Anda di halaman 1dari 11

RUKUN AGAMA Sadaya rukun agama Aya tilu sing uninga Hiji iman dua islam Nomer katiluna

ihsan Iman hartina percaya Petekadan teu cangcaya Ucap lampah teu sulaya Jeung parentah Anu Mulya Islam hartina sumerah Patuh tunduk sarta pasrah Ngamalkeun agama Alloh Nu dicandak Rasululloh Ihsan pihartieunnana Ibadah sing sabenerna Ngabakti sumujud nyembah Lir embreh ninggal ka Alloh Najan urang teu tiasa Ninggalna ku dua soca Alloh mah Maha Uninga Ninggali salalamina ...

RUKUN IMAN Rukun iman sadayana Genep wajib dipercaya Kahijina wajib iman Ka Alloh nu maha heman Kadua ka Malaikat Tilu rasul ulah lepat Kana kitab nomer opat Lima ka poe akherat Qodho qodar ka genepna Papsten tinu kawasa Sae atawa awona Urang wajib percayana ... IMAN KA ALLOH SIFAT ALLOH Alloh wajib ka sifatan

Ku sifat kasampurnaan Sarta mustahil pangeran Kasifatan kakurangan Sifat Alloh mun diwincik Aya tilu masing telik Sifat wajib kahijina Mustahil nu kaduana Sifat jaiz katiluna Wenang pihartieunana Ngayakeun ngeuweuhkeunana Kumaha kersa anjeuna SIFAT WAJIB ,MUSTAHIL DI ALLOH Sifat nu wajib di Alloh Hiji wujud ulah salah Wujud pihartieunana Pangeran wajib ayana Dalil Alloh wajib aya Buktina alam sadaya Nyakitu deui manusa Alloh anu ngadamelna Tah kitu ceuk dalil aqli Aya makhluq jadi ciri Kana wajib wujud gusti Kabeh alam jadi saksi Sifat wujud sabalikna Mustahil di anjeunana Nyaeta Adam hartina Mustahil heunteu ayana Wajib qidam kaduana Alloh tipayun ayana Sarta taya mimitina Tur moal aya tungtungna Dalilna yen Alloh qidam Pidawuhna dina Qur`an Huwal awwalu wal akhiru Hartina ulah kaliru Lalawanan sifat qidam Huduts sarua jeung alam Alloh huduts pamohalan Sab mustahil di pangeran Sifat baqo katiluna

Hartina langgeng ayana Alloh teu aya robihna Wajib baqo saendengna Dalil yen Alloh teh baqo, Alloh parantos ngandika, Wayabqo wajhu robbika, Langgeng pangeran andika Sifat baqo sabalikna Mustahil anjeuna fana Sabab pihartieunnana Yen Alloh aya ruksakna Alloh ruksak pamohalan Mustahil kanggo pangeran Sabab sulaya jeung qur`an Nu didawuhkeun pangeran Ari sifat nomer opat Lilhawadits mukholafat Hartina teh teu sarua Jeung makhluk henteu sarua Dalil Alloh nyulayaan Makhluk moal nyarupaan Jeung kabeh sifat pangeran Cukup aya dina qur`an Lil-hawadits mukholafah Anu mustahil di Alloh Hartina teu nyarupaan Alloh sarua jeung alam Qiyamu binafsihi Sifat nu wajib di gusti Alloh jumeneng ku anjeun Hanteu aya anu nyieun Lawan qiyam binafsihi Qiyamu bighoerihi Hartina teh dijenengkeun Hanteu jumeneng ku anjeun Wahdaniyyah kagenepna Hartina wajib tunggalna Hiji sifat rejeung dzatna Nyakitu deui afalna Ari lalawananana Nyaeta taaddud hartina

Pangeran seueur jumlahna Mustahil kanggo anjeunna Sabab sifat wahdaniyyat Pangeran taya syarikat Rencang atawana sobat Suci tina eta sifat Wajib qudroh katujuhna Alloh kawasa sifatna Ngayakeun ngeuweuhkeunnana Teu hese kanggo anjeunna Dalilna Alloh kawasa Lamun Alloh teu kawasa Tangtu makhluk moal aya Sab taya nu ngadamelna Bumi langit jeung eusina Kabeh diayakeunnana Ku sifat qudrot anjeuna Kawasa taya watesna Sifat qudroh sabalikna Al-ajzu hartina Alloh apes teh mustahil Bukti makhluk jadi dalil Kadalapanna irodah Kersaana gusti Alloh Ngayakeun alam sadaya Kalayan kersa anjeuna Lalawananana Irodah Mustahil Alloh karohah Sabab taya nu marentah Maksa atawana nitah Wajib ilmu kasalapan Maha uninga pangeran Pinterna taya bandingan Moal aya nu nyamian Sifat ilmu sabalikna Al-jahlu bodo hartina Alloh bodo pamohalan Mustahil kanggo pangeran Kasapuluh wajib hayat Hirup hurip moal pegat Najan dunya geus qiyamat

Alloh tetap wajib hayat Lalawanan sifat hayat Mustahil pangeran maot Maot pihartieunana Pangeran aya pupusna Alloh pupus pamohalan Sabab jumeneng pangeran Hirup lain dihirupkeun Hirup lain kunu lian Wajib bashor kasabelas Gustli Alloh maha awas Paningalna cekas awas Kanu hideung kanu bodas Dalilna Alloh ningali Sarta wajib ti ajali Wahuwa samiun bashir Hartikeun masing kapikir Lalawanan sifat bashor A-ma hartina teh paor Lolong teu bisa ningali Eta mustahil di gusti Dua belas wajib sama Maha ngadangu hartina Anu deukeut tur anggangna Henteu samar ka anjeuna Lalawanan sifat sama Mustahil Alloh ash-shoma Sabab hartina ash-shoma Alloh torek pangdanguna Mutakallim tilu welas Ngadawuh nu maha welas Wakallamallohu musa Taklima gera pariksa Riwayat ayat diluhur Wangkid Musa di gunung tur Anjeuna nampi pihatur Ti pangeran robbun ghofur Mutakallim sabalikna Bukmun teh pireu hartina Alloh pireu teh mustahil Ayat tadi jadi dalil

Tah kitu sifatna gusti Titenan masing taliti Sangkan nyembah jeung babakti Sapuk jeung parentah gusti Lamun urang henteu telik Inggis tohid jadi syirik Umaku pangeran Esa Buktina nyembah berhala Mun itikad kacampuran Ku sawareh pamusyrikan Pasti tauhidna robah Kabeh ngajadi khurofah Sabab musyrik ngandung harti Midua nyembah ka Gusti Teu saeutik nu babakti Ka kubur ka para wali Gunung luhur dipunjungan Kai gede disuguhan Batu keris dikukusan Dipuja lir ka Pangeran Tukang musyrik itikadna Ibadah jeung ngaduana Make antara nyembahna Nganggap karamat ka benda Tawasul kana berhala Menta diijabah dua Boga rasa gede dosa Ngadua langsung mo bisa Amal kitu teu karasa Henteu boga rasa dosa Padahal Alloh geus atra Marentah langsung ngadua Uduni astajib lakum Padawuh Alloh geus malum Hartina pek maneh menta Langsung ka Kami mentana Kami pasti ngaijabah Kana dua anu mernah Tah kitu pidawuh Alloh Amalkeun ulah rek salah

Iman urang masing tuhu Numutkeun aturan wahyu Nyakitu deui ibadah Masing cocok jeung parentah Amal nu kudu diraksa Taliti masing toweksa Matak sasarna agama Lampahna teh lalawaora Nyaeta bidah khurofat Tahayul musyrik masiyat Islam dicampur ku adat Agama ruksak teu sehat Faham hindu pasolengkrah Ngukur agama ku lumrah Quran teu dipake hujjah Amal lain tina sunnah Ibadah nu samistina Nyata niru ti Nabina Henteu meunang saka-kama Sangkan amal ditarima Tah kitu pidawuh Gusti Mangka kade sing taliti Patokan Islam geus pasti Al-Quran reujeng haditsnya Quran jeung hadits saluyu Henteu aya nu diadu Sabab eta kabeh wahyu Lain pangaturan nafsu Wama yantiq anil hawa In huwa illa wahyun yuha Lain ucap tina rasa Anging wahyu nu kawasa Mun ibadah campur bidah Pasti timbul khilafiyah Parebut ngadu masalah Ngabela faham nu salah ... IMAN KA MALAIKAT Rukun iman kaduana Percaya ka Malaikat Tegesna ka Malaikat Yen Malaikat teh aya

