Anda di halaman 1dari 38

NASKAH DRAMA

KALANGKANG
Karya : Nazarudin Azhar
Sutradara : Nendah Wulandari Triwi
Pimpinan Produksi : Ramadhan Attalarik Iskandar
BABAK I
Kalangkang-kalangkang patingkolebat. Kalangkang-kalangkang
kahirupan. Dina kalang implengan DARMA 1.
Korsi taman. Tangkal samoja. Darma diuk na korsi, satekah polah
miara rasa yen manehna masih boga komara.
Umur geus maju sareupna.
DARMA 1 :
Aya keneh sesa umur?
Kalangkang-kalangkang nembalan.
DARMA 1 :
Ah, tong banyol ah…
Kalangkang-kalangkang cumarita.
DARMA 1 :
Taya nu eces! (Ngepeskeun leungeun. Nangtung)
Darma nitenan kaayaan.
DARMA 1 :
Tangkal samoja. Rukmini, almarhumah, nu melakna. Taya hiji ge
tutuwuhan nu dipelak ku manehna nu teu ngandung palsapah. Di
hareupeun imah, manehna melak tangkal tanjung. Mangsa ieu imah
anyar keneh diadegkeun. Sangkan hirup leuwih nanjung, cenah. Tapi
da jeung enyana. Di taman gedengeun imah, manehna ge melak
rupaning kekembangan. Kabehanana ngandung palsapah, sakumaha
nu sok diobrolkeun ku manehna mun keur wanci kieu, sabot diuk
duaan. Di dieu manehna melak samoja. Sangkan kuring inget umur,
cenah. Sangkan kuring inget kana pangbalikan, cenah. Manehna
mulang miheulaan. Ieu samoja ahirna mere gambaran pikeun kuring
sorangan.
RAHMI asup. Pamajikan DARMA 1, nu ngora.
RAHMI :
Di luar seueur angin, Pa…
DARMA 1 :
Rukmini… Ah, Rahmi…
RAHMI :
Tos sonten…
DARMA 1 :
Mun taya angin jeung sonten hartina taya kahirupan…
RAHMI :
Muhun, tapi seueur angin teu sae kanggo kasehatan.
DARMA 1 :
Ka dieu sing caket… Pamandangan di sabundeureun sakieu
endahna…
RAHMI :
Sagala rupa ge endah wae saur Papa mah…
DARMA 1 :
Tingali gunung nu ngalamuk. Layungna nu tinggaredat jiga emas.
Kaendahan nu sampurna…
RAHMI :
Teras?
DARMA 1 :
Tapi taya hiji ge nu bisa nungkulan endahna kaasih, endahna kanyaah
ti Papa keur salira…
RAHMI :
Hmm… Ka Rahmi atawa Ceu Rukmini?
DARMA 1 :
Taya bedana, aranjeun sarua matak bagjana. Eta pisan nu jadi
lantaran, Papa masih nyorang kabagjaan…
RAHMI :
Sareng Rahmi?
DARMA 1 :
Enya.
RAHMI :
Nu sanesna?
DARMA 1 :
(Seuri) Papa… Ah, sagalarupana geus nembrak, taya rusiah.
Memang kitu kuduna. Poe ieu asa ku matak bagja. Tapi definisi
kabagjaan nu karasa ku Papa, teu bisa dicindekkeun naon nu
ngalantarkeunnana. Papa ngarasa sagalarupana jadi sumber kabagjaan
Papa. Lantaran sakabehna kalakonan, tur milu ngawarnaan hirup
Papa.
RAHMI :
Papa nuju mitineung naon?
DARMA 1 :
Kalan-kalan taya nu dituju. Nu kasampeur geus leuwih ti cukup
pikeun nangtang rarasaan. Tapi terus nungtung dina umur, dina
kalakay samoja nu maluguran.
RAHMI :
Papa kedah seueur istirahat. Tong seueur teuing emutan…
DARMA 1 :
Papa ke hoyong istirahat di kamar pengker. Seungitan ku cendana.
Kedah Rahmi nu masang dupana, ngarah seungitna langkung anteb…
RAHMI :
Muhun…
DARMA 1 :
Rahmi langkung terang kahayang Papa… Sareung deui, Papa sono
ningali Rahmi nganggo daster nu motip kupu-kupu kayas…
RAHMI :
Daster nu almarhumah?
DARMA 1 :
Nu Rahmi…
RAHMI :
Muhun, tapi kan eta titinggal Ceu Rukmini almarhumah…
DARMA 1 :
Ah, nu jelas upami dianggo ku Rahmi, nya nu Rahmi…
RAHMI :
Nya atos atuh. Muhun. Papa teu kenging lami teuing di luarna, nya?
Ayeuna Rahmi bade meresan kamar pengker…
Rahmi kaluar.
BABAK II
Darma jeung kalangkangna.
DARMA 1 :
Sandiwara!
Kalangkang miyuni ucing.
DARMA 1 :
Kuring apal nu keur rerencepan dilampahkeun ku manehna…
Kalangkang patingkecewis.
DARMA 1 :
Kalan-kalan keur kieu pisan, kuring ngarasa yakin mun manehna keur
nyandewara. Manehna nembongkeun mamanisna, pikeun
nyumputkeun sulit atina. Kacuriga kuring tara nyalahan.
Kalangkang guligah.
Salahsahiji kalangkang jadi DARMA 2.
DARMA 1 :
Manehna teu pernah bisa nyenangkeun hate kuring…
DARMA 2 :
Salawasna nyandewara. Pangarahan!
DARMA 1 :
Lantip pisan. Manehna mindeng rerencepan ka luar ti imah.
DARMA 2 :
Salawasna nyidem rusiah!
DARMA 1 :
Hiji waktu kedokna bakal muka, ku lampahna sorangan!
DARMA 2 :
Jadi saha nu keur jadi korban?
Salahsahiji kalangkang jadi DARMA 3.
DARMA 3 :
Goreng sangka. Kereteg nu katarumpangan ku suudon ukur
ngalahirkeun pidosaeun.
DARMA 2 :
Asa kacida, mun sagalarupana geus nembrak, terus urang ukur bisa
ngabeberah, ngahibur hate sorangan.
DARMA 3 :
Taya buktina.
DARMA 2 :
Rea.
DARMA 1 :
Hiji waktu, manehna ka luar ti imah. Disampeur ku mobil di lebah
pengkolan.
DARMA 2 :
Kuring nyaksian ti loteng. Mobil sedan beureum.
DARMA 1 :
Mobil si Kardi, ketua partey.
DARMA 3 :
Can tangtu. Di ieu kota aya ratusan mobil nu sarua. Rahmi disampeur
ku babaturannana. Manehna perlu hiburan, jalan-jalan, teu ngerem
terus di ieu imah.
DARMA 1 :
(Api-api nelepon) Halo, Sukra!
DARMA 2 :
(Api-api nelepon) Iya Bos!
DARMA 1 :
Rahmi keur kaluar ti imah. Mobil beureum. Talingakeun.
DARMA 2 :
Siap, Bos. Laporan siap lima menit deui.
DARMA 3 :
Naha percaya keneh ka si Sukra? Manehna kungsi hianat!
DARMA 2 :
Memang saha jalma nu teu kungsi ngahianat ka urang? Kaasup
pamajikan sorangan! Ayeuna urang tinggal ruruntuk. Mantan ketua
partey, mantan bupati, jalma nu kungsi dihormat terus dipopohokeun,
dianggap euweuh, dianggap runtah!
DARMA 3 :
Taya nu nganggap runtah! Urang masih keneh boga harga di
hareupeun jalma-jalma nu remen datang nepungan!
DARMA 2 :
Jalma-jalma tukang leletak! Tukang meres!
DARMA 3 :
Tapi di maranehna urang masih bisa manggihan harga diri urang!
DARMA 2 :
Para pajabat pamarentahan kabupaten nu sok datang nepungan, ukur
boga tujuan sarupa, maranehna ngarasa baroga jasa. Ngarasa boga
kahadean geus nutupan dosa-dosa urang. Nu dipiharep ku maranehna
ukur duit! Duit! Duit! Duit urang!
DARMA 3 :
Lantaran maranehna apal kumaha kalakuan urang dina waktu jeneng
baheula. Duit datang ti mamana. Tina proyek, tina anggaran daerah,
duit hibah keur masarakat ditilep sawareh, duit ti pausahaan-
pausahaan nu nyogok sangkan proyekna lancar…
DARMA 2 :
Memangna urang wungkul bupati nu kitu? Kabeh pamingpin
ngamangpaatkeun jabatannana pikeun neangan pakaya! Pikeun
ngagantian waragad urut kampanyeu! Pikeun bekel mun geus teu jadi
sasaha!
DARMA 3 :
Teu kabeh pamingpin jiga urang…
DARMA 1 :
Enya, urang sorangan meureun boga kahadean, piraku ukur malulu
kasalahan…
DARMA 3 :
Aya. Sababaraha program pangwangunan aya nu merenah, karasa
mangpaatna ku rahayat. Jalan-jalan rea nu aralus. Masjid-masjid
diwangun alagreg…
DARMA 1 :
Nya kungsi, mun keur ngaresmikeun masjidna…
DARMA 3 :
Urang ge bisa ngabubungah rahayat ku ngawurkeun dana hibah,
numuwuhkeun usaha kecil menengah, najan nya sawareh danana
dialirkeun pikeun proposal fiktif, da rea sungut nu kudu diwewelan…
DARMA 2 :
Ampir-ampiran kaambeueun ku KPK, untungna aya keneh aparat
hukum nu bisa diajak badami (seuri).
DARMA 1 :
Minimal aya ketak nu mangpaat pikeun rahayat…
DARMA 2 :
Enya, rahayat! (seuri)
DARMA 3 :
Mun tea mah waktu bisa diputerkeun deui ka tukang, urang kudu
ngalakonan deui nu geus kalakon, rea pisan nu kudu diomean…
DARMA 2 :
Teu kudu nyeungceurikan kalakay murag!
DARMA 1 :
Halo… Sukra!
DARMA 2 :
Halo, Bos. Bu Rahmi jeung si Kardi. Tadi nu ngajemput ajudan si
Kardi. Ayeuna geus aya di…
DARMA 1 :
Enya, geus apal. Maranehna memang remen tepung di dinya.
DARMA 2 :
Ayeuna kumaha, Bos? Perlu tindakan?
DARMA 1 :
Teu kudu. Kuring geus apal naon nu kudu dilakukeun.
DARMA 3 :
Hiji hal, urang teu pernah nempo ku panon sorangan. Ukur
ngandelkeun laporan si Sukra, nu can karuhan bener jeung henteuna.
DARMA 1 :
Kuring memang geus teu bisa mere kabagjaan batin ka manehna.
DARMA 3 :
Salah sorangan. Dina kaayaan jiga kieu, kuduna urang geus hirup
ngahenang-ngahening. Jauh tina panyerewedan. Tatahar mapag ajal,
museur kana amal pisawargaeun.
DARMA 2 :
Hahaha sawarga! Sawarga geus kalakonan! Harta banda, wanoja,
jabatan!
DARMA 1 :
Kuring nu salah.
DARMA 3 :
Taya nu salah.
DARMA 2 :
Kasalahan geus jadi bagian tina hirup urang!
DARMA 1 :
Sagalarupa nu geus dilakonan, kiwari nyesakeun kalangkang
petengna. Kalangkang nu terus ngaringkangan. Kalangkang nu haben
ngabibiraan.
