Anda di halaman 1dari 5

Tulisan Pedaran Tradisi sunda

"Nyawer"
Kelompok: Ancemon
Kelas: XII IPA 5
SMA Negeri 1 Cariu

Anggota:
1. Mella Saharana
2. Dinda Mariah S
3. Astri Nurlaila
4. Iros Rosita
5. Aris Riski H
6. Karsep Maulana
7. Muhammad Jajang R
Bubuka

Sawer asal kecap tina awer, hartina cai nu ragrag nyerepet, luyu jeung praktek juru
sawer nu ngawur-ngawur kalengkepan nyawer umpamana nyimbeuhkeun cai ka
panganten jeung sakabeh nunyaksian. tapi bisa oge disebut nyawer lantarakeun sok
dilaksanakeun dina panyaweran, nyaeta tempat ragrag cai.
Sawer oge ngabogaan harti lianna, hartina nyaeta mangrupakeun papatah ti kolot keur
panganten atawa keur anu disunat. Sawer teh ngucapkeunna dihaleuangkeun bari
ngawurkeun beas, koneng, duit jeung kadang-kadang permen. Eusi sawer salian ti
papatah kolot, biasana eusina oge doa keur nu disawer.

• Pangartosan Nyawer dina Adat Sunda


Kabiasaan nyawér dina kahirupan masarakat Sunda mangrupa tradisi warisan karuhun,
umurna geus kolot pisan, upacara nyawér raket patalina jeung kapercayaan. Karuhun
Sunda baheula ngagelarkeun sawér pikeun nohonan sarat upacara ritual. Hal ieu bisa
dibuktikeun ku ayana sarat-sarat anu mangrupa simbul atawa perlambang. Ku sabab
kagiatan nyawér téh raket patalina jeung kapercayaan, basa anu digunakeun dina sawér
téh ngandung kakuatan magis. Kadieunakeun sanggeus aya parobahan dina kahirupan
masarakat Sunda , kagiatan nyawér téh henteu salilana dipatalikeun jeung upacara
ritual, kagiatan nyawér dianggap salasahiji média pikeun nepikeun papatah, pépéling,
jeung manjatkeun du’a. Najan kitu, barang-barang anu dijieun simbulna mah keukeuh
teu dileungitkeun.
• Fungsi Nyawer dina Adat Sunda
Dina tahap awalna mah sawér téh mibanda fungsi magis; timbul ku sabab kapercayaan
kana ayana lelembut-lelembut jeung kakuatan-kakuatan gaib; tur digunakeun pikeun
ménta panyalindungan jeung kasalametan. Fungsi satuluyna pikeun alat atikan,
nepikeun papatah-papatah moral, sosial, jeung kaagamaan, dina kamekaran satuluyna
fungsina salaku alat hiburan.
Pagelaran sawér mibanda kalungguhan penting dina sikleus kahirupan
masarakat Sunda, raket patalina jeung ritus inisiasi, nyaéta pindahna/ robahna status
dina kahirupan. Pagelaran sawér dilaksanakeun dina rupaning upacara salametan
pikeun manusa, tatanén, jeung kajadian-kajadian; ditepikeun ku juru sawér. Pagelaran
sawér dilengkepan ku rupa-rupa sasajén jeung alat-alat nu tangtu anu sipatna simbolis
turta mibanda ajén ritual.

• Tujuan Nyawer
Tujuan sawer nyaeta papatah/nasehat. Contona saperti nyawer di acara nikahan berarti
tujuana nyaeta mere papatah/nasehat ka anakna nu ekeur nikah. Lamun di acara
nurunkeun orok nu kakarak lahir nyaeta tujuana rasa nyaah kolot ka anakna.

• Rupa - rupa Nyawer


Saweran biasana dipigawé dina soré,
Biasana sawér dilaksanakeun dina upacara panganten, sanggeus panganten pameget,
dina upacara khitanan, acara nurunkeun orok (marhabaan), sarta bisa ogé dina acara
panggung tapi hartina beda. Lamun di acara panggung mah tujuana jakeur hiburan
jeung kasenengan.

• Nu sok Ngaayaken Nyawer


Nu sok ngaayakeun acara nyawer nyaeta nu gaduh acara.
Sapertos di acara hajatan nyaeta, nu boga hajat atawa panganten. Baheula mah anu
nyawér téh kolot budak anu disawérna, malah ungkarana gé meunang ngahaja nyieun
manéhna pribadi, da réa kolot anu tabah kana nganggit dangding atawa nyusun sa'ir,
dina kapaksana ogé sok ngahaja ngéngkén ka anu dianggap ahlina anu husus keur
kaperluan éta. Réa kolot anu nganggit dangding sorangan, sawérkeuneun, tapi dina
nyawérna sok masrahkeun ka jalma anu dianggap hadé sorana atawa anu geus baku
jadi tukang sawér. Ilaharna jalma anu dipinangsaraya nyawér mah geus boga umur,
meureun sangkan leuwih merenah da eusi sawér téh apan papatah jeung harepan ka nu
di sawer.
• Bahan- bahan anu kudu di siapken pikeun Nyawer