Malaikat makhluk Gusti Ahli ibadah ngabakti Tara baha jeung maksiyat Salilana tunduk thoat IMAN KANA KITAB-KITAB Rukun iman katiluna Percaya kana kitabna Nu ditampi para Nabi Wahyu tinu Maha Suci Kitab Zabur kahijina Nabi Dawud nu nampina Kitab toret kaduana Ditampi ku Nabi Musa Kitab Injil katiluna Ka Nabi Isa lungsurna Sarta kaopatna Quran Candak Nabi akhir zaman ... IMAN KA PARA ROSUL Rukun iman kaopatna Iman ka para Rosulna Utusan Anu Kawasa Pikeun mimpin umatna Sakumna para utusan Sadayana kasifatan Ku sifat-sifat nu wajib Oge mustahil jeung jaiz ... SIFAT WAJIB, MUSTAHIL DI RASUL Sifat nu wajib di Rasul Hiji shidiq tara rahul Shidiq pihartieunnana Rosul bener salamina Sabalikna sifat shidiq Pamohalan Rosul kidzib Sab kidzib hartina bohong Mustahil Rosul ngabohong Kadua wajib amanat Jujur mustahi khianat Para Rosul kawajiban

Ngemban amanat Pangeran Wajib tabligh katiluna Nganepikeun agamana Ka masing-masing umatna Sangkan salamet hirupna Sifat tabligh sabalikna Kitman nyumputkeun hartina Rosul kitman pamohalan Nyumputkeun tugas Pangeran Fathonah nu kaopatna Wajib pinter di anjeunna Ari lalawananana Biladah bodo hartina Rosul bodo pamohalan Sulaya tina timbalan Diangkat jadi utusan Ku Alloh nu Maha Heman SIFAT JAIZ DI ROSUL Rosul teh bangsa manusa Seliran Maha Kawasa Sifatna taya bedana Reujeung manusa lianna Sok ngaleueut reujeung dahar Keuna ku lapar hanaang Kulem atawa teu damang Nu kitu ngaranna wenang Ngan beda jeung nu lianna Rosul ku Alloh dijaga Dijaring sarta diriksa Tina ngalakukeun dosa ... IMAN KANA POE QIYAMAT Rukun iman kalimana Yakin akherat teh aya Tempat kabeh jalma-jalma Geusan narima amalan Di dunya kadar ngumbara Lain pikeun saendengna Lamun geus datang mangsana Mulang ka tempat asalna

Raga jeung nyawa papisah Manusa moal walakaya Najan lubak-libuk harta Taya bisa nu ngabela Dipundut kunu kawasa Asup kana jero kubur Digotong diruang batur Nyorangan di jero kubur Amal manusa di dunya Hade atawa gorengna Hade wawalesna surga Goreng tempatna naraka Meunang ganjaran siksana Hasil amalan sorangan Jalma lian mo nulungan Amal mah sewang-sewangan Najan adat geus ilahar Hadiah ngariung dahar Tahlilan sugan diganjar Dioper ka anu lian Kayaning tilu tujuhna Matang puluh jeung natusna Newu eujeung saterusna Eta nu bidah hukumna ... IMAN KANA QODHO JEUNG QODAR Rukun iman kagenepna Iman kana papastenna Katetepan nu kawasa Nangtukeun kabeh manusa Makhluq Gusti sadayana Geus diatur ku Anjeunna Boh bagja boh cilakana Kabeh papasten anjeunna Masing-masing boga nasib Ngan bae teu kabeh gaib Urang wajib narekahan Sabab qodar tara ngabejaan Mun jalma pasrah sumerah Teu daek nyiar tarekah Anggapan papasten Alloh

Jalma nu kitu dilanah Tah kitu kawajiban Pikeun jalma nu ariman Rukun iman dititenan Sangkan Alloh mikaheman ... RUKUN ISLAM Rukun islam aya lima Pidawuh Rasul utama Hiji ngucapkeun syahadat Kadua ngadegkeun sholat Katiluna wajib zakat Shaum rukun nu kaopat Munggah haji kalimana Mun kawasa di jalanna ... Sumber : ( Madah at-Talim) Ieu pangajaran kungsi kaguar/dideres nalika mangsa nyakola di kelas 1, Madrasah Diniyyah Pesantren Persatuan Islam 45 Rahayu, nalika taun 1993 M.

Anda mungkin juga menyukai