Anda di halaman 1dari 9

HIDAYAH ALLAH

Hadirin rahimakumullah,

Tujuh belas kali sadinten sawengi satiap muslim ngadu’a ka Allah swt.sangkan manehna tetep meunang
hidayah ti Gusti Allah.Eta du’a diucapkeun unggal salat sabab kaasup bagian tina surat Al Fatihah nyaeta;

“Nun Gusti mugi Gusti nuduhkeun ka abdi sadaya kana jalan anu bener tur lempeng,nyaeta jalan
jalma-jalma anu ku Gusti parantos dipasihan kani’matan ka marantenna,sanes jalan anu dibenduan
sareng sanes jalan anu sasar.”

Naon sababna eta hidayah perlu dipenta ku urang unggal waktu,maksudna taya lian sangkan salilana
urang aya dina jalan pituduh,aya dina jalan bener,jauh tina sasar anu matak ngajauhkeun urang tina
katangtuan jeung aturan Allah swt.Malahan leuwih ti kitu urang kudu menta ka Gusti Allah sangkan
hidayah anu geus aya di urang ulah leupas deui,sakumaha du’a anu geus diajarkeun ku Allah swt.
kaummatNa dina Al Qur’an surat Alui IUmran ayat 8.

“Nun Gusti mugi Gusti ulah mengkolkeun deui hate abdi saparantos Gusti masihan pituduh ka
abdi,sareng mugi Gusti masihan rahmat ka abdi,sayaktosna Gusti anu masihan rahmat.”

Hadirin rahimakumullah,

Aya opat hidayah paparin ti Gusti Allah ka makhluk-Na;nyaeta hidayaah tabeat,hidayah hawas,hidayah
akal sareng hidayah agama.

1.Hidayah Tabeat.

Hidayah tabeat nyaeta pituduh Allah mangrupa tabeat atawa naluri atawa insting anu sifatna
otomatis,alamiah atawa fitriyah.Nalika hiji makhluk diciptakeun ku Allah geus ngabogaan tabeat masing-
masing anu dibawa ti barang gubrag lahir,Contona tabeat sasatoan anu rupa-rupa sangkan eta sato bisa
hirup jeung bisa mempertahankeun kahirupanana.Misalna wae meri barang rengse dipegarkeun
langsung manehna bisa ngojay padahal iraha diajarna.Nya kitu deui orok beureum karak gubrag lahir
geus bisaeun ceurik,padahal iraha diajar ceurik sagala.Nepi ka ku cara ceurik eta si orok bisa nepikeun
perasaanana,boh aya kanyeri,lapar,hanaang tiriseun ,kapanasan jeung sajabana.

Mangga perhatoskeun rupa-rupa cara kahirupan sato hewan ,boh cara neaangan dahareunana,,cara
nyieun sayangna,nya kitu cara ngabela dirina tina bahaya jeung sajabana eta kabeh ngarupakeun naluri
anu ngarupakeun hidayah ti Gusti Allah piken bekel ngalaksanakeun hirup jeung kahirupan.

2.Hidayah Hawas.
Hawas hartosna indera,boh indra paningal,pangdenge,pangambeu,pangrasa jeung sajabana.Kabeh
ngarupakeun hidayah karunia ti Gusti Allah sangkan makhlukna bisa nyorang anu dipikayangna.Hayang
ningali dibere panon,bisi hayang ngadenge dibere ceuli,bisi hayang ngambeu dibere irung jeung
sajabana.Ieu hidayah hawas teh sarua jeung tabeat dipasihkeun ka sagala anu ngarana makhluk hirup
boh manusa nya kitu sasatoan.

3.Hidayah Akal.

Hidayah akal ngan dipasihkeun ku Gusti Allah ka manusa.Ku akal jeung fikiraana manusa bisa
mikir,manusa ngabogaan harga diri,malah ku ayana akal ieu manusa dibedakeun ku Gusti Allah ti batan
makhluk sejenna boh ngeunaan tugas jeung kawajibannana nya kitu deui hak jeung milikna.Ku ayana
akal manusa bisa ngabedakeun mana anu bener mana anu salah ,mana anu alus mana anu goreng nya
kitu deui mana anu hak jeung mana anu bathil.Teu saeutik manusa ngalakukeun kajahatan padahal
manehna nyaho jeung ngarti yen kitu peta the salah,malah manehna sadar yen anu dipigawe the
salah.Nya kitu loba manusa anu ngaku ,anu nyaho,malah anu sadar yen salat teh alus,yen puasa teh alus
,yen zakat teh alus,tapi teu saeutik anu embung zakat,embung puasa,em.Ku sabab eta fungsi hidayah
akal ngan saukur ngarah nyaho mana bener mana salah ,mana alus mana goreng,sedengkeung pikeun
ngamalkeunana perlu ayana hidayah agama.

4.Hidayah Agama.

Ku ayana hidayah agama,fungsi hidayah akal bakal ditruskeun ,nepi ka manusa anu ku akalna ngaku jeung
ngarti kana hade gorengna perkara baris diteruskeun ku migawe kahadean atawa ngajauhan
kagorengan.Mangka ku hidayah agama manusa baris daek migawe hade jeung tara milampah
jahat.Malahan ku hidayah agama bisa ngadikeun hiji jalma muslim jadi mu’min.

Hadirin rahimakumullah,

Sadaya hidayah boh hidayah tabiat,hidayah hawas,hidayah akal jeung hidayah agama datangna ngan ti
Gusti Allah.Ku sabab eta ngan Allah nyalira anu tiasa masihan hidayah ka sing saha wae anu
dipikahoyong-Na.Sing saha anu dipasihan hidayah moal aya saurang oge anu bisa ngahalangan,moal aya
hiji kakuatan anu baris bisa nyasarkeun.Sabalikna lamun hiji jalma disasarkeun ku Gusti Allah ,moal
mungkin aya kakuatan anu bisa ngabebaskeun tina kasasaran,sabab eta jalma geus teu normal boh
hatena,akalna,malah panca indrana teu bisa berfungsi sakumaha mistina,ieu kaayaan digambarkeun ku
Gusti Allah dina al Qur’an surat al A’raf 179;

“Maranehna ngabogaan hate,tapi teu bisa ngarti ku hatena,manehna boga panon tapi teu bisaeun
ningali,manehna boga ceuli tapi teu bisaeun ngadenge,Manehna lir ibarat sato malah leuwih sasar ti
batan sato hewan.Maranehna kaasup jalma anu laley.”

Hadirin rahimakumullah tah kitu gambaran hiji jalama upama teu kenging hidayah ti Gusti Allah,kuayana
kitu urang kedah teras-terasan ngadu’a ;
Kahiji urang salilana kudu nyuhunkeun hidayah ka Gusti Allah sangkan jauh tina kasasaran,

Kadua suhunkeun ka gusti Allah sangkan hidayah anu geus aya di urang ulah leupas deui;

Katilu suhunkeun ka gusti Allah dipasihan kakiatan kamampuhan pikeun nngalaksanakeun kahadean
atawa anu haq atawa anu bener atawjeung dipasihan kakiatan kamampuhan piukeun ninggalkeun
kajahatan atawa anu salah atawa anu bathil;
IKHLAS

Hadirin rahimakumullah,

Salah sahiji bukti ayana iman nyaeta ngalakukeun amal bari didadasaran ku ikhlas karana Allah
swt.Kangjeng Nabi Muhammad saw kantos sasaurtan yen sakabeh manusa baris cilaka kajaba anu
iman,anu iman oge masih cilaka kajaba anu ngabogaan elmu,anu boga elmu oge masih keneh cilaka
kajaba daek amal,anu daek amal oge masih cilaka kajaba ani ikhlas.Jadi anu moal cilaka the nyaeta anu
iman,boga elmu tur daek amal bari ikhlas.Dawuhan Allah;

“Kajaba jalma-jalma anu tobat,nyieun kahadean,nyekel agama Allah tur ngaikhlaskeun agamana
karana Allah….”(QS.An Nisa : 146).

Hadirin rahimakumullah,

Ikhlas hartina ngalaksanakeun hiji rupa pagawean samata-mata karana Allah,tegesna karana iman ka
Anjeuna jeung karana miharep rido-Na.Mangka ibadah anu diniatan teu karana Allah atawa dikotoran ku
tujuan-tujuan sejen anusifatna dunyawi tangtu teu disebut ikhlas.Ikhlas ngarupakeun roh sakabeh
amal,mangka amalan anu teu make ikhllas hartina eta amalan teh teu aya rohna,tur moal ditarima salaku
amal hade.Dawuhan Rasulullah saw;

“Allah moal narima hiji amalan,kajaba anu ikhlas karana Allah sarta ngarepkeun karidoana-Na”

Dawuhan Allah swt;

“Jeung maranehna teu diparentah anging kudu aribadah ka Gusti nAllah kalawan pinuh ku kaikhlasan
tur condong kana agama.” (QS.Al Bayyinah : 5)

Hadirin rohimakumullah,

Ibadah anu teu ikhlas hartina eta ibadah teh dianggap euweuh,sedengkeun lalawanan tina ikhlas nyaeta

riya,sum’ah jeung nifaq.

Riya hartina nembongkeun amal pagawean hade supaya katingali ku nu sejen tur sangkan meunang
pamuji ti batur lantaran amalna.Riya teh kaasup kana syirik leutik tur baris ngaruksak amal
hade.Dawuhan Allah swt;
“Cilaka pikeun manusa anu ngalakukeun salat,nyaeta anu salatna teu khusyu,nyaeta anu salatna
haying katanggar je3ung tara daek mere bantuan.” QS.Al Ma’un : 4-7.

Aya sababaraha riya anu ku urang kudu dijauhan nyaeta;

1. Riya dina soal kapercayaan/kaimanan.


Nyaeta jalma anu nembongkeun kapercayaan anu bener sakumaha anu dicekel ku umat Islam,tapi tekad
anu aya dina batinna henteu kitu.Manehna milampah kitu lantaran ngarepkeun kahadean ti ummat
Islam.
2. Riya dina soal ibadah.

Nyaeta jalma anu nembongkeun ibadahna bari niat haying dipuji batur sangkan batur kataji tur katarik
ku kalakuanana supaya diaku muslim tulen.

3. Riya ku amalan sunat.

Nyaeta jalma anu daek migawe amalan-amalan sunnat di mana babarengan jeung nu sejen,upamana
daek dikir,daek wiridan,salat sunat jeung sajabana,tapi upama keur nyorangan eta pagawean sunat the
tara dipigawe.

4.Riya ku nyebut-nyebut amalna.

Golongan ieu biasana panasaran lamun sagala amalna henteu dicaritakeun ka baturna .Teu kaop panggih
jeung batur mimiti manehna ngomongkeun amalna sorangan.Geus sodaqoh sakitu rebu cenah,geus
puasa sunat sakitu poe,malah tahajud oge tara kaliwat cenah.Maksudna taya lian sangkan meunang
perhatian jeung pamuji ti nu diajak ngobrolna.

5.Riya ku kaayaan jeung sikep.

Ningali rengkuhna mah jiga anu nyantri,pakeanana sederhana pisan malaqh deukeut-deukeut kana
nasauf.Handap asor,tawadu jeung hormat tpi hanjakal niatna beda jeung kaayaan dirina.

Hadirin rahimakumullah,

Aya hiji deui lalawanan tina lkhlas teh nyaeta sum’ah .Lamun riyaama hayang katingali ku batur,mangka
sum’ah mah haying kadenge ku batur yen manehna ahli amal.

Sedengkeun ari nifak mak milampah amal ngan ukur lahiriyahna wungkul teu dibarengan ku kapercayaan
ka Gusti Allah ,hatena mah teu ngabenerkeun kana amalna sorangan sabab teu ayana iman ka Allah.Tah
ieuma gagawean jalma munafek.

Pamungkas,hayu urang sami-sami ngadua ka Allah swt,Mugia Allah netepkeun hate abdi sadaya sangkan
tiasa ngalaksanakeun sagala amal parentah Gusti Allah.Sareng mugia Gusti nebihkeun abdi sadaya tina
amal anu riya,tina amal anu sum’ah sareng tina amal anu nifaq sangkan abdi sadaya henteu kalebet jalmi
anu cilaka.
MIARA AGAMA

Hadirin ssidang Jumaah rahimakumullah,

Aturan Agama Islam anu kaugel dina Alquran anu dilungsurkeun ku Gusti Allah utamana pikeun
ngabongkar jeung ngarobah adat jeung laku goring anu baris ngaruksak jasmani jeung rohani,pikeun
ngancurkeun kabiasaan jahat,anu baris ngarendahkeun darajat manusa anu geus dimulyakeun ku Allah
swt.Dina Alquran baris kapendak ayana ayat-ayat anu nitah milampah hiji perkara bari dijelaskeun
mangfaatna,sarta ayana ayat-ayat anu ngalarang milampah hiji perkara bari dijelaskeunmadaratna tina
eta perkara upama dipilampah,upama wae Alqurqn ngalarang judi,zinai,nginum arak,nyolong,nipu jeung
sajabana bari diterangkeun naon madaratna.Upama Al;lqurqn marentahkeun salat,zakat,puasa atawa
munggah haji sok dibarengan ku nerangkeun rupa-rupa hikmah jeung mangfaatna.

Ajaran Agama Islam anu sakitu sampurnana,tangtu ngabutuhkeun pamaliharaan ti


ummatna,ngabutuhkeun pangraksa jeung pangjaga sangkan ajaranana tetep diamalkeun ku ummat
manusa boh nu hirup kiwari nya kitu deui turunanana anu bakal dating.Allah swt mesenkeun ka maniusa
sangkan ieu agama tetep dipiara sahade-hadena malah ulah waka maot anging aya dina
kaislamam.Dawuhan Allah swt;

“Jeung geus wasiat Ibrahim jeung Ya’kub ka anakna ,he anaking saenyaana Allah geus milih agama
pikeun aranjeun,mangka ulah maraot aranjeun anging aya dina kaislaman.” QS.Al Baqarah : 132.

Hadirin Rahimakumullah,

Allah wasiat ka nabi-nabi sanesna sangkan miara ieu agama sakumaha kaugel dina Al Quran Surat Asy
Syuraa ayat 13;

“ parantos nyareatkeun agama pikeun aranjeunsakumaha anu diwasiatkeun ka Nuh,jeung anu ku


Kami diwahyukeun ka anjeun (Muhammad),jeung sakumaha anuu geus diwasiatkeun ka
Brahim,Musa,Isa nyaeta sangkan aranjeun nanjeurkeeun agama jeung ulah pasalingsinggan dina
agama,beurat pikeun jalma-jalma musyrik naon-naon nu ku anjeun diserukeun .Allah baris milih saha
wae anu diupikahoyong tur baris mere pituduh ka wswingf saha anu baralik ka Anjeunna.”

Ku penting-pentingna miara agama,Allah swt baris mere balesan ku mangrupa siksaan pikeubb jalma anu
murtad tegesna anu kaluar tina agama Islam,balesan dunya jeung balesan akherat sahingga moal aya
tapakna sagala kahadean anu pernah dipgawe ku manehna lantaran kaluar tina Islaam,sedengkeun di
akheratna baris meunang siksa anu kacida peurihna bari langgeng salalawasna.Dawuhan Alllah;
“Sing saha anu murtad tina agama tuluy maot dina kaayaan kufur mangka baris leungit sagala
amalna di dunya jeung di akherat,jeung maranehna kaasup pangeusi naraka tur langgeng di dinya.”
QS.Al Baqarah :217.

Sawangsulna Allah swt masihan peunteun jeung pujian ka sing saha anu asup Islam sarta baris dihampura
sagala kasalahanana malah sagala kagorenganana anu pernah dipigaweana baris robah jadi
kahadean.Dawuah Allah;

“He jalma-jalma anu airman Sing saha anu murtad tina agamana (Islam),mangka Allah baris ngaganti
ku hiji kaum anu dipikacinta ku Anjeuna,jeung maranehna micinta ka Allah,Maranehna handap assor
ka sasama muslim,gagh dihareupeun jalma kafir,maran3ehna baris berjoang di jalan Allah bari teu
sieun ku pamoyok jalma.Tah nu kitu kurnia ti Allah anu dipasihkeunka saha wae anu dipikahoyong-
Na.Allah kacida lega kuruniana tir Maha Uninga.”S.Al Maidah : 54.

Hadirin Rahimakumullah,

Dina aturan-aturan Islam urang baris panggih jeung katrangananu ngawajibkeun ka ummat Islam pikeun
miara ieu agama kalawan sahade-hadena.Pikeunsatiap muslim di mana wae manehna aya,organisasi
naon wae anu dicicingan ku manehna,profesi naon wae anu dicekelna,jeung jaadudukan naon wae anu
dipibogana,manehna ngabogaan kawajiban pikeun ngabela Isalam tinq sagala gangguan ku cara jeung
kamampuhan masing-masing.

Anapon cara dina ngabela agama luyu jeung kamapuhan masing-masing wajib;Kahiji pikeun diajarna
,Kadua ngayakinkeunana,Katilu ngamalkeunana,Kaopat ngajarkeunana, Kalima ngabelana .

Miara agama ulah ngan wungkul dipasrahkeun ka Kiai,Ajengan,Ustadz,atawa Imam jeung khoti,sakabeh
nu ngaran muslim ,satiap anu ngaku ngagem agama Islam pada ngabogaan kawajiban pikeun miara ieu
agama kalawan sahade-hadena nurutkeun kamampuhaan masing-masing.
NGANAFKAHKEUN HARTA FII SABILILLAH

Ma’syiral muslimin rahimakumullah,

Sagala anu napel dina diri jeung anugrah naon bae anu ku urang kapimilik hakekatnamah milik
Allah.Kusqabab eta,sakuduna urang sadar yen umur,tanaga,pamikiran harta banda bahkan jiwa raga eta
kabeh kudu dimanfaatkeun ,didayagunakeun pikeun babakti/ibadah ka Allah swt.

Allqah swt.masihan gambaran ngeunaqn lipagat gandana ganjaran pikeun jelema anu ngainfaqkkeun
harta bandana di jalan Allah,sqakumaha anu dijelaskeun dina QS.Albaqarah ayat 261;

“Misil jalma-jalma anu ngadermakeun harta bandana dina jalan Allah the lir ibarat binih sasiki anu
ngabijilkeun tujuh ranggeuy,tina saban ranggeuy aya saratus siki.Allah maparin ganjaran anu manglipet-
lipet ka sing saha anu dike3rsakeun ku Zanjeuna.Jeung Allah maha jembar (karunia),tur Maha uninga.

Anda mungkin juga menyukai