Sastra nyaeta tulisan nu jadi basa, Jendra asal kecapna tina Jaya jeung Indra anu hartina pada
jayanya atawa tandingan (sarua kuatna). Rahayu nyaeta salamet. Ningrat hartina sadunya.
Sastra Jendra nyaeta elmu ngeunaan kasampurnaan hirup. Ieu elmu teh jadi pependeman
karuhun sunda baheula. Ngan hanjakal nepi ka kiwari, ieu elmu sasat pareumeun obor, euweuh
deui nonoman anu nyuprih ngeunaan ieu pangarti. Ai hakekat tina elmu Sastra Jendra teh
ngaguar kumaha manusa hirup. Sabab manusa teu cicing dina hiji pamadegan. Sok kaancikan ku
owah gingsir, anu nyatana samenit ganti, sajam robah, najan jangji sore tara kapake isuk.
Manusa mahluk sampurma anu dipaparinan akal, budi pamilih, rasa jeung perasaan. Temahna
manusa disebut hirup eling dibedakeun jeung mahluk sejenna. Aya ungkara “urang teh kudu
miindung ka waktu, mibapa ka jaman.”, tapi loba nu sasar lantaran ku eta ungkara anu antukna
manusa hirup kabawa ku nu sakaba – kaba.
XII MIPA 1
1
NASKAH TEKS DRAMA SUNDA
NO WASTA LAKON
1 Iqbal Ramdhani Ki Sabda Palon / Semar
2 Andri Permana Sukma Pawitra
3 Fauzan Badruzzaman Sastra Jingga
4 Krisna Kurniawan Munizat Udel
5 Muhammad Farhan Imanudin Ki Padmanaba
6 Nada Dhiya Ulhaq Sekarwangi
7 Trisi Nurapifah Pujawati
8 Arief Hidayatullah Baharsyah Bah Asta
9 Efata Gloria Erawati
10 Muhammad Aqbil Yusmanfatiha R Soma
11 Muhammad Hasan Mustofa Sekar Pandan
12 Alfan Thawaf Pujastata
13 Ichsan Khairullah Chandra Birawa
14 Noviyanti Pujastuti
15 Tifa Maulidawati Awaliyah Dewi Mayang Arum
16 Adi Putra Bhayangkara Prabu Purbawisesa
17 Randi Rizaldi Amar Sakti
18 Imam Aulia Mutaqin Aki Balangantrang
19 Adelia Dewi Atira Nini Balangantrang
20 Dini Rahma Diyanti ( Emban 1 )
21 Rina Juwita ( Emban 2 )
22 Salsa Fira Lestari ( Emban 3 )
23 Ahda Fadhilah, Andhina Dwi, Anissa Kakawihan
Rizky, Dwi Sekarwangi, Fenny Putriyani,
Fitri Naida, Hartati R Pasya
24 Michele Gloria, Dannysa Agustina, Triana Juru Kawih
Puteri, Fitri Susanti, Iis Suryani, Izma A,
Muhamad Taufik, Muhammad Al – Fath,
Fadlan Yusuf.
25 Alvin Fajar, Adila Fauziah, Hartati R Pasya Sajak
Bismillahirrahmaanirrahiim
2
Bubuka:
“Nyalindung abdi ka gusti tina pirang pirang godaan syetan nu dilaknat, kalayan asmana Allah nu
kagungan sifat murah sifat asih. Maksad medar wiracarita anu jadi perlambang hirup manusa nu gelar di
marcapada, anu dipipindingan ku silib sindir dihalangan ku siloka sasmita. Kalayan dirimbunan ku
gunung simbul, guareun urang anu aya patula patalina sareng kawajiban manusa hirup. Wireh manusa
diwajibkeun tasyakur, tafakur, sareng tadakur. Margi lalampahan ieu carita teh nyaritakeun salah jeung
bener, adil jeung murka.”
“Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay riwayat anu baheula. Kacarios di desa kedal gorowong, di hiji
pakampungan, kampung nyingkur sisi gunung. Hejo lemok dangdaunan, rajegna tutuwuhan, cur cor cai
nu harerang. Marga satwa disarada, manuk gede, manuk leutik pasuliwer. Tawis nagara subur makmur
gemah ripah loh jinawi aman Sentosa kerta raharja. Sepi paling towong rampog nu digawe simpe hate,
kaum buruh hanteu ripuh, para karyawan sami sarenang. Watek wantos kasepuhan adiluhung pramarta.
Ai kasepuhan ti ieu pakampungan parantos pinuh ku elmu pangaweruh, jembar ku panalar, sugih ku
pangarti. Kalayan tamat tina didikan jasmani lan rohani, Kakasih Ki Sabda Palon, manusa trusing madu
trahing kusumah titising andana wireh trahing dewa kamanusan. Ngandika kedal lisan
pengandikanepun..
Properti :
Ki Sabda Palon: “Hahahaha. Kanca, kanca, kanca. Cunduk kana waktu, anggang kana mangsa. Hirup, nu
hirup, kahirupan. Da urang teh geuning lain penduduk ieu desa, da urang teh asalna mah ti aherat. Tetep
we bakal mulang ka asal, cirina naon? Ieu wujud ditungtut ku waktu, raga diala ku mangsa, diri diciwitan
wanci. Tapi bagja kaula hirup, sabab boga hiji turunan deuleu, anu bakal jadi panerus kaula dimana jaga
kaula mulih ka jati mulang ka asal, aya kubagja… teu karasa ti kikirik nepika sagede anjing. Geus
meujeuhna manehna apal ngeunaan hirup, cikan urang calukan.”
3
Sastra Jingga: “Ah cape maenya dewek wae nu digawekeun, njor maneh kaditu calukan.”
Ki Sabda Palon: “Naa ari maneh, Yeuh deuleu ngaran ngaran jeung dulur, mun jauh silih tepungan,
anggang silih teang, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, poek silih caangan, labuh silih hudangkeun.“
( keluar panggung )
Properti : tatangkalan
Sukma: “Ridho gusti tumerapna ka manusa lamun eta manusa geus menang ridho ti Indung jeung
Bapana. Ema… Abah… hampura.”
Sukma: “Bagja keur anjeun manuk, anjeun mah dibarengan ku indung, dijaga, diriksa, tug nepi ka
hiberna. Na ari kaula, Ema… Abah… Na putra teh putra haram? Boa boa putra teh putra haram nepi ka
tega kaula dipalidkeun di talaga arum. Nepi ka cicing, dirorok ku batur tug putra dewasa. Ema.. Abah,
nya kumaha rupa salira, kaula hoyong tepang.”
Torojol Udel…
4
Sukma: “Hayu mang, bral geura lumampah.”
“Keun urang teundeun dihaneleum, cag urang simpen di hanjuang geusan samper deui. Teu kacatur lami
di jalanna, ka carios di hiji puseur dayeuh kadipaten Ekacakra. Anu harita keur ditarajang ku rupa rupa
kasakit, wabah mengi, borok, jeung sajabana. Salian ti eta masarakat awut awutan ku ayana raja di eta
nagara malaweung dina ngemban pancen mingpin nagri, ngolah nagara. Singhoreng eta teh ku lantaran
bingung anu teu manggih tungtung susah manah nu teu aya sudana, ai raja teh bingung ku lantaran
seueurna nu ngalamar ka Dewi Mayang Arum, nyatana Putri Kadipaten Ekacakra. Ngandika kedal lisan…”
Kawih Sabilulungan
Raja Purbawisesa: “Patih kaula Amar Sakti, yap rayi ka hareup diukna satatar ejeung akang. Supaya ulah
pahaok-haok akang nyarita.”
Amar Sakti: “Nun, Puputon Kembang Kadaton, sembaheun abdi abdi saeusi nagri. Nampi rebu nuhun
laksaketikabingahan kana sadaya pembage ti salira, oge nyanggakeun sembah kapihatur ti kaula.”
Amar Sakti: “Kadua perkawis, hapunteun bilih kirang tata titi duduga peryoga cologok. Neda jembar
hapunteun anu disuhun.”
Raja Purbawisesa: “Oh kieu.. saperkara kaula sono, kadua perkara. Langsung bae kana intina yi, akang
ayeuna teh bingung teu manggih tungtung susah manah taya sudana. Cikan akang dek menta
kamandang ti rayi kumaha.”
Raja Purbawisesa: “Eh.. naha rayi patih akang teu apal kitu, sidik apan ayeuna akang boga remaja putri.
Dewi Mayang Arum.”
Amar Sakti: “Hmm.. tangtos we asa cikeneh kaula ngakod ngakod teh gusti prabu”
5
Raja Purbawisesa: “Anak akang ayeuna teh loba nu ngarebutkeun, hee loba anu pada nyanggakeun
sabda panglamar. Aya kana sarebu raja mah, akang bingung kudu milih numana. Mun milih nu A, tangtu
raja sejenna bendu. Paur yii, ngke nyerang ngarugikeun nagara jeung bangsa. Cikan akang menta
kamandang ti maneh yii.”
Amar Sakti: “Bobot pangayun timbang taraju, abot enteng aya di salira gusti prabu. Saluhur luhurna
taktak moal ngaluhuran sirah, mangga nyanggakeun kaula mah sanes ahlina gusti prabu, bilih lepat.
Sabab dina katerangan disebatkeun yen mun urang nitah teh kudu ka ahlina, lamun teu ka ahlina tunggu
karusakanana.”
Raja Purbawisesa: “Hee teu bisa kitu rayi, pokokna akang ngajalankeun nagara demokrasi. Sok geura
pedar bejer beaskeun kumaha kamandang ti maneh?”
Amar Sakti: “Saee, tapi hapunteun sanes bade mapatahan ngojay ka meri, atanapi nitah nerekel ka
monyet. Mung ieu mah sakedik kamandang ti kaula.”
Amar Sakti: “Kumaha saupami diayakeun bae sayembara pikeun saha bae nu tiasa ngelehkeun kasaktian
kaula salaku patih kadipaten ekacakra, bakal meunang hadiah putri nyatana Dewi Mayang Arum.”
Raja Purbawisesa: “Bener maneh Amar Sakti, bener pisan. Sok geura umumkeun, geura umumkeun ka
kabeh balarea supaya miluan ieu sayembara.”
Raja Purbawisesa: “Ulah diisuk pagetokeun, jung ayeuna geura lumaku bral geura lumampah.”
“Saur nira tan andana panjang sinenggih, walabakti dening asih. Wong asih… aja katara.. Asa bucat bisul,
leureus eta ungkara teh cocok pisan jeung kaayaan Raja Ekacakra poe eta. Kabungah jeung kabagjaan
harita teu bisa dicaritakeun ku carita sanajan sakumaha endahna basa. Pok we eta sayembara teh
dipedar ka masarakat kadipaten ekacakra. Tapi, ngaran ngaran manusa hirup eling. Sakapeung
kasemahan ku sadar, sakapeung sok kawengku ku nafsu. Rupa rupa oge sikep dina mayunan sayembara
ti raja.“
6
Fitri: “Kela nuju dangdos..”
Hartati: “Ahdaaa….”
Semua : “Naha?”
Fenny : “Musikkk”
Nini: “Gandeng…… keur mah nyeri huntu ieu teh kalahkah gandeng siah wewelek, kabur siah.” ( musik
eureun )
Nini: “Ish, nyariosna make sunda aki. Apan urang teh keur tampil pagelaran sunda.”
Aki: “Alah iya, hapunteun atuh nini ini teh aki lagi baluweung.”
Nini: “Bae ah, geus peot kitu boga naon? Dua ronde ge geus eureun.”
Aki: “Ish, itu bahasanya jangan cawokah. Sebab banyak anak anak yang lagi melajo. Coba sekarang mah
kita sisindiran.”
Aki: “Sok nii, geus kolot kieu mah naon deui atuh hirup teh iwal ti kudu suka seuri.”
Nini: “Eh aki… ceuk ki dalang ge ulah rek suka seuri lamun can panggih jati diri.”
7
Aki: “Apan urang mah geus kolot ni, mikiran naon deui. Mun dina poe tea mah geus sareupna urang
teh.”
Nini: “Eh.. tapi lamun dina nyiar elmu mah tetep weh. Tiada hari tanpa belajar, tiada hari tanpa inovasi.
Sabab di zaman milenial kieu ge urang salaku jalma anu lain dina jamanna kudu bisa miindung ka waktu,
mibapa ka zaman.”
Aki: “Bener nii.. kudu bisa apresiasi jeung adaptasi. Ngandung harti lolondokan mun ceuk urang sunda
tea mah.”
Nini: “Enya sok ayeuna mah urang sisindiran, deuk nini heula atawa aki heula?”
Asup Emban 1
Emban 1: “Hey…… hey…… hey….. hey….. nu jauh geura ngadeukeut, nu deukeut geura ngadeheus… “
Emban 1: “Kanca.. kanca… kanca… jadi sim kuring salaku salah sahiji patugas karajaan dibere pancen
pikeun nepikeun ieu iber ka masarakat kadipaten ekacakra.”
(pada ngaharewos)
Emban 1: “Kahatur, sadaya masarakat kadipaten ekacakra. Raja Prabu Purbawisesa ngondang ka
sakumna pamuda, lalaki langit lalanang jagat. Anu mibogaan elmu pangaweruh, jampe pamake. Anu
sakti mandraguna pikeun daftar nyatana dina acara sayembara putri kadipaten Ekacakra nyaeta Dewi
Mayang Arum. Sayembarana cing saha bae anu tiasa ngelehkeun kasaktian patih kadipaten Ekacakra,
nyaeta Amar Sakti bakal diganjar ku Dewi Mayang Arum, lan diistrenan jadi raja gegentos Prabu
Purbawisesa. Ieu sayembara dibuka pikeun umum. ”
8
Aki: “Wah, aya kesempatan jang nyandung yeuh.”
Hartati: “Ceuk maneh, naha si Mayang Arum teh geulis teu sih?”
Fenny: “Geulis pan awewe, cenah mah anu ngalamarna ge nepi rebuan raja.”
Ahda: “Keur teu paruguh wii, aya sayembara kitu sok sieun weh si Kang Asep pujaan hate teh katarik ku
Mayang Arum.”
Fitri: “Eum.. timburuan caritana mah. Hayu ah urang nongton sayembara, sugan we aya nu kasep.”
Hartati: “Heeh bener, tapi urang mandi heula yu ah di talaga arum. Supaya kaditu teh teu kuleuheu ciga
kieu.”
SAJAK “MANUSA“
Latar : Hutan
Property : Pohon – pohon dan tanaman
Musik : Gending Karasemen “ Geber – geber hihid aing.”
Pujastuti: “Yi.. tulungan.. yi tulungan aya anu gagarayaman kana suku jeung ngegelan!”
Pujastuti: “Yii tulungan.. yii tulungan aya anu gagarayaman, kana witis jeung nyocoan.”
9
Pujastuti: “Rayi, pujastata…. Aceuk cape, kadieu heula urang leleson. Urang ngararasakeun hiliwirna ibog
leuweung.”
Pujastata: “Duh, naa boga lanceuk. Kahayangna milu wae pujastuti aiteun nya kitu ngadon nyapekeun
kanu jadi adi.”
Pujastuti: “Ah meni kitu kitu teuing ka lanceuk teh, da lain anjeun wae anu hayang mibogaan
papacangan teh. Sugann, sugan aceuk nimu diditu jodo.”
Pujastata: “Muhun, hayu aceuk bisi kaburu hujan. Urang lajengkeun lumampah.”
Pujastuti: “Naa pujastata kabina bina teuing ai ku cinta mah aceuk bade ditinggalkeun. Aduh..”
( Keluar panggung )
Ki Sabda Palon: “Kadieu sastrajingga, naha si Udel nyusulan teh kamana. Kaula nepi nyeri beheung
sosongeteun.”
Udel: “Sampurasun…”
Ki Sabda Palon: “Tuh geuningan.. enggeus datang.. eunggeus datang anak kuring, eta geus datang anak
kuriiiiing iiiiing.”
10
Ki Sabda Palon: “Heug heug diuk ka tukang udel.”
Ki Sabda Palon: “Kieu anaking jimat awaking, Sukma Pawitra. Kula jangji rek mere nyaho hidep anu salila
ieu ku anjeun ditanyakeun ngeunaan kolot anjeun. Sabenerna memang indung jeung bapa hidep teh
geus balik deui ka alam nirwana, alam asal poe panjang nagara tunjung sampurna, alam anu teu
kaselang selang.”
Ki Sabda Palon: “Tapi perendene kitu, genteng genteng ulah potong, hapa ge ranggeuyan.”
Ki Sabda Palon: “Peun papait anu kamari, tunggara anu mangkukna, da takdir gusti teu bisa dipungkir,
kadaar teu bisa disinglar. Kitu oge papasten ti pangeran anu murbeng alam, ayeuna anjeun ulah aral
kana kadar pangeran. Tarimakeun cu, ieu teh dunya deuleu, alam sabab ku sabab.“
Sukma: “Nu jadi kabingung putra teh ama nyatana mendak katerangan ngeunaan dimana mun urang teu
meunang ridho ti indung jeung bapa, tangtu moal meunang pangampura gusti, rumaos ama putra jalmi
doraka. Eta anu salami ieu nyangsaya dina dada, anu jadi bangbaluh dina qalbu. Kedah kamana, sareng
kumaha ngubaran eta hate amaa.. da hate mah hate dipangpalerkeun ge hese.”
Sastra Jingga: “Tuh deuleu, urang kudu sumujud kanu jadi indung. Muja kanu jadi bapa, ulah ulah jadi
jalma doraka.”
Sastra Jingga: “Ihh na ai sia mah, meuni teu dimana dimana ngagogoreng weh ka aing teh.”
Ki Sabda Palon: “Kieu cu kasep, deudeuh teuing puputon kembang kadaton anu dipikareueus ku ama.
Ayeuna mah teu aya jalan lain pikeun ngubaran bangbaluh dina qalbu, lian ti hidep kudu apal ka diri
hidep.”
Ki Sabda Palon: “Nyatana, ceuk kecap kolot baheula ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang.
Nu caket geura raketan nu deukeut geura deuheusan, moal jauh tina wujud. Moal anggang tina awak,
aya saha jeung aya naon dina diri urang, geura prak geura panggihan cirina satangtung diri. Man arafa
nafsa.”
Sukma: “Lajeung, ai maksadna neangna kudu bari cicing, inditna ulah ngalengkah kumaha ama?”
11
Sastra Jingga: “Eta teh sindir gan, hartina urang teh kudu mepeg bayu rep sidakep sinekutunggal mateni
babahan catur triya?”
Udel: “Catur?”
Udel: “Triya?”
Udel: “Leureus, tapi hakekatna mah eta teh urang diwajibkeun duit.”
Sastra Jingga: “Naon jol jol kana duit meuni teu nyambung.”
Udel: “Eh, langlayangan oge nu pegat nu rame teh. Jadi duit teh asalna tina Du’a, Usaha, Ikhtiar, jeung
Tawakal.”
Ki Sabda Palon: “Jug ayeuna mah geura lumaku, bral geura miang. Jugjug ka patapaan gunung sastra
harja. Beh kulonna ieu wewengkon urang. Ku hidep tepangan pandita Padmanaba. Pok tanyakeun
ngeunaan elmu kasampurnaan hirup, elmu kamanusan”
Ki Sabda Palon: “Dina itungan mah ayeuna pisan cag poe nu hade.”
Sukma: “Nyungkeun pidu’ana ama, putra bade lumampah ngajugjug patapaan gunung sastra harja.”
Ki Sabda Palon: “Brall kasep, hiji deui. Inditna hidep ulah dibarengan ku ujub riya takabur, lumampahna
ulah dibarengan barijeung ku dendam. Mun dendam nu nyeretkeun, mun nafsu nu ngajurungkeun.
Maka rusak anjeun.”
Ki Sabda Palon: “Dunya ieu teh kanca.. romantika kahirupan deuleu. Mun urang manggih kabungahan,
tangtu bakal suka seuri. Beh dituna urang teh cape seuri, mun urang manggih kasusah sok aya wae rasa
Kasedih. Kitu oge tangtu urang bakal cape sedih. Ning hirup di dunya ieu teh kanca”
12
“Gedong duwur kari samun, pagulingan... sepi tentrem, pepetetan samia murag. Balimbing… lan jeruk
manis… Sukma Pawitra, hartosnipun Sukma teh bathin, jiwa, ruh. Pawitra hartosna suci, bersihkeun
hate, bersihkeun jiwa hirup urang di dunya. Ulah nepi ka ngancik sirik, pidik, jail, kaniaya. Sabab
kawajiban manusa silih asah, silih asih, jeung silih asuh. Kitu oge dina nyuprih pangarti, nyiar elmu. Kudu
dibarengan ku hate anu bersih, clik putih clak herang. Singkahan eta amarah anu nyangsaya dina dada!
Gentur ingkang tinutur catur, gentra ingkang dados cinarita. Geulis kang kapiwarti enggal anu kacarios,
ngawios sakeun kawantenan Alas Sampurna Loka, ai ieu alas teh kareh kabandasabon ka kadipaten
Ekacakra. Anu dina danget ieu, aya hiji wanoja anu hirupna ngan saukur duaan jeung tuang ibuna. Ari
harita teh manehna keur nandangan kasusah. Nete semplek nincak semplak. Ngandika..”
Sekarwangi: “Sembah kapihatur ema, aya pikersaeun naon ieu teh? Nyaur putra tina waktos janari kieu.
Kalayan hapunteun bilih kirang tata titi duduga peryoga, hapunteun tina sagala kalepatan ema.”
Pujawati: “Kolot naon ngaranna anu teu ngahampura kanu jadi anak, Oh kieu bageur. Pangna hidep
diangkir linggih, saperkara ema teh sono ka hidep. Kadua perkara aya picarioseun ema teh anu
dilantarankeun ku majuna umur hidep nu geus remaja putri.”
Sekarwangi: “Leureus, janteun kumaha? Upami nyarioskeun ngeunaan kula kudu ditikah ku Soma
putrana si Asta mah ampun paralun, moal kersa kula mah ema.”
Pujawati: “Geulis bageur, tapi hampura ema. Cindekna ieu diri ema geus kolot, maot teu nyaho di
mangsa boa isuk, boa pageto. Ema teh hayang geura geura boga incu.”
Sekarwangi: “Ema, neda ampun nya paralun. Jembar hampura anu diteda, sanes bade doraka kana titah
kanu jadi indung, khianat kanu janteun ema. Tapi kula teu kersa ema, lamun ditikah ku Soma.”
Pujawati: “Aduh.. nyai cing nyaah ka Ema atuh nyai, pan hidep terang Bah Asta ngancam mateni ka
hidep jeung ka ema.”
Sekarwangi: “Keur putra, kajeun ancur di medan tempur. Perlaya di medan danalaga. Adukeun aing
jeung si Asta.”
Sekarwangi: “Ema… teu nyeri hate kumaha putra? Cikeneh 7 taun anu kalangkung , na mangsa kanjeung
rama nuju bubujeung disarengan ku putra. Jelas pisan si Asta mentangkeun panah, pas pisan
ngagelenceng mastaka kanjeng rama. Naha ema teu nyaah ka kanjeng rama?”
13
“Pujawati melong kosong poe harita, ngan saukur diwaler ku ragragna cai soca. Memang dina dirina
keheul pisan ka Asta anu parantos nandasa anu jadi salakina.”
Pujawati: “Geulis.. dangukeun ema, lamun urang teu kitu. Ngke urang malah jadi leuwih susah nyai. Ulah
nepi ka urang nalangsa, keur mah kacida raheut hate ema harita na mangsa narima iber bapak hidep
perlaya. Cing atuh ngarti geulis,.”
Latar : Hutan
Property : Pohon – pohon
Musik : nuansa hutan
Sekarwangi: “Bagja keur anjeun kukupu, anjeun mah bebas milih nu mana anu anjeun pikaresep. Na ai
kaula, AH.. ASTA, DIPODARAN KU AING BANGSAT. (nangis). Ama, dimana ari Ama. Tulungan putra amaa,
sono kaula ku carek ti salira, sono kaula ku peupeujeuh ti salira. Ama.. tulungan putra nepi ka
dijodokeun kieu ku si ema, amaaa tulungan ema anu keur raheut hatena. Inget kaula ku hiji dongeng anu
ku salira dicaritakeun harita, didieu pas pisan di alas sampurna loka.”
KAWIH “KALANGKANG “
Pujastata: “Eh.. tong waka wangsul kaula hoyong terang saha nami salira?”
Pujastuti : “ Na.. kabina – bina teuing rayi, naha aceuk ditinggalkeun deui. Antosan – antosan rayi.”
14
Latar : Background Hitam
“Manusa, tungkul tumpuk kaluluputan tanggah tempat kalelepatan. Samenit ganti sajam robah, sore
jangji najan tara kapake isuk. Kulantaran manusa disebut makhluk sampurna, nyatana dibarengan budi,
pamilih, rasa jeung perasaan. Matak teu aheng manusa mindeng kaancingan ku amarah, lawamah,
sawiah, mulhamah, mutmainah, radiah, baliah, mardiah, rejeung Kamilah anu antukna ngajurungkeun
manusa jadi insan kamil mukamil. ”
“Sekarwangi anu lulumpatan, dituturkeun ku kamelang jeung kapanasaran dina diri Pujastata. Barang
anjog ka rorompokna, bray kasampak bah Asta jeung Erawati keur nganiaya Pujawati nu teu bisa
nanaon, ngan saukur dilawan ku ragragna cai soca.”
Asta: “Notorogan siah wewelek, boga naon maneh ayeuna Pujawati. Piraanan deuk dijadikeun bebesana
jeung aing kuat ka embung.”
Erawati: “Hudang siah, pok daek henteu saupama anak maneh ditikahkeun jeung anak kami si Soma.”
Soma: “Deudeuh teuing ama, ulah ditandasa. Eta teh apan calon pimitohaeun kula.”
Asta: “Ah.. tuman deuleu. Da lain deuk disangsarakeun ku aing oge, puguh geunah dikawin ku anak aing,
anak sia jadi kaurus baju jeung daharna.”
Pujawati: “Sungut anjing kawilang najis, satingkatan jeung najis anu pangnajisna. Tapi aya keneh
kumbaheunna make taneuh jeung cai. Tapi lamun sungut sia nyinggung kana perasaan aing. Cai naon nu
bisa ngumbahna?”
Asta: “Aya kadar kadua nyembah siah ka aing, boga naon deui maneh Pujawati nepi ka wani cumantaka
kawas kitu?”
Pujawati: “Kaula? Boga naon? Saenya kaula mah boga hiji pangeran anu mibogaan rasa nyaah, jeung
asih ka mahlukna.”
Soma: (ngaludah) “Tong bawa bawa pangeran kana kajadian ieu Pujawati!”
Pujawati: “Tuh, mana iman anjeun Soma? Panggoreng gorengna jalma anu nyaho hukum anjeunNa, tapi
teu diamalkeun. Sok teu nanaon anjeun diaku jadi salaki anak kula, tapi jawab ieu tatarucingan bag
bagan kamanusaan.”
15
Soma: “Aku ora wedi, ieu aing uyah kidul, ieu aing panggagahna, ieu aing pangsaktina. Bisi teu apal, ieu
aing geus nganggeum loba elmu pangaweruh, jampe pamake. Coba coba deuk nanya naon?”
Soma: “Wih.. wong edan siah, kolot aing jelema lain sato.”
Pujawati: “Buktina ieu ngarusak padumukan kaula, naha eta pantes disebut jelema? Anu sok ngarusak
mah monyet lain jelema, tuluy tadi kula nerangkeun bag bagan agama, ngagero ngahayu hayu. Tapi
naon babales ti anjeun? Boro boro nuturkeun, teu ngareret ngareret acan. Anu hese ngalieuk naon
ngarana?”
Pujawati: “Tuh, jadi anjeun teu pantes pikeun anak kula.. saestuna anjeun teh sato lainna jelema.”
Sekarwangi: “Teu sudi abrig abrigan, teu suka aprak aprakan. Leuwih hade kaula paeh daripada dikawin
ku anak maneh Asta.”
Sekarwangi: “Tulungannn!!!!”
Datang Pujastata..
16
Pujastata: “Heup.. mun didinya lalaki langit lalanang jagat, singhareupan kaula.”
Asta: “Eh.. paingan siah Pujawati anak sia teh geuning lain awewe bener, kagok borontok podaran kabeh
Soma.”
Musik : Horor
Properti : Asap
Pujastata: “Kieu yeuh, aya pancen keur anjeun tuh panggebukeun itu jalma. Anu ngaganggu
pipamajikaneun kaula. Ayoh indit.”
Chandra Birawa: “Anu itu jalmana? Mangga gusti.. sok we ku salira digebukna mah, ngke kaula
nyuntrungkeun ti tukang.”
Soma datang..
Pujastata: “Geura inget inget jampe paeh kurang ajar. Rasakeun yeuh tampiling kaula.”
“Pena stiker sahyang domang para.. ieu Soma dibabuk ku ieu Pujastata, ngamasing pati tumakaning
perlaya. Lan bah Asta jeung Erawati kabur sapisan.”
Soma: “Tobat!!!!”
17
Latar : Background Hitam
Sajak “ Papasten “
Latar : Patamanan
Property : Bunga – bunga, tanaman, jsb
Putri Mayang Arum: “Bibi emban… kadieu baturan kaula keur bingung.”
Putri Mayang Arum: “Sok.. upami teu acan nyalse mah teu nanaon, diantosan ku kaula.”
Emban 2: “Nyaeta nden teh pan tereh kagungan Caroge, ngke bibi ge hoyong ngiring ka nden, keun mun
nden gaduh budak ku bibi diasuhna.”
Putri Mayang Arum: “Alim.. ah bibi kaula mah teu acan siap nikah, kaula hoyong nikahna ge ka bangsa
manusa.”
Emban 2: “Enya maenya weh bade nikah ka marmot, tangtosna ge ka manusa atuh nden.”
Putri Mayang Arum: “Ih.. sanes kukituna, moal pati pati kaula teh gaduh caroge mun henteu ka bangsa
manusa. Ari manusa teh mahluk nu sampurna, alim tug dugi ka salah meunangkeun salaki.”
Emban 2: “Nya leureus ku kitu tea mah, bagja keur hidep mah nden.. mun cara bibi baheula, tug dugi ka
digawena ge ka Saudi Arabia bibi mah ku hayang hayangna nyiar rezeki. Kaditu ngalamar jadi TKW.”
Putri Mayang Arum: “Deudeuh teuing bibii, eta luang salira kuat ka kituna.”
Emban 2: “Sumuhun, ieu mah peupeujeuh sateuacan hidep nikah we nden, da ngke mah hak kawajiban
hidep teh jeung caroge weh. Bibi teu tiasa cumarios ciga kieu.”
Putri Mayang Arum: “Muhun.. muhunn bibi, kula nganuhunkeun kana peupeujeuh ti salira, sasat
nawiskeun ka nyaah ka kaula. Bagja kula diasuh ku bibi.”
Emban 2: “Enya tapi nden mah jalmi sholeh, tangtos we ngke meunangkeunna ge ka jalmi sholeh deui.
Da bibi mah jalmi doraka nden tong diturutan,”
Putri Mayang Arum: “Naa.. ari bibi eta sasauran teh tong kamana wae.”
18
Emban 2: “Eh. Leureus ieu mah, bibi mah ku ibu ibu komplek ge pada maledogan. Sasat bibi teh
dianggap jadi pelakor nden, uninga mereun kana pelakor nden?”
Emban 2: “Tah nden ge langkung terang, eta we dumeh salaki batur ntos nyobian ka bibi.”
Emban 2: “Sumuhun da atuh kumaha harita teh dipaksa, ah puguh we cicing da geunah ongkoh tibatan
cape ngalawan.”
Emban 2: “Eh pan aya paripaos, nyiar luang ti papada urang. Sanes bibi mah nya cekap we nu kitu mah,
baong bedegong ku bibi hungkul. Komo salira mah putra raja, ulah nden ulah tug dugi ka kitu. Lebar eta
harga diri wanita ulah dirurujit. Ngke teh jaga di yaumul akhir, sanes hidep hungkul nu bakal nalangsa,
tapi bapa, aki, nini, tug ka handap anak incu anu bakal engkak engkakan dina jurang katunggaraan
geulis. Matak kadee cing ati ati.”
Putri Mayang Arum: “Tuh geuning bibi sayembara tos bade dikawitan, hayu atuh rencangan kaula isin.”
Emban 2 : “ Mangga.”
Emban 3: “Oh.. tos aya informasi, patandang anu kahiji nyaeta dikengingkeun ku Raden Sekar Pandan,
nu kadua Raden Sutija, nu katilu Bima Kendra, nu kaopat Prabu Darmaraja, nu kalima Raden Wijaya.
Mung karek aya 5 patandang anu ngadaftar dugi samet ieu. Sakali deui ka para jajaka anu bade ngiring
ieu sayembara, dihaturanan di meja panitia.”
19
Sekar Pandan: “Henteu salah, kula Sekar Pandan ti karajaan Pandanwangi. Geura sembah kaula panitia,
sabab putri karajaan ti Ekacakra pasti kagondol ka nagara kaula.”
Sekar Pandan: “Apal.. teu meunang mawa pakarang, keris tumbak pedang arit ka gede gede, jarum
sapotong ge teu meunang dibawa ka pakalangan. Oge teu meunang nyolok panon, najong larangan”
Emban 3: “Oge salian ti eta teu meunang aya tungtutan dimana sempal leungeun, potong suku, tug ka
hanteuna.”
Sekar Pandan: “Nuhun.. geura baca jampe jampe paeh maneh, ayeuna modar siahh.”
Amar Sakti: “Mangga.. sun sampurasun.. seja ngalap sanes raga, seja mundut sanes wujud, hyang dunya
mapag wasa, seja iang muka lawang sigotaka.”
“Sakadang hayam megarkeun endog meri, dimana eta endog megar hayam nyaah eta ka meri. Ngaran
ngaranna meri, cicingna resep di cai, tapi indungna hayam kakakokok di darat. Komo jelema, moal aya
jelema anu teu nyaah ka anakna, iwal ti jalma nu sasar. Matak, ngaji mah ulah kaluar tina dirina. Mun
teu kitu nya sasar manusa hirup.”
Latar : Hutan
Property : Alat music sunda, batu tapak tapa, bungkusan kain putih
20
Padmanaba: “Kanca.. kanca.. kanca.. bingung kaula teh duh? Puluhan taun teu panggih jeung nu jadi
anak, na hirup keneh atawa henteu. Hampura ama kasep.. da puguh tarekahna da euweuh deui salian ti
malidkeun hidep ka walungan Talaga Arum. Sabab baheula lemah cai urang cu dirurujit ku pingpinan
Gadjah Mada. Mun teu kitu carana hidep ditandasa bageur. Ama lainna ngalawan takdir tinu kawasa,
tapi kula jangji moal mulang ka asal salila can merekeun ieu elmu ka anak kula, kula yakin ka pangeran.
Moal pati pati pangeran mere masalah lamun henteu aya jalan kaluarna, percaya kula anjeun nu jadi
anak masih keneh aya di kieuna, sanajan urang geus beda alam. Hidep pasti bisa ninggali ka kula, ah rek
olah tatapa deui weh. Cing Hyang Dewata, tuduhkeun anak kula jalan kadieu..” nuluykeun tapa
Sukma: “Urang reureuh heula mang, asa beuki jero ieu leuweung teh. Urang ngararasakeun heula
hiliwirna angina leuweung mang.”
Sastra Jingga: “Ah.. na da euweuh nu lalajo di leuweung kieu make deuk ngabodor.”
Udel: “Eh.. tong salah, sanajan euweuh nu lalajo pangeran mah maha uninga.”
Udel: “Eh.. lain jurig. Sok sok aka heula borangan, ngke urangeun.”
Udel: (Borangan)
Sastra Jingga: “Cik urang taroskeun ka ibu Poppy anu nuju nongton, saean abdi atawa si eta bu?”
(Improvisasi)
Sastra Jingga: “Mangga ah.. mun dunungan pangawulaan nanyakeun, bejakeun uing dek ka
pacicilingan.”
21
Di Patapaan Gunung Sastra Harja
Properti : Alat musik sunda, batu tapak tapa, bungkusan kain putih
Sukma: “Eh.. kaula dimana ieu, kuat ka hegar kieu ieu patamanan. Tuh manuk gede manuk leutik
pasuliwer, seungit kastori angin anginan, cur cor cai nu harerang. Coba mun ieu alam tuluy dijaga tug ka
jaga, mereun anak incu urang teh bakal bagja, ngke maranehna apal kanu ngaranna cai lahang. Ah tong
boro anak incu kanca, kiwari ge nya jarang. Malahan dimana ayeuna jalma anu daek dagang cai lahang,
tinggal waasna we ayeuna mah. Eh itu saha anu keur tapa, urang tanya sugan manehna mere informasi
pikeun kamana kaula kudu lumampah sangkan beunang elmu kamanusaan.”
Sukma: “Bagea.. resi, sampurasun. Hapunteun kaula torojong tanpa larapan. Oge parantos kumawantun
ngaganggu tatapa salira, mung kaula teh bade aya anu ditaroskeun.”
Padmanaba: “Eh.. wani wani siah ngaganggu kula keur tapa, eta teh teu sopan jalu. Heug teu nanaon
ayeuna mah dihampura.”
Sukma: “Upami dipercanteun mah ngaran kaula teh Sukma Pawitra sepuh..”
Sukma: “Saleresna, kaula teh haus ku elmu, lapar ku pangabisa. Nuju nyuprih pangarti, nyiar elmu
pamake jampe pamake ngeunaan elmu kasampurnaan sareng kamanusan.”
Padmanaba: “Eleuh.. jero ieu budak nyiar elmuna. Dupi rama hidep saha?”
Sukma: “Ngaran bapa kaula nyatana Ki Sabda Palon atanapi sok disebatkeun oge Semar nun.”
Padmanaba: “Tobat…. Ieu teh anak aing geuningan, kasep ieu ama.”
Sukma: “Rama kaula mah geus paeh da, cing bener anjeun saha? Naha lamun anjeun rama kula,
buktikeun.”
22
Padmanaba: “Hidep kadieu dibarengan Sastra Jingga lan Udel?”
Sukma: “Memang kaula dibaturan mang Sastra Jingga jeung mang Udel, kumaha?”
Padmanaba: “Coba calukan, manehna duaan moal bisa ninggali kaula. Sabab kaula dibere elmu ku dewa
ngan bisa ditinggali ku turunan kaula hungkul, da nyatana kaula mah ieu teh tinggal rohna. Kaula geus
mulang ka alam nirwana, alam asal poe panjang nagara tunjung sampurna, alam nu moal kaselang
selang. Nu pernah ku urang kaalaman, ngan kahalangan ku poho. Sabab kamari lain ayeuna.”
Udel: “Naon?”
Sukma: “Eh.. sanes eta mang, itu di payuneun saha nu keur ngabedega?”
Padmanaba: “Hahahaha.”
Udel: “Na ari agan, apan nyembah ka abi. Ai ditarima malah nenggeul.”
Sukma: ”Atuhda heureuy wae, mang cobi ala heula cau belah ditu. Kaula lapar.”
Sastra Jingga: “Tuh tinggali, cigana dunungan urang teh kurang focus..”
Udel: “Hayu atuh, aka mawa bedog pan. Urang sakalian tuar tangkalna.”
23
Sastra Jingga: “Heeh hayu hayu.”
Padmanaba: “Percaya?”
Sukma: “Tobat teuing ama, putra neda hapunteun. Mana indung kaula?”
Padmanaba: “Aya.. nya da beda alam ayeuna mah antara hidep jeung ama. Jadi hidep teh tinggal neang
elmu ngeunaan kasampurnaan hirup?”
Sukma: “Leureus ama, da elmu lahir sejenna mah parantos tamat diwarah ku kanjeng rama Ki Sabda
Palon.”
Padmanaba: “Heug.. bagja ama boga anak hidep, jung tuluykeun perjuangan hidep. Jugjug nagara
Ekacakra. Meunangkeun putri karajaan nagara eta. Da didinya pijodoeun hidep.”
Sukma: “Ampun teuing ama.. putra parantos jangji moal pati pati gaduh istri saupami teu acan tamat
ngeunaan elmu hirup, elmu kasampurnaan jeung elmu kamanusaan.”
Padmanaba: “Leuhh bageur elmu eta sakabeh aya di ama, sok peureumkeun socana. Rep sidakep
sinekutunggal mateni babahanan catur triya, catur nyaeta opat, triya angen angen. Sir budi cipta rasa..
oge salian ti eta pileuleuyan bageur, sumender we ka ieu pusaka Sastra Jendra Rahayu Ningrat sangkan
hidep manggihan kasampurnaan hirup. Sakaligus ama dek mulang ka asal, geus lain waktuna ama
ngulayaban di ieu dunya.”
Tapa…..
Sukma : “ Ama… ama… eh… Pusaka Sastra Jendra Rahayu Ningrat, nuhun ama… ku putra tangtosna bade
diamalkeun pikeun ngungkulan kamurkan di dunya.”
“Kitu kaayaanana, Sukma lajeung ngajugjug ka puseur dayeuh nagara Ekacakra pikeun meunangkeun
putri raja karajaan Ekacakra, nyaeta Putri Mayang Arum. Nu harita parantos nepi ka poe 14 sayembara.
Aya resiko eta sayembara ditutup, lantaran teu saranggupna ksatria anu ngunggulan kasaktian ti Amar
Sakti. Kacaritakeun ieu Pujastata, Pujastuti, lan istrina kuanjeun Dewi Sekarwangi ngajugjug ieu
patempatan. Teu aya sanes lian ti Pujastata pikeun jadi pamilon sayembara.”
24
Emban 3: “Patandang anu pamungkas nyaeta Pujastata ti wewengkon Alas Sampurna Loka.”
Pujastata: “Hee… buru buru jago sayembarana kaluarkeun. Waktuna geus mepet yeuh.”
“Pujastata lan Amar Sakti sami sami pada saktina, lir munding rarakitan kuda papasangan. Duanana silih
sered, banting, tojos, lan silih tajong. Kayaannana Pujastata tandingan jeung Amar Sakti.”
Pujastuti: “Aduh.. nyaah teuing rayi Sekarwangi meni kersa bade diwayuh.”
Sekarwangi: “Kawajiban istri aceuk, sawios kaula sacara teu langsung bakal langsung digebruskeun ka
sawarga Firdaus, sabab kaula anu ikhlas ku salaki bade diduakeun.”
Pujastuti: “Aya ku bagjaa… aceuk boga adi beuteung kuat ka sholeh kawas hidep.”
Sekarwangi: “Hayu urang bandungan kakang Pujastata nuju makalangan, mugia cing hasil.”
Sukma: “Saleresna mah kaula meunang sora tanpa katinggalan yen ieu tempat jodona kaula aya didieu.”
Pujastuti: “Atuh padahal mah da abdi ge nyalira, ehh.. punteun, itu palih wetan meja panitia mah.” (bari
ngaleos semu era)
Pujastata: “Kela Amar Sakti, cilaka ieu kaula kadeseh. Eleh mun kieu carana mah. Dihaturanan Chandra
Birawa”
25
Chandra Birawa: “Sembahh gusti, aya pidameuleun naon deui?”
“Pena stiker sahyang domang para, Amar Sakti ngamasing pati tumakaning perlaya kulantaran dibabuk
ku ieu Chandra Birawa.”
Datang Raja..
Raja Purbawisesa: “Hebat anjeun satria.. patih kula nepi ka hanteuna nampanan teunggeulan salira.”
Pujastata: “Ecageun siah kalungguhan sia jadi raja, heug mun hayang salamet.”
Raja Purbawisesa: “Aeh.. naon kitu jahat anjeun satria coba coba.”
Putri Mayang Arum: “Amaa… pileuleuyan tug dugi ka hanteuna, ampun satria.”
Pujastata: “Heee para patugas kabeh di ieu nagara, ayeuna aing.. Pujastata raja maraneh, lamun aya nu
macem macem ku aing keneh dipodaranana.”
Datang Sukma…
Sukma: “Kaula salaku jalma, wajib pisan pikeun nangtungkeun adil jeung bener. Ngungkulan anu salah
jeung murka. Coba deuk kumaha?”
26
Pujastata: “Dinu legaa siah, bisi aya elmu kasumput sumput, pangabisa nu can katalangan. Geura
kotektak ti ayeuna. Coba coba.”
Sukma: “Lamun enya anjeun lalaki langit, lalanang jagat. Ulah dek adu tanaga, tapi urang adu elmu jeung
kaula.”
Sukma: “Kalayan Idin AnjeunNa, Rohmat AnjeunNa, Pangawasa AnjeunNa. Leuleus anjeun Pujastata.”
Sukma: “Hutang pati dibayar pati hutang wirang dibayar wirang, Chandra Birawa hayang muksa maneh?
Atawa deuk eling ka Pangeran, lain hak anjeun cicing di ieu wujud jalma, lain hak anjeun mere
kasalametan ka ieu jalma. Ku kituna jurig sakti setan anu kawasa moal leuwih mulya tibatan jelema,
muksa siah.”
Sukma : “Pujastata! Salilana ngan saukur neang cara pikeun ngalanjur eta nafsu, sok geura tarimakeun
eta kasalahan atawa sia deuk ngulayaban hirup. Sok deuk kumaha ayeuna?”
Pujastata : “ Tobat… ampun… nyai…Sekarwangi. Akang salah, hampura akang nyi.. aceuk.. hampura kula
rumasa baong bedegong, cumantaka kanu jadi lanceuk.. hampura..”
Sukma : “ Hade jalma anu menta dihampurna, tapi leuwih hade jalma anu ngahampura.”
Pujastata : “ Sukma… cing pangjajapkeun kula, hirup hayang sampurna. Nitip anu jadi lanceuk, kula nitip
anu jadi pamajikan. Aku ku salira jadi istri.”
Sukma : “ He… widadari anu opat puluh, geura awurkeun kembang ti sawarga maniloka kalayan menta
hujan ngaririncik geura papag ieu jalma, anu tobat anu narimakeun kana kasalahanana..”
Sekarwangi : “ Aduh tobat teuing panutan ati parantos tuluy ayeuna mah aceuk..”
Sukma : ““ Dina saban – saban robah mangsa, ganti wanci ilang bulan kurunyung taun. Sok mindeng
kabandungan manusa sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema – tema. Karep hanteu reureuh
– reureuh, anging kadar ti Pangeran anu bakal karasa jeung karandapan. Manusa kadar rencana, Kabul
aya tinu Maha Agung, laksana tinu Maha Kawasa. Alam dunya dua papasangan kulon – wetan, halodo –
ngijih, beurang – peuting, poek – caang, awewe – lalaki. Yen yakin sajumlah amal – amalan tinu kasep,
tinu goreng, tinu gede, tinu leutik yakin bakal panggih jeung poe akhir. Poe pamungkas raga
ditinggalkeun nyawa, maot pingareneunana. Nyorang alam panjang, poe asal. Nagara tunjung
sampurna. Alam anu moal kaselang – selang, anu pernah kaalaman hanjakal kakeunaan ku poho, sabab
Kamari lain ayeuna.”
27
Al Fath : “ Akhir dina carita, sagagah – gagahna anu murka moal teu ancur ku kabeneran. Saluhur
luhurna nu kiruh moal teu ancur ku kajujuran. Ipis lapis, kandel tapel, teu lunggut kalinduan teu gedag
ku ka anginan. Panceg dina hiji anu matri asal ti Allah mulang ka Allah.”
28