Anda di halaman 1dari 5

5

TUJUAN Siswa dapat membaca untuk memahami bacaan berupa biografi, menyimpulkan temanya, mendeskripsikan kembali wacana biografi, menanggapi aspek-

aspeknya dan membuat biografi dengan bahasa dan ejaan yang baik dan benar.

Biografi Pahlawan

MOHAMMAD TOHA
Bulan Juli, tanggal 10 taun 1946. Kota Bandung jeung sakurilingna geunjleung. Kira-kira tabuh satengah satu beurang, kadng sora tingborobot disusul sora tarik tingjelegur. Kembang seuneu campur haseup, minuhan langit Kota Bandung Beulah kidul. Kajadian naon, sarra silihtanya. Geus rada lila kakara meunang bja, singhorng sora nu tingborobot jeung tingjelegur th, sora plor campur mesiu kaduruk. Kajadianana di gudang senjata milik tentara Walanda. Pernahna di Kampung Pasayuran Dayeuhkolot, Bandung kidul. Eta gudang ayana di hiji gedong, katelah gedong listrik. Lian ti tohaga dijaga tentara Walanda, sarta samakta pakarang. Ck nu bohong, ku rkp-rkpna nu ngajaraga, ukur laleur nu bisa asup ka ta gedong. Tapi, ku naon atuh, pangna bisa kaduruk? Naha aya nu ngahaja ngaduruk? Lamun ngahaja diduruk, saha nu ngadurukna?Naon tujuanana? Kahran masarakat ahirna manggih jawaban. Gudang sanjata milik tentara Walanda th mmang ngahaja diduruk. Tangtu ba lain ku maranhna. Tapi ku hiji pajoang ngaranna Mohammad Toha. Enya, ku Mohammad Toha. Hiji rumaja umur 20 taun. Urang Bandung asli, budak yatim, bapana maot waktu manhna leutik knh. Hbatna th dilakukeun ku sorangan. Ku manhna sorangan. Pantes upama loba jelema nu teu percaya. Harita nagara urang geus resmi merdka. Malah geus diaku ku PBB. Ngan dasar penjajah, sigana teu rido nyaksian bangsa Indonsia merdka th. Waktu Jepang taluk ku tentara Sekutu, sarta ninggalkeun Indonsia, Walanda ngirimkeun deui bala tentarana.

K-KUR-010/L1

Asupna Jepang.

ka Indonsia bareng

jeung tentara Sekutu. Alesanana mantuan ngusir tentara

Tapi nu majar ukur mantuan th henteu marulang deui. Kaasup nu daratang ka Kota Bandung. Malah beuki lila beuki katmbong niat jahatna. Sidik manhna hayang ngajajah deui nagara urang. Eta pisan nu ngahudang jiwa kapahlawanan pamuda Mohammad Toha th. Tkadna buleud. Ikhlas masrahkeun jiwa katut ragana, pikeun kapentingan nagara jeung bangsa. Ahirna Mohammad Toha ngagabung jeung Tentara Rayat, mun ayeuna mah TNI. Lantaran kawanina, umur 19 taun geus dipercaya mingpin pasukan tempur. Nya ta Sksi 1 Barisan Bantng bagian penggempur. Mimiti Markasna di Cikapundung. Sabada Kota Bandung ngahaja diduruk, supaya ulah dipak tempat cicing Walanda, markas Barisan Bantng pindah ka Nagrg. Da apan sarra kudu ninggalkeun Kota Bandung. Tug nepi ka ayeuna, ta kajadian disebutna Bandung Lautan Api. Harita Kota Bandung jadi sagara seuneu. Geus lila Mohammad Toha boga niat nyulusup ka gudang senjata musuh. Malah geus nyieun rencana. Timbangan manhna, ku cara ngancurkeun gudang senjatana, kakuatan musuh bakal ngurangan. Ampir di saban pertempuran, tentara urang kariripuhan, lantaran senjata musuh jauh leuwih loba jeung leuwih modern. Hanjakal niatna enteu diidinan ku komandana. Alesana rencana Mohammad Toha pamohalan bisa dilaksanakeun. Paing-paling manhna sorangan teu pupuguh jadi korban. Akibatna Barisan Bantng bakal kaleungitan salasaurang andelana. Cacak komandanna ngidinan, Mohammad Toha geus buleud patkadan, niat ngorbankeun nyawana. Carana, bari mekel garanat jeung dinamit, rk nyulusup asup ka gudang senjata musuh. Sanggeus aya di jero, bareng jeung manhna, gudang katut eusina rk diancurkeun. Kasempetan datang waktu manhna meunang tugas kudu nalungtik ka darah musuh. Bareng jeung tentara Hizbbullah, dibantuan ku Pasukan Pangran Papak ti Banten, sabada meuntas Walungan Citarum, Pasukan Mohammad Toha nyusup ka darah musuh. Harita th maleman tanggal 10 Juli 1946. Piisukeun kana ngajelegurna gudang mesiu tentara Walanda. Sigana Gusti Allah ngahaja masihan jalan ka Mohammad Toha. Bareng jeung Mohammad Ramdan ti tentara Hizbullah, manhna katwak ku musuh. Saterusna ditahan di Gedong Listrik ta. Kumaha nasibna salila ditahan, geus teu kudu dicaritakeun deui. Rupa-rupa siksaan kaalaman ku manhna. Sakali mangsa Mohammad Toha manggih kasempetan pikeun ngawujudkeun niatna. Waktu tentara nu ngajagaana balangah, ku manhna langsung diserang.

K-KUR-010/L1

Mekel geranat meunang ngarebut, manhna muru gudang senjata. Sanggeus deukeut, belewerbelewerdialungkeun ka lebah gudang senjata. Geranat bitu, disusul sora tingborobot jeung tingjelegurna sora plor jeung mesiu. Gudang senjata musuh ancur. Ratusan tentara Walanda jadi korban. Nya kitu deui Mohammad Toha, kari wawangi ngarana.

B. Pedaran BIOGRAFI PAHLAWAN


Di kelas X hidep geus diajar ngeunaan biografi. Biografi th nya ta riwayat hirup hiji jalma anu ditulis atawa dicaritakeun ku batur. Ari anu ditulis atawa dicaritakeun ku sorangan mah disebutkeun otobiografi. Dina pangajaran ayeuna hidep geus maca biorgafi ngeunaan Mohammad Toha, salasaurang pahlawan anu bajoang di wewengkon Bandung Kidul, sarta gugur di Dayeuhkolot, Bandung Kidul. Babarengan jeung Mohammad Ramdan. Salian ti Mohammad Toha jeung Mohammad Ramdan, masih kn loba pahlawan anu asalna ti Tatar Sunda th. Diantarana ba Rg. Dwi Sartika, Ir. H. Juanda Kartawinata, Oto Iskandar di Nata, Laksanamada Laut R. Edy (LLRE) Martadinata, jeung KH Zainal Mutafa. Naha anu disebut pahlawan th kudu anu bajoang mak senjata ba? Henteu. Contona mah Rd. Dwi Sartika. Anjeunna pantes disebut pahlawan lantaran jasa-jasana dina widang arikan pikeun kaomna, kaom wanita. Kitu deui jeung Ir. H. Juanda Kartawinata. Anjeunna meunang gelar pahlawan ku lantaran ketakna dina widang pangwangunan jeung pamarntahan.

C. KECAP SEREPAN
Titnan kecap-kecap nu dicondongkeun dina kalimah di handap!
1. Tingborobotna sora plor kaduruk. 2. Gedong listrik th dijaga ku tentara Walanda 3. Mohammad Toha th budak yatim, bapana maot lima taun ka tukang 4. Manhna mingpin Sksi 1 Barisan Bantng Bagian Penggempuran

K-KUR-010/L1

Kabh kecap nu dicondongkeun, lain kecap (basa) Sunda asli. Tapi, mangrupa serepan tina basa sjn. Plor tina basa Portugal, listrik tina basa Walnda, tentara tina basa Portugis, yatim tina basa Arab, sksi tina basa Walanda, tentara tina basa Portugis, yatim tina basa Arab, Sksi tina basa Walanda, barisan jeung penggempur tina basa ndonsia (Malayu), bangsa jeung merdka tina basa Sangsekerta.

D. SESEBUTAN WAKTU
Baca deui karangan Muhammad Toha. Dina alina kahiji, jajaran kadua, aya kalimah: Kira-kira tabu satengah satu beurang, kadng sora tingborobot, disusul sora tingjelegur. Iraha waktuna ta kajadian, sidik disebutkeun. Waktu tabuh sakitu, ku urang lembur atawa kolot baheula mah, sok disebut wanci tangang Kecap tangang asalna tina kecap tengah po, diwancah (dipotong) jadi tangang. Urang Bogor nyarebutna tangari, tengah hari, pangaruh basa Batawi. Wayah kitu waktu keur meujeuhna papanasna. Kira-kira tabuh 12.00 nepi ka 12.30 WIB. Kolot baheula mah keur nangtukeun waktu th cukup ku nempo cicingna panonpo. Nya kitu deui waktu-waktu sjnna, kolot baheula mah boga sesebutan husus. Geura ieu sababaraha conto sjnna: Janari ged Janari leutik Balbat Carangcang tihang : kira-kira tabuh 01.00-03.00 peuting : kira-kira tabuh 03.30-04.30 : kira-kira tabuh 05.00 isuk-isuk : Kira-kira mimiti tabuh 05.00-05.30 (tihang imah mimiti katmbong remeng-remeng) Rumangsang : kira-kira tabuh 09.00 (mimiti karasa panas) Pecat sawed : kira-kira tabuh 10.00 (patani ngareureuhkeun munding anu dipak ngawuluku, biasana boh munding boh dununganana ngareusian heula beuteung) Manceran/lohor : kira-kira tabuh 12.00 WIB Lingsir ngulon : kira-kira tabuh 15.00 (panon po mimiti ngagsr ka kulon) Tunggang Gunung : kira-kira tabuh 17.00 (panon po aya luhureun gunung/maju ka burit) Sariak layung : kira-kira tabuh 17.00 (bijil sinar warna semu beureum) Sareupna/magrib : kira-kira tabuh 18.00-18.30 (mimiti pok) Sareureuh gaang : kira-kira tabuh 18.30-19.00 (gaang eureun disadana) Sareureuh budak/isa : kira-kira tabuh 19.00-19.30 (mimiti barudak reureuh jeung sarar Sareureuh kolot : kira-kira tabuh 19.30-20.30 (mimiti kolot reureuh jeung sarar) Tengah peuting : tabuh 24.00
K-KUR-010/L1

K-KUR-010/L1

Anda mungkin juga menyukai