Anda di halaman 1dari 6

MUQODDIMAH TAJWID 1. Ari ngraan tajwid jeuk lugot nyaeta : kadar-kadar nagluskeun 2.

Ari ngaran tajwid jeuk istilah nyaeta : hiji ilmu paranti ngabahasa pirang pirang tempat pangbijilan nana huruf jeung sifatna 3. Ari anu di eunteupan , ( penerapan ) ku ilmu tajwid teh nyaeta : pirang pirang ayat quran 4. Ari anu di maksud ku ilmu tajwid teh nyaeta : ngaraksa letah tina kasalahan malika maca quran 5. Ari faidah na ngaji ilmu tajwid teh nyaeta : supaya bagja dunya akherat ( sesuai parentah alloh jeung rosul ) 6. Ari hukumna ngaji ilmu tajwid teh nyaeta : fardu kipayah 7. Ari hukum na maca quran ( pengamalan ) make ilmu tajwid teh nyeta : fardu ain

HUKUM NA MACA TAUD, BISMILAH, SARENG SURAT Hukum na maca taud, bismilah, sareng surat eta maca na kenging 4 cara / wajah : 1. Di wakopkeun sadayana

2. Di wasolkeun sadayana

3. Taud di pisah, bismilah sareng surat di hijikeun

4. Taud bismilah di hijikeun surat di pisah

HUKUM NA MACA BISMILLAH ANTARA DUA SURAT Ari hukum na maca bismillah diantara dua surat eta maca na kenging 4 cara / wajah. Anu 3 kenging, anu 1 teu kenging : 1. Di wakopkeun sadayana

2. Di wasokeun sadayana

3. Akhir surat di pisah / wakop. Bismillah sareng awal surat di hijikeun

4. Tah ieu 1 cara maca anu teu kenging te nyaeta : nyambungkeun akhir surat kana bismilah terus eureun dina bismilah terus ngamimitian deui kana awal surat.

KELAS 6 SD 1. Ari hukum nun paeh sareng tanwin eta aya opat, 1. Idhar 2. Idgom 3 .iqlab 4. Ikhfa 2. Ari hukum mim paeh eta aya 3 : 1.Idhar sapawi 2. Idgom mutamasilaen 3. Ikhfa sapawi 3. ari gunnah kabagi 2 bagian : 1.gunnah asliyah 2. Gunnah aridiyah 4. ari alif elam kabagi 2 bagian 1. alif elap komariah 2. alif elap samsiah

5. ari lam lapad alloh ka bagi dua bagian 1.taphim hartos na kandel 6. ari warna na idgom eta aya 3 1. idgom mutamasilaen 2.idgom mutajanisen 3. Idgom idgom mutaqoribaen 7. ari kolkolah eta aya 2 1. qolqolah subro 2. Qolqolah kubro 8. ari mad kabagi dua bagian 1. mad asli atanapi mad tobii 2. Mad fari 9. ari mad tobii eta aya 3 1. alif paeh jabar samemehna 2. ya paeh jeer samemehna 3. wau paeh pees samemehna 2. Tarkik

KELAS 1 SMP 1. ari huruf idhar teh aya genep anu dikumpulkeun dina lapad : Hamzun paha un summa ainun ha un Muh ma latani summa ainun kho un Hiji hamzah dua ha ka tilu ain opat ha ka lima khogenepna gin 2. ari huruf idgom eta aya 6, anu dikumpulkeun dina lapad yarmaluna ari idgom kabagi 2 bagian: hiji idgom bila gunnah, kadua idgom maal gunnah / bigunnah ri huruf idgom bila gunnah eta aya 2 : hij lam dua re anu dikumpulkeun dina lapad laro ari huruf idgom maal gunnah eta aya 4 =hiji ya, dua nun, tilu mim opat wau anu dikumkeun dina lapad yanmu 3. ari huruf iklab aya hiji nyaeta be/ba 4. ari huruf ikhfa eta aya 15,anu dikumpulkeun dina lapad shipdza tsana ka jada syah sunqodsama dumthoyyiba zidfituko dhodholima

5. ari huruf idhar sapawi eta aya 26 salian ti mim sareng be/ba ari huruf idgom mutamasilen eta aya hiji nyaeta mim ari huruf ikhfa syafawi eta aya hiji nyaeta be/ba 6. ari huruf gunnah eta aya 2, nyaeta mim sareng nun anu di tasjidkeun 7. ari huruf alim elam komariah eta aya 14, anu dikumpulkeun dina lapad IBGIHAJAKAWAKOPAQIMAH ari huruf alim lap syamsiah eta aya 14 anu dikumpulkeun dina lapad thibtsummashilrohman tapuz dhif dza niam dasua dhoni zursyariifan lil kirom 8. ari huruf qolqolah eta aya 5, anu dikumpulkeun dina lapad kutubun jadin 9. ari huruf mad eta aya tilu, hiji alif, dua wau tilu ya

KELAS 2 SMP 1. Kumaha ari pelenggeran nana idhar nyaeta : dimana2 aya nun paeh atawa tanwin mayunan salah sahijina huruf idhar anu genap Kumaha ari pelenggeran nana adgom nyaeta : dimana2 aya nun paeh atawa tanwin mayunan salah sahijina huruf idgom anu genep Kumaha ari pelenggeran nana iqlab nyaeta : dimana aya nun paeh atawa tanwin mayunan huruf iqlab anu hiji nyaeta ( be / ba ) Kumaha ari pelenggeran nana ikhfa nyaeta : dimana2 aya nun paeh atawa tanwin mayunan salah sahijina huruf ikhfa anu 15 2. Ari hartosna idhar nyaeta jelas bacaan nun paeh atawa tanwinan nalika mayunan hurup2 idhar contona saperti lapad man amana 3. Ari hartosna idgom nyaeta ngasupkeun , tegesna ngasupkeun bacaan nun paeh atawa tanwin kana huruf2 idgom, contona saperti lapad mayyakulu 4. Ari hartosna iqlab nyaeta nggantikeun tegesna nggantikeun bacaan nun paeh atawa tanwin kana hurup mim nalika mayunan huruf iklab contona saperti lapad mim badi 5. Ari hartosna ikhfa nyaeta samar, tegesna nyamarkeun bacaan nun paeh atawa tanwin nalika mayunan huruf2 ikhfa, contona saperti lapad ming tahti 6. Ari alif elam komariah eta maca na kudu di idharkeun Ari alif elam syamsiah eta macana kudu di idgomkeun 7. Ari lam lapad alloh di baca taphim nyaeta dimana mana tumiba sabada baris jabar atanapi pees contona saperti lapad insya alloh sareng rosulluloh 8. Ari lam lapad alloh di baca tarkik nya eta dimana2 tumiba sabada baris jeer, contona saperti lapad billahi

KELAS 3 SMP 1. Ari seur seurna mad fari eta aya 14. Mad wajib muttasil : ari panjangna nalika wakof atanapi wasol eta 5 harkat 2. Mad jaiz mun fasil : ari panjangna nalika wakop 2 harkat nalika wasol 5 harkat 3. Mad arid lisukun : ari panjangna nalika wakop 2 dugi ka 6 harakat nalika wasol 2 harakat 4. Mad badal : ari panjangna nalika wasol 2 harakat 5. Mad iwad : ari panjangna nalika wakop 2 harakat 6. Mad lazim kilmi musakol : ari panjangna nalika wakof atanapi wasol eta 6 harakat 7. Mad lazim kilmi muhoppah : ari panjangna nalika wasol eta 6 harakat 8. Mad lazim harpi / musakol : ari panjangna nalika wakop atanapi wasol eta 6 harkat 9. Mad lazim harpi musba / musakol : ari panjangna rupi2 aya nu 2 ahrkat aya oge anu 2 harkat sareng 6 harkat 10. Mad liin : ari panjang nalika wakop tiasa2-4 dugi ka 6 harkat 11. Mad silah qosiroh : mad silah qosiroh : ari panjangna nalika wasol 2 harkat 12. Mad silah towilah : ari panjangna nalika wasol eta 5 harkat 13. Mad farqu : ari panjangna nalika wasol eta 6 harkat 14. Mad tamkin : ari panjangna nalika wasol atanapi wakof eta panjangna 2 harkat

Anda mungkin juga menyukai