Anda di halaman 1dari 6

LAPORAN PERJALANAN KE YOGYAKARTA

A. Tujuan Kagiatan Kagiatan karya wisata teh ngandung tujuan sangkan sakumna murid gaduh pangaweruh katut pangalaman, khususna ngenaan tempat karya wisata anu aya di yogyakara. B. Tempat Anu di Jugjug Nyaeta : 1. Candi Borobudur 2. Monument Jogja Kembali 3. Taman Pintar 4. Malioboro C. Waktu Pamilon Ieu kagiatan dilaksanakeun dina tangal 7-9 Februari 2014, dinten Jumaah sampe dinten Ahad/ Minggu. Kalawan diiluan kurang lewih 290 Murid MTS Negeri Talaga kelas VIII A sampe VIII I ngangge 6 bus. D. Panitia Karaya Wisata Karya wisata ieu diurus ku sababaraha panitia, diantarana nyaeta : Koordinator Karya Wisata Bendahara Karya Wisata Seretaris Karya Wisata Panitia Wali Kelas, Nyaeta : Kelas 8 A : Bu Idah Faridah Kelas 8 B : Bu Nena Kusmiati Kelas 8 C : Pa Risnanda Kelas 8 D : Bu Sri Susanti Kelas 8 E : Bu Lina Laelni Fitri Kelas 8 F : Bu Nunung Kelas 8 G : Bu Dian
1

: Pa Taopikin Hidayat : Pa Risnanda : Pa Hendri

Kelas 8 H : Bu Iis Kelas 8 I : Pa Didin Jahrudin Aya Oge Panitia Dina Bus 1 Nyaeta : 1) Pa H Dodo 2) Pa Ajis 3) Bu Anih 4) Bu Nunung 5) Bu Sri Susanti

E. Laporan Kagiatan 1. Candi Borobudur

Saentos dongkap ka tempat tujuan, urang teu langsung ka candi Borobudur urang aribak jeung salat heula. Kira-kira tabuh 7-an urang sadaya angkat ka candi Borobudur. Abdi sareng rerencangan sadaya bade lebet ka candi Borobudur teh ngabaris heula, da bade dipasihan karcis, saentos dipasihan karcis abdi sareng rerencangan sadaya mapah bade naek ka candi borobudurna. Di candi Borobudur abdi ningali tatangkalan meuni sarae tur harejo tur ningali taman nu sakitu saena tur asri katingalina, terus abdi salarea naek kana tangga, tanggana meuni jangkung tur jauh. Di Borobudur hawa nateh meuni panas, abdi sareng rerencangan kukurilingan ngurilingan candi Borobudur, didinya the abdi saeng rerencangan foto-foto sareng urang luar negeri, didinya oge abdi sareng rerencangan terang asal-usul candi
2

Borobudur, ku saha didirikeuna, luas candi borobudu jeung candi Borobudur teh kabagi sabaraha bagian, da diterangkeun ku penjagana. Di Borobudur seueur patung-patung nu tos parotong, aya nu potong sirahna, tangana, jeung lain sajabana. Di Borobudur aya relief-relief jeung patung-patung, terus apbni naek nepi ka puncakna candi Borobudur. Tos ti puncakna abdi sareng rerencangan tarurun deui, teras saentos ti candi Borobudur abdi sareng rerencangan ka museum nu masih aya di sabunderan candi Borobudur. Saentos ti museum abdi sareng rerencangan sadaya naek naek mobil da bade angkat deui ka monument jogja kembali (Monjali). 2. Monument Jogja Kembali

Saentos karya wisata di candi Borobudur sadaya murid kelas 8 neraskeun ka monument jogja kembali. Di monument jogja na hawana meuni panas. Di monumen jogja kembali abdi sareng rerencangan ningal ka museum jogja kembali, didinya aya bendera, Patung Para Pahlawan, Patung Teuku Umar, Imam Bonjol, Ruang Tempat Sidang, Peta, Telpon Genggam, Baju, Kursi Sri Sultan Hamengkubwono IX, Kapal, Parahu, ningali taman pelangi, teras tos kukurilingan teras abdi the shalat dzuhur sareng ashar lebetna perorangan the Rp.1000, saentos sholat abdi the kaluar, teras naek deui kana mobil bade neraskeun study tour ka taman pintar.

3. Taman Pintar

Saentos beres ti monumen jogja kembali, urang ngalanjutkeun ka taman pintar. Pas mimiti asup ka taman pintar, diluhureun urang teh aya seueur lauk meuni arageung. Didinya teh seueur pangatahuan-pangatahuan, aya geologis, fisika jeung sajabana, nu paling ku abdi di pikareuseup nyaeta seueur pamaenan, tos ku abdi dikurilingan sadaya, abdi bade uwih the lieur kana jalan ek uwih the, pas abdi patepang sareng rerencangan abdi nuturkeun. Aya weh jalan kaluar teh, teras abdi sareng rerencangan sadaya naek mobil bade angkat ka malioboro. 4. Malioboro

Tos ti taman pintar, langsung wae mangkat ka malioborosaentos nyampe kaditu, langsung dicandak ka rumah sakit da aya nu uduroge. Tapi kuring jeung babaturanmah langsung menu masjid bade solat, tos dongkap solat,
4

langsung wae nyewa beca, bayarna Rp.4000, lumayan Rp.4000 bisa jalanjalan. Aya beca rerencangan ngajungkel, haying seuri sih tapi da aya karunya na oge. Kuring balanja wae jeung babaturan aya nu dagang boneka, tas, acuk, sandal, jeung sajabana, kuring mah gan meser acuk, kaca panon, sandal, jsb. Saentos kitu kuring langsung kanu mobil, tapi horeng the panto na masih di konci. (sabaraha menit) di buka waeh koncina, lalebet, arameung weh dina mobil da teu jalan-jalan. Kira-kira tos tabuh 10 weungi nembe angkat sabab weungi kuring jadi barobo meuni tibra

PANUTUP

Assalamualaikum wr.wb Saentos urang karya wisata ka 4 tempat, urang langsung mulih ka bumi kira-kira tabuh 10 enjing. Mung sakitu laporan anu tiasa di pedarkeun ku abdi sareng rerencangan sakelompok, hapunten bilih aya cariosan atawa basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugia kersa ngahapunten, sabab abdi sareng rerencangan masih tahap pembelajaran. wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai