Anda di halaman 1dari 17

.

SANGHYANG SUKMA SAJATI


TITILAR : GIRI HARJA 3 BANDUNG
Kacaturkeun, kapungkur aya hiji nagara katelah nagara ``BIANTI PURA”, nyaeta anu di pimpin
ku ``PRABU KALAKA MURKA”. Hiji mangsa ieu raja ngayakeun rapat sareng patih na nyaeta
``KALAKA SAKTI”, teras sareng wawakil ti rakyat nyaeta ``KULAKA DENTA”. Atuh ieu raja
nyarios kieu :
Prabu Kalaka Murka : ``ha ha ha ha ha, di payun calik na senopati”
Senopati kalaka sakti : ``sae manga gusti prabu. Aya naon ieu teh
gusti?” Kulaka denta : ``enya aya naon ieu teh gusti meuni
rame kieu?” Prabu Kalaka Murka : ``kieu yeuh pangna di kumpulkeun
teh, urang hirup di dunya moal lami urang salaku manusa kudu iman ka
pangeran, sabab saur dauhan kanjeung nabi, balasan ti pangeran mah
kumaha amal urang we lamun amal urang sae, urang teh bakal asup
surga, tuluy sabalikna lamun urang amalna buruk, maka pasti urang
bakal disiksa salamina. Tah, maksad kaula manggil anjeun duaan teh
sabenernamah aya pancen kanggo anjeun duaan, sabenernamah ieu teh
ngan saukur ka palai kaula. Cing tebak ku salira naon kapalai kaula tina
danget ayeuna” Senopati kalaka sakti : ``palai naon gusti, naha palai
daging hayam ?” Prabu Kalaka Murka : ``lain, lain palai daging
hayam, senopati. Tapi, kaula teh hoyong gaduh hiji mustika namina
``MUSTIKA LAYANG JAMUS KALIMUSADA”. Nyaeta lambang
kaagungan nagara Amarta anu kiwari di cekel na ku ``PRABU
YUDISTIRA”. Tah, eta mustika teh ayana di nagara 5 pandawa utawi
nyaeta nagara Amarta, senopati .” Senopati kalaka sakti : ``oh, jadi
gusti prabu teh masihan tugas, kitu?” Prabu Kalaka Murka : ``bener
senopati, pek geura kumpulkeun pasukan geura maling eta mustika!.
Tapi samemeh anjeun maling layang jamus kalimusada, anjeun kudu
maehan nu bogana heula, senopati!” Senopati kalaka sakti : ``saha nu
bogana gusti pasrahkeun ka abdi?” Prabu Kalaka Murka: ``teu aya
sanes nyaeta ``SEMAR BADRANAYA” anu aya di kampung tumaritis
dibelah gunung, ngartos anjeun,hah” Senopati kalaka sakti: ``oh jadi nu
gaduh na teh Semar Badranaya?” Prabu Kalaka Murka: ``bener
senopati geura siapkeun pasukan!. Ngan omat kaituna anjeun ulah
katingali ku bangsa manusa kudu nyiluman!” Senopati kalaka sakti:
``sae mangga, kaula bade ngabantun pasukan.” Prabu Kalaka
Murka:``bawa pasukan sacukupna jung geura lumampah!” Senopati
kalaka sakti:``permios gusti abdi bade angkat ka eta nagara.” Prabu
Kalaka Murka:``hati hati sia di jalan geura init anjeun kaitu”. Kulaka
Denta :``dupi jisim abdi gusti. Abdi ge hoyong tugas” Prabu
Kalaka Murka :``wayah na urang kuriling ka tepis wiring, anyaclang ka
padesaan. Urang tepungan bilih aya warga anu teu dahar!” Kulaka
Denta :``sae mangga gusti, permios gusti.”
Kacatrkeun ieu senopati Wira denta manggil para pasukan nana,
nyaeta manggil para denawa (siluman)
Senopati kalaka sakti : ``hei para denawa denawa, kumpul kumpul !”
atuh ieu denawa (siluman) anu aya di leuweung teh kalaluar. Aya nu
dina jero taneh, aya anu dina jero cai, aya anu dina jero rurumpun, atuh
kalaluar dina tempatna. Kusabab, di panggil ku ieu Senopati Wira
Denta. Denawa (1) : ``ngahaturkeun sembah pangabaktos gusti
senopati” Senopati Wira Denta : ``ditarima calugan (panggil) batur
batur!............” Denawa (1) : ``hey, dulur dulur dulur aing,
kadieu!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!” Denawa (2) : ``nyangakeun sembah
