ebrehan tina sikep, jiwa, atawa ekspresi pangarangna. Sajak kaasup karya sastra Sunda wangun ugeran (puisi) Pangarang sajak nu munggaran nyaeta Kis W.S. (Kiswa Wiriasasmita) dina taun 1946 nu judulna “Ilangna Mustika” Dumasar eusina sajak dibagi jadi: 1.Sajak epik, nyaeta sajak anu ngadadarkeun atawa ngalalakon. Conto: Jante arkidam kenging Ajip Rosidi
2. Sajak lirik, nyaeta sajak anu
ngagambarkeun rasa panyajakna. Conto: samagaha kenging Taufik Faturohman Sajak naratif nyaeta sajak nu ngagambarkeun kapahlawanan atawa kasangsaraan hirup nu karakter palakuna basajan. Sajak dramatik nyaeta sajak nu objektif ngagambarkeun paripolah hiji jalma, boh ku wanda lakon, boh ku wanda dialog, boh ku wanda monolog, nepi ka katangen ayana gambaran kisah nu tangtu. Dina sajak dramatik, panyajak nyaritakeun dirina atawa jalma sejen ngaliwatan tulisan monologna. Sajak didaktis nyaeta sajak nu eusina sacara umum mipikaboga ajena-ajen atikan tur jelas katiten dina basana. Sajak satir atawa satirik nyaeta sajak nu ngandung sindiran atawa kritik kana ka teu adilan jeung ka teu beresan nu aya di masarakat. Sajak Romance atawa Romansa Ieu sajak eusina ngeunaan carita atawa ekspresi cinta hiji jalma ka jalma nu dipikaasihna. Sajak elegi teh sajak kasedih ti panyajak ka nu ditujulna dina sajakna. sajak ode nyaeta sajak nu eusina puja-puji ti panyajak ka hiji jalma atawa hal-hal nu ditujulna, biasa mibanda jasa atawa sikep kapahlawanan. Dina Semi mah (1984: 95), Ode teh bagian tina Epik Naratif. Sajak Himne Ari sajak jenis himne teh sajak nu eusina mangrupakeun puja-pujian ka Gusti atawa ekspresi mikacinta kana lemah cai, sareng lain sajabana. Unsur-unsur pada sajak Tema Nada Rasa Amanat/Ma’na TEHNIK MACA SAJAK Lenyepan (Pahami) Vokal Nada jeung Rasa Wirahma (irama) Ekspresi DO’A (haturan pa Otto Iskandar Dinata) Jungjunan karya: Apip Mustopa Pangnangkeupkeun eta nyawa Nu indit taya nu nanya Taya tapakna di dunya Angin Pangusikkeun sapangeusi buana Yen aya sinatria nu perlaya Di wewengkon langit Sunda Bulan Baturan eta nyawa nu ditundung Di tempat baktina taya nu daek ngajungjung He panonpoe Geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala Sangkan ieu dada Sakumna nyawa Sunda Nyaho boga pahlawan digjaya DO’A (Untuk pa Otto Iskandar Dinata) Tuhan Karya: Apip Mustopa Peluklah nyawa itu Pergi tiada yang menanyakan Tiada kenangannya di dunia Angin Gerakkan seisi dunia bahwa ada ksatria meninggal Di daerah langit Sunda Bulan Temani nyawa itu yang diusir Di tempat baktinya tiada yang menghargai He matahari lekas pancarkan panas yang membakar segala Supaya dada ini, Seluruh nyawa Sunda Tahu punya pahlawan yang gagah Cipasung karya Acep Zamzam Noor Ciibun na tonggong daun Hiliwir angin ngusapan pipi kembang Sesa hujan peuting ngagenclang diburuan Lembur kulawu dipulas halimun ipis Dalingdingna hawa gunung, Jungjunan Nungtun lengkah mulang ka pangkonan salira
Di tonggoh pasir ngemploh keneh
Kiara jeung Tanjung can muguran deui Upama langit angkeub lebah tutugan mangsa Buntelan mega bedah ku geter katresna Kuring sujud jeung sumegruk, Jungjunan Ngamparkeun cimata sapanjang lemah Cipasung karya Acep Zamzam Noor Air embun di punggung daun Hembusan angin mengusap pipi bunga Sisa hujan malam bersinar di pekarangan Kampung mendung dihias awan tipis Sejuknya udara gunung, Tuhan Menuntun langkah kembali ke pangkuan-Mu
Di atas bukit pepohonan masih hijau
Kiara dan tanjung belum berguguran lagi Seumpama langit mendung di ujung waktu Sekumpulan mega buyar oleh getaran kasih sayang Saya sujud dan menangis, Tuhan Menghamparkan air mata sepanjang tanah air tercinta MEMBUAT PUISI DALAM BAHASA SUNDA 1 BAIT (Min. 4 BARIS) BERTEMAKAN PAHLAWAN