Materi
1. Moderator
Pancenna nyaeta saperti di handap ieu.
a) Nepikeun pasualan-pasualan nu baris disawalakeun
b) Nepikeun aturan maen atawa tata cara sawala
c) Muka jeung nutup jalnna sawala
d) Ngatur jalanna sawala
e) Ngajaga kalumangsunganan sawala luyu jeung tujuan oge jadual nu ditangtukeun.
f) Nepikeun kasimpulan-kasimpulan sawala
2. Sekretaris
Pancen poko sekretaris sawala
a) Nyatet ngaran paserta sawala jeung tanggapan-tanggapanana
b) Nyatet kajadian atawa hal-hal husus salila sawala
c) Nyieun catetan jeung kasmpulan-kasimpulan samentara sawala nyieun laporan sawala
sacara lengkep satuntasna sawala.
3. Panelis
Dina sawala-sawala gede, sapertikeun sawala panel atawa seminar, sok aya patugas sawala
sejenna nu disebut panelis atawa narasumber. Pancen pokona nepikeun makalah atawa
medar tema sawala sacara panjang lebar. Manehna boga peran sabage narasumber atawa
pananyaan pikeun para peserta sawala patalina jeung hiji pasualan.
4. Peserta
Kahadiran jeung andil paara peserta utama pisan pikeun kalumangsungan diskusi.
Kateuhadiran para peserta sawala sarua hartina jeung teu aya sawala. Ti para sawala sagala
pamnggih, jalan kaluar, jeung kasimpulan-kasimpulan biasa dirumuskeun. Ku saba kitu,
para peserta sawala teu saukur dihaeupkeun hadir, nu leuwih penting nyaeta andilna
kumangrupa saran, pendapat, atawa komentar-komentar.