pangabaktos gusti senopati purwa.”
Senopati kalaka sakti : ``di tarima denawa, mana nu lainna denawa ?”
denawa (2) : ``aya gusti bade di panggil wae, gusti senopati purwa ?”
senopati kalaka sakti : ``teu kedah mangga linggih denawa geura
calik!” denawa (2) : ``sae mangga kaula bade langsung calik wae,
gusti pati.”
Kacaturkeun ieu para denawa parantos kumpul di hareupeun ieu
senopati. Tuluy, ieu senopati Wira Denta ngajelaskeun maksad &
tujuannana. Atuh ieu senopati nyarios kieu :
Denawa (2) : ``aya naon ieu teh gusti senopati, salira keur sanimalan
Senopati kalaka sakti : ``kieu yeuh pangna di kumpulkeun teh aya perlu
kaula teh nyaeta pikeun maling hiji mustika nyaeta ``MUSTIKA
LAYANG JAMUS KALIMUSADA”. Lambang kaagungan nagara
amarta anu kiwari aya na dina mastaka na prabu yudistira pimpinan
amarta anu kaasup kana lima pandawa anu di antawis na nyaeta
yudistira, bima, arjuna, sareng aya nu kembar, nyaeta nakula, sadewa”
Denawa (1) : ``oh jadi eta nu jadi pancen kaula teh, gusti senopati ?”
senopati kalaka sakti : ``nya, hayu urang init ka nagara amarta urang
paehan si semar, beres maehan si semar urang maling eta mustika!”.
Denawa (1) : ``sae manggga gusti heula nu pamit supaya mimpin
kaula”.
Kacaturkeu ieu denawa saking nagara bianti pura ngajugjug tumaritis
bari jeung teu katempo ku bangsa manusa!. Kacaturkeun cenah, para
raja tisatatar madya desa seueur nu mikahayang ka ieu semar
badranaya. Ieu ti nagara amarta, gegeden nagar amarta nyaeta
``RADEN JAKATAWANG”, ``RADEN ANTERJA”, RADEN
GATOT KACA”, sareng ``RADEN ABI MANYU”, nuju sigap nyaeta
ngajaga ieu tumaritis ti serangan para raja anu bade ngala nyawa semar
badranaya nyaeta bade nyanak layang jamus kalimusada nyaeta
lambang kaagungan nagara amarta. Atuh ieu gegeden nagara amarta
anu opat tea teh bagi bagi tugas, nyaeta Raden Jakatawang dibagian
laut, Raden Anterja di bagian jero taneh, Raden Abi Manyu di bagian
darat, sareng ieu Raden Gatot Kaca di bagean udara kaayaannana.
Kacaturkeun, ieu ti leuweung amarta nyaeta aya nu bade nyusup ka
nagara amarta, nyaeta ``PRABU ASWATAMA” ti nagara ``ASTINA”.
Ieu Prabu Aswatama mawa 3 senopati na nyaeta ``CITRA YUDHA”
sareng ``CITRA SOMA”, sareng prajurit na hiji deui, nyaeta
``CITRAKSI”. Atuh ieu Prabu aswatama nyarios kieu :
Prabu Aswatama : ``ha haha ha, citra yudha, citra yudha!”
Citra yudha : ``abdi, gusti. Aya naon ieu teh gusti prabu ?”
Citra Soma : ``kumaha kang, rencana na, naha sukses ?”
Citra yudha : ``bangunnamah berhasil ki adi, tenang we”
Prabu Aswatama : ``bangunnamah urang teh berhasil,
nyaeta pikeun nyusup ka nagara amarta pikeun ngala
nyawa si Semar Badranaya. Aing tea atuh raja pang
pinterna di ieu karajaan moal aya nubisa ngelehkeun
kaningjayaan kaula”. Citraksi : ``sampurasun bos, arek
kamana ieu teh aing mah cape, demi alloh aing mah geus
cape bos lah arek kamana?” prabu aswatama : ``sia teh
mabok belegug, ngomong teu puguh sia, beres mabok
jawab sia, ngomong teu puguh sia”. Citraksi : ``heueuh,
emang masalah buat ente, nu meuli numeuli, duit duit aing,
tong molotot goblok sia teh, santai”. Citra yudha : ``kitu tah
nu matak urang ulah mabok teh, bisi kieu mamala na
ngomong jadi ngcamling teu puguh kieu” citraksi : ``naon
sia make jeung dakwah di hareupeun aing, lain tobat aing
mah ngadengekeun dakwah sia mah ngadon pindah agama,
geuslah tong kudu dakwah sia mah lah”. Arek kamana bos
lah, aing mah geus cape kieulah, jawab bos” prabu
aswatama : ``yeuh, ayeuna teh urang teh ayeuna teh arek
init nyaeta ka nagara amarta nyaeta arek ngala nyawa semar
badranaya pikeun tumbal kasaktian karajaan urang”.
Citraksi : ``ah, tahayul bos lah,tong percaya ka nu kitu bos
lah musyrik percaya kanu kitu teh lah, meuning percaya ka
dewek, yeuh dengekeun bos, si semar teh jalma sangsara
aing ge nyaho bos lah, kari kari ayeuna ku ente rek di
paehan make polo atuh bro, make utek atuh! Kos jalma
mabok”. Citra yudha :``naha sia mah mabok teh jadi kitu,
jadi bageur” citraksi : ``geus lah, cicinglah aing mah cape
demi aloh lah”
Kacaturkeun ieu citra yudha kaget ningali aya jalma hiber.
Teu aya sanes ieu teh Raden Gatot Kaca anu nuju patroli
atuh ieu raden gatot kaca nu ningali aya prabu aswatama
langsung nyampeurkeun ieu prabu aswatama. Atuh ieu
raden gatot kaca nyarios kieu :
Raden gatot kaca : ``walah, gening aya uwa prabu
aswatama ti nagara astina. Boa boa maksadna mah bade
ngala nyawa uwa semar ayeuna bade di sampeurkeun ku
kaula.”
Atuh ieu prabu Aswatama sareng citra yudha oge citra
soma kaget kasumpingan gatot kaca. Kitu ujaring carita.
Aswatama : ``walah itu gening aya alo aing gatot kaca,
hayo ngomong naon we ka si gatot kaca asal ngomong nu
sabenerna ngomong we urang pura pura sono kasi gatot
kaca ulah nepi ka urang ngomong nu sabenerna siap
sadayana” Citra yudha : ``siap gusti siap kaula bakal nurut
ka salira ”. citraksi : ``lah, cicinglah si gatot mah ku aing ge
eleh sia, geus lila aing teu gelut, kamari aya ucing di
gelutan ku aing” prabu aswatama : ``maneh meunang gelut
jeung ucing ?” citraksi : ``aing eleh euy, heueh da ucing na
ucing leuweung”
Kacaturkeun ieu raden gatot kaca parantos nyanghareupan
prabu aswatama. Atuh ieu raden gatot kaca nyarios kieu :
Raden gatot kaca : ``sampurasun uwa prabu !”
prabu aswatama : ``walah, geuning aya alo
kaula ti nagara amarta, ditarima gatot kaca, aya
naon?” citraksi : ``aduh aya si gatot, damang
tot, geus lila aing teu papangih jeung sia tot,
damang?” raden gatot kaca : ``ongkohna mah
kaula nu naros, aya naon uwa prabu kadieu
make jeung jalan leuweung sagala sanes jalan
anu biasa ku uwa di anggo jalan ka amarta.
Tapi naha ayeuna make jeung nganggo jalan
leuweung/hutan?” citraksi : ``tot, sabenerna
mah arek maehan si semar tot, sing percaya ka
aing bener ieu mah” prabu aswatama : ``hey
hey hey hey hey hey” citraksi : ``naon sia, tong
sok bararohong sia, bener tot, arek maehan si
semar tah tot pusing aing mah tot lah ti kurwa
wae, aing mah rek pinah ka Beulah sia tot, ayo
tot lawan tot lawan tot, lawan jago lawan ! ulah
cicing wae tot!!!!!!!” prabu aswatama :
``kurang ajar sia!!!!!!!!!!!!!!!” citraksi : ``haha,
eta teh hayangeun, pinah atuh kadieu kabeh
ameh teu garelut, dasar sienan sia” raden gatot
kaca : ``jadi bener ieu teh maksad uwa teh rek
ngala nyawa uwa semar badranaya” prabu
aswatama : ``heueuh bener, kunaon kitu, di
bikeun syukur teu di bikeun gelut sia jeung
aing, alo aing lain sia, teu butuh aing alo jiga
sia” raden gatot kaca : ``lamu kitu, hayu gelut
jeung kaula, citraksi, wayahna anjeun
ngawahan urang lawan uwa prabu hayu geura
ngawahan!!!!!!!!” prabu aswatama : ``lamun
kitu, citra yudha oge citra soma wayahna
anjeun ngawahan heula ieu mah urusan aing
jeung si gatot kaca, geura ngawahan
sia !!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!”.

Kacaturkeun ieu raden gatot kaca sareng prabu


aswatama gelut kaayaannana, atuh ieu prabu
aswatama di jamak ku ieu raden gatot kaca,
atuh ieu prabu aswatama lengit nyawana
kaayannana. Kacaturkeun ieu ti nagara amarta,
ieu panengahing pandawa arjuna anu nuju
ngalindungi semar badranaya bimbang
kaayanana. Atuh ieu arjuna nyarios kieu :

Arjuna : ``gusti, anu agung kaula bingung naha


seueur anu bade ngala nyawa kakang semar
badranaya padahal kakang semar mah ngan
saukur jalma biasa tapi naha nu di inceur kakang
semar, bingung kaula. Kakang semar, kakang
semar !!!!!” semar badranaya : ``ieu nun, aya
naon agan?” arjuna : ``hayu urang nyarios heula
kang, kaula gaduh cariosan anu kedah di
cariokeun ka salira”. Semar badranaya : ``sae
mangga agan sae, kaula ge bingung agan, naha
seueur anu mikahayang ka kaula teh atuh. Ieu
mah takdir kaula meureun”. Arjuna : ``kakang
semar, coba panggil si astrajingga (cepot), sareng
dawala urang diskusikeun ayeuna sareng kaula
ayeuna oge”. Semar badranaya : ``cepot, dawala
kadieu jang!”. Cepot : ``sae mangga, pak sae
mangga pak, sembah kapihatur agan oge ka
bapak abdi !”. arjuna : ``di tarima cepot, ka mana
si dawala ?”. semar badranaya : ``nya, kamana
adi silaing ?”. cepot : ``aya pak, dawala !,
dawala ! kadieu sia !” dawala : ``euy, aya naon,
a ?, manggil ka kuring” cepot : ``kadieu seteh, itu
di panggila ku bapak sareng juragan arjuna hayo
kadieu sia teh !”. dawala : ``sembah kapihatur
agan, oge ka bapak!”. Arjuna : `` di tarima
dawala, si gareng ka mana ?” dawala : ``nuju
nyamut sawah, nuhun agan upami teu aya agan,
bapak tos pupus panginteun nya,” arjuna : ``teu
nanaon dawala, ieu mah tos tugas kaula, nyaeta
pikeun ngalindungi rakyat kaula” dawala : bapak,
naha seueur anu hayang ka bapak” semar
badranaya : ``teu nyaho dewek ge jang”. Dawala :
``ieu mah meureun geus takdir bapak” semar
badranaya : ``meureunan kitu ujang, nya”.

Teu kacatur rapatna, ieu dawala, semar oge


arjuna istirahat heula, atuh tinggal sepot nyalira,
kacaturkeun ieu cepot kaget ngadangu sora
denawa, teu aya sanes nyaeta sora patih kulaka
sakti, atuh ieu astrajingga atanapi cepot nyarios
kieu :

Cepot : ``sepi nya euy nepik tiis kieu deui,”


denawa (1) : ``hei manusa, ulah kaget sia !”
cepot : ``anyir, dawala, bapak, agan, kadieu”
dawala : ``aya naon, a!, manggil ka kuring ?”
semar badranaya : ``aya naon jang, manggil”
arjuna : ``aya naon cepot manggil kaula,”
cepot : ``aya denawa bangunna mah agan”
arjuna : ``kakang semar, dawala, wayahna
hayu urang tepungan si cepot, karunya !”
semar badranaya : ``sae mangga, agan”
dawala : sae mangga, aya naon, manggil”
cepot : ``aya denawa seteh dngekeun ku sia”
senopati kalaka sakti : ulah kaget euy !”
arjuna : ``mangga linggih raja denawa !”
Kacatur keun ieu senopati kalaka sakti
parantos aya di hareupeun ieu arjuna, semar,
astrajingga, oge dawala. Atuh ieu senopati
kalaka sakti nyarios kieu :

Senopati kalaka sakti : ``ha ha ha ha, anu ngaran semar mana ?”


semar badranaya : ``jisim abdi nun, aya naon naroskeun ?”
senopati kalaka sakti : ualah kaget bangsa manusa ieu aing !”
cepot : anyir dawala, ieu jelema nepika jangkung gede kieu,”
denawa (1) : ``anu ngaran semar teh mana, mana mana mana ?”
senopati kalak sakti : ``ganeng belegug itu tuh anu bungkuk”
denawa (1) : ``he he, ieu jelema meuni goreng patut kabeh aduh,
komo eta nu tengah, eta benget meuni jiga cangcut, aduh aing”
cepot : ``jurig kurang ajar sia, kapada sia benget jiga eusi
cangcut” denawa (1) : ``ajing, gelut sia jeung aing, sia si pegeg,
bau tai” semar badranaya : ``geus sia teh engges kos nu lain
kolot we sia” senopati kalaka sakti : ``arek di bikun moal eta
semar badranaya, hei arjuna, di bikeun syukur teu di bikeun
paeh sia ku aing arjuna” arjuna : ``saha saha nu rek ngala
kakang semar, lintang ti kaula nu bakal edan edanan, ti nu lega
sia jeung aing hayang nyaho”. Senopati kalaka sakti : ``hayu sia
jeung aing hayang nyaho aing” semar badranaya : ``tah, bagean
sia lawan tah kadinya wayahna” dawala : ``wayahna kuring mah
arek lalajo we ah, teu bisa gelut” cepot : ``ah sia mah, teu asyik
ah, heueuh kenaelah aing we ah” denawa (1) : ``aduh euy, yeuh
maneh ulah gelut jeung lamun maneh gelut jeung batur berarti
maneh geus mengkhianati percintaan urang duaan di tunguan ku
aing di pondok bali, siap” cepot : ``dor sia, hayu sia jeung aing
geus lila aing teu geulut sia” denawa (1) : ``dor sia, lamun sia
teu datang berarti sia teu nyatria”

Kacaturkeun ieu senopati kalaka sakti manggil para prajurit na,


nyaeta denawa/siluman. Atuh ieu senopati kalaka sakti nyarios
kieu :

Senopati kalaka sakti : ``hey para denawa, lawan si arjuna !”


Atuh ieu denawa kaluar tina tempatna, nyaeta ngalawan arjuna
panengahing pandawa, atuh ieu para denawa nyarios kieu :

Denawa (2)

Anda mungkin juga menyukai