Anda di halaman 1dari 9

1.

Kereta Api Anjlok Di Kabupaten Ciamis Jawa Barat

Selasa, 6 Maret. Kareta api anu nuju angkat ka Bandung ngagejlig diwewengkon Gayam,
Ciamis, Jawa Barat anu ngajantenkeun jalur kidul macet sababaraha jam. Kareta api anjlok ge
anu ngajantenkeun manumpang medet di stasion Tasikmalaya.

Kareta anu tujuanna ka Surabaya atanapi ka Bandung ngalaman telat dugika 5 jam.
Margina, untaian kareta kahalangan ku gerbong kareta anu anjlok. Sapertos kareta api Malabar,
Mutiara selatan, anu tujuannna bade ka Surabaya.

Kareta api anu tujuanna ka Bandung sareng ka Jakarta Sapertos Pasundan jeung Serayu
oge katahan diwewengkon Ciamis. Dugi ka tabuh 22.30 WIB, gerbong kareta nu ngagejlig teu
acan tiasa di salametkeun.
2. DISPERINDAG KAB.BANDUNG NGAYAKEUN
PASAR MURAH.

Assalamualaikum Wr.Wb

Pamiarsa ,wilujeung patepang deui sareng,Faris Isham Wiryansyah ,dina acara warta sunda.warta
anu baris kapindangkeun nya eta: DISPERINDAG KAB.BANDUNG NGAYAKEUN PASAR
MURAH.

BANDUNG,GWK Disperindag (dinas perindustrian & perdagangan) Kab.Bandung ngayakeun


pasar murah Di kompleks perkantoran Pemerintahan kab Bandung,Senen (23/8). Dina eta pasar
murah , dijual saniskara produk UKM (usaha kecil menengah). Nurutkeun Kadisperindag
Kab.Bandung Bambang Budiraharjo,pasar murah ieu ngarupakeun agenda taunan nu bakal
dilaksanakeun Disperindag Kab Bandung . Dina pasar murah ieu, sakabeh produk nu dijual
.Hargana leuwih murah dibandingkeun dipasar swalayan atawa swalayan. Pasar murah kacida
dipikaresep warga di Kab.Bandung. Saperti taun samemehna, muterna duit ngahontal Rp 68 juta
“peminat pasar murah ieu lolobana masyarakat umum. Persentase ngadongdonna 70%
Masyarakat umum jeung 30% PNS”. Pamiarsa, Mung sakitu nu kapihatur,

Wilujeung patepang deui dina warta nu bakal dongkap,Amit mundur amit


mungkurWasalamualaikum Wr.Wb

3. Waspada Tina Banjir sareng Longsor dina usum hujan


Assalamualaikum Wr.Wb
Para Pamirsa, wilujeung pateupang deui sareung sim kuring nyaeta Rayna
Nurrizky H dina warta sunda anu bade disampaikeun ku sim abdi.

Usum hujan taun ieu nyaeta di taun2015 tos dimimitian ti awal bulan Januri oge
ku pamarentah - pamarenta di masing-masing daerahna. Contona di Pamarentah
Ciamis nu tepat namah di Propinsi Jawa Barat tos ngawanti-wanti ka wargana
sangkan salawasna waspada tina usum hujan anu bisa nyebabkeun bencana alam
nu teu di duga ku sabalarea nyaeta diantarana mah longsor, banjir jeung sajabana ti
eta.

Bupati Ciamis oge atos mere amanat sakumna warga anu padumukanana disisir
gawir jeung di sisi hawangan kudu leuwih ati-ati tina bahaya longsor jeung banjir
anu sering ngancam penduduk di sekita eta. Kusabab datangna musibah teu bias di
bade-bade da eta nmah kersaning maha pencipta nyaeta Alloh AWT, ti taun ka
taun pamarentah geus ngalaksanakeun tarekah sangkan musibah banjir jeung
longsor dina usum hujan ieu teu karandepan warga.

Sakitu wae warta nu tiasa kasanggakeun ku sim kuring. Wilujeung tepang deui
dina warta nu bakal dongkap anu lewih manfaat kacida.
Haturnuhun anu kasuhun...
Wassalamualaikum Wr.Wb

4. Tilu Warta Basa Sunda Beda Judul


Assalamualaikum,wr.wb.
Pamiarsa numulya, cunduk waktuna kana ACARA WARTA DAERAH dina basa Sunda
anu dipidangkeunku RAYNA NURRIZKY H kalayan dijomantarakeun ku Radio Sukapura,
radiona urangkidul

Warta munggaran :
Dina poe Ahad nu geus kaliwat, di ImahSunda, rengrengan Dangiang Sunda Pakidulan (DSP)
ngayakeun babadamian dinanyanghareupan acara Milangkala DSP katilu anu diluluguan  ku
pupuhu DSP, Ki Darya.
Tina etarempugan nyindekkeun yen acara milangkala DSP baris dilaksanakeun alakadarna,alatan
kurangna waragad.
Ki Daryanandeskeun najan waragadna leutik tapi karep anu gede,  milangkala DSP dina taun ieu 
bisa dilaksanakeun kalayan nyugemakeun.

Warta salajengna :
Dina awal bulan Maret keneh guru-guru SMPsawilayah Karangnunggal geus tatan-tatan dina
nyanghareupan acara Porsitivitastaun 2010.
Unggalpangaping pamilon ti unggal-unggal Sakola miharep anak didikna jadi pinunjul nubaris
ngawakilan ka tingkat Kabupaten. Guru pangaping paeh poso pikeun ngudagpangharepan
sangkan anak didikna jadi pinunjul.
Pupuhu SMPNegeri 1 Karangnunggal rek mere pangbubungah ka sakumna guru anu bisa
ngalatihsiswa kalayan nyangking pinunjul. Ku cara kitu dipiharep jadi pamecut ka
parapangaping mata lomba dina eta kagiatan.

 Pamiarsa anu mulya :


Guru-guru SD nu aya di wewengkon Eks KawadananKarangnunggal ragem ti ayeuna keneh
geus tatahar nyiapkeun tim bola poli dinanyanghareupan kagiatan LAKSASDA anu diayakeun
ku SMPN 1 Karangnunggal dinabulan Juni nu baris  datang.  Ieu kagiatan miboga tujuan pikeun
wadah milihbibit pamula nu miboga bakat, nu aya di wewengkon Eks Kawadanan
Karangnunggal.
Pupuhu SMPN1 Karangnunggal, Ade Karyana, S.Pd. miharep sangkan unggal sakola
bisangirimkeun kleupna pikeun tandang makalangan dina waktuna.

Warta pamungkas :
Usum hujan taun ieu geus dimimitian.Aparat Kacamatan Kawali ngawanti-wanti ka wargana
sangkan salawasnanwaspada tina usum hujan.
Camat Kawali mere amanat ka sakumna warga anupadumukanana di sisi gawir jeung di sisi
wahangan kudu leuwih ati-ati tinabahaya longsor jeung banjir. Sabab datangna musibah teh teu
bisa dibabade. Titaun ka taun pamarentah geus ngalaksanakeun tarekah  sangkan musibah banjir
jeung longsor dinausum hujan ieu teu karandapan ku warga.

Sakitu wartadaerah nu kasanggakeun. Wilujeng tepang deui dina waktos sareng gelombang
anusami. Hatur nuhun kana perhatosanana. Sim kuring RAYNA NURRIZKY H seja amit
mundur.
Wassalamualaikum wr.wb
5. Longsor di kampung Manggis hilir

Assalamualaikum wr.wb...
Pamirsa nu mulya, cunduk waktuna kana acara warta MA ATTAQWA dina bahasa sunda anu
dipindangkeun ku Rayna Nurrizky H.
Dina poe ahad nu geus kaliwat, di kampung Manggis hilir, tepatna tabuh 10 enjing
parantos aya hiji kajadian anu ngahebohkeun warga salembur, ku sabab ayana longsor dicaket
pasawahan warga, tina kajadian ieu 1 warga pupus anu jenenganna bapak Sobri tukang kuli
macul, sareng 4 warga sanesna kudu dicandak ka Cimande kusabab tulang panangan pateuh
katinggang urug.
Dina ayana kajadian ieu, urang sarerea kedah waspada dina sagala hal, supados teu aya
deui kajadian nu sarupa.

Hatur nuhun kana perhartosanana.


Wilujeng patepang deui di lain waktos.
Simkuring elgita herviani munggaran amit mundur.
Wassalamualaikum wr.wb...
6. Dipindahkeunna Siswa SD Unsilster ka SMP Akibat Longsor

Ratusan murid sakola SDN Unsilster Desa Unsilster Kecamatan Purbaratu Kabupaten Tasikmalaya, nu
dina tanggal 20 April 2010 keuna ku gempa.

Masih keneh diajar di tenda darurat. Maranehna teu bisa balik deui ka sakola asal. Ku sabab sieungempa
deui. Pupuhu lembur didinya ngabewarakeun musibah Kecamatan Purbaratu Kabupaten Tasikmalaya,
agung cahya netelakeun aya dua ratus opat puluh dua budak Sakola Dasar nepi ka sakola menengah
pertama anu jadi korban gempa.

Lima puluh genep urang diantarana nyaeta murid SD Unsilster anu sakolana deukeut jeung tempat
gempa. Maranehnaayena di ajar di tenda darurat.

Khusus pikeun kelas genep anu minggu ieu bakal nyanghareupan Ujian Nasional, ti saprak dua minggu
katukang maranehna cicing jeung diajar di imah kapala sakola SD Unsilster.

Murid kelas opat SD Unsilster anu jumlahna tilu belas orang eta ngahaja ditempatkeun didinya, sangkan
bisa meunang bingbingan diajar nu enya-enya.

Samemeh UN (ujian nasional) murid utamana dibekelan pangajaran tambahan pikeun pangajaran
Matematika, bahasa Indonesia, bahasa Inggris, IPA.

Unggal poe senen opat puluh genep murid anu diajar ditenda meunang bingbingan ti guru husus anu
didatangkeun ti dinas pendidikan Tasikmalaya.

Bayu Kusumo, murid kelas tilu SD Unsilster anu diajar di SD Cibubur, ngebrahkeun yen manehanana
kurang ngeunah di sakola nu anyar. Sabab kudu ngabiasakeun deui hirup jeung murid atawa guru sarta
lingkungan anu anyar. Kabehanana ayeuna aya saratus dalapan puluh tujuh murid SD jeung opat puluh
murid SMP korban gempa anu geus dititipkeun ka sakola-sakola anu deukeut.
7. Banjir Di Citarum Bandung
Wartos-wartos anu parenting geus sababaraha minggu katukang, wewengkon Bale Endah
Kabupaten Bandung kakeunaan ku rupa-rupa musibah salah sahijina, Mudalna cai wahangan
Citarum. Dumasar kana data nu katalungtik kurang leuwih 1536 (sarebu limaratus lima puluh
genep) imah katut wangunan sakola jeung pamarentahan ka keueumku cai wahangan citarum tea,
nu ngalantarankeun cai wahangan mudal teh, salian tigede na cai hujan, oge ku ayana seserepan
cai hujan anu teu katampung jeung teungocor kana kamalir alatan lobana runtah anu ngahalangan
kokocoran nungabalukarkeun cai jadi ngeyembeng.

Pamarentah daerah geus nganyahokeun panalungtikan ka saban-saban tempat anu tujuanna


ngadata korban jiwa, sabab dumasar kana hasil laporan ti warga masyarakat teu saeutik ayana
korban jiwa alasan ka bawa cai caah tea.

Aparat pamarentah ngarasa kapanggil jiwa na milu ancrub ka lapangan, keurmerenahkeun


wargana sangkan jauh tina marabahaya ku cara ngungsikeun ka palatarananu rada anggang ka
wahangan Citarum tea.

