirupna
akur. Kaakuran hirupa kadua naga eta hancur lantaran
anggapan warga bahwa warna bodas teh indah terus
warna hideng teh buruk rupa, jadi naga bodas di pikarasep
warga, sementara eta naga hideng sok dikucilken lila
kalilaan naga hideng te ngenah terus dendam ka penghuni
tempat eta akhirna naga hideng ngahancurken tempat eta
jeng ngakuasaan eta tempat. hukum nu berlaku te adil jeng
nyangsengsaraken rakyat .
Eli sempet nolak jang mantuan rakyat naga bodas
tapi lantaran Eli ngarasa karunya jeng cara meh eli bisa
balik ka tempat semula eli kudu nginum getih naga
hideng.
Ti dinya Eli dianterken ku kuda sayap ka tempat
kerajaan naga bodas jang ngenalken. Di perjalanam eta Eli
di serang ku penghuni naga hideng lantaran penghuni

143
naga hideng nyaho bakal aya ancaman nu bakal ngabunuh
naga hidenh terus aya bantuan di penghuni naga bodas
nyaeta beruang jeng anjing opatan eta gelut lila kalilaan
anjing, berung jeng kuda sayap ngarasa ges tekuat jang
ngalindungan Eli kuda sayap nitah ka Eli jang manehna
indit ka kerajaan naga bodas sorangan.
“Eli maneh gera lumpat ka jalan lurus eta nkke
bakal aya dua jelema kembar kerdil nu bakal mantuan
maneh jang ka kerajaan naga bodas” kata kuda sayap
Tanpa mikir panjang Eli lumpat ka jalan lurus ges
jalan jauh Eli panggih jeng dua jelma kembar nu ngaranna
usep dan asep dua kembar eta sok cekcok jeng beda
pendapat dua jelma eta kerdil bari botak.
“Tingali eta si Eli” kata si asep
“Lain ah maenya jelma nu rek ngalawan naga
hideng letik” kata si usep
“puguh si Eli eta mah” asep
“puguj lain”usep
Duaan eta cekcok lila Eli ngan ningaliken bari seri.
Akhirna Eli misahken jeng ngaku manehanna teh Eli
jelma nu rek ngabunuh naga hideng jeng nyelamatken
warga naga bodas.
“Tuh kan si Eli”. cek si asep
“cek kuda sayap maraneh bakal nganterkem urang
ka kerajaan bodas”. Kata eli
“Tapi sabenernamah maneh kudu ka kerajaan naga
hideng hela jang mawa pedang sakti”. Kata asep

144
Jaman bahela pas naga hideng ngahancurken
kerajaan bodas naga hideng sempet mawa pedang sakti .
Pedang sakti teh nyaeta pedang nu jang ngabunuh
musuh kerajaan naga hideng salasa hijina naga hideng.
Akhirna tiluan eta indit ka kerajaan naga hideng
jang mawa pedang. Eli, asep jeng usep nyamar hela
samemeh asup ka kerajaa maranehna ngolesken lumpur
ka awakna meh hideng lantaran naga hideng resep ka
jelema jeng mahluk naon wae nu warna hideng.
“Hey maraneh teh saha” tanya naga hideng
“perkenalkan kami teh rakyat biasa kulit hideng nu
dikucilken” kata Eli
Lantaran ngarasa sanasib naga hideng narima Eli,
Asep, jeng Usep jang cicing di kerajaan. Tiluan eta
dijadike pendamping di kerajaan naga hideng kaesokan
harina Eli jeng dua kembar nyusun rencana jang mawa
pedang di bawah tanah ju di jagaan ku tentara besi.
Dengan cara nu sama tiluan eta nyamar dei, nyamar jadi
tentara maranehna make baju tina besi nu berat.
Maranehna indit ka bawah tanah tanpa mencurigakan
akhirna maranehna manggih pedang sakti nu di
kurungan. Maranehna nyadar kurungan eta di konci.
Akhirna riluan eta nyusun rencana dei. Salasa hiji di
maraneh na kudu ngecoh penjaga pedang sakti akhirna
usep nu jadi pengecoh. Usep nananya wae ka penjaga nepi
nanya ni te penting nepi ka si penjaga terkecoh samentara
usep ngecoh Eli mawa konci nu aya di meja penjaga

145
saengges kabawa eta konci Eli ngoperken koncina ka
asep.
Akhirna Eli jeng Asep muka kurungan eta terus
mawa pedangna. Lantaran Asep ceroboh muragken konci
ka meja nu ngajien suara penjaga nyadar aya nu mawa
pedang sakti. Tampa mikir panjara tiluan eta kabur. Te
samudah eta maranehna di kepung ku tentara besi
maranehna te bisa ngaladenan tentara saloba eta.
Maranehna hampir nyerah tapi jol jol weh aya kuda sayap
jeng babaturanna mantuan Eli, Asep, jeng Usep. Saengges
eta maraneh kabur ngapung kaluhur terus datang ka
kerajaan bodas. Saengges tiba di kerajaan bodas Eli
panggij jeng naga bodas nu bager.
Naga bodas bahagia pisan ningali Eli lantaran ges
lila naga bodas nengguan Eli. "bener maneh nu ngaranna
eli". Tanya naga bodas.
"muhun abdi Eli nu siap ngelehken naga hideng"
jawab Eli bari nyerahken pedang sakti.
Naga bodas terharu lantaran bahagia. Salila ieu
naga bodas tebisa berbuat nanaon lantaran naga bodas ges
janji moal menyakiti mahluk hirup naon wae macemna.
Terus Naga bodas mere baju pengaman jeng maliken
pedangna dei, nu jang nkkena di pake pas duel jeng naga
hideng, ka Eli. Eli narima baju jeng pedangna. Eli ngarasa
sien lantaran manehna can pernah gelut komo jeng naga
mah. Eli diajarken make pedang nu bener jeng cara
ngahindar sabetan pedang ku naga bodas. Terus Eli oge
dibere kalung keberuntungan ku naga bodas meh

146
manehna menang di pertarungan eta. Hari pertarungan tos
tiba Eli jeng naga hideng siap di ladang badag. "Hemm
ieu jelema nu rek ngabunuh urang teh. Maneh moal bisa
ngalawan urang Eli" cek si naga hideng
Dengan penuh percaya diri eli ngabales "Tingali
nkke we naga hideng". pertarungan eta sangat sengit Eli
sempet kapajok tapi akhirna Eli menang terus bisa
menggal hulu si naga hideng jeng nginum getihna nu
ngucur. Rakyat naga bodas nganuhunken pisan sabab
bisa terbebas dari jajahan naga hideng berkat eli akhirna
rakyat hidup bahagia. Akhirna Eli bisa indit ka tempat
asalna. Terus Eli indit ka imahna lantaran Eli ngarasa nu
kabur di masalah mah ngan jelema nu eweh kawani
hunkul. Eli ngajelasken ka indungna manehna teh moal
waka nikah lantaran hayang jiga bapakna jadi pebisnis nu
sukses. Indung Eli narimaken kahayang Eli terus
ngabatalken pernikhanna. Dina carita ieu arurang kudu
nyaho setiap jelema kudu boga rasa simpati jeng rasa
kawani. Nu bakal berguna di mana wae jeng iraha wae.

TAMAT…

147
Hari - hari Sakola
Yasmin Khairunnisa (2022)

Nami abdi Yasmin sakola di SMAN 2 Cianjur.


Setiap hari abdi ngajalanken kegiatan seperti biasana.
Senen hari paling anu berat. Teu apal kunaon senen teh
asa berat kahiji upacara sok cangkeul bari panas coba mun
tiis sejuk teu panas mah jeng pembina upacara teu seer
masihan amanat na teh beuuh enaken. Kadua, pagi hari di
hari senen teh asa pang macetna di bandingkan hari sakola
nu lainna. Terus aya hari salasa, salasa teh kur 2 mata
pelajaran tapi sa mapelna lima jam aduuh boseeen bari
tunduh. Hari rebo ge kitu sami 2 mapel pilihan tpi samapel
na 5 jam. Biasana di hari salasa jeng rebo mah hari anu
paling boros soalna pan aya istirahat anu beda ti hari biasa
na jeng kadang aya jamkos na anu sok di pake jajan ka
kantin matakan lewih boros di banding ti hari biasana
masing nyandak bekel ti bumi ge tetep we asa boros hari
rabu jeng salasa mah. Terus aya hari kamis, kamis Yasmin
mah lumayan resep soalna mendekati hari sabtu hehehe
tapi di hari Kamis teh aya mapel anu teu di pikaresep ku
Yasmin nyaeta mapel pjok atau olahraga. Yasmin teu
resep olahraga teh kusabab kahiji jam na di jam anu
matahari pas di luhur panasssss kadua cape emang
dasarna remaja jompo we nya Yasmin mah katilu atosna
hareudang teu enaken mana 3 jam deuih tapi olahraga

148
kelas Yasmin mah jeng pak hidayat 1 jam pelajaran
terakhirna di kosongken jadi bisa tenang ganti bajuna
hehehe. Terus aya hari jumat, jumat Yasmin resep ku
sabab hari terakhir sekolah pan enjing na mah sabtu libur
ahahhaa tapi di hari jumat ge aya mapel anu kurang di
pikaresep ku Yasmin nyaeta mapel ppkn. Duka kunaon
Yasmin mah tiap jam mapel ppkn teh sok tunduh teh sok
nepika nundutan Yasmin mah bari jeng pas pelajaran
ppkn mah minum ge ulah mun bade minum teh kudu
kaluar kelas. Nya balik deui sih ka peraturan masing
masing guruna nya. Terus hari jumat teh lumayan resep
istirahat ka 2 na lumayan lewih kami waktunya kusabab
pan para lelaki na jum’atan nah istirna mah di kelas jeng
solat dzuhur ge di kelas jeng kantin teh teu sapinuh jam
istirahat biasana. Terus mun tos masuk hari sabtu teh asa
tenang alhamdulillah mun teu aya kegiatan mah bisa
santai di bumi da soalna hari libur wkwkwk. Tapi mun tos
masuk hari minggu perasaan mulai berubah mulai ka
pikiran tugas minggu kamari anu can beres terus muali
beberes persiapan bertemu dengan hari senin nyiapken
buku mapel di hari senin seragam, sabuk, dasi, topi, jas
alamamater eta teh kudu siap pas hari senen teh soalna
mun aya hiji weh nu teu lengkap engke pas hari senen
bakal di piwarang ka payun ku pak rahmat anu teu lengkap
teh upacarana di payun jeng nu kasiangan ge bakalan tatih
di payun pas upacara selesai teh pan isinya mun ka payun
teh matakan hari senen mah hari anu paling berat cek
Yasmin ge.

149
Nah kan tiap sakola teh pasti aya seragamnya, hari
senen salasa mah seragamna putih abu jeng alamamater
kebanggaan warna biru dongker. Tah hari rabu jeng kamis
pake batik smanda lamun jumat mah pake seragam
paliiiing nyaman nyaeta pramuka. Duka kunaon da
Yasmin mah paling resep ngangge pramuka ada rapih we
jeng seragam laling nyaman teh pramuka. Tah aya baju
olahraga di pakena pas jam mapelna lah. Jeng lamun
sakola di smanda mah tiap tanggal 12 teh make baju
kebaya hareudang sih sabenerna mah tapikan tetep kudu
mengikuti peraturan sakola nu aya. Jeng tanggal 14 na
wajib pake baju pramuka. Terus kegiatan ekskul na
irahanya? Kegiatan eskul mah biasana di laksanaken
setelah kbm (kegiatan belajar mengajar) selesai atau
pulang sekolah tapi aya oge anu eskulna di hari sabtu.
Biasana di hari sabtu minggu mah kan liburnya tapi
kadang kadang aya oge anu ngagunakeun hari eta jeng
kerja kelompok lamun aya tugas kelompok atanapi di
pake main we.

Pulang sakola waktu pang anu ramena. Kahiji


waktu sore anu rame kusabab semua siswa kaluar bari
mawa motor anu bikin jalanan macet. Kedua siswa siswa
anu jajan keur mah jalan macet ku siswa anu uih sakola
nyandak kendaraan jeung anu di jemput ku orang tua, grab
atau ayangna jadi jalan teh macet jeung pinuh ku siswa
siswa anu tos beres belajarna. Katilu jam pulang sakola

150
teh jam jam anu rawan hujan jadi mun langit tos mulai
mendung, jalan teh makin macet kusabab siswa siswa nu
aruih na seer nu langsung uih ka bumi na da sien
kehujanan tapi aya oge siswa siswa anu henteu langsung
uih aya nu ameung aya nu di sakola keneh. Siswa siswa
anu biasana aya di sakola keneh teh anu aya kegiatan di
sakola sapertos eskul latihan kumpulan atau henteu OSIS
sareung mpk.

