Anda di halaman 1dari 2

Darah

Judul buku : Darah

Pangarang : Putu Wijaya

Penerbit : Bale Pustaka,Jakarta

Citakan : I (Kahiji) ,1995

Kandel : 222 Halaman

ISBN : 979–407–772-0

I Gusti Ngurah Putu Wijaya anu wedal di Puri Anom,Tabanan,Bali mangrupa sastrawan Indonesia
anu atos seueur ngahasilkeun sababaraha karya sastra. Diantara karya-karya na atos ditarjamahkeun ka
sababaraha bahasa, contona : Rusia,Jerman,Perancis,Inggris,Belanda,Thailand,Jepang,sarta Arab. Karya-
karya anu atos dihasilkeun di antawis na novel: Bila Malam Bertambah Malam, Telegram, Pabrik, Keok,
Tiba-Tiba Malam, Sah, Tak Cukup Sedih,ia mulai menulis sesudah berakhirnya perang dunia pertama.
Tokoh Pertama MS, Ratu, Sobat, Lho, Nyali, Merdeka, Pol, Tiba-Tiba Malam, Cas Cis Cus, Perang, Aus,
Byarpet, Nol, Dangdut, Kroco. Kumpulan cerpen: Bom, Es, Gres, Darah, Protes, Blok, Tidak, Ya, Klop.
Drama: Dalam Cahaya Bulan, Orang-Orang Malam, Bila Malam Bertambah Malam, Lautan Bernyanyi,
Aduh, Sandiwara, Edan, Hum Pim Pah, Anu, Dag Dig Dug, Awas, Blong, Ayo, Dor, Gerr, Los, Aum, Zat, Tai,
Front.

Dina kumpulan carpon anu judul bukuna “darah” ieu teh nyaritakeun ngeunaan anjing nu
ngimpen barobah janten jalmi. Manehna reuwas kbina bina. Mimitina manehanna teu bisa ngoyagkeun
buntut na. Anggota salira na anu multifungsi etateh leungit kitu wae. Manehna langsung muka sungutna
bade ngagogog. Sabalikna,ti soanten aung-aungan, anu kadenge kalahkah sora anu atos dipoles budaya:
aduh! Tina kaayaan anu sepertos eta,manehna ngalakukeun aktivitas anu jiga jalmi.

Hiji dinten manehna pendak sareng hiji wanoja. Beungeutna mantulkeun kageulisan jaman
kiwari. Manehna hoyong ngabogaan wanoja etateh wanci eta oge. Tapi manehna reuwas ningali hiji
lalaki anu begang sarta nu ngomong yen manehna teh nyaeta salakina. Sanaos kitu manehna kasima
keneh ningali na.
Anjing anu barobah kaayaan jalmi eta teh mios ka pasar swalayan. Manehna ningali jalmi-jalmi
nyokot daging sakahayangna. Beuteung na meulit ningali daging anu ngajajar di supermarket. Manehna
nyokot kareta surung sarta ngasupkeun daging-daging pilihan anuku manehna dipikaresep . Giliran na
kanggo mayar balanjaan. Manehna reuwas pas dititah mayar. Terus ku satpam di bawa ka kantor da si
anjing etateh teu bisa mayar kusabab manehna teu boga duit jang mayar. Menejer pasar swalayanna
nanyakeun identitas atawa SIM anjing anu barobah jadi jalmi eta teh. Nanging manehna henteu
ngabogaan. Langsung satpam metot na ka jero gudang terus dikurang.

Margi manehna isin tina kajadian di pasar swalayan,manehna luncat ka jandela.Dugi


kapendarahan, teras dicandak ka rumah sakit . Di rumah sakit ,kulawargana ngalayad sarta nanyakeun
naha manehna bet mikir dugi ka bunuh diri. Sanggeus eta manehna ngadoa ka Pangeran supados
dijadikeun deui anjing. Teras manehna barobah kaayaan anjing. Di imah,manehna patepang sareng
pamajikan na nu wujudna anjing. Sabot maranehanana nuju ngarobrol, jol aya hiji anjing tatangga.
Anjing kasebat ageung,luhur,anom keneh,panonna anu sae. Tidinya pamajikan na bogoh ka anjing anyar
eta. Pamajikan na ninggalkeun salakina sarta mios sareng anjing anyar eta ka luhur pasir. Anjing eta
barobah kaayaan panik sarta balik ngadoa ka Pangeran supados dipulangkeun deui barobah janten jalmi.

Carita anu diuraikeun dina alur maju ieu teh, mangrupa carita anu rame jang ngeusi waktu
luang. Loba hal hal anu teu kaduga dina ieu carita, contona karakter ina ieu caita anu hese ditebak.
Jeung deuih latar anu bareda. Carita ieu ngagunakeun bahasa anu lumayan kirang dipikahartos kunu
maca. Numaca oge diajak mikir,naha anjing bisa robah jadi manusa. Carita ieu diuraikeun sacra detail
jeung taliti.

Salain ti eta, dina carita ieu loba tokoh anu bijil. Carita ieu cocok pisan kangge anu resep mikir
aktif. Kusabab carita ieu nuntut nu maca kangge muter otak, boh kangge tokoh atawa jalur carita. Tapi
naon bae kakurangan carita ieu, urang kudu terus mikir aktif jeung kritis.

Anda mungkin juga menyukai