Bahan-bahan anu dipaké pikeun saweran nyaéta béas bodas, kunyit, rupa-rupa bunga
rampai, koin, payung, pinang, manisan, jeung béas konéng anu geus direndam dina cai
kunyit. Masing-masing bahan ieu mangrupa alat wawakil pikeun ngadoakeun
pangantén.
- Béas ngalambangkeun karaharjaan jeung kabagjaan pikeun duanana pasangan, sabab
béas mangrupa kadaharan poko masarakat Sunda, kalayan harepan duanana salawasna
hirup kalawan alus.
- Kunyit atawa dina basa Sunda biasana disebut koneng sobat. Warna koneng kunyit
diibaratkeun emas. Kadua kolotna ngaharepkeun putra sareng putrina tiasa hirup tanpa
langkung.
- Kembang. Seungitna seungitna kembang-kembang teh jadi harepan supaya jenengan
panganten pameget salawasna seungit ku laku lampah anu hade.
- Koin melambangkan kabeungharan.
- Payung minangka lambang kaparigelan.
- Sirih ngalambangkeun karukunan. Antara dua panganten lalaki jeung panganten lalaki
bisa salawasna hirup rukun sarta bisa ngarti silih.
- Manisan kalayan rasa amis. Kawas permen, muga-muga hirup anjeun nikah salawasna
amis tur harmonis.

• Urutan atawa sistematika teks Sawer


Sistimatika téks sawér umumna diwangun ku bagian bubuka, poko eusi, jeung
panutup. Bubuka umumna mangrupa ucap-ucapan sasadu, ménta idin ka Gusti, déwa,
Nabi, wali, luluhur, ka hadirin yén rék ngalaksanakeun nyawér. Poko eusi umumna
mangrupa papatah; amanat sangkan manusa (orok, budak, indung, pangantén, pagawé,
pamingpin, jsb) milampah laku hadé dina hubungan kakulawargaan, salaki-pamajikan,
hubungan sosial, panceg pamadegan, jeung takwa ka Gusti. Panutup umumna mangrupa
dunga pikeun anu disalametkeun, kulawarga, jeung hadirin sangkan meunang
kasalametan jeung rahmat Gusti.
Kasimpulan

Sawer dina intina boga harti ngawurkeun, biasana ngawurkeun duit, saperti sawer ti
penonton ka nu nyanyi di panggung. Sawer oge ngabogaan harti cai atawa hujan anu
nyeretan atawa tampias ka imah.
Sawer dina adat Sunda ngabogaan sababaraha harti, harti sawer anu paling umum
nyaeta ngawurkeun beas, koneng, duit, permen jeung sajabana dina acara kawinan
atawa sunatan. Sawer dina intina boga harti ngawurkeun, biasana ngawurkeun duit,
saperti sawer ti penonton ka nu nyanyi di panggung. Sawer oge ngabogaan harti cai
atawa hujan anu nyeretan atawa tampias ka imah.
Nyawer raket patalina jeung kapercayaan. Karuhun Sunda baheula ngagelarkeun sawér
pikeun nohonan sarat upacara ritual. Kusabab, pagelaran sawér dilengkepan ku rupa-
rupa sasajén jeung alat-alat nu tangtu anu sipatna simbolis turta mibanda ajén
ritual. Tapi, kagiatan nyawér téh henteu salilana dipatalikeun jeung upacara ritual,
kagiatan nyawér dianggap salasahiji média pikeun nepikeun papatah, pépéling, jeung
manjatkeun du’a. Nu sok di percaya nyawer dina tradisi sunda nu sah mah Ilaharna
jalma anu dipinangsaraya nyawér mah geus boga umur, meureun sangkan leuwih
merenah da eusi sawér téh apan papatah jeung harepan ka nu di sawer.
juru sawer ngawur-ngawur eusi sok bari diselang-seling ku syair nu ditembangkeun.
sabenerna maksud utamana dina upacara nyawer ieu nyaeta syair-syair nutadi. aya oge
intisari tina syair yaeta ijin jeung pangampura ti kolot, ti hadirin anu hadir, ka
panganten ; mapagahan ka panganten awewe supaya ngabdi ka panganten lalaki
kalawan ikhlas jeung rido, kitu deui panganten lalaki, kudu bisa ngabales pangabdian
panganten awewe supaya teu beurat sabeulah.
kadua belah pihak kudu bisa silihasih, silihasuh, sialalihpikanyaah, silihbela, jeung
silihjeujeuhkeun. lamun salaerhatianh saurang keur amarah, atawa ngambek, nu
saurang kudu ngelehan atawa ngajauhan supaya teu jadi pasea nu leuih rosa. pihak nu
hiji kudu bisa ngahibur pihak nu hiji deui saumpamana ngalaman kasedih. Sawer oge
supaya panganten contona meunang kasalametan jeung kabagjaan dina ngabina rumah
tangga, hirup rukun nepika ahir hayat.
Tradisi sawer atawa nyawer di urang sunda masih aya, sok di lakuken di acara - acara
sapertos nikahan, nyundatan, nurunken atanapi marhaba orok. Najan kitu, te kabeh
acara nu tadi ngaayaken nyawer, ayenamah sesuai pihak nu bersangkutan. Arek aya
atanapi te aya te kunanaon. Sabab, sok aya nu te gaduh acis saker nyawerna. Tradisi iye
masih raket patalina jeng orang sunda.

Anda mungkin juga menyukai