Anda di halaman 1dari 5

BUBUKA

1
Assalamua’laikum Wr. Wb.
Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun
simkuring.

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget


miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy
ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan
padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu
buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.

2
MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.


Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing
pucu galuh kelurahan katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur
kahirupan kulawargi.
Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang,
sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.
PANGALUNGAN MANGLE 3

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti


kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle
tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di
kalungkeun).

Haturan wilujeng sumping kacalon  panganten pameget. Tutut gunung


keong reuma, sumangga geura gek calik.

SESERAHAN
Bismillahhirrahmannirahim. 4
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon
panganten  pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados,
pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,
di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak.
Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo
nyumponan tindak tanduk tata titi duduga.
Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa,
lisan dina saliring dumadi.
Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku
ucap .
Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.
Namung kedah di bejer beaskeun, kembang boled nu tetela.
5
Pembacaan Kalam Ilahi

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku


lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku ……………......

Ngahaturkeun nuhun ka………...... Nuparantos ngalantunkeun


kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo
numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami
ngupingkeun. ”amin”.

6
Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling
galih renghat nya mamanahan, aya naon nya pamaksadan.
Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang.
Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa
kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo
ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati). Mangga ka wawakil ti
panganten pameget nyanggakeun
PANAMPIAN
7
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu
kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan.
Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di
maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan,
sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun
panganten pameget sareng cacandakanna.
Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang
walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon
panganten Istri.Waktos di sayogikeun.

8
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri,
bingah nu taya papadana.
Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo
mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek,
laksana nya pamaksadan.
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah
cacandakanana
Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon
panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri.
Nusanes namah di antaykeun wae.
(Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge di
dangdosan).
AKAD NIKAH
Para wargi sadayana, 9

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati,


campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang
ugana.Uga pakaitna tatali asih Neng Nanda ka Cep Rivan

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata


neda panyakseni ti  para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja
dikawitan.(Mangga candak calon panganten istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo


ngalaksanakeun Akad Tikah.............

DO’A
10
Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana
aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci.
Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana
do’a. Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa ______ di
haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu
merenah sareng tata titi, undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang
pungkas ieu acara ku maos hamdalah.

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai