Anda di halaman 1dari 8

NASKAH DRAMA SUNDA

"MAHIWAL"

Disusun ku Kelompok 4 :

1. Daud Surahman

2. Diana Puji Lestari

3. M. Aldafa

4. Mira Wijayanti

5. Mohammad Khalil Ardhani

6. Muhamad Daffa Fauzan

7. Ratna Indah Agustina

8. Reyna Nabila

9. Siti Nurul Angraeni

PEMERINTAH PRIVINSI JAWA BARAT DINAS PENDIDIKAN CABANG DINAS PENDIDIKAN


WILAYAH XI SMAN 9 GARUT

Jalan Bojongsari Tangsi 224 (0262) 42130 Malangbong 4418

Website : www.sman9garut.sch.id, e-mail : sman9garut17@gmail.com 2022


PALAKU

1. Tarkim ( Bapa Raka )

2. Karomah ( Ema Raka )

3. Putra ( Lanceuk Raka )

4. Raka

5. Gilang ( Babaturan Raka )

6. Nia ( Babaturan Raka )

7. Atikah ( Babaturan Raka )


MAHIWAL
Dina hiji poe aya hiji kulawarga anu ngamimitian aktivitas sapopoe na sapertos biasana. Dina
eta kulawarga aya hiji budak ngaranna Raka anu tara ngadenge kana omongan kolot jeung
lanceukna. Tarkim nu keur ngadaweung ngageroan bojo tercintana anu nuju sasapu dipayun

[ MUSIK ]

Tarkim : Neng

Karomah : Kah kang?

Tarkim : Pangadamelkeun hela kopi atuh meh cenghar yeuh

Karomah : Muhun sakedap kang

Karomah nyimpen sapu tuluy indit ka dapur rek ngadamel kopi kangge caroge tercintana.
Saatos kopina didamel Karomah diuk nyanggaken kopi ka carogena bari nyarios

Karomah : Duh kang si Raka kamana wae lainna gera hudang budak teh, geus beurang

lainnna gera dahar.

Tas nyarios kitu torojol Putra lanceukna Raka bari nyeletuk

Putra : Tuh nya ai ka si Raka mah can dahar ge diingetan, ai ka kuring mah baroraah

kuota beak ge teu ditanya geus dahar encan ge teu ditanya.

Karomah : Lain kitu ujang atuh

Tarkim : Keun atuh ngaranna ge da budak ngora

Karomah : Teuh akang mah nu kitu teh dibela we geus nyaho salah

Tarkim : Geus gandeng jug gera hudangken si Raka

Putra : Heeh tuh gera hudangkeun anak kanyaah karunya tos beurang can dahar

Karomah tuluy cengkat ngincid ka kamarna Raka, saenggesna asup ka kamar ninggali Raka
sare keneh Karomah ngomong

Karomah : Raka! gera hudang maneh teh geus beurang lainna gawe ngan hees wae,

Iyeuh Raka!

Raka : Naon atuh ihh


Karomah : Hudang ai maneh sasapu sasapu atuh bantuan kolot ngan hees wae

Raka : Sss nii da keur weekend atuh

Karomah : Weekend weekend bahasa naon weekend teu ngarti indung mah, buru

Raka : Awas ahk

Raka tuluy cengkat nuturkeun indungna kaluar ti kamar jig ka tengah imah bari ngomong

Raka : Morning

Putra : Geuleuh maneh so inggris nilai inggris jareblog ge, geuleuh da ih

Tarkim : Ngomong naon maneh bie mornang morning mornang morning teu ngarti

Putra : Hahaha ngandelken wae kolot maneh mah

Raka : Eta teh hartina teh selamat pagi pak ih. Oh nya abi ke rek ameng sareng gilang

jeung nu lainna bae pak?

Putra : Hagen we ulin maneh mah teu apal usum, usum hujan kieu ge

Tarkim : Heeh gs ssut, jug rek ulin mah jug

Karomah : Keun bae rek ulin mah ngan tong motah teuing bisi cilaka

Raka : Ah dipercaya teuing

Putra : Cilaka mah maneh deui nu ngarasakeun kolot nu ripuh

Raka : Ihh nya bae we atuh da eta mah mitos ayeuna jaman naon meni dipercaya teuing

Putra : Ari diomongan teh...

Karomah : Nggeus nggeus sok sok gera ulin jug bae

Raka jeung Putra kalah parea-rea omong nu langsung dipisahkeun ku Karomah. Saenggeusna
para-rea omong Raka ngincid deui ka kamarna tuluy nelepon Gilang

Raka : Lang hayu urang ulin ka saung deukeut kebon ceu Popon

Gilang : Ah angger maneh mah ulin teh kanu jauh wae

Raka : Pan ngaranna ge ulin ai maneh jadi kamana we ulin mah, bari ajakan nu lain heeh

Gilang : Heg ke ku urang diajakan


Raka : Buru heeh bisi kaburu hujan yeuh keur usum hujan

Gilang : Heeh siap

Saenggeusna nelepon Gilang, Raka jig ka WC rek mandi bisi kaburu disampeur. Raka jeung
babaturanna rek ulin ka saung deukeut kebon ceu Popon. Teu lila ti eta babaturanna Raka
nyarampeur

Babaturan Raka : Rakaaaa

Nia : Ihh ni lila boa sare meren

Gilang : Henteu da bie geus ditelepon

Atikah : Tuh da geus dijanjian

Nia : Sok ajaran geroan sakali deui

Babaturan Raka : Rakaaaaa

Teu lila ti eta tuluy aya nu mukakeun panto bari torojol Raka

Raka : Eh sugan teh saha hayu hayu ka jajero hela

Tuluy babaturanna Raka kajarero nuturken nu gaduh imah

Raka : Sok dariuk hela atuh

Gilang : Euweuh cai cai acan teu teh Rak? Meni ceket kieu

Raka : Oh heeh atuh kela

Tuluy Raka indit ka dapur rek mawa cai

Raka : Sok atuh tah dilaleueut

Teu lila saenggeusna babaturan Raka ngarinum, Nia nyeletuk

Nia : Ihh hayu atuh ah rek ulin teh kaburu burit

Raka : Hayu hayu ah

Saenggeusna ngarinum hela, Raka jeung nu sejenna tuluy arindit ka saung deukeut kebon ceu
Popon di palebah kulon. Maranehna indit bar lalulumpatan... [ MUSIK ] saenggesna nepi
maranehna tuluy ngarobrol
Nia : Hayu atuh ah wang arulin kaburu burit

Gilang : Hayu atuh rek ulin naon

Atikah : Wang arulin kaulinan jaman baheula we yu

Nia : Heeh hayu naon nyah nu rame

Gilang : Eta nu kikieuan we gening

Raka : Naon nu kikituan teh

Gilang : Naon tuh gening ngaranna teh... cing sumput tah

Atikah : Asa jauh ka ucing sumput kikieuan

Gilang : Sarua keneh ah

Maranehna tuluy hompimpah nangtukeun rek saha nu ucingna

Kabehan : Hompimpah alaihum gambreng... Hompimpah alaihum gambreng

Gilang : Tah si Atikah kucing

Raka : Sok ucing tah meumpeunna didinya

Nia : Itungan nepi dualima heeh

Atikah : 1 2 3 4 5 6 7 8 geus can... geus nyaa. Dimanaa nyah..

[ MUSIK HOROR ]

Darr si Gilang beunang salawe,

Gilang : Alah siah Atikah karek nyumput geus beunang deui. Rakaa Niaa salawekeun

Atikah : Tuh si Nia leungeunna katingali salawe

Gilang : Ah maneh mah belegug leungeunna kadon katinggali

Nia : Pan urang teu apal leungeunna katinggali

Atikah tuluy neangan Raka, pedah ngan saurang deui nyaeta Raka anu can beunang. Atikah
ngincid ka deukeut baruntas pedah ngadenge aya sora nu gugurusukan, Atikah ngagibeg pas
aya Raka torojol dina baruntas tulus ngaberetek lumpat rek nyalawekeun. Atikah ge tuluy
lumpat ngaberik Raka meh teu salawe,
ngan...

brug

Gilang : Awas kade maneh Raka bisi labuh

Raka : Ieu teh geus labuh belegug

Gilang : Hahaha barudak ieu si Raka labuh

Nia : Atuh maneh make jeung labuh sagala sateh Raka

Atikah : Hahaha matakna ngelehan ka awewe teh haha

Gilang : Alah siah maneh ihh ngareureuwas kabehan teu kunanaon?

Raka : Lain alah siah alah siah sateh tulungan tipalitek pateuh yeuh suku urang

Saenggesna babaturanna nyaraho suku Raka pateuh, Raka di kaleng ku Gilang. Raka ngan
dianteurkeun ku Gilang wungkul, Nia jeung Atikah baralik tiheula kusabab geus burit. Raka ge
dianteurkeun ku Gilang ngan nepi ka hareupeun imahna sabab geus sareupna.

Pas Raka rek muka panto imah, kabeneran aya lanceukna nyaeta Putra mukakeun panto
ngarasa aneh ninggali suku adina ngangkat sabeulah

Putra : Kunaon maneh Raka?

Raka : Bie keur uucingan labuh

Putra : Euhhh atuh aya aya wae maneh mah

Tuluy putra ngaleng Raka ka jero imah, kabeneran ditengah imah aya bapana jeung emana.
Tuluy emana ngomong

Karomah : Alah siah Raka kunaon ari maneh?

Putra : Labuh cenah keur ulin dikebon ceu Popon, babaturana mah lainna nganteurkeun nepi
jero kalah nepi luar imah euweuh tanggungjawabna pisan da kuat ka pateuh kitu tinggali
sukuna

Karomah : Ceuk ema ge naon ulah sok mahiwal sorangan geus cilaka mah maneh deui

nu nyeri

Tarkim : Matakna jang lamun kolot ngomong teh dengekeun


Raka : Enya pa

Putra : Enya enya we maneh mah

Tarkim : Geus ayeuna mah sok menta hampura ka ema maneh geus teu ngadengekeun.

Putra maneh geroken tukang urut.

Saenggesna kitu Putra ngincid rek ngagerokeun tukang urut keur adina, sedengken Raka
sasalaman menta hampura ka emana.

Anda mungkin juga menyukai