Pernah di hari Kamis minggu kamari nyaeta


Yasmin sareung wida jeung nadia oge teu olahraga
babarengan kusabab Yasmin nadia sareung wida teh
nembe damang jeung nembe sakola deui
Setelah seminggu teu sakola ku sabab teu damang,
Yasmin jeng wida jeung nadia teh teu olahraga da masih
karasa badan anu nembe damang teh laut mun olahraga
teu damang deui. Terus pas enjing enjing teh nembe ka
kelas teh di taros saur nadia teh Nadia “Yasmin, tos
damang? “

Yasmin “alhamdulillah lumayan ngan masih batuk


flu pilek keneh we kitu ieu ge suara masih bindeung teu
sih? “
Wida “masih min aku ge ieu karek sembuh da”
Nadia “nadia mah kamari sakola. Coba pas keur
mapel ekonomi panas deui ih”
Yasmin “terus naha atuh make sakola ayeuna? “
Wida “heeh ih sok araneh nadia mah”

151
Nadia “atuda nadia tos seer teu hadir na ah jadi
sakola we”
Yasmin “ih Yasmin ge tos seer”
Terus tadinya teh arurang teh ngerjakan tugas mapel
Inggris sareng bahasa Indonesia. Terus aya dina waktu
istirahat nu lain mah gentos acuk Yasmin Wida Nadia
mah ka kantin langsung da moal olahraga jadi teu gentos
acuk. Tah tos aya suara bel masuk waktunya olahraga eta
teh. Yasmin Wida Nadia teh kw pak Hidayat ijin teu
ngiringan olaharag kusabab nembe damang. Tos ijin teh
di piwarang ka kelas ku pak Hidayat teh. Terus tadinya
Yasmin Wida Nadia teh ka kelas da teu olahraga mah di
piwarang ngantosan di kelas. Pas di kelas arurang teh
tuang bekel anu di candak ti bumi jeung ngobrol heureuy
nga lagu jeung nu lainna. Terus aya waktos dimana
olahraga na selesai jadi di kelas teh murid murid riweh
bade gentos acuk.

Terus masuk ka jam bk tos eta mapel bahasa


Sunda. Tos bahasa Sunda teh waktuna uih, terus hujan
ageung teh ari yasmin teu damang keneh untungna bawa
jaket. Tidinya Yasmin, Zalfa, Qisti, Suci, sareng Aisyah
teh ka masjid bade solat ashar. Tidinya Yasmin teh batuk
wae teu eren eren jeung muali demam deui. Terus didinya
Yasmin langsung di jemput uih. Pas di bumi Yasmin
mulai teu damang terus di taros ku mamah “ari kakak tadi
jajan naon atuh jadi teu damang deui? “ saur mamah ka
yasmin. Yasmin nga jawab “jajan buah sareung cai

152
hungkul da” tidinya papah Yasmin langsung meser obat
deui kanggo yasmin. Tidinya yasmin di ulah keun sakola
deui kanggo enjing. Tidinya enjing na Yasmin teu sakola
deui soalna teu damang deui. Pas hari senen na sakola deui
tapi mamah teh nitip pesen nyaeta jaga jajan na tong nu
aneh aneh bisi teu damang deui.

TAMAT…

153
Liburan Ka Jogjakarta
Zalfa Azalia Widi Putri (2022)

Tanggal 10 Desember 2021 abdi angkat ka Jogja


sareng kulawarga abdi, abdi dijemput ka sakola, ti sakola
abdi langsung angkat ka Jogja, Salami perjalanan ka Jogja
abdi ngangge acuk Pramuka keneh, perjalanan ti Cianjur
ka Jogja kurang leuwih 12 jam eta ge jeung istirahat di rest
area, jam 10 peting abdi karek nepi Ciamis, di Ciamis abdi
sareng kaluwarga abdi mampir hela ka tukang bubur,
bubur di Ciamis beda jeng bubur nu Aya di Cianjur, di
Ciamis bubur teh make kuah deui, teu ngangge pepes
hayam, teu ngangge kacang, kurupuk na ge beda jeng
kurupuk nu sok Aya di bubur nu di Cianjur, tapi sami wae
rasa na mah enak, ngan cek abdi mah lewih ngenah bubur
ayam nu aya di Cianjur sih, jam 6 isuk abdi sareng
kaluwarga abdi tos nepi di Kebumen Jawa Tengah.
Salami dijalan Kebumen eta abdi meni resep teh
sabab jalanna lancar teu macet jeng pemandangan na meni
endah sabari ningali matahari terbit, di sisi jalan eta teh
aya pantai, lamun abdi sareng kaluwarga abdi liburan ka
Jogja pasti mun ngalewat jalan Kebumen eta, sok mampir
ka pantai Jetis. Pantai Jetis teh tempatna aya di Jawa
tengah Paturejo Grabag, pantai ieu ombak na lumayan
ageung tapi aman keneh lamun arurang ngan di pipir
pantai na mah, pemandangan na teh meni endah pisan,

154
pantai na bersih, di pipir pantai na seeur cangkang kerang,
abdi sareng adi abdi sok ngunpulkeun cangkang kerang na
jang tugas karajinan di sakola.
Tabuh 11 siang, abdi tos nepi di bumi nini abdi,
bumi na di Sleman Yogyakarta. Pas abdi nepi, Mbah uti,
Mbah Kakung, bude, sareng sepupu-sepupu abdi,
nyambut abdi sareng kaluwarga abdi, rasana teh meni
bungah pisan.
“assalamualaikum Mbah” saur bapa abdi
“waalaikumussalam..” waler mbah sabari bungah

“ayo masuk, pasti cape, gimana dijalan macet


ngga?” saur Mbah naros ka abdi

Abdi ngawaler “iya mbah, allhamdulilah rame tapi


ngga macet”.
Kira-kira tabuh 2 an, abdi diajakan ameng ku mba
Kiki, mba Kiki teh anak ti kakak bapa abdi.
“Ayo ikut keluar zal kita keliling-keliling” saur mba
Kiki
Abdi teh da ngarasa bosen jadi ku abdi di hayu keun

“mau kemana mba? Ayo” saur abdi.

Abdi sareng mba Kiki langsung angkat, abdi


diajakan muter” ngalewat Malioboro, jalan 0 KM
Yogyakarta, ngalewat UGM, resep pokona mah

155
tos jalan-jalan, kira-kira tabuh 4 an abdi uih ka bumi
deui. Enjing na abdi sareng ibu bapa abdi jalan-jalan ka
Malioboro, di Malioboro teh seeur pisan nu dagang oleh-
oleh khas Yogyakarta jeng kaemaman khas Yogyakarta
jiga bakpia baseh, bakpia garing, gudeg, angkringan kopi,
toko batik khas Yogyakarta, aya oge toko oleh – oleh, jiga
toko miniatur, toko gelang-gelangan, gantungan konci,
baju, blangkon jeng nu sejenna.
Teu jauh ti Malioboro aya Taman Pintar hargi tiket
na lumayan murah kira-kira 10.000 per orang, di jero
taman pintar teh seeur tempat-tempat nu sae, aya
aquarium badag, aya tempat nu seeur patung-patung
dinosaurus tapi patung na teh bisa gerak, aya taman sains,
jadi aya karya-karya sains jeng aya penjelasan saha nu
nyiptakeunna,aya tempat simulasi gempa, Aya tempat
biologi, aya simulasi tsunami, Aya taman fisika, jeng aya
oge bioskop 3 dimensi, seeur keneh pokonamah, abdi
kukurilingan di taman pintar teh kirang lebih 3 jam an.
Sabab tos sore abdi sareng kaluwarga abdi uih ka bumi,
tapi sa teu acan ka bumi nini abdi, bapak abdi ngajakan
mampir heula ka suatu tempat.
“Bade ningali bumi arurang nu didieu teu?” tanya
bapa.

156
Bapa abdi teh gaduh bumi di Yogyakarta saur na teh
ngke lamun abdi kuliah di Jogja tinggal na teh di bumi
abdi we, ngan sabab ayeuna bumi eta teh teu di tempatan
ku kaluwarga abdi, jadi di kontrakeun hela ka batur.

“Hayu atuh tos lami teu ningali” saur ibu.

“hayuu yah abdi ge hoyongg” saur ade abdi


Tidinya bapa abdi langsung angkat ka bumi eta,
lumayan tebih sih lamun ti Malioboro ka daerah bumi abdi
eta. Abdi sareng kaluwarga abdi nepi di bumi eta ngan nya
teu mampir hela ngan ngalewat hungkul we. Kaayaan
bumi na teh kotor jeng kirang bersih ibu teh asa ku nyaah
sabab bumi eta teh jiga teu dirawat ku nu ngontrak.

“Aduh meni bala kitu nya, nyaah nya yah” saur ibu

“Muhun nyaeta, ngkin mah urang bener keun deui


we” saur bapa

“Tapi asa enakeun nya adem tempatna teh, jadi


hoyong pindah kadieu” saur ibu deui
Abdi ge asa hoyong pindah ka Yogyakarta ngan
Aya hiji hal nu bikin abdi sieun, mun abdi pindah ka
Yogyakarta ke abdi teu aya batur nyarios susundaan deui
hahahaha.

157
Atos we tidinya teh abdi sareng kaluwarga abdi uih
ka bumi nini abdi deui. Pas peting-peting teh abdi asa
hoyong seblak, abdi teh nanya we ka sodara abdi
“mba disini ada tukang seblak ngga?” tanya abdi
“Ga ada tukang seblak zal disini” saur sodara abdi
Nambahan deui hal nu ngajieun abdi sedih lamun
pindah ka Yogyakarta, soalna teu aya tukang seblak, jeng
meren lamun ker hoyong seblak mang peci teh hese da
jauh.
Poe ka tilu abdi di Yogyakarta, abdi angkat ka jalan
deui sareng kaluwarga abdi bade meser oleh oleh jang
kaluwarga sareng babaturan abdi di sakola, Kahiji abdi
sareng kaluwarga abdi neangan toko bakpia di sakitaran
Malioboro, teras abdi ge meser gelang-gelangan jang
babaturan abdi di sakola, abdi ge meser acuk sareng rok
batik di Malioboro, ibu abdi meser daster batik
Yogyakarta jang dibagikeun ka kaluwarga abdi di
Cianjur.
Abdi ge mampir hela ka cafe di Malioboro, cafe eta
teh korsi na ti gerbong kereta api, unik pisan, tempat na
ge enakeun, minumanna ge enakkk pisan, eta kadua kali
na abdi ka cafe eta, abdi hilap nama cafe na tapi cafe eta
tempat na teu jauh ti jalan Malioboro awal deket parkiran.
Tos beres meser oleh-oleh abdi sareng kaluwarga
abdi naek andong kukurilingan ka Keraton Yogyakarta,

158
ka pasar Beringharjo, pokona mah muter” Yogyakarta,
rame pisan sabab lamun naek andong mah bisa
ngarasakeun perjalanan na soalna lalaunan.
Ieu teh dinten terakhir abdi sareng kaluwarga abdi
di Yogyakarta. Enjing na kira – kira tabuh 9 an abdi sareng
kaluwarga abdi siap-siap masukeun barangbarang ka
mobil sabab bade uih ka Cianjur, sa teu acan uih abdi
sareng ibu pamitan hela ka tetangga-tetangga diditu,
sabab abdi pas alit sok di ajak ulin ku bude tetangga nini
abdi, jadi deket.
“Bude, zalfa pamit mau pulang lagi ke Cianjur” saur
abdi.

“Sebentar banget zalfa disini nya, udah sekola disini


aja bareng sama mba Kiki” saur bude

“Hehehe iya bude insyaallah” saur abdi teh

“Eh sebentar ini ada oleh-oleh buat zalfa” saur bude


sabari masuk ka bumi deui, bude balik deui nyandak
kantong hideung badag isina teh karpet.
“Nih bawa pulang ya, bagus ini bisa buat karpet,
bisa buat selimut, buat sepre juga bisa” saur bude.

Ku abdi teh di candak “Iya budee makasih ya” saur


abdi.

159
Bude emang kadang sok masihan oleh-oleh naon we
ka abdi teh lamun abdi pamitan bade uih ka Cianjur teh,
pas abdi alit keneh mah bude teh sok masihan kalung-
kalungan nu di bikin ku bude, ai kamari mah abdi di
pasihan karpet tapi tiasa oge dijadikeun sepre hahahaha
aya aya wae.
Abdi sareng kaluwarga sa teu acan naek kana mobil
teh pamitan deui sareng nini aki abdi.

“Hati-hati ya dijalannya, nanti kalo sudah sampe


kabari lewat mba Kiki yo” saur Mbah uti Bapa abdi ge
pamitan deui ka tetangga sareng sadayana kaluwarga
didinya, abdi sareng kaluwarga abdi naek kana mobil, pas
mobil na tos jalan ade abdi dadah-dadah lewat jandela
mobil.
Rasana teh sedih pisan 4 poe di Yogya teh karasana
teh meni sakedap pisan, sabab tos kirang lebih 2 taun teu
uih ka Yogyakarta.

TAMAT…

160

Anda mungkin juga menyukai