Anda di halaman 1dari 4

Disusun oleh : IX I

- Siti Rachma Fauziyah

- Tiara Siti Fatimah

PAGUNEMAN

Paguneman, nyaéta kagiatan nyarita dua arah (dialog). Bisa

ogé diartikeun mengungkapkeun perasaan jeung pikiran ka

hayang.

Tata karma nu dibutuhkeun: Entong nyaritana urang kudu

merhatikeun intonasi. Pasemon (raut wajah atawa mimik).

Lengkuh atawa gerak awak. Tata busana. Kita mesti

memperhatikeun tata basa juga. Aya tilu jenis tata basa,

nyaéta: kasar, loma, jeung lemes

Contohna:

Desi: Neng, dupi ari di kampung Eneng pami HUT Bandung

sok aya lomba-lomba tara?

Eneng: osok, mung tara sarame dinu sanesna, da nu


ngiringanna tara seueuran.

Desi: naha? teu rarame panginten lomba-lombana?

Eneng: ah da nu ngaramekeun mah pamaenna rek sakumaha

teu rame lombana ge Des. Panginten teu level ngiringan nu

karitu teh.

Desi: muhunnya da pidunya we orang kota mah. Tapi ari saur

abdi mah, ngeusi acara HUT Bandung teh mending ku

sholawatan sasarengan, maos yasin sasarengan, ngadu'a

sasarengan, teras merogramkeun ngarencanakeun Bandung

ka hareupna sangkan leuwih alus.

Eneng: muhun ogenya daripada ku hura-hura teu puguh

mah, duit hambur, Alloh teu suka, lingkungan bala, alah

satuju pisan Des abdi mah.

Biasana Bahasa sunda teh rupi rupi ragam Bahasa nateh

misalna : ragam budak biasa dipake bubarudak leutik, Bahasa

loma biasana sok di pake dina pergaulan anak muda, basa

kasar, Bahasa lemes biasana sok digunaken dina ragam

formal missal nateh diango na dina acara, rapat, atanapi


tisahandapen ka saluhuren. dina Bahasa sunda aya nu disebut

percakapan, tapi sabenernamah percakapan sareng

paguneman teh sami arti tapi beda kalimat, mun cek Bahasa

Indonesia namah percakapan mun di tarjamah ken kana

Bahasa sunda paguneman, tapi orang sunda ge aya anu teu

apalen naon-naon nu ngarana paguneman matakan sebatan

nana meren di saruaken jeung nu Bahasa Indonesia.

Paguneman dina Bahasa sunda rupi-rupi aya nu sifatna

saarah, aya nu sifatna dua arah, paguneman anu sifatna

saarah nyaeta sapertos pagumuman, khutbah jum’at, jeung

sajabana. Paguneman nu sifatna dua arah atanapi dialog rek

pajonghok atanapi teu pajonghok, atau percakapan nu

sapopoe kuurang di ucapken ka babaturan atau mamah

sareng bapak.

Paguneman nyaeta kagiatan ngobrol atawa ngawangkong

dua arah, silih tempas atawa tanya jawab. Palaku dina

paguneman aya dua urang atawa leuwih, kalimahna

mangrupakeun kalimah langsung. Aya dua rupa paguneman,

nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi. Conto

paguneman resmi saperti sawala atawa diskusi, sedengkeun

conto paguneman teu resmi saperti ngawangkong atawa


ngobrol jeung babaturan atawa jeung indung bapa.

Dina paguneman aya sababaraha rupa aturan atawa unsur

penting anu perlu diperhatikeun sangkan paguneman bisa

dilakukan saluyu jeung nu dipikahareup. Unsur-unsur nu

penting antara lain nyaeta bentesna sora, luhur handapna

sora atawa nu sok disebut lentong, pilihan kecap-kecap anu

disaluyukeun jeung lawan nyarita, sarta unsur penjiwaan

pikeun mastikeun yen pesen atawa cacaritaan teh bisa nepi

kalayan jelas.

Anda mungkin juga menyukai