Anda di halaman 1dari 4

Aceng ku khasiat jamuna, ternyata tiasa ngaluluhkeun hate abah jeung aceng,

dongkaplah aceng jeung pengawal satiana, di bumi abah.

Abah: pak bupati?

Aceng: Assalamualaikum abah kumaha damang?

Abah: Alhamdulillah, mangga ambu tepangkeun ieu pak aceng!

Aceng: wah iteung nambih geulis wae euy!

Abah: aya naon kadieu?

Aceng: abdi aya maksad bade nikah sareng iteung, abdi bade ngajak iteung ka garut.

Abah: aduuuh?! Kumaha ambu?

Ambu: teulangkung abah wae!

Abah: tapi aya catatan, ntong tilu dinten nya pak bupati? Sapertos si fani. Iteung kersa
nya??

Iteung: abdi alim di tikah ku pa aceng!

Abah: masalah kabayan wios ku abah wae nu ngurusan, nya pa bupati?

Aceng: muhun, nikah sareng kabayan mah bade dipasihan tuang naon? Tuang huut?

Abah: muhun atuh, abah ngiring sareng pak bupati, hoyong terang kota garut jiga
kumaha?

Aceng: ngke abah sareng iteung bade diajak jalan-jalan diditu, pokokna rame diditu
mah!

Abah: nya iteung

Iteung: aduuuuh….kumahanya sareng,,,,

Aceng: ntooooss tong tapi-tapian wae, ayeuna tos bade jam lima yeuh

Abah: nya tos, abah bade siap-siap heula nya!

Aceng: manga abah

Abah: ambu , abah angkat heula nya

Ambu: oh, muhun hati-hati dijalan abah, iteung!

Trus aranjeuna arangkat………………………


Ibu aceng: nya ieu buktina abdi awet sareng bapak

Kabayan: eh…pak bupati kunaon sih ngaganggu wae awewe abdi

Aceng:naon maneh kabayan?

Kabayan: kunaon ganggu awewe abdi? Ieu kan kabogoh abdi.

Kabayan: ah si ibu mah,tos di lecehkeun oge teu ngaraos

Ibu Aceng: nya sawios kabayan, suami abdi nikah deui oge

Kabayan: euuuh, si ibu mah teu isin kitu bade nambah istri deui?

Ibu aceng: sawios

Aceng: tuh dangukeun…..makana maneh tos cicing ulah sok tahu! Desel!diki!

Desel dan Diki: siap pak!

Aceng: kaluarkeun anak kampong ieu!

Pengawal aceng ngamankeun kabayan

Aceng: iteung, aduh jadi kabur euy…hayu urang mulang bu!

Ibu aceng: hayu

ADEGAN 4 (di bumi ki rumdun)

Kabayan oge dongkap ka ki Rumdun

Kabayan: punten

Ki Rumdun: Saha eta?

Kabayan: abdi kang kabayan

Ki Rumdun: (Batuk)

Kabayan: Duh bau

Ki rumdun: angin naon nu mawa maneh kadieu hah?

Kabayan: angina hitut bah

Ki Rumdun: Ah heureuy wae maneh the, aya naon?


Kabayan: Abdi nuju Cilaka, abdi nyaah pisan ka nyi iteung, tapi si abahna teu
nyatujuan sareng abdi
Ki Rumud: nyuhunkeun tolong mah ulah ka aki, tapi ka gusti Allah
Kabayan: nya abdi teh peryogi pitulung nu tiasa ngatur sadayana
Ki Rumud: kela mikir heula!
Kabayan: geuwat atuh aki!
Ki Rumud: oh nya, sakeudeung kadieu!
Salajeungna Ki Rumud ngaharewos hiji hal ka cepilna kabayan
Kabayan: ha…ha…
Ki Rumud: Naon geura?
Kabayan: teuteurang ki! Teu jelas
Ki Rumud: kadieu sakali deui
Salajeungna Ki Rumud ngaharewos deui hiji hal kanu cepilna kabayan
Kabayan: dasar aki-aki peot, toslah abdi bade indit wae
Ki Rumud: eit keheula, fulus-fulus, duit, fulus?
Kabayan: aki kan teu masihan nanaon ka abdi?
Ki Rumud: Fulus?
Kabayan: Ah, nih! Abdi indit heula ki!
Ki Rumdun: Thank you very much man
Salajaeungna kabayan pendak sareng bos burhan di salah sahiji tempat.
Burhan: naah, kaleresan, dipilarian ti kamari ayana mah didieu. Embe abdi tos careking
atuh da anjeun mah teu di pasihan makan, anjeun hoyong neruskeun damel heunteu
sih?
Kabayan: Bos Burhan, abdi liren heula ah
Burhan: waduh…..jadi anjeun bade kaluar ti pasantren, kunaon sih?
Kabayan: abdi nuju aya masalah jeung nyi iteung, eta abahna teu nyatujuan
Burhan: tos atuh, abdi bade masihan terang supados si abah na nyatujuan

Anda mungkin juga menyukai