Kalangkang-kalangkang beuki samar. Tinggal DARMA 1
nyorangan, jeung sareupna.
BABAK III
Di hiji rohang. Musik romantis tina tip atawa CD player.
RAHMI dangsa sorangan.
ISAH, babu, asup mawa baki dieusi sagelas kopi. Ditunda na meja.
ISAH :
Kaayaan tos romantis, tapi teu weleh aya nu kirang. Sababaraha kali
bibi ninggal, Neng Rahmi, dangsa ukur sareng kalangkang…
RAHMI :
Lantaran taya nu leuwih raket jeung urang, lian ti kalangkang urang
sorangan…
ISAH :
Kopina, Neng…
RAHMI :
Nuhun, Bi.
ISAH :
Sapertos biasa, kopi arabika teu nganggo gula…
RAHMI :
(Nginum kopi) Nginum kopi nu sehat memang tong make gula. Tapi
kopina kudu nu serius, ulah kopi murah nu didominasi ku bubuk
jagong. Eta mah matak seueul, matak ngaruksak lambung.
ISAH :
Cariosan Neng Rahmi persis cariosan Neng Rukmini…
Kapungkur mah, Neng Rahmi langkung sering ngaleueut anggur
tibatan kopi…
RAHMI :
Kopi teh anggur dina wujud jeung rasa nu beda. -- Maksudna wain?
ISAH :
Muhun nu kitu… -- Ieu teh asa nuju mayunan Neng Rukmini…
RAHMI :
Dina kaayaan jiga kieu taya nu leuwih merenah lian ti nginum kopi.
Jeung deui, memang asa aya nu robah, sanggeus kuring mindeng
marengan Papa ngopi, sanggeus Ceu Rukmini tilar…
ISAH :
Tiasa janten kabiasaan eta lungsur ti anjeunna…
RAHMI :
Kiwari kuring asa geus jadi Ceu Rukmini. Asa geus jadi
almarhumah…
ISAH :
Hih, kumaha maksadna eta teh?
RAHMI :
Taya maksud nanaon.
ISAH :
Kedahna aya nu nyarengan ngopina. Tapi, Gan Darma tos kulem…
RAHMI :
Geus taya nu bisa diharepkeun. Si Papa ukur nginum ciherang, terus
tibra. Atawa api-api tibra…
ISAH :
Yuswa Neng sareng Gan Darma teh ganjor teuing eta teh…
RAHMI :
Mereun geus kitu kuduna… Bi, calik… Kuring jadi hayang naros…
ISAH :
Naros naon? Ka abdi?
RAHMI :
Enya. Nanya ka Bibi.
ISAH :
Asa rareuwas…
RAHMI :
Kuring hayang apal naon tujuan hirup Bibi…
ISAH :
Asa teu gaduh tujuan… Naon nya? Kitu we, Bibi mah hoyong hirup
tengtrem, ayem, tiasa ibadah kalayan jongjon…
RAHMI :
Bibi teu hayang beunghar?
ISAH :
Kapungkur mah muhun. Waktos Bibi masih lajang keneh mah kantos
gaduh cita-cita hoyong janten jalma jegud, nikah sareng pameget nu
beunghar, gaduh mobil, kasep… Ngado’a tiap weungi teh. Tapi
prukna kalah jeung Kang Ino, loper koran nu kapungkur sok
nganteurkeun koran kadieu… (seuri)
RAHMI :
Takdir, Bi. Jeung deui, naon hartina rea banda mun hirup malah
leuwih ngarasa sangsara…
ISAH :
Nyakitu tea atuh. Kabagjaan Bibi mah geuning basajan. Kabagjaan
mah horeng aya ku diciptakeun, lain diteangan. Bibi mah sakieu ge tos
ngaraos cekap.
RAHMI :
Bibi narimakeun?
ISAH :
Hih, saban waktos Bibi sukuran ka Gusti…
RAHMI :
Kuring malah mindeng hayang indit. Hayang miang ka tempat nu
jauh, nu bisa mere katenangan. Tapi…
ISAH :
Tapi kumaha?
RAHMI :
Nya, duka atuh… meureun can waktuna… Baheula kuring nganggap
yen harta banda hiji-hijina sumber kabagjaan. Kuring daek dikawin ku
Pa Darma, lantaran manehna pajabat. Beunghar. Jeung deui kuring
babakti ka nu jadi kolot. Kuring ninggalkeun cita-cita awal, hayang
jadi bentang panggung, jadi penyanyi kawentar, biluk ka jalma nu
harita ngalamar kuring di rohang karoke tempat kuring digawe. Lalaki
kolot. Nu penting sagala rupa kahayang kacumponan, najan ukur jadi
pamajikan nu kadua…
ISAH :
Muhun, Neng Rahmi kantos ngobrolkeun hal eta…
RAHMI :
Ngan tetela kuring salah, Bi. Kuring kapahung, teu bisa ngejat. Najan
kuring geus manggih jawaban, yen kakayaan teu bisa ngajamin ayana
kabagjaan, kasenangan… -- Kuring nyaah ka salaki kuring…
ISAH :
Kahirupan memang pinuh ku rusiah…
BABAK IV
DARMA 1 nangtung di tempat nu remeng.
DARMA 1 dehem. Nyampeurkeun. ISAH jeung RAHMI kaget.
RAHMI :
Manawi teh Papa tos kulem?
DARMA 1 :
Geus lila Papa teu ngopi…
ISAH :
Oh, abdi ngadamel heula kopina atuh…
DARMA 1 :
Teu kudu. Kuring ukur sono kana seungitna. Geus heubeul.
