Anda di halaman 1dari 3

Kampung Bungkil..

Kiriman yani on Agu 11th, 2010 dina Pancen Sakola. Pairan tiasa dipaluruh dina RSS 2.0. Rawayan nampi
kintunan seratan. Dulur-dulur nu mikahaat basa sareng budaya Sunda tiasa ngiring aub janten Kulawedet Rawayan.

Kampung bungkil mangrupakeun salah sahiji lembur nu aya di jl.leuwidahu kelurahan nagarasari kecamatan
cipedes kota tasikmalaya. kampung bungkil teh diwangun ku 3 RT nyaeta RT 1, R2, jeung RT 3.
Kampung bungkil ge kalebet RW nu pangbungsuna nyaeta RW 18 ti kecamatan cipedes tea anu saur sesepuh nu
aya di kampung bungkil. sesepuh ti ti kampung bungkil masihan pangarti yen kampung bungkil teh kampungkurna
rahayatna seueur nu usaha kana pabrik oncom.
salian ti eta ge, kapungkurna aya pabrik sukro. Mung panginten gara-gara saatos harga naraek, pabrik-pabrik nu
aya di lembur bungkil tarutup.
Sanajan kitu kampung bungkil masih katelah ku sukro sareng oncomna.
Sabenerna mah Bungkil kana oncom teh jauh pisan pangaitna, tapi duka kumaha eta lembur nu seueur pabrik
oncom dinamian Kampung Bungkil. Sanajan simkuring nanya ge teu aya nu ngartoseun naon arti bungkil teh.
Panginten istilah Bungkil teh dicandak tina Nami oncom, apan kapungkurna teh di kampung bungkil seueur pabrik
oncom sareng sukro. Numana, oncom sareng sukro dijieunna tina kakacangan, khusuna kacang kedele.
Simkuring nyimpulkeun mun Bungkil teh Oncom Atanapi Kacang..
Di Handap Ieu Contoh Naskah Berita Na.

—Assalamualaikum, Wr.Wb.//
Pamiarsa/ Wilujeng Patepang Sareng/Dini Junivita /Dina Acara Warta Depok//Warta Anu Baris Kapidangkeun 
Nya Èta/

—Korban Longsor Di Desa Tenjolaya Diajar Di Ténda

—Pamiarsa/
—Puluhan Murid Sakola Di Perkebunan Dewata / Desa Tenjolaya / Kecamatan Pasirjambu / Kabupaten Bandung /
Nu Dina Tanggal 23 Pebruari 2010 Keuna Ku Urug / Masih Keneh Diajar Di Tenda Darurat// Maranéhna Teu Bisa
Balik Deui Ka Sakola Asal / Ku Sabab Sieun Longsor Deui //
—Pupuhu Pos Koordinasi Bersama Mitigasi / Informasi Jeung Bantuan Musibat Pasir Jambu / Ciwidey / Rancabuli
/ Asep Ester Nétélakeun Aya 242 Budak Sakola Dasar Nepi Ka Sakola Menengah Pertama (Smp) Anu Jadi Korban
Longsor// 46 Urang Di Antarana Nyaéta Murid Sdn Dewata Anu Sakolana Deukeut Jeung Tempat Lognsor//
—Maranéhna Ayeuna Diajar Di Ténda Darurat// Khusus Pikeun Kelas Vi Anu Ahad Ieu Bakal Nyanghareupan
Ujian Nasiaonal/ Ti Saprak Dua Minggu Katukang / Maranéhna Cicing Jeung Diajar Di Imah Kapala Sakola Sdn
Cisondari//
—Murid Kelas Iv Sdn Dewata Anu Jumlahna 13 Urang Éta / Ngahaja Ditempatkeun Di Dinya Sangkan Bisa
Meunang Bimbingan Diajar Nu Enya-Enya / Saméméh Ujian Nasional // Murid Utamana Dibekelan Pangajaran
Tambahan Pikeun Pangajaran Bahasa Indonesia / Bahasa Inggris / Ipa / Ips Jueng Pendidikan Kewarganegaraan//
—Unggal Senén / 46 Murid Anu Diajar Di Ténda Meunang Bimbingan Ti Guru Khusus Anu Didatangkeun Dinas
Pendidikan Kabupaten Bandung// Tenda Darurat Anu Diadegkeun Di Blok G5 Perkebunan Téh Dewata, Kira-Kira
6 Km Ti Lokasi Longsor. Dina Kaayaan Diajar Jeung Ngajar Saayana / Murid Téh Katingali Héséeun Pisan
Diajarna//
—Ai Sri Suslowati Murid Kelas Vi Sdn Dewata Anu Diajar Di Sdn Cisondari / Ngébréhkeun Yén Manéhanana
Kurang Genah Di Sakola Nu Anyar / Sabab Kudu Ngabiasakeun Deui Hirup Jeung Murid / Guru / Sarta
Lingkungan Anu Anyar// Kabéhanana Ayeuna Aya 187 Murid Sd Jeung 40 Murid Smp Korban Urug Anu Geus
Dititpkeun Ke Sakola-Sakola Anu Deukeut.

—Pamiarsa/
—Mung Sakitu Nu Kapihatur/
—Wilujeung Patepang Deui Dina Warta Nu Bakal Dongkap/
—Amit Mundur Amit Mungkur
—Wasalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh
Vanka Vidyakarmani
SDN Indihiang Gadis

Assalamualaikum, wr. Wb.


Pamiarsa wilujeng patepang sareng Vanka Vidyakarmani dina acara Iber Salalar, Indihiang TV. Hiji-hijina TV
Berita di Kecamatan Indihiang. Warta anu baris kapidangkeun dinten ayeuna, di antawisna: Siswi SMP Dibawa
Kabur ku Hiji Pamuda Kenalanana dina Facebook, Lamping Gunung Guntur Rempag, sareng tips kanggo
pamiarsa: Cara Miceun Racun Leob Emi.

Pamiarsa Indihiang TV, nerekabna facebook mimiti karasa balukarna. Nunung Nurhayati alias Enung (15), murid
Kls III SMPN 1 Rajadesa, Kabupaten Ciamis, geus tilu minggu leungit. Pihak kulawarga boga anggapan Enung
kabur jeung hiji pamuda kenalanana dina facebook, Ta (19) warga Desa Sirnabaya, Kecamatan Rajadesa keneh.

Nurutkeun laporan pihak kulawarga ka Pamarentahan Desa jeung Polsek Rajadesa, Enung nu dumuk di
Kubangsari RT 3 RW 8, ngaleungit ti wangkid poe Senen (1/2). Nepi ka Ahad (22/2) kamari can aya bejana. Salila
ieu, Enung hahadean jeung kenalanana dina facebook, katelahna Ta.

Kepala Desa Sirnabaya, Mamat Rohmat netelakeun dumasar kana laporan nu katarima, Enung leungit ti wangkid
poe Senen (1/2) tabuh 09.00, waktuna diajar di sakola. Samemeh ngaleungit, Enung kungsi kaperego ku
kulawargana silih kirim pesen jeung Ta dina facebook.

Kabejakeun, basa jam pelajaran keur lumangsung aya ojeg ka sakola, nu ngaku emangna Enung. Eta lalaki ngaku
rek mapag Enung alatan indungna gering parna. Atuh, ku pihak sakola diidinan. Ti saprak harita, Enung ngereles.

Pamiarsa Indihiang TV.


Lamping sumber cinyusu Cisaat di Gunung Guntur, Kabupaten Garut rempag. Ngabalukarkeun banjir leutak di
areal pasawahan wewengkon Kampung Cisaat, Desa Tanjungkarya, Kecamatan Samarang.
Warga di opat kampung wewengkon Tanjungjaya ngarungsi ka tempat nu leuwih aman. Taki-taki, bisi aya longsor
deui lu leuwih rohaka. Opat kampung anu dikosongkeun, nya eta Cisaat, Makam, Pasirmuncang, jeung Tanjung di
Desa Tanjungjaya.

Ketua RT 01, RW 13, Kampung Cisaat, Asep R. Hidayat, nembrakkeun kondisina matak prihatin. Lamping terus
rempag ngarurub selokan jeung sumber cinyusu di gunung Guntur. Lamun rempag deui, opat kampung baris
karurub. “Nu matak ayeuna dikosongkeun, nepi ka aman,” pokna.

Pamiarsa Indihiang TV.


Emi leob geus jadi kacapangan. Lian ti hargana murah, ngasakanana oge gampil pisan. Najan kitu, loba keneh nu
can apal, kumaha carana ngaleungitkeun racun nu aya dina emi leob, anu ayeuna baris didadarkeun.

Leuwihan cai nu baris digolakkeun keur ngaleob emi tea. Sanggeus ngagolak, pisahkeun jadi dua bagian. Cicikeun
kana dua panci.

Kunclungkeun emi kana panci kahiji, pikeun meresihan kandungan lilin dina emi. Golakkeun deui. Tunguan nepi
ka emi katembong semu koneng. Tandana lapisan lilin nu napel dina emi luntur. Laju angkat emi, tur garingkeun
tina caina.
Sanggeus kitu kunclungkeun emi leob kana panic anu kadua. Panaskeun sajongjonan, bari nambahan lalab jeung
endog atawa nu sejenna, karesep Saderek. Dijamin mi leob langkung aman. Mangga geura cobian.

Sakitu anu kapihatur. Wilujeng tepang deui dina acara Iber Salalar, indihiang TV nu bakal dongkap.
Billahi taufiq. Wasalamualaikum wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai