Anda di halaman 1dari 2

JUDUL CARPON

Di hiji kampung hirup hiji kulawarga anu cicing di imah nu kacida megahna,
sigana kulawarga eta kulawarga anu harmonis jeung ekonomi anu kacida alusna,
tapi eta kulawarga jarang baur jeung masarakat satempat.
Hiji poe Pak Slamet meunang informasi yen pamajikanana geus maot, Pak Slamet
nu harita keur digawe, langsung balik ka imahna. Di dinya ningali anakna ceurik
bari nangkeup indungna. Basa pamajikanana rek dikurebkeun, Pak Slamet nolak
jeung milih ngubur sorangan.
Saparantos sababaraha dinten, Pak Slamet angkat ka luar kota pikeun di gawe.
Budak nu ngaranna Dani ditinggalkeun sorangan di imah nu kacida gedena, Pak
Slamet teh boga supir nu biasa ngajaga imah na tapi supirna teu cicing di imahna.
Peutingna, sanggeus Dani solat isya, Dani ningali aya nu keur masak di dapur,
Dani nyangkana eta awewe teh nu bahela gawe di imahna, ternyata bener eta
awewe teh Bu Nita. Bu nita ningali dani langsung nitah Dani dahar, Dani katingali
lapar pisan nepika masakan Bu Nita beak, padahal Dani sabenerna rada bingung
sabab Bu Nita geus 3 taun teu gawe di imahna, tapi sanggeus masak Bu Nita
langsung ninggalkeun Dani tanpa ngomong nanaon.
Isukna waktu Dani hudang nempo loba dahareun dina meja makan, ternyata eta
teh Bu Nita nu masak. Dani akhirna nanya ka supirna "Pak, tadi wengi gerbangna
teu dikonci nya? tadi isuk-isuk ujug-ujug aya bu nita" si supir ngajawab "ah, antep
we, jigana bu nita boha konci serep". Sanggeus kitu, Dani balik deui ka imah, tapi
imahna kosong da Dani teu ningali aya bu Nita padahal tadi teh keur masak. geus
kitu Dani langsung ka kamar, ternyata dani teh kasarean.
Ahirna Dani hudang, nempo jam ternyata geus magrib. Dani langsung kaluar
kamar, si dani ningali Bu Nita keur ngalamun bari diuk. Dani nanya ka Bu Nita
“bu nita tumben teu masak?” Bu Nita ngawaler “Heueuh dan, bahanna seep.”
ngadenger eta Dani langsung ka warung meuli sembako.
Saenggeus di warung, Bu Tuti langsung katingali hariwang lantaran ningali Dani
anu leuleus siga nu can dahar. "Dani gering? naha pucet pisan?” Dani ngawaler
"henteu bu, abdi hoyong meser sembako supados tiasa dimasak ku Bu Nita" teras
Bu Tuti langsung reuwas tur nyarios ka Dani "dan, Bu Nita parantos lami maot
tapi, Teu terang kunaon maotna” Dani tuluy langsung diajak asup ka imah bu tuti
keur dahar lantaran ningali kondisi Dani anu kitu.
Saparantos dahar Dani pamitan, Bu Tuti nitip pesen ka Dani supados ati-ati.
saenggeus dani nyampe ka imah na, dani reuwas ningali Bu Nita di lawang panto,
“Geus tuang dan? naha lami pisan kaluar teh” Dani ngawaler “Enya Bu, tadi dani
tuang di luar, Dani ka kamar heula” . Saenggeus kitu dani jalan sabari nempo
sukuna Bu Nita nu teu napak kana lantai. Dani leumpang rurusuhan tuluy Bu Nita
nanya “Naha buru-buru ka kamarna, geus nyahonya?” Dani langsung asup ka
kamar tuluy ngonci. Mba Nita terus ngetok panto kamar Dani bari nitah Dani dahar
“dani tuang dani ibu geus masak” Dani teu ngawaler kusabab sieun, ujug-ujug Bu
Nita ngalemparkeun peso nepika napel dina panto kamar, Dani ningali eta
langsung pingsan.
sukanna supir pak slamet teh datang saperti biasa, tapi eta supir teh rada hariwang
sabab Dani teu kaluar imah nepika tengah poe. Akhirna supirna langsung asup ka
imah mariksa dani bisa kunanaon. Supir reuwas ningali peso napel di kamar Dani,
pak supir eta langsung menta tulung ka warga sarta langsung mantuan
ngahudangkeun Dani anu keur pingsan. Teu lila Dani teh hudang barijeng katingali
keur sieun, supir nanya ka Dani "kunaon den?" dani langsung nyaritakeun
kajadian tadi malem.
Singkat carita, supir jeung warga ngusulkeun Dani titah datang ustadz lantaran
gangguan nu rasakeun ku dani tos ngabahayakeun nyawa. Akhirna dani ka imah
ustadz pas harita teh, dani nyaritakeun kajadian nu di rasakeun ku dirina sorangan.
Ustadz nyarios "katingalina bapa anjeun ngalakukeun ritual anu numbalkeun bu
Nita sareng indung anjeun supaya usaha na maju" tapi dani ngelak sabab dani
yakin yen na bapa teu kitu.
Ustadz ngusulkeun ka imah Dani pikeun ngabuktikeun ieu. Pas dugi ga imah
dani, Ustadz naros, “didieu aya kamar anu teu tiasa didatanganny? Abdi terang
dimana" teras ustadz nunjukkeun kamar nu koso jeung nitah dani muka kamarna.
Saparantos muka kamar, Dani ningali seueur sasajen jeung aya poto-poto Bu Nita
sareng indungna, ternyata bener dugaan ustadz teh salila ieu Bu Nita jeung
indungna dijadikeun tumbal usaha.
Akhirna kusabab sieun kunanaon, Dani menta tulung ka ustadz pikeun
ngeureunkeun pesugihan. Si ustadz nanya “anjeun yakin kana naon nu
diomongkeun? sabab ieu resikona gede” jawab dani “enya yakin, dani hayang
hirup tengtrem”, akhirna ustadz mantuan dani ngeureunkeun pesugihan. Sanajan
kitu, sanggeus sababaraha poe Dani meunang informasi yen bisnis bapana
bangkrut jeung bapana maot kusabab tabrakan.

Anda mungkin juga menyukai