(ngangseuan kopi)
ISAH :
Upami kitu mah, abdi pamit heula, bade ka pengker… (kaluar)
DARMA 1 :
Hmm. Kopi nu dipelak di gunung, minimal 1.200 meter ti permukaan
laut, diolah kalayan tarapti, ti mimiti dipelak, dipoe, tepi ka digiling,
tepi ka aya dina ieu gelas. Ngaliwatan proses nu panjang. (Nginum
kopi) Pareuman musikna, mending Rahmi nu ngahariring…
RAHMI :
(Mareuman CD player)
DARMA 1 :
Rahmi nyanyi keur Papa…
RAHMI :
Asa tos lami Papa teu miwarang nyanyi ka Rahmi…
DARMA 1 :
Papa ge geus lila teu dipanghariringkeun ku Rahmi. Tapi Papa
mindeng ngadenge Rahmi ngahariring. Ku Papa sok dibandungan.
RAHMI :
Papa sok ngadangukeun mun Rahmi ngahariring?
DARMA 1 :
Mimindengna sabot Rahmi ngahariring dina ingetan Papa…
RAHMI :
Ah, Papa… Lagu naon…
DARMA 1
Lagu-lagu nu baheula sok dinyanyikeun ku Rahmi…
RAHMI ngahariring, lagu “Sungapan Cinta”. DARMA 1
ngabandungan bangun nu nikmat pisan. Kumalayang.
Sungapan Cinta
Sungapan cinta siloka
Aya ‘na rasa percaya
Gumalindeng humariring
Tilamna batin nu nyaring
Ngamalir ngaraksa sukma
Ngawujud dina kabagja
Papaesan katunggara
Sajirangan jeung rumasa
Salawasna cinta, lakuna pangharepan
Salawasna cinta, sasungapan jeung karempan
Salawasna cinta, asih nu tan watesna
Salawasna cinta, ajenna kaheman
DARMA 1 :
Sungapan cinta siloka… Lagu nu salawasna jadi wawakil rasa Papa…
RAHMI :
Papa seneng lagu eta?
DARMA 1 :
Papa resep kana sakur lagu nu dinyanyikeun ku Rahmi. Komo dina
kaayaan kieu, Rahmi ukur ngahariring husus keur Papa.
DARMA 1 nginum kopi bangun nu nikmat pisan.
DARMA 1 :
Lagu asih, lagu cinta. Gambaran hirup nu kaendahannana tetep
niskala…
RAHMI :
Ah, Papa…
DARMA 1 ngasongkeun gelas kopi, ku Rahmi ditampanan.
DARMA 1 :
Sing nyalse. Angseuan heula sing teleb seungitna, terus diinumna
saeutik-saeutik. Ulah waka sina ngamalir kana tikoro, tapi sina
namperkeun heula saripati rasana dina letah.
RAHMI nginum kopi. Ngarasakeun rasana.
DARMA 1 :
Dina tungtung pait rasa kopi, aya amis nu kacida nikmatna…
Kapendak amisna?
RAHMI unggeuk.
DARMA 1 :
Amisna kopi lain amis gula nu artifisial. Amisna gula lir elmu pasti,
amisna kopi adekna jeung filsafat. Jiga dina kahirupan, rea hal nu
mimitina karasa pait, tapi nyesakeun amisna dina panineungan. Dina
pangaweruh urang ngeunaan kahirupan.
RAHMI :
Papa kantos ngalaman hal nu sapertos kitu?
DARMA 1 :
Rukmini nu kungsi nyarita, sababaraha kali, tepi ka Papa apal.
RAHMI ukur seuri maur.
DARMA 1 :
Geus lila urang teu ngobrol duaan jiga kieu…
RAHMI :
Henteu oge. Enggal keneh urang ngobrol. Mangkukna, asana…
Yah, teu acan lami pokona mah…
DARMA 1 :
Rarasaan geus lila pisan.
RAHMI :
Urang tiasa langkung sering ngobrol, tapi Papa langkung resep calik
di pengker, nyalira…
DARMA 1 :
Rahimna ge kapan beuki sering kaluar ayeuna mah…
RAHMI :
Henteu tiap dinten. Barina ge bade kumaha tiasa ngobrol. Papa
langkung sering calik di taman, nyarios saperluna upami
disampeurkeun ku abdi ge… Papa nuju sono ka almarhumah?
DARMA 1 nginum kopi.
RAHMI :
Punteun…
DARMA 1 :
Punteun ku naon?
RAHMI :
Raraosan abdi, Papa tos teu sapertos kapungkur. Ayeuna mah Papa
sering katinggal calik di taman pengker, ngalamun. Langki ngajak
nyarios ka Rahmi.
DARMA 1 :
Naon deui nu bisa dilakukeun, pada ahirna ieu kahirupan ukur bisa
disanghareupan ku sorangan.
RAHMI :
Papa teu nyalira, aya abdi…
DARMA 1 :
Tapi Rahmi ge geus beda jeung nu dipikawanoh ku Papa baheula.
RAHMI :
Benten lebah manana?
DARMA 1 :
Papa ngarasa sorangan. Sanggeus Rukmini tilar dunya, terus anak
Papa nu ngan hiji-hijina leuwih betah cicing di Paris, Papa ngarasa
sorangan.
RAHMI :
Abdi teu ngartos, aya kalana urang ngarasa nunggelis. Saur abdi mah
nya manusiawi. Tapi pan aya abdi, istri Papa…
DARMA 1 :
Duka naon nu jadi lantaran, ieu imah karasa haroong, taya
dangiangan.
RAHMI :
Kapan Papa nu ngijinan abdi upami aya acara di luar. Sareng deui pan
abdi ge sok wangsul tepat waktu.
DARMA 1 :
Beuki dieu beuki arang jalma nu datang. Ukur hiji dua nu kuring apal
pisan sipatna. Boa kabeh jalma geus poho. Boa kuring ukur dianggap
jalma nu geus deukeut kana pibangkeeun. Nu geus bener-bener taya
gunana…
RAHMI :
Papa…
DARMA 1 :
Baheula kuring keur jeneng, rea nu datang hayang dianggap dulur.
Rea jalma nu datang leletak, menta jabatan, menta proyek, itu-ieu.
Ayeuna kabeh lir kalangkang nu ilang dina mongkleng. Malah aya
jalma nu baheula kungsi ditulungan, ayeuna kumawani ngagunasika
katingriman…
RAHMI :
Maksad Papa teh kumaha? Saha nu tos wantun ngaganggu katenangan
Papa?
DARMA 1 :
Kaasup si Kardi, jalma nu digedekeun ku kuring di partey, nu
mindeng narima proyek mangsa kuring jadi bupati, kiwari
kalakuannana teu beda ti anjing kampung…
RAHMI :
Papa! Ku naon Papa jadi kasar kieu?
DARMA 1 :
(Seuri) Pasti aya nu melaan…
RAHMI :
Aya naon? – Papa cemburu ka Pa Kardi?
DARMA 1 :
Kang Darma, Akang tangtos belaaneun abdi. Tapi ayeuna abdi nu
minangsaraya ka Akang. Minangsaraya minangka adi ka nu jadi
lanceukna. Tulungan abdi. Ieu moal lepat taktik pulitik nu sirik ka
abdi. Atawa ti partey lian, lantaran abdi nu ayeuna nuju didarukung ku
kader kanggo jadi ketua. Aya nu ngaganjal karir pulitik abdi. Ieu
kasus narkoba nu tumiba ka abdi, tangtos bakal ngareksak kana karir
abdi. Upami tea mah Akang tiasa nulungan abdi ayeuna, abdi jangji
bakal satia, ngiring nangtayungan Akang dina waktos ka payunna.
(Seuri leutik) Letah nu cagakan! Manehna jiga bujangga, nu apal
lebah mana sisi lemah hate kuring. Ku kuring ditulungan. Kasusna
ditutup. Kuring teu owel ku milyaran nu geus dikaluarkeun, pikeun
nyogok ka ditu-ka dieu. Manehna salamet. Karir pulitikna ngabelesat.
Tapi ayeuna, kumaha kalakuannana? Kardi… Kardi…! Nu asih
dipulang sengit! Enya, kuring sorangan meh kabandung ku KPK,
lantaran aya laporan ti LSM nu nalungtik proyek jalan jeung proyek
pasir besi, tur ngaboker ayana korupsi nu tujul ka ngaran kuring,
manehna nutupan kasusna. Tapi manehna menta leuwih…
RAHMI :
Papa nuduh salingkuh ka abdi?
DARMA 1 :
Jadi naon nu salila ieu kajadian?
RAHMI :
Astagfirulloh…
DARMA 1 :
Naon nu sok dicaritakeun ku Si Kardi ngeunaan kuring? Keur naon
jeung di mana nyaritakeunnana?
RAHMI :
Papa… Rahmi istri Papa…!
Tiktek jam.
RAHMI :
Rahmi masih aya di dieu. Nyarengan Papa. Pa Kardi ukur jalma lian
pikeun Rahmi.
DARMA 1 :
Salila kuring jadi bupati, kuring geus teu kawilang nyaksian jalma nu
keur nyandewara. Jalma-jalma nu teu weleh rengkuh hareupeun, tapi
najong ti tukangeun. Kuring apal mana pamulu palsu jeung mana nu
datang tina kaiklasan jeung kajujuran…
RAHMI :
Papa nyangki Rahmi sok bohong salila ieu?
DARMA 1 :
Sabaraha kali tepung jeung si Kardi, nu dilakukeun rerencepan?
RAHMI :
Sabaraha kali? Rerencepan? Kapan Papa apal tiap wengi abdi aya di
ieu imah?
DARMA 1 :
Kuring keur hayang ngadenge jawaban nu jujur.
RAHMI :
Abdi teu pernah ka mamana!
DARMA 1 :
Isah! Isaah!
ISAH asup. Rusuh.
ISAH :
Abdi, Gan…!
DARMA 1 :
Pangnyieunkeun kopi!
ISAH :
Teu nganggo gula?
DARMA 1 :
Gulaan!
ISAH :
Mangga… (Ka luar rurusuhan)
RAHMI :
Papa kedah ngirangan gula, ke diabetna naek deui…!
DARMA 1 :
Keur teu hayang dijajah ku panyakit!
RAHMI :
Papa kedah ngajaga kasehatan.
DARMA 1 :
Keur naon? Pada ahirna urang kabeh bakal nyorang ajal. Kuring geus
nyorang sakur rasa kasieun. Kasakit lahir jeung batin. Kumaha rasana
diuudag karumasaan, geus milampah nu nirca, ngaheulakeun
kapentingan pribadi tibatan kapentingan rahayat. Nyumputkeun semu.
Ingkar tina jangji-jangji waktu kampanyeu. Tina sumpah jabatan.
Ingkar tina bebeneran. Kuring numpuk-numpuk harta banda. Tapi
keur naon? Keur saha? Anak, ngan hiji-hijina, boga jalanna sorangan.
Manehna leuwih milih macakal di nagri deungeun. Kalakuannana
bener-bener geus ngalantarankeun kuring dipanjara dina kasimpe.
ISAH asup. Nunda kopi. Nangtung, jiga rek nyarita, tapi kalah terus
pamit, terus ka luar.
RAHMI :
Papa kudu nyaah ka diri sorangan. Pan kitu kasauran Papa ka abdi ge.
Nu tos kalangkung, kapan eta mah geus kalakonan. Papa geus ngaku
salah, najan ngakuna ukur ka abdi. Sawareh pakaya Papa geus
disumbangkeun ka puluhan yayasan…
DARMA 1 :
Ukur nutupan rasa kuciwa. Ukur hayang nebus kasalahan.
RAHMI :
Mun Papa ngarasa yen ieu kahirupan geus karasa beurat, nya ulah
ditambahan ku pikiran goreng, abdi teu pernah salingkuh!
DARMA 1 :
Jadi ngaku sorangan? Ahirna!
RAHMI :
Papa!
DARMA 1 :
Kuring mindeng nyaksian didinya indit rerencepan! Kuring meunang
laporan ti jalma nu bisa dipercaya yen didinya mindeung panggih
jeung si Kardi! Teu kudu ngangles!
RAHMI :
Jadi ieu teh tuduhan serius? Papa nuduh abdi salingkuh? Jadi naon nu
dilakukeun ku Papa sorangan salila kawin jeung kuring? Sabaraha
awewe nu kungsi diunggahan ku didinya nu teu dipikanyaho ku
kuring? Sabaraha urang nu dikawin siri, sabaraha urang lonte nu
kungsi marengan didinya sare?
DARMA 1 :
Beuki atra! Beuki jelas! Didinya keur malikkeun tuduhan? Heug!
Tapi didinya sing inget, saha nu ngajait kahirupan didinya? Jalma
malarat! Kulawarga didinya ku aing dibiayaan, didinya hayang kuliah
ku aing diwaragadan! Hayang itu, hayang ieu, ku aing diladenan!
Ayeuna naon pamulangtarima ti maneh? Salingkuh jeung jalma nu ku
aing dipercaya! Jalma nu ku aing dianggap dulur!
RAHMI :
Sabab aing ge butuh jalma nu mikanyaah ka aing!
DARMA 1 :
Mikanyaah? (Seuri)
RAHMI :
Didinya ukur nganggap aing sato piaraan! Nu taya deui gunana ukur
pikeun disiksa lahir batin. Memangna aing teu boga rasa? Didinya
ukur nganggap pamajikan ka jalma nu geus taya dikieuna! Rukmini nu
kiwari geus lebur jeung taneuh!
DARMA 1 :
Sia teu kudu mamawa almarhumah!
RAHMI :
Aing ayeuna kudu nyarita! Didinya teu pernah nganggap aing jalma!
Aing ukur dijieun kalangkang jalma nu geus paeh! Aing kudu make
pakeannana! Aing kudu jadi manehna, di imah, di tempat pasamoan,
di luhur ranjang! Aing ge jalma nu boga hate, boga rarasaan! – Salila
ieu aing ukur hirup dina karumasaan. Kulawarga aing kungsi
ditulungan ku didinya, tepi ka bisa ngalunasan hutang. Aing daek
dikawin ku didinya pikeun melaan kulawarga! Tapi didinya teu
pernah nganggap aing aya. Aing kudu jiga Rukmini, kudu
ngalakukeun naon nu sok dilakukeun ku manehna! Padahal aing ge
boga nyawa sorangan, boga rasa sorangan! Aing dipaksa kudu jadi
jalma lian!
DARMA 1 :
Rukmini pamajikan aing! Manehna nu ngalantarankeun aing bisa
jeneng, nu ngamodalan aing bisa jadi anggota dewan, terus jadi
bupati! Manehna jalma nu dipikanyaah ku aing!
RAHMI :
Dipikanyaah? Inget-inget deui naon wae kalakuan didinya nu
ngalantarankeun Rukmini gering nangtung ngalanglayung tepi ka
maotna!
DARMA 1 :
Rukmini kangker rahim!
RAHMI :
Tapi didinya nyiksa kahirupannana! Nyiksa batinna! Kawas boga
kalakuan bener wae. Ngaku mikanyaah pamajikan tapi lacur teu
eureun-eureun! Rasa maneh keur jugala, keur jeneng! Aing apal
awewe mana wae nu kungsi dikawin siri ku didinya! Nu dikawin,
terus dipiara sakeudeung, samemeh manggihan deui awewe sejen
pikeun dibegeran! Aing boga catetannana!
DARMA 1 :
Ku aing keur ditobatan!!
RAHMI :
Tobat? (Seuri) Sanggeus Rukmini tilar, didinya kakara boga rasa
salah. Aing nu miara almarhumah sabot gering. Aing! Maruna!
Pamajikan nu ngora salakina! Aing apal kumaha kanyerian hate
almarhumah, tapi manehna jembar, ka aing nganggap dulur. Mihape
Kang Darma… Rahmi kudu maturan Kang Darma… Rahmi kudu
ngaping Kang Darma! Ku aing eta dianggap amanat. Ku aing dijaga.
Tapi naon wawalesna? Didinya ukur tobat sakeudeung, kaituna
salingkuh taya bentetna!
DARMA 1 :
Jadi aing wungkul nu salah? Jadi sia nu kabuktian salingkuh teu
salah?
RAHMI :
Aing memang salingkuh jeung Kardi! Tapi nu dilakukeun ku aing
pikeun nyalametkeun sesa hirup maneh!
DARMA 1 :
Nyalametkeun hirup aing? Nyalametkeun hirup aing??
RAHMI :
Jadi maneh geus ngarasa bebas tina ancaman hukuman? Maneh geus
teu inget sabaraha kasus hukum nu bisa ngajiret maneh? Dua periode
jadi bupati, kalakuan ukur ngagugulukeun napsu hewan! Ngajegal
karir batur, ngorbankeun bawahan, ngabadog duit nagara! Ayeuna
beuki rea kasus tina proyek pangwangunan nu duitna digasab ku
maneh nu mimiti kabuka. Henteu salilana Kardi bisa nutupan kasus
maneh, da manehna ge hirup di lingkungan korup titinggal maneh! Ku
aing dipeper. Ku aing dileuleuyan. Najan dina temahna aing kudu
ngorbankeun harga diri aing sorangan!
DARMA :
Bangsaat!
Ambek nyedek tanaga midek, ahirna DARMA 1 lir dipupul bayu.
Tiktek jam.
RAHMI :
Sagalarupana kiwari geus ebreh. Kahirupan taya bedana ti jarian.
Urang jadi runtah tina kahirupan urang sorangan. Ku kuring ayeuna
dijelaskeun. Enya kuring deukeut jeung Kardi. Katua partey jeung
bupati anu gede pangaruhna ka sababaraha pajabat hukum, nu bisa
nyangkalak didinya. Kuring nandonkeun kahormatan pikeun bumela
ka nu jadi salaki. Ka jalma nu geus nyait kahirupan kulawarga kuring.
Bumela ka almarhumah nu mikanyaah najan kuring jadi maru dina
kapeurih batinna. Tapi sakali deui. Ieu aya watesna. Ieu aya ahirna.
Kuring geus waktuna ngereunan ieu kalakuan. Geus waktuna
ngeureunan sakur sandewara nu keur dilakonan. Kuring geus cukup
mulang tarima. Geus cukup mulang tarima. Peuting ieu keneh kuring
rek indit. Rek ngamimitian deui kahirupan anyar.
DARMA :
Rahmi…
RAHMI :
Kuring moal mawa pakaya nanaon. Ukur rek mawa sakujur awak nu
geus raca ku dosa.
DARMA 1 :
Rahmi, rek ka mana?
RAHMI :
Ka mana? Dunya lega keneh. Teu kudu nitah jalma pikeun nyusul, da
pasti moal apal ka mana kuring indit.
DARMA 1 :
Enyaan rek indit?
RAHMI ka kamarna.
DARMA 1 :
Mi…
BABAK V
DARMA 1 nyorangan. Kalangkangna nyalampeurkeun. DARMA 2,
DARMA 3.
DARMA 2 :
Sipat awewe!
DARMA 3 :
Manehna boga alesan nu kuat pikeun indit ti ieu imah.
DARMA 2 :
Tapi manehna awewe nu kabeungkeut ku hukum, teu bisa sakarepna!
DARMA 3 :
(Nginum kopi) Sagalarupana pasti aya nu ngadasaran. Manehna geus
ngorbankeun lahir batinna. Kasabaran tangtu aya watesna.
DARMA 2 :
Tapi tetep kahormatan kulawarga aya dina leungeun lalaki. Aya di
urang! Naon wae alesannana, kalakuan jiga manehna lain
hampuraeun! Geus mejeuhna manehna euweuh ti ieu imah…
DARMA 1 :
Tapi…
DARMA 2 :
Dasar lemah!
DARMA 1 :
Kuring nu salah…
DARMA 2 :
Salah? Memang urang salah! Tapi saha jalmana nu teu boga
kasalahan? Ngan sing inget, urang masih boga keneh harga diri!
Dihenteu-henteu ge urang teh kungsi jadi jalma terhormat, boga
jabatan, boga kalungguhan! Hirup urang masih keneh aya dina paniten
umum, masarakat! Deuleu pamajikan si Darma, pagaweannana
salingkuh jeung salaki batur! Dasar ungkluk! Urang rek nutupan ceuli
saumur hirup?
DARMA 1 :
Hate leutik… Hate leutik kuring…
DARMA 3 :
Kasar teuing eta basa teh. Teu hade! Rahmi awewe nu geus
ngabaktikeun hirupna ka urang. Ka salakina. Manehna tadi geus
nyaritakeun kabeungbeurat batinna, ku urang kudu ditarima.
DARMA 1 :
Hate leutik kuring nyaah keneh pisan ka manehna…
DARMA 2 :
Hah, kliseu! Nu jelas ieu lain urusan hate leutik. Tapi urusannana geus
mangrupa kasieun. Rumasa geus kolot, umur geus sengserang padung
najan can rempo ge. Urang sieun meakeun umur dina kaayaan
nunggelis. Ukur diladenan ku babu. Urang teu mikeun mun sesa umur
ukur dilakonan ku katunggaraan, lantaran taya batur pakumaha…
DARMA 1 :
Mi…
RAHMI asup. Saged rek indit.
DARMA 1 :
Rukmini?
RAHMI :
Enya, kuring. Kuring jeung Rahmi kudu indit ti ieu imah. Geus
waktuna miang.
DARMA 3 :
Rukmini?
DARMA 1 :
Ulah indit! Ke akang jeung saha?
RAHMI :
Kuring geus rengse babakti ka nu jadi salaki.
DARMA 2 :
Rahmi!
RAHMI :
Akang geus robah sagalarupana, geus lain lalaki nu dipikawanoh ku
kuring baheula, keur can jadi sasaha. Urang kungsi nyorang kapeurih
babarengan, nyorang kasusah bari tara ngarasula, lantaran hirup
didasaran ku rasa cinta. Tapi akang terus robah. Akang teu ngarasa
cukup ku kaayaan nu geus kapibanda. Jalma nu teu boga rasa rumasa.
DARMA 2 :
Melankolia!
DARMA 1 :
Rukmini… Akang rumasa… Akang rumasa salah… Ulah
ninggalkeun…
RAHMI :
Kuring duaan geus teu tahan ku kalakuan didinya.
DARMA 3 :
Rukmini… Rahmi… Ah!
RAHMI :
Kuring Rahmi. Jalan kuring masih keneh panjang. Kuring teu apal
kumaha jeung naon kajadian ka hareupna, tapi ieu imah geus lain
tempat kuring. Di luaran imah ieu kuring yakin aya keneh jalma nu
bisa mikanyaah kuring kalayan iklas, daek narima kaayaan kuring bari
teu ngabeungbeuratan ku pamenta nu pamohalan. Kuring geus bosen
disina jadi jalma lian…
DARMA 1 :
Hampura Papa…
RAHMI :
Kuring aya dina diri Rahmi lantaran pamenta anjeun, Kang Darma.