Gubernur Jawa Barat Bapa H. Ahmad Heryawan katut rengrengan satekah polahngayakeun
tarekah sangkan eta musibah teh teu tumimplik bae, ku jalan nyieun tanggul sacara babarengan
disisi wahangan Citarum. Tapi teu saeutik warga masyarakat sabudeureun kota Bandung ngarasa
prihatin ku ayana musibah kieu teh, rereongan ngayakeun tarekah ngumpulkeun waragad keur
sumbangkeuneun ka warga anu kakeunaan ku musibah tea. Utamana nyumbangkeun obat-
obatan, sabab geus mimiti lobanu katarajang ku rupa-rupa panyakit diantarana ararateul jeung
mencret, akibat tina caianu geus pacampur jeung kokotor tina runtah anu geus buruk. Ku ayana
hal eta, boh pamarentah pusat atawa daerah teu bosen-bosen meredih kawargana sangkan bisa
ngariksa jeung ngajaga lingkungan.

Pamungkas ti simkuring…Pamarentah ge teu cicingeun ku ayana musibah kieu teh jadi


panyepret sangkan wargana sadar kana pentingna kabersekaan jeung ngajaga lingkungan tina
bibit berewit jeung panyakit.
8. Gempa Bumi Di Sumatra

DUA lini bumi badag di Sumatera dina April tuluy némbongkeun hiji hal anu geus lila hayang
dibuktikeun ku para ilmuwan, nyaéta yén lini kasebut bisa memicu sajumlah lini di sakumna
dunya.
Timuan pamungkas ieu saterusna bisa mantuan usaha pikeun memprediksi sawatara lini.
Salila genep poé sanggeus lini-lini di Sumatra lumangsung dina 11 April, lini séjén anu leuwih
badag ti 5,5 Skala Richter lumangsung saloba lima kali lipet di sakumna dunya, kawas anu
kapanggih ku pupuhu tim nu nulis Fred Pollitz ti Lembaga Survei Geologis AS sarta kolega-
koleganya dina panalungtikan anu dipedar ku jurnal Nature dina Kemis (27/9).
“Ieu pikeun kahiji kalina urang nempo lini susulan jeung skala sagedé ieu sarta nepi ka sajauh
ieu,” ceuk Kerry Sieh, diréktur Observatorium Bumi di Singapura, nu nulis sajumlah
panalungtikan ngeunaan bahaya lini bumi di wewengkon Sumatera.
Lini kahiji dina 11 April ngahontal 8,7 Skala Richter, ampir sagedé lini anu memicu tsunami
badag sarta bahaya nuklir di bagian wétan Jepang leuwih ti sataun tiheula.
Lini kadua ogé badag ngahontal 8,2 Skala Richter. Duanana lumangsung di Samudera Indonésia,
sawatara ratus kilométer palebah kulon Sumatera, di hiji zona di mana lempengan tektonis Indo-
australia anca-anca misahkeun dirina.

9. Kagiatan Sosial ngumpulkeun Dana Kanggo para Korban Banjir


Pala pamiarsa sadayana, simkuring Dedi Rohendi, reporter radio Suka Manah bade
ngadugikeun laporan langsung kagiatan sosial ngempelkeun dana kanggo ngabantos korban
banjir nu aya di Kacamatan Karang Mulya. Simkuring ayeuna sareng masarakat nu aya di
Kacamatan Karang Mulya nuju nyiksenan acara ngempelkeun dana anu dipingpin langsung ku
Camat Karang Mulya.

Dina dinten ieu, Minggu kaping 23 Juli 2017, kagiatan sosial ieu direuah-reuah ku acara
kasenian Sunda, ku kituna seueur masarakat Kacamatan Karang Mulya sareng masarakat
kacamatan sanesna anu sarumping kanggo nyiksenan acara kasenian Sunda sarenag sakantenan
masihan sumbangan kanggo ngabantos pala korban banjir.

Katingalina ieu acara teh tiasa sukses, ku ayana kasadaran ti masarakat kanggo ngabantos
korban banjir sareng ku seueurna acara kasenian Sunda anu matak ngajantenkeun masarakat
satempat kataji. Dana sumbangan anu parantos kempel, saur Camat Karang Mulya bade
langsung dipasihkeun ka panitia anu ngalereskeun kaperyogian para korban banjir.

Anda mungkin juga menyukai