Anda di halaman 1dari 2

BANDÉRA URANG

(Mangle Alit No.801)

Ngerab-ngerab katebak angin


Beureum bodas matak waas
Dua warna pulas polos
Perlambang wangi tur suci

Teguh tangguh tur gagah


Dina perang tarung
Suka rajét batan ngejat
Kajeun lebur naruhkeun pati
Buméla ka nagara.

KAMERDIKAAN
(Apip Mustopa)

Kamerdikaan teh, jang


Jukut ngemploh sisi jalan
Nu teu weleh katincakan
Ku nu resep mabal jalan

Kamerdikaan teh, jang


Jukut ngemploh di sampalan
Dihakanan ingon aburan
Atawa diararitan
Tapi teu weleh parucukan

Kamedikaan teh, jang


Waruga aki-aki nu rangkebong
Dada ngagambang panon celong
Teu ari mikiran hutang.

GURU
(Siti wasilah)

pangabdian, pangorbanan
nu tos ibu bapak guru korbankeun
moal ka etang
moal ka bayarku saukur ucapan nuhun
moal ka ganti ku intan jeng berlian
moal leungit ku gede na ombak samudra
jasa jasa ibu bapak guru
tos nyaangkeun hate simkuring
nu poek mongkleng tanpa pangaweruh
dugika sapertos ayeuna..

Anda mungkin juga menyukai