Kuring nyaksian naon rupa nu kaalaman ku Rahmi, lantaran kuring
sorangan nu remen menta ka Rahmi, sangkan nyalametkeun hirup
anjeun, lantaran kuring nyaah ka Akang. Tapi ayeuna kuring ngarasa,
geus cukup jadi kalangkang pikeun ieu wanoja. Manehna kudu leupas
tina pangawasa anjeun…
DARMA 1 :
Hampura akang…
DARMA 2 :
Kudu dibuktikeun pihak mana nu lemah!
DARMA 2 kaluar.
DARMA 1 :
Taun-taun nu geus kalarung, mangsa nu geus kasorang, rea hal nu
geus dilakukeun, lantaran akang hayang ngabuktikeun kanyaah akang
ka anjeun. Aya di antarana kalakuan nu memang lahir tina nafsu, tapi
tungtung hirup jiga kieu estu lain nu diharepkeun. Kuring nyaah ka
anjeun Rukmini, oge ka anjeun Rahmi. Naon nu geus dilakukeun ku
aranjeun pikeun kuring, katarima pisan…
DARMA 2 asup mawa pestol.
RAHMI :
Teu kudu ngancam, lantaran kuring geus teu sieun ku ancaman
nanaon ti anjeun…
DARMA 1 :
Kuring ukur hayang ngayakinkeun anjeun, yen taya hartina hirup mun
anjeun ninggalkeun kuring…
DARMA 2 nodongkeun pestol ka DARMA 1.
RAHMI :
Papa…!
DARMA 3 :
Memang lebay sih, tapi nya kumaha deui… (Nyokot pestol tina
leungeun DARMA 2).
Salila kuring aya keneh, anjeun pasti ngarasa terus dikalangkangan ku
kuring…
(Ngilikan pestol, mastikeun aya peloran, terus mikeun pestol ka
DARMA 1).
DARMA 1 :
(Nampanan pestol) Geus lila kuring mikiran hal ieu.
Ngarengsekeun sakabeh kabeungbeurat nu aya dina dada. Kuring geus
nulis wasiat pikeun anak kuring…
RAHMI :
Jadi Papa rek maehan maneh? Jadi kieu ahirna?
DARMA 3 :
Taya deui jalan…
DARMA 1 :
Salilana kuring bakal aya dina kalang nu pinuh ku karumasaan.
Nu datang tina ruruntuk hirup nu dipulas ku rupaning kapalsuan.
RAHMI :
Papa!
DARMA 3 :
Ah, Rahmi… Satemena ancaman datang tiap renghapan napas,
ngawurkeun kakeueung kana saban lengkaheun. Kuring rumasa geus
metakeun sakur tipu daya pikeun nyangking jabatan. Kalangkang
rahayat nu ditalikung sorana, maranehna nu kungsi dijegal karirna,
dikusrukkeun ka jero panjara, malah tepi ka aya nu nemahan pati.
Kalangkang ajal dina saban renghapan.
Tapi aya hadean mun anjeun sorangan nu ngarengsekeunnana,
samemeh indit… (Ngasongkeun pestol ka Rahmi)
RAHMI :
Kuring ngan ukur hayang indit! Lain hayang maehan!
DARMA 1 :
Naha teu bisa mun urang ngamimitian sagala rupana ti awal? Ku
lengkah anu leuwih merenah?
DARMA 2 :
Alah, kalah maen drama! Ieu kanyataan! Urang kudu boga sikap nu
jelas!
RAHMI :
Kuring geus teu paduli! Kumaha karep! (Rek indit, ngalengkah)
DARMA 1 :
Pileuleuyan Rahmi…
DARMA 1 nembak sirahna sorangan. DARMA 2 jeung DARMA 3
ambruk. Ilang. RAHMI ngarandeg. Reuwas.
RAHMI :
Papa? (Malik ka DARMA 1)
DARMA 1 nyekelan pestolna. Diuk. Sorangan.
ISAH asup rurusuhan, bari muka mukena nu masih keneh dipakena.
ISAH :
Ya Alloh…! Sora naon bieu? Aya naon juragan?
RAHMI :
Papa…
Leungeun DARMA 1 ngageter. Pestol murag.
RAHMI nyampeurkeun DARMA 1.
ISAH :
Ya Alloh, eta teh pestol? Ampun Gusti… Ku naon dunungan abdi?
RAHMI :
Teu nanaon, Bi. Pa Darma teu nanaon…
ISAH :
Agan ieuh ulah luluasan…!
RAHMI :
Bi…!
ISAH :
Nembe pisan Bibi teh rengse solat, nuju ngado’a sangkan Agan
salamina dipasihan kasehatan, umur panjang, sing bagja dunya
aheratna… Ujug-ujug aya sora ngajeleger, Bibi reuwas!
DARMA 1 :
(Nyeungkatkeun beungeut, melong ISAH. Halon) Ngado’a…?
ISAH :
Salamina ku Bibi dido’akeun Agan, oge Neng Rahmi, dido’akeun
pisaaan… Gustiii… ku naon asa jadi kareueung kieu?
DARMA :
Kuring hayang ngaamiinan do’a Bi Isah…
ISAH :
Bibi kedah ngado’a deui?
DARMA 1 unggeuk.
ISAH rambisak, bari diuk, leungeunna ranggah, ngado’akeun
dunungannana, tarik, do’ana rada panjang, diaamiinan ku DARMA
1 jeung ku RAHMI.
ISAH beres ngado’a.
RAHMI salah tingkah. Guligah. Terus manehna diuk.
RAHMI :
Kuring hayang ngopi, Bi…
DARMA :
Nyieun dua gelas. Jigana kopi nu tadi geus tiis…
ISAH kaluar.
Tinggal RAHMI jeung DARMA 1.
Tiktek jam.
Lampu pareum lalaunan.

SELESAI
Bandung, 01 Februari 2021

Anda mungkin juga menyukai