Anda di halaman 1dari 1

TUGAS BAHASA SUNDA

WAWANCARA

TOPIK : MEWAWANCARAI PEDAGANG LOTEK


REPORTER : IMAS NURHAYATI
NARASUMBER : BU YANI

Reporter : Assalamualaikum Wr. Wb


Punten Ibu sim abdi siswa ti SMAN 01 CILILIN ngagaduhan pancen ti guru
Bahasa Sunda ngawawancara kumaha Ibu kersa jadi Narasumbher abdi
Narasumber : Walaikumsalam Wr. Wb. Muhun manga
Reporter : Punten ibu langsung we nya kana pertarosan na
Nami Ibu saha, yuswa Ibu sabaraha?
Narasumber : Nami abi Yati, yuswa 32 tahun
Reporter : Ibu upami bahan-bahan lotek the naon wae?
Narasumber : Bahan tina lotek bonteng, toge, engkol, kacang sakitu neng!
Reporter : Tos ti iraha Ibu dagang lotek?
Narasumber : Tos aya sataun mah Ibu dagang lotek
Reporter : Naha Ibu jeung hoyong icalan lotek, naha henteu hoyong icalan anu sanes
kitu bu?
Narasumber : Apan modalna teu ageung neng matak kana bahan kecil deui we ari kanu
ageing mah sanes teu hoyong icalan nu sanes da kudu aya artos nu ageing.
Kitu neng.
Reporter : Ibu salain cabang lotek di Kp. Balong Ibu icalan lotek dimana deui bu?
Narasumber : Ahh neng didieu we icalan mah teu aya cabang nu sanes deui mun hoyong
mah kedah aya modal artos nu ageung deui neng.
Reporter : Kumaha Ibu cara ngadamel lotek teh?
Narasumber : Ngangge cengek, bawang bodas, cikur, terus digeres ke ngangge kacang,
engkol terus ulek-ulek we janten we lotek.
Reporter : Sakitu bae we bu wawancara ti sim abdi, hapunten upami ngaganggu
waktos Ibu hatur nuhun kanggo elmu ngadamel lotek na, hatur nuhun bu.
Narasumber : Nya teu sawios neng! Sami-sami.

Anda mungkin juga menyukai