Anda di halaman 1dari 4

Kajian Islam

Alloh ngawaler :”Upama kitu, ayeuna (prak buktikeun)”, teras


dibejakeun ka maranehna :” Ayeuna Kaula bakal mawa para saksi
kana pangakuan maraneh”, Jeung (jalma-jalma munafik) malikir saha
anu bakal jadi saksi kana kalakuan maranehna. Terus sungutna di
konci jeung di tanya ka suku, tulang jeung daging maranehna :”Pok
geura nyarita !” . Nya suku, tulang jeung daging maranehna
nyaritakeun panyaksian satiap amal maranehna, bari teu aya anu
disumpu salindungkeun. Kitu hisaban ka jalma munafik jeung jalma-
jalma anu di benduan ku Alloh “ (HR Muslim).
Hadits ieu mangrupakeun penjelasan tina dawuhan Alloh Ta’ala dina
surat Yasin Ayat 65

‫َاۡل َي ۡو َم َن ۡخ ِتُم َع ٰٓلى َاۡف َو اِه ِه ۡم َو ُتَك ِّلُم َن ۤا َاۡي ِد ۡي ِه ۡم َو َت ۡش َه ُد َاۡر ُج ُلُهۡم ِبَم ا‬
‫َك اُنۡو ا َي ۡك ِس ُبۡو َن‬
“Dina poe ieu Kaula nutup sungut maranehna; leungeun
maranehna bakal wakca ka Kaula jeung suku maranehna bakal
mere panyaksian kana sagala anu geus dipigawe ku
maranehna”
Mangka dina poean hisaban eta, moal aya nu bisa ekol nyaritakeun
bohong jeung nutupan sagala pagawean maksiat jeung dosana,
sagalana bakal nembrak teu bisa dibuni-buni bari kasaksian ku
sakabeh makhluq. Mangka sapantesna pikeun sakumna kaum
muslimin mempersiapkeun datangna poe eta bari teu petot-petot
ngado’a ka Alloh Ta’ala supaya diringankeun dina hisaban jaga.

Urang Da’wah Bareng


Kajian Islam

Kampung Cipongporang Desa Serangmekar Ciparay


Waktu di dunya manusa dibagi dua golongan, nyaeta golongan anu
iman jeung golongan anu kafir. Ari jalma munafiq asup ka golongan
mana, sabab jalma munafiq mah sacara lahiriyah katembong siga
ummat Islam ? sabenerna jalma anu munafik teh kagolongkeun
jalma kafir, sabab pangakuan Islamna ukur samet letahna wungkul,
sedengkeun hatena mah kosong ku dzikir ka Alloh, mun tea aya
ngan ukur saeutik pisan. Sabab jalma kafir jeung jalma munafik
sarua tekad, ucap jeung lampahna wangkelang, bedegong jeung teu
daek ibadah jeung teu daek ta’at ka Alloh Ta’ala.
Di akherat jaga oge manusa teh di bagi dua golongan, eta bakal
katingali upama sakabeh manusa geus divonis dina pangadilan Alloh
Ta’ala di Yaumil Qiyamah, nyaeta golongan mu’min jeung golongan
kafir. Dina cara ngahisab amal dua golongan beda, ari pikeun
Golongan Kahiji, nyaeta golongan jalma anu iman atawa mu’min
mah cara ngahisabna teh, saperti dijelaskeun dina hadits anu
katampi ti Ibnu ‘Umar Rodhiallohu ‘Anhuma saurna : “Abdi nguping
yen Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi Wasallam dadawauh :”Saestuna
Alloh Ta’ala nigas perkara hamba-Na anu mu’minin saurang-saurang
dina poe kiamat, teu aya saurang oge anu ningalina jeung teu aya
saurang anu ngadangukeun. Alloh bener-bener nutupan aibna
sahingga teu aya saurang oge anu mikanyahona. Alloh

Urang Da’wah Bareng


Kajian Islam

nembongkeun kasalahan-kasalahanna jeung dadawuh ka


manehna :”Naha maneha nyaho kana dosa ieu ? Naha maneha
ngaku kana dosa ieu ?”. mangka manehna ngajawab :”Ya Alloh,
kantenan abdi uninga.”. tiap ditembongkeun dosa-dosana, manehna
terus ngaku kana dosana eta sahingga manehna ngarasa pasti
binasa, Lajeng Alloh dadawuh ka manehna :

‫ َو َأَن ا َأْغ ِفُر َه ا َلَك اْلَي ْو َم‬،‫َفإِّن ي َقْد َس َت ْر ُتَه ا َع َلْي َك ِفي الُّد ْن يا‬
“Saestuna Kaula geus nutupan dosa-dosa maneh di dunya,
jeung ayeuna Kaula ngahampura dosa-dosa maneh.”. Tuluy ka
manehna dibikeun catetan amal kahadeanna.” (HR. Bukhori,
VIII/353 –Fat-h, jeung Muslim, no. 2768)
Sedengkeun Golongan anu kadua, nyaeta golongan jalma anu
narima file amalna ku leungeun kenca bari nonggongan, hal ieu
nuduhkeun yen maranehna ngarasa hareneg, kaduhung anu teu
manggih tungtung jeung geus kabayang bakal pisakumahaeun
narima siksa tina sagala amal nu geus dilampahkeun ku maranehna.
Anu jadi sabab maranehna meunang siksa, dijelaskeun dina dina
ayat 13 jeung 14, nyaeta ku sabab dua hal : Kahiji, nalika hirup di
dunyana maranehna senang-senang, ngalajur nafsu ngumbar
syahwat teu nolih batal – haram, hirupna Padung Dirarud Catang
Dirumpak, teu pernah mikirkeun jeung mopohokeun kahirupan di
kampung akherat; kadua, maranehna nyangka yen maranehna moal
dibalikkeun deui ka Pangeranna jeung manehna nyangka yen sagala
amalna waktu di dunya moal diperhitungkeun atawa moal dihisab.
Malah maranehna nyangka sagala katerangan nu aya dina kitab
Alloh (Al-Qur;an) teh bohong, sahimgga waktu hirupna di dunya
maranehna samemena milampah kajahatan, dosa jeung maksiat.

Urang Da’wah Bareng


Kajian Islam

Sarta pangakuan maranehna iman ka Alloh sarta ancaman


Mantenna ukur jadi panghias biwirna wungkul. Teu aya pisan
kaimanan sama sakali dina hatena.
Pikeun golongan kadua cara ngahisabna beda pisan jeung golongan
kahiji, maranehna bakal digero dihareupeun sakabeh makhluq. Ka
maranehna dbejakeun sakabeh ni’mat anu tos dipaparin Alloh, terus
bakal ditembongkeun amalan goreng maranehna. Pasti sakabeh
makhluq bakal jadi saksi ka maranehna, bari jeung dibejakeun :

‫َه ُؤ آلِء اَّلِذ ْي َن َك َذ ُبْو ا َع َلى َر ِّب ِه ْم َأَال َلْع َن ُة ِهللا َع َلى الَّظ اِلِم ْي َن‬
“Jalma-jalma ieu teh geus ngabohongkeun ka Pangeran
maraneha” inget, la’nat Alloh (bakal ditibankeun) ka jalma-jalma
zholim” (QS. Huud: 18)
Saperti dijelaskeun oge dina hadits anu katampi ti Abu Hurairah
Rodhiallohu ‘Anhu, :”Rosululloh Sholallohu ‘Alaihi Wassalam
dadawuh : “Teras Alloh mendakan hamba-na bari naros :”Yeuh
Fulan, lain Kaula geus ngamulyakeun maneh, ngajadikeun maneh
jadi pamingpin, ngawinkeun jeung bisa meruhkeun kandaraan
sahingga bisa makena, sarta mere kamampuan ka maneh pikeun
mingpin tur mere harta anu loba ?.”. mangka maranehna
ngajawab :”Leres”, teras Alloh Alloh dadawuh :”Kaula ngantep
maraneh saperti maraneh mopohokeun Kaula”. Salajengna (Alloh)
mendakan jalma anu katilu (jalma-jalma munafik) jeung naros saperti
patarosan ka jalma kafir tadi. Jawaban (jalma-jalma munafik) :”Nun
Gusti ! abdi sadaya tos iman ka Gusti, kana Kitab-kitab jeung Rosul-
rosul Gusti, abdi oge ngalaksanakeun sholat, shodaqoh”. Bari
maranehna muji kana kahadean samampuna.

Urang Da’wah Bareng

Anda mungkin juga menyukai