Nama Kelompok :
1. Jourast
2. Sutan
3. Arjuna
4. Raihan
5. Farid N.H
6. Sari
7. Dhini
8. Amelia
9. Hikmah
10. Julianti
11. Shefia
12. Seli
13. Angel
Ungkara di luhur, cenah sok dikedalkeun ku juru pantun. Kalimah nu pinuh siloka,
tapi galeuh-galeuhna mah museur kana kecap; kosong, suwung, euweuh. Kangkong (jeung
awi bitung) di jerona kosong. Kitu deui mun aya meri ngojay di leuwi, nmoal nesakeun
tapak. Upama dibetot ka nu leuwih jero, cenah hartina teh, ti euweuh mulang ka euweuh.
Tapi ayeuna urang hirup di alam digital, lain dina jaman carita pantun. Sakapeung,
urang sorangan tacan segamblengna paham ari ieu teh jaman nanahaon. Dalah waktu keur
ngagunakeun gadget, hape, leptop, nu kapikir the nya ukur pakakas komunikasi, mantuan
pagawean, atawa copelna keur alat hiburan. Rupaning balukarna tara pati katitenan. Cenah
alam digital bisa ngabarubahkeun upama tuna kaweruh: percaya ka nu salah, cangcaya ka
nu bener. Ninggang ka nu taram-taram keneh, bisa kacred kumaha leokna angin, batur ka
kidul milu ka kidul.
Tapak digital teh aya dina rupa: pasif jeung aktif. Nu disebut pasif, upama urang
nyieun tapak bari urang sorangan teu nyaho upama eta laku lampah teh aya nu
ngumpulkeun. Contona, mun urang keur muka internet, bakal kacatet: ti mana urang muka,
make naon, wayah kumaha, malah dina pakakas nu bisa ngakses GPS mah, nepi ka
koordinatna. Ieu tapak nu pasif teh, sok dipake cecekelan pikeun ngudag upama aya nu
ngalanggar hokum dina internet. Lantaran “sabuni-bunina nyumputkeun taeun, hamo
burung kanyahaon”. Lian ti eta, kawas nu ditulis ku Tony Fish dina buku My Digital
Footprint, tapak digital teh bisa wae dimangpaatkeun ku nu lian, keur kapentingan bisnis.
Ari nu disebut aktif, nyaeta upama urang (ngarasa) barangjieun dina pakakas digital,
contona: nulis status, ngirim komentar, ngajempolan, ngobrol dina whatsapp, inbox-an,
ngapungkeun foto jeung video, jrrd.
Jadi cenah, sakabeh aktivitas urang di media social, boh aktip boh pasip, kabeh bakal
kacatet, ceuk istilah. Dadan mah kabeh ninggalkeun tapak anu hiji waktu bisa dibuka deui.
Kitu deui lamun nulis status ku basa Sunda, hadena gunakeun wae basa Sunda anu
bener, ulah ngagunakeun basa kasar anu pantes dibaca ku sarerea. Atawa kade ulah nulis
basa Sunda anu heunteu ngadidik, najan tujuanana beureuy, bisa dibaca ku anu keur diajar
basa Sunda, ke disangka bener. Umpamana aya nu nulis status “Nuju mendengekan
kacapian”, atawa “Nuju ngiuham kepegat hujan”. Tah status anu seperti kitu the kaasup anu
teu ngadidik, lantaran heunteu ngajarkeun basa Sunda anu bener. Anu dimaksud
mendengekan dina eta tulisan, nyaeta ngadengekeun atawa mun basa Indonesia
mendengarkan, ngan dicampur, basana basa Sunda sedeng rarangkenna (imbuhan) basa
Indonesia. Kitu deui kecap kepegat, maksudna mah kapegat hujan, ngan make rarangken
basa Indonesia.
Dina postingan status di luhur, nu nulis mindeng ngagunakeun kekecapan anu
mangrupa pakeman basa atawa ungkara anu ngandung harti konotatif. Geura titenan
sababaraha contona:
1. Galeuh kangkong awi hitung, tapak nuri dina luewi.
Kalimah di luhur the pakeman basa, sabangsa siloka, pikeun ngagambarkeun hiji
kaayaan.
2. Upama dibetot ka nu leuwih jero, cenah hartina teh, ti euweuh mulang ka euweuh
Kecap dibetot dina eta kalimah, ngandung harti konotatif atawa nu teu sabenerna.
3. Ninggang ka nu taram-taram keneh, bisa kacred kumaha leokna angin, batur ka
kidul milu ka kidul.
Kalimah kaered kumaha leokna angin, oge sarua ngandung harti konotatif.
4. Lantaran “sabuni-bunina nyumputkeun taeun, hamo burung kanyahoan”
Ungkara dina kalimah di luhur the kaasup paribasa. Aslina mah di sababaraha
wewengkon beda-beda.
5. Ieu baris jadi masalah mun eta calon pagawe kungsi boga lampah euwah-euwah
dina medsos.
Ungkara lampah euwah-euwah mangrupa kekecapan anu diudagkeun kana
purwakanti (padeukeutna tungtung sora) sangkan genah kakupingna.