Anda di halaman 1dari 13

NGARANG

SAJAK/PUISI
Anis Manthiasari,
S.Pd.
Tujuan Pembelajaran:
 Bisa nangtukeun tema sajak nu rek ditulis.
 Bisa milih kekecapan nu merenah (diksi) dina nulis
sajak.
 Bisa nyusun padalisan sajak nu ngandung wirahma.
 Bisa ngagunakeun metapora dina ngarang sajak.
 Bisa nyusun purwakanti anu merenah dina ngarang
sajak.
 Bisa ngembangkeun imajinasi dina ngarang sajak.
 Bisa silih komentaran dina ngarang sajak jeung pada
babaturan.
 Bisa nyusun antologi sajak babaturan sakelas.
Sajak

KANYATAAN SAPOPOE
IMAJINASI
(REALITAS)
Ngolah fakta ku imajinasi:

Gambar-gambar nu
ngahudang imajinasi.

Naha rasa urang teu


kahudang mun
ningali ieu gambar?
Atawa naha urang
bisa nyipta hiji
suasana tina eta
kaayaan?
Midangkeun Imajinasi:

Elmu Pangaweruh Seni Tari

Fotografi

Seni Rupa
Midangkeun imajinasi dina karya sastra

FIKSI / SASTRA

PUISI PROSA DRAMA


TEHNIK NULIS SAJAK
ARCO ETRUSCO
Acep Zamzam Noor

Kasimpe urang, diwangun


tina tutumpukan batu jeung
torowongan-torowongan
panjang. Rajeg tihang-tihang
jeung munara katedral.
Kasimpe urang karadak dina
tembok-tembok jadi tetecean
waktu nu terus nanjak.

FAKTA PUISI
SUASANA

TEMA

WIRAHMA

sajak
PURWAKANTI/
RIMA

METAPORA
DIKSI
Conto Karya Siswa

Mun batur bisa, moal mungkin urang henteu. Bedana,


batur mah hayang nulis teh jeung praktekna, urang
mah ukur boga kahayang bari teu praktek.
Fahrul Satria N., siswa kelas IXE SMPN 3 Lémbang Bandung:

Lembang Kamelang

Nyawang ti lebah suhunan


bréh katingal léngkob Lémbang
Situ Umar

Baheula kacaritakeun,
bisa bébér layar
Rarakitan

Pangulinan barudak,
anteng
ayeuna tinggal ngaran
kagusur panéka jaman
leuit duit pangwangunan

Ayeuna Lémbang
heurin ku tangtung imah
kumaha jaga ka hareup
warisan ukur carita

Kahayang ulah robah


kahayang tinggal harepan
Lémbang pinuh kamelang

(Dicutat tina majalah Cupumanik, Taun V No.7 Pébruari 2008)


Sari Angraéni,
siswi Kelas VIIIC SMAN 1 Purwakarta:

Musapir

Getrok-getrok sora iteuk


Bari mawa kaléng
Ngasong-ngasong leungeun
Kana jandéla haté

Aya nu haateun méré


Aya ogé nu ngahina
Bari nyarékan

Rék digawé nu bener


Euwueh pangabisa
Umur geus kolot
Awak geus rémpo
Lamun teu kieu
Anak pamajikan moal kaparaban

(Dicutat tina majalah Cupumanik Taun IV No. 2


Séptémber 2006)
Anjani Tri Damayanti,
siswi Kelas VIID SMAN 1 Tanjungsari Sumedang:

Tos Dua Sasih

Tos dua sasih Tétéh teu milih


padahal Enéng banget sono
sono hoyong dikintun cokelat
sono hoyong dipangdongéngkeun

Kapungkur mun Tétéh mulih


nu tipayun katingal pasti imut Tétéh

Ari ayeuna, Tétéh imut ukur dina potrét


nu ngagantung di kamar
bari seukeut neuteup siga nu hoyong nyarios:
“Néng, tong baong nya!”

Tos dua sasih Tétéh teu mulih,


Enéng terang Tétéh moal mulih deui.

(Dicutat tina majalah Cupumanik Taun IV No. 8 Maret 2007)


JAMPE PAMAKE:
IF YOU WISH TO BE A WRITER, WRITE!
(Epictetus)

MACA, MACA, MACA,


MACA, MACA
NULIS!

Anda mungkin juga menyukai