Anda di halaman 1dari 2

BUBUKA :

Assalamua’laikum Wr. Wb. Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun
simkuring. Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah
rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.
Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun
nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade
dikawitan

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET :

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng
sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahankatelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur
kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura
hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE :

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah,
mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di
kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma,
sumangga geura gek calik

SESERAHAN :

nirahim Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah
rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti
tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna,
nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu
parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul,
namung kedah di sarengan ku ucap . Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina
guguran.Namung kedah di bejer beaskeun,kembang boled nu tetela. Para hadirin miwah para tatamu
sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku
____________________________ Ngahaturkeun nuhun ka ____________________ Nuparantos
ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun
khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”. Calon panganten pameget
miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan.
Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun masing balaka
(Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo
ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN :

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten
pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad,
seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate. Sakeser daun
satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanna.
Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di
sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun. Para wargi sadayana, bingah amarwata
suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih
gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek,
laksana nya pamaksadan. Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah
cacandakanana Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di
tampi ku Ibu calon panganten istri.Nusanes namah di antaykeun wae. (Mangga calon panganten
pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

AKAD NIKAH :

Para wargi sadayana, Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka
mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih
Ng_____________cep __________________. Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja
mang nyata neda panyakseni ti para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga
candak calon panganten istri ka luar). Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama
kanggo ngalaksanakeun Akad Tikah........................................................... Alhamdulillah wa sukrulillah
kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos
rengse kalayan lancar. Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun
kka pangersa_____________________)

DO’A :

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti
nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.Kangge
mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa __________________ di haturanan. Ti pribados salaku pangatur
waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi,undak unduk basa, hapunten anu
di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum
Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai