Anda di halaman 1dari 1

BMKG Nyabut Mepeling Tsunami di

Pangandaran
BMKG nyatakeun mepeling munggaran kana ancaman tsunami, anu
sateuacana musibah alam lini anu ageungna 6,9 SR anu lumangsung di
Jawa Barat dina dinten Juma’ah, 15 Desember 2017. Kalawan kitu, potensi
lumangsungna tsunami atos kaliwatan.
Dicabutna mepeling tsunami eta, ditepikeun BMKG dina tabuh 02.28 WIB.
Wargi anu kawitna diperingatkeun kanggo ngajauhan ti sisi pantai ayena
tiasa balik dei.
Samemehna, aya sajumlah lini susulan nu lumangsung di
pangandaran, jawa barat dina kakutan 2,9 SR dugi 3,3 SR nanging, kalawan
skala lini anu beuki ngaleutikan. Kaayaan permukaan laut di Basisir
Pangandaran oge balik normal sanggeus sempet turun saprak rengse
lumangsungna lini.
Kapala Desa Pangandaran, Kabupaten Pangandaran, Jawa barat, Iwan
Herdiawan marentahkeun Sajumlah wargina kedah ngungsi ka tempat anu
langkung aman hela, ngungsi ka daratan luhur anu salah sahijina ka
wewengkon Purbahayu.
“Balarea urang himbau supados tetep waspada sarta maranehanana
atos ngungsi ka wewengkon Purbahayu, eta wewengkon arahna teh ka
gunung,” sanggem Iwan Herdiawan, dina dinten Juma’ah wengi.
Iwan nuturkeun guncangan lini ayeuna tebih langkung ageung lamun
dibandingkeun sareng lini dina taun 2006 di Kabupaten Pangandaran. ”
Wanci eta kakuatan lini na henteu sagede anu ayeuna” saur anjeunna.
Nurutkeun anjeunna, dugi ayeuna pihakna terus nenangkeun wargi
ngahimbau supados tetep waspada. “Sacara teori, kajadian tsunami eta
jarak intervalna sanggeus 10 menit ti saentos kajadian lini. Nanging ayena
jarak interval ieu atos kaliwatan.” saur anjeunna.

Anda mungkin juga menyukai