Anda di halaman 1dari 3

Teks Pembawa Acara (MC) Resepsi Pernikahan Bahasa Sunda

BUBUKA

Assalamua’laikum Wr. Wb.

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring.

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah


rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang
pinang.
Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. 
Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah
seureuhna.
Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.


Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh
kelurahankatelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.
Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon
panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna
kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan
manah (mangle di kalungkeun).
Haturan wilujeng sumping kacalon  panganten pameget.
Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN
Bismillahhirrahman nirahim

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten  pameget miwah
rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu
dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak.
Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk
tata titi duduga.
Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring
dumadi.
Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .

Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.Namung kedah di bejer
beaskeun,kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu
bade di lantunkeun ku ____________________________

Ngahaturkeun nuhun ka ____________________ Nuparantos ngalantunkeun kumandang


kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka
urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya
mamnahan, aya naon nya pamaksadan.
Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang.
Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon
panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon
panganten pameget miwah rombongan.
Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun
janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate. 
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget
sareng cacandakanna. 
Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna mangga
nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana.
Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede
sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana 

Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di
tampi ku Ibu calon panganten istri. Nusanes namah di antaykeun wae.

(Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

AKAD NIKAH
Para wargi sadayana,

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya.


Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang
ugana.Uga pakaitna tatali asih Neng_________________cep __________________.

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti 
para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga candak calon panganten
istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah...........................................................

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur nu maha asih, oge
pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka


pangersa_____________________)

DO’A 

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina
panangtayungan Gusti nu maha suci.
Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.
Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa __________________ di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata
titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda. 
Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai