Anda di halaman 1dari 8

Cipeucang

Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan Bojongmangu,
Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur
Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur teh loba sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe
anu awakna letikan ti embe.
Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut Cipamingkis. Tah di
Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama Peucang. Kusabab cai teh jadi tempat
kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma kabeh ngabutuhkeun cai.
Tah kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran sato nyaeta Peucang
jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta tempat, Peucang = sato anu loba baheula
didinya. Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung masi loba jalma lamun
usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta.
Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng koneng loba nu resep
jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana. Dugi ayeuna eta jajakateh
aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu jenenganana Ojim Suryana tea.

Siluman

aman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida sarienen nana
jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona paroek jeng loba begal.
Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat garong/begal pokona sakumaha harta
nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
Caritana yen brgal/garong anus sok nyegat ditempat etateh nyaeta jalma anu cicing di tempat eta,
penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya teh. Jeung deui anu jalma anu nempatan
tempat eta teh jaragoan utamana jago kadugalan.
Kusabab kitu jalma nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah.
Eta tempat teh aya di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah Silumanteh jadi ngaran
Desa nyaeta Desa Siluman. Da ayeunamah aman biasa wae kos daerah nu sejenna eweuh begal eweuh
garong, kecuali katukangeun lembur etateh aya trotoang panjang da nepi ayeunage sok sarieuneun jalma
liwat kadinya tipeuting mah.
Tah kitu caritana kunaon eta tempat teh disebut Siluman, nu ayeuna Desa Siluman.

Kuya ngagandong imahna


Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore
magrib.
Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge
kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei
anu leuwih keker supaya te kabawa angina.
Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di
cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede
nakeranan. Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceuri sakadang Kuya ngieun
deui imahmah!”
“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha
akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah
imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus
anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang
ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet
anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.

Hayam kongkorongok subuh

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk
eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga
perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka
sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun
sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui
ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge
merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun
ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa,
anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”
Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago
kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha
kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating
keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun
ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung
dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.

Cai laut asin


Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi
Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana
karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki
Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung, atuh karunyaeun
diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng. Isuk-isuk keneh aki-aki
teh geus pamitan. Memeh indit aki-aki teh mere jimat ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina
perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ceuk
aki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung.
Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.
Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah. Barang Ki
Jana ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting
Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat
ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar
uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai
laut jadi asin.

Selat suda jeung gunung Krakatau

Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu
gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung
Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di
bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit
ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang
guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea
Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu tos dieusi cai
laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atuh bendu pisan si
anjeunanana.
Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh
nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan
pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh
nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung gadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci
dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua
karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku
cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda
lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci
pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi
gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng
Gunung Krakatau teh.

Gagak jadi hideung


Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal
huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di
ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh
buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki
ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh
bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka
jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik
hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

Si Kabayan Dicukur
Si Kabayan teh kandulan pisan. Ari kandulan teh jahe alias jago he-es (beuki sare). Teu kaop
nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek.

Sakali mangsa si Kabayan teh dicukur. Dicukurna handapeun tangkal gede di sisi jalan
Supratman. Ari tukang cukur teh ruruntuk dalang. Tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan.
Kalah jadi tukang cukur. Teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.

Si Kabayan tibarang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti
biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… Ngadalang. Pokna
teh, “Tah kacaturkeun di nagara Alengka, rajana jenengan Dasamuka. Ari dasa hartina sapuluh.
Ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray…" [baca dongeng bahasa Sunda disini]

Si Kabayan nu keur ngalenggut ngarasa kaganggu kunu keur ngadalang, bari heuay si Kabayan
nyarita, “Pondokeun wae Mang…”

Trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui, ”Ari geus kitu… eta
Dasamuka teh bogoh ka Dewi Sinta, geureuhna Sri Rama… ”

“Pondokeun wae Mang…”ceuk si Kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu
bakating ku tunduh.

Teu lila reup deui sare. Lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ”Urang
tunda Dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab dipaling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si
Kabayan asa kaganggu sarena terus nyarita bari lulungu, “Pondokeun Mang….”

Terus reup deui peureum. Trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si Kabayan bari nuluykeun
ngadongengna. Ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang.
Tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si Kabayan. Si Kabayan
keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem
nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora Dewi Sinta basa dipaling ku Rahwana. Antukna si
Kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ”Ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…”
tukang cukur nembalan “Dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si Kabayan kana
eunteung enya wae sirahna geus gundul teu salembar-lembar acan, puguh wae si Kabayan teh
ambek, “Nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” si Kabayan morongos.

Tukang cukur nembalan bari nyentak, “Bongan sorangan, naha atuh sare wae batur digawe teh,
lain nuhun diembohan ku dongeng teh…”

Ngan hing wae si Kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak
dipoyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”

. SULING SAKADANG KUYA DIBAWA KABUR KU SAKADANG MONYET


SORA suling téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét.
“Alah, aya ku ngeunah éta sora suling. Saha anu niupna nya?” gerentes Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét gagancangan néangan lebah datangna sora. Ari bréh, gebeg, sihoréng Sakadang Kuya
anu niup suling téh. Jorojoy aya niat hayang ngarebut éta suling.
Sanggeus ngahuleng sakedapan, tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya! Sakadang Kuya!”
Sakadang Kuya teu eureun niup sulingna. Lain teu nyahoeun aya Sakadang Monyét, ngan api-api teu
nyaho wé.

“Sakadang Kuya, meni alus suling téh. Sorana gé meni genah kadéngéna,” ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya teu ngawaro.
“Cik ah, nginjeum sakeudeung wé.”
Sakadang Kuya eureun niup sulingna. Pok ngomong, “Nginjeum? Ih, ulah. Ieu mah lain suling samanéa,
dijieunna ogé tina tulang maung.”
“Sakeudeung wé atuh.”
“Ulah, ah, bisi dibawa kabur!”
“Maenya teu percaya ka uing, apan urang téh lain wawuh anyar-anyar.”
“Anu matak teu dibikeun ogé kitu, sabab uing apal ka Sakadang Monyét téh. Apal luar-jerona, lah.”
Sakadang Monyét ngahuleng sakedapan.
“Kieu wé atuh, salila uing niup suling, pék tah gégél buntut uing,” ceuk Sakadang Monyét bari
ngasongkeun buntutna.
“Heug atuh ari kitu mah,” ceuk Sakadang Kuya bari mikeun suling ka Sakadang Monyét.
Sakadang Monyét diuk dina dahan anu handap, ari Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét.
Sakadang Monyét niup suling.

Trét-trot trét trot,


suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Sakadang Kuya, ulah belah dinya ngégélna, di dinya mah urut borok. Cik handapan saeutik!” ceuk
Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya ngégélna pindah ka béh handap.


“Ih, di dinya mah nyeri, apan urut raheut téa.”
Sakadang Kuya pindah deui ngégélna rada ka handap.
“Éta-éta, di dinya gé ulah, bisi teu nyaho mah belah dinya téh bagéan permatina!”
Kitu jeung kitu baé. Antukna Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét téh ditungtungna pisan.
“Tah, di dinya wé!” ceuk Sakadang Monyét bari ngajleng. Atuh puguh wé, Sakadang Kuya téh lésot
ngégélna. Sakadang Monyét tuluy nérékél kana dahan anu pangluhurna. Gék diuk di dinya. Tuluy niup
sulingna.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.
“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling uing!” ceuk Sakadang Kuya.
“Cokot ka dieu ari hayang mah!” témbal Sakadang Monyét, terus niup suling.
Sakadang Kuya ukur bisa olohok. Rék naék, teu bisa.
3. SAKADANG KUYA BOGA SULING TULANG MAUNG
SANGGEUS durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah
tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang téh dicokot, tuluy diberesihan.

“Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka
Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku Sakadang Caladi.”

Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.

“Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.

“Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!”

Tulang téh ditroktorak ku caladi.

“Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya

Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,


suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.

“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang Kuya. Ras manéhna inget ka
Sakadang Bangbara.

Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal anu keur
ngarangrangan.

“Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk Sakadang Kuya.

“Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara.

“Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.”

Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara,
suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,


suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.

“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk Sakadang Kuya.
Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.

“Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki,” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun.

“Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung mah.”

Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling téh henteu
gampang. Tapi teu burung anggeus ogé.

“Nuhun Jang.”

“Sami-sami, Ki.”

Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,


suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk Sakadang Kuya bari indit.

Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato ogé anu biasana
garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.

Anda mungkin juga menyukai