Anda di halaman 1dari 3

1.

BUBUKA

Assalamua’laikum Wr. Wb..

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah
rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat
nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika
pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah
seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.

2. MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun


haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan. (...) katelahna,tempat
anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu
hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah
rombongan.

3. PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda
tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate
perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping
kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

4. SESERAHAN

Bismillahhirrahman nirahim.. Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka


calon panganten pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun
dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna
parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo
nyumponan tindak tanduk tata titi duduga.

Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina
saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku
ucap. Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.

Namung kedah di bejer beaskeun,kembang boled nu tetela. Para hadirin miwah para
tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku
(........................................................)

Ngahaturkeun nuhun ka

(.........................................................)

Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung


manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami
ngupingkeun. ”amin”. Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten

Hal 1
kekeling galih renghat nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan.

Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun


masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget
dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

5. PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak
calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta
tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai
babarayaan, sakotretna tina hate. Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng
bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanna.

Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna mangga
nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya
papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo
mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya
pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana
Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget
di tampi ku Ibu calon panganten istri. Nusanes namah di antaykeun wae. (Mangga
calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

6 AKAD NIKAH

Para wargi sadayana.. Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar
na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga
pakaitna tatali asih Ng (...............................................) cep
(...............................................) Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun.

Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti para wargi sadayana, Upacara akad nikah
seja dikawitan. (Mangga candak calon panganten istri ka luar). Sumangga ka pangersa
bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad Tikah
(.....................................................)

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge
pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar. Acara salajengna di
teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka pangersa
(................................................................................)

7. DO’A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina
panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang
sadaya di lajengkeun kana do’a.Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa
(....................................................................) di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah

Hal 2
sareng tata titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku
maos hamdalah

Alhamdulilah Hirobil Alamin


Usikum wanafsih bi taqualloh

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

Hal 3

Anda mungkin juga menyukai